Anda di halaman 1dari 12

Para Pelaku:

1. Raja Prabu Permana Di Kusuma : Fadhlan Adiguna Putra


2. Permaisuri Dewi Naganingrum : Zahra Kireina Aulia
3. Permaisuri Dewi Pangreyep : Laura Neva
4. Aria Kebonan : Muhamad Gaos Abdillah
5. Uwa Batara Lengser : Ian Renaldi Gea
6. Ciung Wanara : Gerry Bisma Muhammad Dzikri
7. Ki Ajar Sukaresi : Fadhlan Adiguna Putra
8. Kakek Balangantrang : Muhamad Gaos Abdillah
9. Nenek : Sonia Valerina
10. Patih Purawesi : Adela Zahra
11. Ratu Galuh : Elvania Novita

CIUNG WANARA

Dina jaman kapungkur berdirilah hiji karajaan ageung di pulo Jawa anu disebut Karajaan Galuh,
Karajaan ieu diperintah ku Raja Prabu Permana Di Kusuma. Prabu Permana Di Kusuma ngagaduhan 2
jalmi pun bojo. Bojo anu kahiji namina Dewi Naganingrum,sedengkeun anu kadua namina Dewi
Pangrenyep.

Baginda Sang Permana di Kusuma atos lami memohon ka Gusti supados dibere putera,nanging atos
sakitu lami,kadua pamajikan na henteu ngandung. Sanaos baginda atos memohon kalawan
leukeun,nanging permohonannya tacan terkabul oge.

Sanggeus marentah karajaan dina wanci anu lami Raja mutuskeun jadi saurang pertapa. Kusabab eta,
manehna nyauran menteri kanyaahna Aria Kebonan nyaeta menteri anu jadi kapercayaan baginda di
istana.

Dina hiji dinten, datanglah Aria Kebonan ka istana kanggo ngadep ka sang Baginda. Sabot Aria
Kebonan terang baginda nuju beristirahat, ngedeng di kamar mondok na, manehna henteu janten
ngadep. Hatena gegetun pisan henteu tiasa langsung ngadep ka raja na. Margi nginten baginda nuju
mondok. Aria Kebonan ngageuri.

Aria Kebonan:
Hemmm! Ngeunah jigana jadi raja. Sagala kahayangna diturutan. Teu kos urg, Geus gawe ge angger
we hirup mah kieu. Resep jigana teh mun urang janten raja.

Raja anu nguping kahoyong Aria Kebonan, langsung ngageroan anjeunna

Raja Prabu Permana Di Kusuma :


Didinya hoyong jadi raja, Aria Kebonan?

Aria Kebonan:
Oooh ba baginda. Punteun baginda. Panyatèh nuju istirahat di kamar..
(segara datang menghadap dan menyembah di hadapan rajanya).
Aria Kebonan kaget pisan, anjeunna henteu ngaharepkeun raja ngadangu keluhanna. Ngaraos boga
salah, Aria Kebonan teu tiasa ngajawab patarosan anjeun

Raja Prabu Permana Di Kusuma:


Lamun didinya emang hoyong jadi raja, teu sawios, Abdi bakal mere ieu kerajaan, asalkan didinya tiasa
ngajalankeun pamarèntahan anu adil sareng jujur. Abdi bade angkat bertapa. Abdi nitip dua permaisuri
abdi. Ngan inget, didinya didinya kudu bijaksana upami jadi raja.

Aria Kebonan:
Hapunten baginda atas kalepatan abdi. Upami Baginda percaya ka abdi pikeun ngarawat ieu kerajaan,
tangtu abdi bakal nuturkeun pesen baginda.

Raja Prabu Permana Di Kusuma:


Syukur mun didinya sadia sarèng sanggup mah. Ngawitan wengi ieu, Disaksian ku Lengser, absi
nyanggakeun ieu kerajaan kanggo didinya. Nami didinya digentos ku Abdi janten Raden Galuh Barma
Wijaya Kusuma.

Sanggeus serah tarima, baginda langsung bersemedi sarta sirnalah baginda ti hadapan Aria Kebonan
sarta Lengser. Di poe salajengna, raja Sang Permana di Kusuma,barobah jadi saurang brahmana
namina Ajar Sukaresi.

Aria Kebonan:
Lengser, ayeuna oge maneh takol gong, pasihan terang rakyat yèn Raja Sang Permana Di Kusuma
parantos deui muda. Jeung inget Lengser, didinya teu meunang muka rahasia, lamun hayang nyawa
salamet.

Lengser:
Muhun baginda. Parèntah baginda bakal enggal dilakukeun.

