Anda di halaman 1dari 4

Biografi Sastrawan Moh.

Ambri

Biasana ditulis Moh. Ambri (Sumedang, 8 Séptémber 1892 – Jakarta 5 April 1936).
Guru SD latihan, guru sakola normal (Sekolah Guru). Pamustunganana jadi rédaktur
kepala balai pustaka. Kolotna ngan ukur pembantu di imah katurunan bangsawan
Sumedang. Sanggeus boga anak 4, Moh. Ambri anu umurna karék 6 taun, kolotna
pepegatan, alatan bapana kabéngbat ku wanoja séjén. Ambri jeung adi-adina milu ka
indungna anu pindah gawé di imah urang Belanda L.J.F Geritse anu gawéna jadi
komisi pengurus pemakaman Belanda di Sumedang. Ayana Ambri di éta imah, bisa
mincut dununganana tepika Moh. Ambri sorangan disakolakeun ku Geritse sakaligus
diangkat jadi anak angkatna. Sanggeus réngsé sakola dasar, Moh. Ambri diperdih
nulutkeun ka tingkat anu leuwih luhur. Manéhna nuluykeun ka HIK (Holandsche
Indische Kweekschool; Sakola Raja) di Bandung, tamat taun 1911. Tuluy diangkat
jadi guru, mimitina mah di Sumedang, tuluy ka Tasik. Taun 1918 manéhna dipecat
sabab kalibet kana peristiwa Sarikat Islam (SI) nu dianggap bakal baruntak. Lian ti
kitu garwana, Nyi Onéng Karnasih harita ngalaman katarajang panyakit parna anu teu
bisa dicageurkeun ku dokter, tapi bisa dicageurkeun ku dukun. Tina ieu kajadian,
Moh. Ambri mimiti diajar elmu kabatinan Ajian Kasumedangan ka Pa Ceni di
Baginda, Sumedang. Tepika tutup umurna, Moh. Ambri osok ngubaran nu gering ku
cara batin.

Taun 1919, Moh. Ambri diangkat deui jadi guru di Sumedang, laju
dipindahkeun ka Purwakarta salaku kepala sekolah. Taun 1926 dipindahkeun ka
Bandung (Cicéndo). Taun 1928 dipindahkeun deui ka Purwakarta salaku
guru Normaalschool (Sakola Guru).

Taun 1931 pindah ka Balai Pustaka di Jakarta salaku direktur kepala Basa
Sunda dugika wafatna. Salila jadi kapala Balai Pustaka kurang leuwih 5 taun, Moh.
Ambri medalkeun 22 judul buku anu kabéhanana ogé Basa Sunda. Tina sajumlah
buku anu dikarangna aya karya asli aya ogé terjemahan. Karya asli
diantarana Numbuk Di Sué(Dasar Sial 1932, diterjemahkeun kana Basa Indonesia ku
Ny. Khairul Saleh (Chairul Saleh), 1952), Burak Siluman (1932, saduran Ayip Rosidi
dina Basa Indonesia, 1964, dina Basa Inggris ku Soléh Affandi, Jo Hugh Jones jeung
Suzanne Sutro, The Garden of Spirit, 1977), Lain Éta (1934), Ngawadalkeun
Nyawa (1933) terjemahan Indonesia ku Ayip Rosidi, Mengurbankan Diri, 1975)
jeung Karmawicitra (1934).

