Anda di halaman 1dari 4

WAWANCARA KA DOKTER

Siswa : Assalamualaikum Wr.Wb


Narasumber : Waalaikumsalam Wr.Wb
Siswa : Bapa, nepangkeun nami abdi Trivani Sareng rerencangan abdi
namina . Punteun ngawagel waktosna. Abdi sareng rerencangan kenging tugas
bade ngawawancara, manawi dipasihan widi ?
Narasumber : Muhun, mangga
Siswa : Hatur nuhun bapa ?
Narasumber : Muhun sami-sami
Siswa : Dupi jenengan bapa saha ?
Narasumber : Dr. Angga Ambara
Siswa : Dupi dokter alamatna tipalih mana ?
Narasumber : Perum Sirnagalih Kencana Blok.B No.18
Siswa : Dokter lulusan ti Universitas mana ?
Narasumber : Abdi lulusan ti UMJ ( Universitas Muhammadiyah Jogyakarta )
Siswa : Dupi yuswa dokter sabaraha ?
Narasumber : 35 taun
Siswa : Atos sabaraha lami bapa janten dokter umum ?
Narasumber : 9 taun
Siswa : Kunaon bapa milih dokter umum, dibandingkeun sareng dokter
gigi ?
Narasumber : Pami dokter umum mah tiasa marios sagala panyawat, pami
dokter gigi mah khusus marios gigi hungkul
Siswa : Salami bapa damel, resiko naon wae anu atos kaalaman ku dokter
dina mayunan pasen ?
Narasumber : Teu aya resiko
Siswa : Kumaha upami pak dokter mayunan pasen murangkalih anu
motah wae ?
Narasumber : Pami aya murangkalih anu motah mah teu janten masalah, tapi
abdi kedah ngolo murangkalihna sareng obrolan anu lemes jeung lembut, bari
gumujeung. Pami muragkalihna atos katingalina nyaman nembe pamariosan
dikawitan.
Siswa : Perkawis naon wae anu dipikaresep ku dokter nuju mayunan
pasen ?
Narasumber : Abdi ngaraos bingah, pami pasenna ramah, sopan sareng paroman
anu sumeringah, janten ningali kitu mah ka cape oge ical.
Siswa : Bahaya kasehatan naon wae anu pangramena jeung anu pang
bahayana nu ngancam dimasyarakat ?
Narasumber : DBD, Tifus sareng Diare
Siswa : Naon anu tiasa dipidamel kanggo nyegah bahaya kesehatan DBD,
tifus sareng diare ?
Narasumber : - Pikeun nyegah DBD, utamana pikeun nyegah beternak tina
Aedes Aegyti reungit anu ngarupakeun sarana nularkeun bemam berdarah ku
ngalakonan 3M. Anu dimaksad 3M nyaeta nguras bak mandi saalitna saminggu
sakali, nutup tangki cai jeung ngubur barang-barang tilas anu teu kaanggo.
- Pikeun nyegah Tifus , nyaeta pikeun ngajaga lingkungan beresih supaya bakteri
tifus teu tiasa nyeeuran. Milih tuangen sareng inuman anu bersih kanggo
ditaruang. Sajaba ti eta, hal anu penting pikeun ngajaga kaayaan salira supaya fit.
- Pikeun nyegah diare, nyaeta pikeun nyadiakeun tuangen sareng inuman anu asak
ka murangkalih, teu nuang tuangen anu atah, sareng vitamin tambihan pikeun
ngajaga kaayaan salira. Janten salira teu kapangaruhan ku diare, ngajaga
kaberesihan mangrupa salah sahiji kuncina.
Siswa : Naon suka duka salami bapa janten dokter ?
Narasumber : Langkung seer sukana margi tiasa ngabantosan seer jalmi, tiasa
nyenangkeun sareng ngadamangkeun seer jalmi, sareng kenging pahala.
Dukana nyaeta kedah kersa diganggu 24 jam pami aya pasen.
WAWANCARA KA PERAWAT