Lengser kalawan hate rada kaluman ninggalkeun raja na kanggo neunggeul gong. Kalawan mapan
suku,Lengser neunggeul gong sambil nyalabarkeun,yen raja na atos barobah jadi anom deui.
Rahayat Galuh Pakuan sadaya percanten,margi maranehanana oge terang,raja na saurang anu
sakti.

Raja Galuh Pakuan anu anyar,rumaos dirina ngawasa. Manehna Atos hilap dina talatah-talatah
Sang Permana Di Kusuma. Laku lampahna kejem pisan.

Dina hiji dinten,Dewii Naganingrum sarta Dewji Pangrenyep atos ngadep ka raja. Maksud
kadatangan kadua permaisuri baginda bade nyaritakeun ngeunaan impian maranehanana
sapeuting

Permaisuri(Dewi Pangreyep dan Dewi Naganingrum):


Punteun baginda. Wengi, arurang ngimpi anu sami. Mimpi bulan ragrag ka pangkonan arurang. Saur
brahmana nu namina Ajar Sukaresi, arurang tèh bakal ngagaduhan putra, Baginda.

Aria Kebonan(Raja):
Hah??! Teu mungkin! Teu mungkin! (soak jeung sieun)

Aria Kebonan(raja):
Lengser! Geroan Ajar Sukaresi kadieu.

Lengser:
Muhun baginda prabu.

Baginda anu bade mempermalukeun Ajar Sukaresi atos siap-siap kalawan tipu daya na. Baginda
atos miwarang kadua permaisurinya masangkeun anggel dina beuteung na,supados katingali
sepertos nuju ngandung

Lengser:
Punteun Baginda. Ieu brahmana nu namina Ajar Sukaresi tos dongkap.

Aria Kebonan(raja):
Hei Ajar Sukaresi! Cik nyarios, ai dua permaisuri abdi teh nuju kakandung teu?

Ajar Sukaresi:
Leres nuju kakandung, Baginda.

Aria Kebonan(raja):
Cik nyarios deui ari budak urang teh lalaki atawa awewe?!

Ajar Sukaresi:
Punteun ieu mah baginda, titingalian abdi mah putra Baginda teh duanana lalaki.

Alangkah ambek na sang baginda. Kuali anu dibeungkeutkeun dina beuteung kadua pamajikan na
geura-giru dipintonkeun. Ajar Sukaresi cicing wae. Rupina kaambek baginda henteu dugi di dinya.
Geura-giru manehna najong kuali eta tebih-tebih. Di poe kahareupnakeun,desa tempat gubragna
kuali eta disebut Desa Kawali.

Aria Kebonan(raja):
Haaaahhh! Maneh nyieun aing keheul!!! Aing paéhan maneh!

Ujug-ujug baginda nyabut keris ek maèhan ki Ajar Sukaresi.Nanging ajaib , kerisna malih bengkok.

Aria Kebonan(raja):
Hah!? Kunaon keris urang ngadon bengkok.(Aria soak jeung k-get ningali eta)

Ajar Sukaresi:
Raja hoyong abdi maot? Muhun upami kitu, abdu bakal maot.

Ki Ajar Sukaresi langsung tapa. Awakna langsung labuh ka lantai. Sedengkeun nyawana balik deui ka
Gunung Padang. Saterasna, Ki Ajar Sukaresi bakal jadi naga anu namina Nagawiru, sabab oray
nagana warna biru.

Di istana, aya kajadian anéh. Naon anu ceuk ku Ajar Sukaresi tétéla leres. Kadua Maha Mulia leres-
leres hamil. Saatos salapan bulan, Dewi Pangrenyep ngalahirkeun hiji putra. Anak ieu ku raja
dingaranan Hariang Banga, sedengkeun Naganingrum masih teu ngalahirkeun. Raja ngarasa heran,
sabab parantos parantos sasih bulan, Naganingrum kakandungan, tapi teu aya tanda-tanda
ngababarkeun.

Hiji poé, Baginda dongkap ka tempat Naganingrum bade ngajenguk bojona.


Aria Kebonan(raja):
Kunaon ceurik Dinda? Naon nu nyieun anjeun sedih dugi ka ceurik kos kieu?

Dewi Naganingrum:
Abdi sedih baginda. Tos sapuluh sasih, orok anu dikandung ku abdi teu acan lahir wae. Ai putra Dewi
Pangrenyep mah tos lahir.

Aria Kebonan(raja):
Sabar dinda. Ngke ge upami tos waktosna mah orok anu dikandung ku Dinda bakalan lahir. Ayeuna
mah urang kudu seeur-seeur ngadu'a we ameh sagala urusan arurang teh dilancarkeun.