Sedengkeun saduran jeung terjemahan tina basa Belanda jeung Basa


Indonesia nyaéta; Pusaka Ratu Teluh (Pusaka Ratu Santet, dongéng India 1932), Teu
Pegat Asih (tina “Kasih Tak Terlerai” karya Suman HS., (1932), Palika Jeung
Jin (Penyelam dan Jin, saduran tina carita 1001 Malam, 1932), Béntang Acéh (tina
Bintang Aceh, karya H.M. Zainuddin 1932), Nafsu nu Anom (tina Darah Muda, karya
Adinegoro, 1932). Pependeman Nabi Sulaéman (tina King Solomon’s Mine karya H.
Rider Haggar, 1932),Carita Buah Koldi (Saduran tina carita 1001 Malam, Cerita
Buah Khuldi, 1932). Istri Pelit (Saduran tina carita 1001 Malam, Istri Banyak Akal,
1933), Lalakon Saéfulmuluk (Cerita Saefulmuluk, tina carita 1001 Malam, 1933), Si
Kabayan jadi Dukun (saduran tina Le Medician Malgre Lui karya Moliere,
1933), Bétah di Leuweung (saduran tina karya Gabriel Ferry, 1935), Gajah
Putih (1934), Raja Neger jeung Bangsa Arab (1935), jeung dua bukuna anu medal
sabada Moh. Ambri tilar dunya nyaéta Wawacan Lénggangkancana (1940)
jeung Dongéng-dongéng Sasakala (1942). Sedengkeun buku ka hiji anu
diterbitkeunana mangrupa terjemahan tina karangan Dr. Sutomo
(Soetomo), Kaduhung Kawin Ruksak Turunan Jeung Kasangsara Dunya (Dari Hal
Penyakit Kelamin, 1934).

Moh. Ambri béda pisan jeung kalolobaan pangarang Sunda dina jaman harita,
pangpangna anu araya di lingkungan Balai Pustaka. Anu ngalantarankeun manéhna
témbong béda téh nyaéta Moh. Ambri mah kaasup jalma anu réalis nu bisa
ngalukiskeun kanyataan sacara terang-terangan. Karya-karyana Munjung jeung Burak
Siluman ngagambarkeun kaayaan sacara réalistis kumaha kahirupan di pakampungan
anu kaalaman ku masyarakatna, utamana masyarakat Sunda. Dicaritakeun ogé
kumaha tatacarana ngayakeun komunikasi jeung siluman anu kalolobaanana pikeun
ménta tulung hayang beunghar. Objék-objék siluman anu kalibet di antarana
siluman monyét (nyupang), siluman oray (ngipri), siluman bagong (nyegik), tuyul
(kecit). Dina carita Munjung mah, éta carita ngeunaan siluman téh karasa kagambarna
sabab loba dicaritakeun ku dialog boh anu keur ngaronda atawa ngalibetkeun
silumanna langsung. Sedengkeun carita Romanna “Lain Éta” anu ngagambarkeun
kahirupan ménak rendahan alias menak anu aya dina golongan handap, teu jauh béda
karasa réalistisna.

Basa Sunda anu digunakeun ku Moh. Ambri geus disiksik tina kembang-
kembangna anu dirasa kaleuleuwihi tapi leuwih dipikaresep ku kalolobaan pangarang
Sunda. Dina leungeun Moh. Ambri, basa Sunda henteu ngandung harti kudu
murwakanti nu dieuyeuban ku wirahma kecap, lain ogé ku lobana maké kecap tina
basa Kawi atawa Jawa, tapi dina plastisitas kalimah-kalimahna anu merhatikeun
kana éfisiénsi kecap sarta leuwih deukeut kana basa lisan.
Karya-karya Moh. Ambri anu kurang dipikaresep saméméh perang (teu hiji-
hiji acan anu dicitak ulang dina jaman harita) mimiti meunang apresiasi jeung
antusiasmeu masyarakat dina mangasa sabada perang. Lain ngan ukur diterbitkeun
sababara kali, tapi ogé méré pangaruh kana karya-karya penting anu medal sabada
perang utamana dina gaya basa jeung téknik panyatur laku (penceritaan). Di antarana
karya-karya Rusman Sutisumarga, Ki Umbara, Ahmad Bakri, jrrd.

Minangka hiji penghormatan ka Moh. Ambri dina widang kasusastraan anu


dianggap boga peran penting, mangka diayakeun piagem Moh. Ambri (1967) salaku
ngaran Hadiah Sastra PPSS. Aya ogé anu ngabahas Moh. Ambri salaku skripsina,
nyaéta skripsi anu ditulis ku Abdurachman (fakultas Sastera UNPAD, Bandung 1977)
ogé hiji karya penelitian anu diayakeun ku Abdurahman, sbb. ngabogaan
judul Biografi dan Karya Sasterawan Muhamad Ambri (Proyek penelitian bahasa dan
sastra indonesia dan daerah Jawa Barat, departemen pendidikan dan kebudayaan,
1984-1985)

Sumber :
http://panasmentrang.blogspot.com/2012/12/mohamad-ambri.html

Anda mungkin juga menyukai