Siswa : Assalamualaikum Wr.Wb


Narasumber : Waalaikumsalam Wr.Wb
Siswa : Bapa, nepangkeun nami abdi Trivani Sareng rerencangan abdi
namina . Punteun ngawagel waktosna. Abdi sareng rerencangan kenging tugas
bade ngawawancara, manawi dipasihan widi ?
Narasumber : Muhun, mangga
Siswa : Hatur nuhun bapa ?
Narasumber : Muhun sami-sami
Siswa : Dupi jenengan bapa saha ?
Narasumber : Asep Jaya Sarkosih S,Kep.
Siswa : Dupi bapa alamatna tipalih mana ?
Narasumber : Kp. Sukapancar RT.03 RW.01 Desa Sukapancar Kec Suka Resik
Siswa : Bapa lulusan ti Universitas mana ?
Narasumber : Abdi lulusan ti Mitra Kencana
Siswa : Dupi yuswa dokter sabaraha ?
Narasumber : 26 taun
Siswa : Atos sabaraha lami bapa janten dokter umum ?
Narasumber : 5 taun
Siswa : Kunaon bapa hoyong janten perawat ?
Narasumber : Margi hoyong ngabdi ka masyarakat sareng ningkatkeun darajat
kasehatan masyarakat.
Siswa : Naon wae anu dipidamel ku bapa salami janten perawat ?
Narasumber : Ngarawat pasen, masiahn obat ka pasen, jsb
Siswa : Naon motivasi bapa dina profesi perawat ?
Narasumber : Ningkatkeun darajat kasehatan masyarakat dilingkungan urang.
Siswa : Aya teu kasulitan bapa dina ngajalankeun ngarawat pasen ?
Narasumber : Teu aya kasulitan.
Siswa : Salaku perawat, pamadegan bapa aspek naon wae anu
ngajadikeun pasen puas jeung ladenan nu disadiakeun ?
Narasumber : Dina obat sareng alat-alatna anu kumplit, tulaten dina ngarawat
pasen sareng ramah.
Siswa : Pamadegan bapa, hal naon wae anu kedah dileureskeun tina
sadaya proses ladenan anu dipasihan kawit ti pandaptaran dugi ka proses
parawatan ?
Narasumber : Dugi ka ayeuna ladenan mah atos cekap.
Siswa : Naon suka duka bapa salami janten perawat ?
Narasumber : Sukana nyaeta tiasa ngabantosan pasen anu kawitna teu damang
janten damang. Dukana nyaeta asa kirang raos kana manah pami aya pasen anu
kirang ngartos sareng kirang kooferativ ka padamel kasehatan.
WAWANCARA KA PASEN

Siswa : Assalamualaikum Wr.Wb


Narasumber : Waalaikumsalam Wr.Wb
Siswa : Bapa, nepangkeun nami abdi Trivani Sareng rerencangan abdi
namina . Punteun ngawagel waktosna. Abdi sareng rerencangan kenging tugas
bade ngawawancara, manawi dipasihan widi ?
Narasumber : Muhun, mangga
Siswa : Hatur nuhun bapa ?
Narasumber : Muhun sami-sami
Siswa : Dupi jenengan ibu saha ?
Narasumber : Ibu Popong
Siswa : Dupi ibu alamatna tipalih mana ?
Narasumber : Kp. Sanghiang Teras, Karang Mulya
Siswa : Ibu lulusan ti mana ?
Narasumber : SMA
Siswa : Dupi yuswa ibu sabaraha ?
Narasumber : 28 taun
Siswa : Ibu karaos naon ?
Narasumber : Puyeng, panas tiris, nyeri uluh hati sareng aya mual
Siswa : Kunaon ibu milih lalandong ka Dr. Angga dibandingkeun sareng
dokter nusanes ?
Narasumber : Margi lalandong atoas kaditu kadieu masih keneh wae, teras ka
Dr. Angga, alhamdulillah cocok sareng raosen.
Siswa : Kumah karaosna saatos lalandong ti Dr. Angga ?
Narasumber : Alhamdulillah damang sareng aya karaosna .
Siswa : Kumaha saur ibu ladenan anu disadiakeun di Klinik Dr. Angga ?
Narasumber : Dina mariosna dokter tulaten sareng taliti sareng perawatna
saromeah.
Siswa : Sabaraha pangaosna pami lalandong ka Dr. Angga ?
Narasumber : Teu tangtos kumaha seer landongna.

Anda mungkin juga menyukai