Saatos Mulya ngahibur Dewi Naganingrum, ujug-ujug janin sacara ajaib dina Naganingrum
ngomong:
"Barma Wijaya, Anjeun parantos seueur mopohokeun janji anjeun. Langkung anjeun ngalakukeun
hal kejam, langkung pondok kakawasaan anjeun."

Aria Kebonan(raja):
Haaahh?? Aya sora tinu beuteung Naganingrum.(Soak)
Aneh pisan!

Kajadian anéh tina janin anu tiasa nyarios ngajantenkeun Raja ambek pisan sareng sieun ka ancaman
tina janin eta. Anjeunna hoyong nyingkirkeun janin sareng langsung milari jalan pikeun ngalakukeun
éta. Anjeunna nyauran sareng naroskeun Dewi Pangrenyep supaya dibebaskeun tina orok Dewi
Naganingrum.

Aria Kebonan(raja):
Pangrenyep, Pangrenyep kadieu.

Dewi Pangreyep:
Kulan baginda?

Aria Kebonan(raja):
Pangrenyep, putra Didinya the nyaeta Hariang Banga bade dijadikeun raja pengganti abdi engke.

Dewi Pangreyep:
Oohh leres baginda? Hatur nuhun pisan Baginda, kalangkung bingah abdi.

Aria Kebonan(raja):
Tapi aya saratna, upami ngke Naganingrum ngalahirkeun, piceun orokna ka susukan.

Dewi Pangreyep:
mu muhun Baginda. Parèntah baginda bakal dilakukeun.

Kalayan raos bagja, Dewi Pangrenyep geuwat ngalaksanakeun parentah salakina sareng nyetél
strategi. Sadaya dukun beranak dilarang ngabantosan Naganingrum ngalahirkeun. Sadayana kedah
ninggalkeun imahna, lamun Naganingrum ngalahirkeun.
Saatos sataun hamil sataun, Naganingrum milarian dukun beranak. Tapi teu aya anu mendakan.
Sadayana parantos ngalantosan kana parentah Déwi Pangrenyep anu julig eta.

Dewi Naganingrum:
Aduuuhh patuangan abdi muleeess. Nyeri. Bade ngalahirkeun kitu?

Dewi Pangrenyep, anu nguping yén Naganingrum badé ngalahirkeun, dongkap pura-pura bade
nulungan.

Dewi Pangreyep:
Oooh Naganingrum, anjeun bade ngalahirkeun. Orok anjeun bakal lahir. Dieu ku abdi bantos
ngalahirkeun.

Pangreyep langsung bertindak. Naganingrum tacan terang cara-cara jalmi ngababarkeun. Ceulina
ditutup kalawan kapas. Sedengkeun panonna ditutup kalawan pelekat. Leungeunnya dibeungkeut.
Naganingrum anu henteu teurang nurutkeun wae.

Tak sabaraha lami,Naganingrum ngababarkeun saurang anak laalaki anu molek parasnya . Orok
kasebat enggal-enggal diasupkeun ka jero kandaga ku dewi Pangrenyep. Kandaga ieu dibere sebutir
endog hayam. Sanggeus eta,kandaga orok dipalidkeun di walungan Citanduy. Sedengkeun gentosna
orok anu dilaporkeun ka raja nyaeta seekor anak kicik.

Dewi Pangreyep:
Punteun Baginda. Abdi nembe ngabantos Dewi Naganingrum ngalahirkeun orokna. Tètèla, orok anu
dilahirkeun ku Dewi Naganingrum teh kicik Baginda.

Aria Kebonan(raja):
Naon??! Naganingrum ngalahirkeun orok kicik??! Ngerakeun!
Lengser!

Lengser:
Kulan baginda.

Aria Kebonan(raja):
Geura paèhan Dewi Naganingrum! Ulah nepi paristiwa ieu jadi aib karajaan!

Lengser:
Muhun baginda. Parèntah baginda bakal dilakukeun.

Saatos angkat ti istana, Lengser karaos hariwang sareng bingung. Henteu mundur dugi ka hate
maéhan Naganingrum.

Lengser:
(Jigana urang moal tega maèhan ratu. Kusabab ratu the jalmi bageur.)
Ampun ratu. Abdi diparèntah baginda pikeun maèhan ratu. Tapi abdi teu tega maèhan ratu. Abdi aya
idè ratu. Kumaha lamun ratu linggih di leuweung, engke abdi ngadamel saung kanggo ratu.
Dewi Naganingrum:
Hatur nuhun lengser. Anjeun meni bageur ka abdi. Nuhun tos ngalindungan abdi ti kejamna raja.

