Anda di halaman 1dari 7

Batik Paseban Cigugur

Kelompok 5
Anggota : - Aan Anis
- Chandra Yudha
- Imin Rohimin
- Jihan Mafaza
- Putri Salsabilla A.
- Syarifah Nur Intan
Batik Paseban Cigugur
Narasumber : Abah Ono

Sajarah Batik Paseban Cigugur


Di Cigugur lewih tepatna di Kampung Wago, Kelurahan
Cigugur, Kuningan Jawa Barat gaduh bagunan Cagar
Budaya nu tos nangtung ti baheula.
Biasana motif batik cigugur ngagunakeun warna nu
poek.
Batik Paseban Cigugur ntos di rancang salama genep
tahun katukang ieu di sabuah pusat pangembangan
budaya Cagar Budaya Nasional Gedung Paseban Tri
Panca Tunggal Cigugur. Konsep Batik Paseban Cigugur
dicandak ti sabagian relief jeung seni ukir khas nu aya
di paseban sorangan mangrupakeun monument
sajarah nu ntos aya ti tahun 1840, didirikeun ku
Pangeran Madrais Sadewa Akibassa Kusumah Wijaya
Ningrat saorang putra mahkota Pangeran Gebang nu
ngungsi ka desa Cigugur pedah dianggap pemberontak
ti misi misi panjajah, lantaran maranehna nyarepeng
teguh nilai nilai nasionalisme, kamanusiaan jeung
budaya tradisi bangsa.
Lahirna batik paseban cigugur di prakarsai ku pangeran
Djatikusumah sabagai incu atawa katurunan ka III ti
pangeran Madrais. Manehna ngaberekeun konsep
batik Paseban Cigugur ka seniman seniman nu aya di
sakitar paseban. Salama genep taun kakumpul lewih ti
200 motif, mangkana ti bulan juni 2006 dimullai
palatihan palatihan ngabatik ka para masyarakat didia.
Tanggal 15 Oktober 2006 batik paseban cigugur
diresmikeun kaluar jeung menyemarakan seni
adiluhung batik tulis bangsa ieu. Hal ieu ngatujukeun
oge jang ngenalkeun lewih jauh ka masyarakat
ngenaan nilai-nilai filosopi dina nerapkeun nu beda nu
meunang ditingal dina seni batik tulis jeung mudah
mudahan bakal ngabere arti anyar nu lewih bermakna
jeung bermanfaat jang kasejahteraan masyarakat jeung
bangsa. Jauh ti sataacanna can pernah aya sajarah seni
batik di Cigugur.
Cara pembuatan batikna masih ngagunakeun cara
tradisional.
- canting
- lilin
Pembuatan batik hese-gampang na kumaha kasulitan
na

Makna motif Batik Paseban Cigugur

1. Sekar Galuh
sekar artina kembang, galuh asal
kecapna tina galeuh atawa
ngamakna inti kahirupan. Arti
filosofina nyaeta manusa kudu
ngalestarikeun nilai-nilai
adikodrati nu ntos aya ti baheula
dina hiji basis abad nu
lumangsung antara generasi.
2. Oyod Mingmang
Motif ieu ngarupakeun gambaran
akar nu saling nyatu ngabentuk
hiji kakuatan nu lengkep. Manusa
boga akar kapribadian, akar
budaya, jeung akar bangsa
masing-masing. Perbedaan nu aya
kudu jadi nilai pamersatu.

3. Mayang Segara
nyimbolkeun kaagungan, kaindahan
samudera nu luas, refleksi ti alam raya
jeung raga.

4. Adu Manis
biasa digunnakeun pas upacara
kawinan nu ngarupakeun symbol ti
nyatuna dua insan dina ngajalankeun
rumah tangga nu harmonis.
5. Rereng Pwah Aci
gambaran sosok awewe sunda nu
boga peran nu penting tina
kalangsungan hirup pribadi,
kaluarga, jeung sosial. Awewe
sunda ieu boga kapribadian nu
kuat, teguh, boga peran penting,
jeung mampu ngajieun karya
Saumur hirupna
6. Geger Sunda
Boga makna sabagai tempat jang
berinstopkesi, perang ngalawan ego.
Moyif ieu oge diartikeun sabagai
benteng panahan ti pangaruh luar.
7. Rereng Kujang
Kujang artina kukuh kana jangji. Janji
kudu dikukuhkeun deui ka kasadaran
diri sabagai manusa jeung peribadi
sabagai masayrakat negeri

Anda mungkin juga menyukai