Lengser:
Atos jadi kewajiban abdi ngalindungan kulawargi istana, ratu.

Dina hiji dinten kandaga anu eusina orok eta palid lebet walungan Cipamali. Kandaga eta tikait dina
bubu,pakakas nu newak lauk anu dipasang ku saurang aki,anu kantun caket walungan eta.

Isuk-isuk kalintang,aki Balangantrang sarta nini geura-giru nuju ka bubu maranehanana. Sapeuting
nini Balangantrang ngimpi ngalahir bulan. Nurutkeun kapercayaan maranehanana, mimpi kitu
hartina bade meunangkeun rejeki.

Sabot duanana anjog di sisi walungan,bubunya tikait hiji kandaga. Pas kandaga kasebat
dibuka,maranehanana kaget.

Nenek:
Bah! Tingal, tingal aya orok di jero wadah. Orokna meni kasep.

Kakek:
Muhun ma. Meni kasep pisan gening orok na téh. Hayu candak uih.

Aki sarta nini Balangantrang gumbira pisan. Orok kasebat langsung dibawa wangsul ka saung
maranehanana di jero leuweung.Orok anu rancage eta mendapat perawatan caos nyaah. Henteu
matak olohok lamun orok eta tumuwuh kalawan damang jeung kasep.

Sababaraha warsih saterusna,orok anu dipapanggihkeun dina walungan ayeuna atos umurna tujuh
taun. Aki sarta nini nyaah pisan pikeun manehna.

Dina hiji dinten,anak kasebat ngiring aki Balangantrang pilari kai huru. Kai kasebat bade diical ka
dayeuh.Sabot aki nuju uplek meulah kai,anak si aki ningali seekor manuk anu nuju ngaluncat-luncat
di luhur dahan.

Anak:
Manuk naon eta, Bah?

Kakek:
Manuk Ciung cep.

Anak:
Meni sae Bah!

Kakek:
Muhun Sae. Aya naon kitu? (sambil terus asyik dengan pekerjaannya).

Anak eta ngahuleng keneh sambil ningali dina hiji tangkal. Ditingali na seekor sato ngaluncat-luncat
anu tak dipikawanoh anak eta. Saterusna manehna naros deui ka aki.
Anak:
Bah, bah ai eta Sato naon, Bah?
Kakek:
Eta? Eta mah Wanara cep. (monyet)

Kakek:
(si kakek mikir) Cep, kumaha lamun encep abah namian Ciung Wanara? Encep resep kan ningali
Ciung sareng Wanara? (ereun ngagawean)

Anak:
Sae bah namina.

Sanggeus meunang kai anu cekap seueur,pulanglah duanana sami-sami.

Dina hiji dinten,Ciung Wanara neda seekor hayam aben ka aki Balangantrang.

Ciung Wanara:
Bah, nyungkeun hayam adu Bah.

Kakek:
Ciung nyungkeun hayam? Apan abah teu gaduh hayam.
Hmmm kumaha nya??!

akina mikir sakedap bari ngarasa bersalah kusabab anjeunna teu tiasa nyumponan kahoyong Ciung
Wanara.

Kakek:
Kieu weh, Cep. Abah gaduh hiji endog hayam, ngan ieu cep nu abah gaduh.

Ciung Wanara:
Endog? Kanggo naon endog bah?

Kakek:
Endog ieu nyaeta endog anu dipalidkeun sasarengan basa encep aya di jero kandaga. Upami bade
netaskeun endog ieu, Angkat ka Gunung Padang, jeung nyungkeun bantuan Nagawiru.

Ciung Wanara:
Oohh. Muhun Muhun Bah. Hatur nuhun Bah.

Ciung Wanara gumbira pisan ngadenge pitunjuk aki sarta langsung mios ka gunung Padang milarian
Nagawiru. Sanggeus endog netas jadi saekor hayam jago,Ciung Wanara gumbira pisan

Balik ti gunung Padang,Ciung Wanara naros ka aki Balangantrang

Ciung Wanara:
Bah, pan abdi sanes putra abah, tuluy ai ema sareng bapa abdi nu asli saha?

Kakek:
Emmmm..( ngahuleng. Kumaha nya abdi walon teu nya patarosan budak ieu? nanging kumaha oge
budak ieu kedah teurang asal usul anjeunna)

Ciung Wanara:
Bah, naha cicing ditaros tèh, saha bah, saha?

Kakek:
Ciung, Bapa Ciung teh nyaeta Sang Permana di Kusuma, Raja Galuh Pakuan.

Ciung Wanara:
Bapa abdi raja bah?!(soak)

Kakek:
Leres cep, encep teh katurunan Raja Galuh.

Ciung Wanara:
Upami kitu mah bah abdi bade ka istana, bade mendakan raja galuh!
Bah, ema abdi angkatnya. Upami tos beres mah abdi uih deui ngajemput ema sareng abah.

Nenek:
Muhun Cep. Ati-ati.

Aki sarta nini hanjelu pisan ditinggalkeun anak asuhannya anu atos maranehanana rawat sarta
sayangi salila ieu.
Sanggeus nampi restu sarta ngabantun hayam aduannya ,Ciung Wanara mios nuju ka nagari Galuh
Pakuan.

Ciung Wanara dugi di karajaan.

Ciung Wanara:
dek kamana Onta? Bet ngaleut sorangan?

Patih Purawesi:
Eh naha maneh wanian ka urang nyebut Onta? Urang teh papatih nyaho!

Ciung Wanara:
nya terus ai embung disebut Onta, rek disebut naon? Kunyuk?

Patih Purawesi:
Ai maneh budak saha? Meni wanian kitu.

Ciung Wanara:
Budak bapak

Patih Purawesi:
heeh bapak maneh téh saha?

Ciung Wanara:
Salakina indung
Patih Puwaresi:
indung maneh téh saha?

Ciung Wanara
Apan Pamajikan Bapak

Patih Purawesi
Aduh Gusti, geus lah lier urang ka maneh, Cik tempo hayam na (Patih nempo hayamna Ciung
Wanara) Meni alus kieu Hayamna, maneh nyokot timana ieu hayam?

Ciung Wanara :
Nya tina endok atuh

Patih Purawesi :
Heeh lah kumaha maneh, tos ayeuna sok adu keun hayam didinya jeung hayam abdi

Ciung Wanara:
Nya hayu derkeun

Ciung Wanara jeung patih langsung ngalepaskeun hayam na, pèk tèh hayam patih eleh. Tos meunang,
tuluy Ciung Wanara indit ngaleos teu beja beja ka éta patih

Patih Purawesi:
Aduh, hayam urang maot euy. Kela, ai budaknu bieu kamana? Kumaha mun budak siluman euy?
Lumpat ah.

Tuluy patih eta teh ninggalkeun tempat ngadu hayam bari lumpat pedah sieun, ka Paseban tuluy
Ciung Wanara teh patepang jeung Lengser.

Ciung Wanara:
Rek kamana wa?

Lengser:
Rek ka Paseban, milu moal ka uwa?

Ciung Wanara:
Embung ah teu wawuh

Lengser:
Nya terus kunaon mun teu wawuh?

Ciung Wanara:
Enya teu wawuh we da karek papanggih

Lengser:
Nya atos atuh pami kitumah, Uwa tipayunnya

Lengser ngaleos indit ka Pasaban. Dituturkeun ku Ciung Wanara


Lengser:
Naha ai kasep,ongkoh embung milu tapi nuturkeun tukangeun uwa

Ciung Wanara:
nya keun wae atuh wa sa suku-suku urang

Ciung Wanara:
Wa,ai ieu imah saha?

Lengser:
Duh, kasep nu kieu mah sanes imah, nu kieu mah ngaranna Paseban.

Ciung Wanara:
Ai eta nu warna coklat suku opat teh namina naon?

Lengser:
Nu eta sep? Eta namina Singgasana!

Ciung Wanara:
Lamun urang bawa balik meunang teu?

Lengser:
Teu meunang atuh Ujang eta kan kanggo raja.

Ciung Wanara:
Urang diukan ah

Ciung Wanara teh ngaberetek lumpat ngadiukan korsi raja, pèk tèh kadangu sora korsi eta teh retak.
Tuluy Ratu Galuh kaluar ti kamarna.

Lengser:
Aduh...cilaka euy, abdi diseuseulan ku Ratu.

Ratu Galuh:
Punten, ai didinya saha?

Ciung Wanara:
Ciung Wanara

Ratu Galuh:
Urang mana?

Ciung Wanara:
Geger Sunten

Ratu Galuh:
Aya naon jauh-jauh ti Geger Sunten kadieu?

Ciung Wanara:
Abdi teh gaduh hayam anu aneh, Indungna ngandung sataun, anehna deui sateuacan netas, endog ieu
palid di sungai. Ek ngadu jeung hayam Baginda.

Batari Pangrenyep atos nginten,yen anu ayeuna aya di payuneunana nyaeta putera Naganingrum.
Kadatanganana bade ngabales dengdem.

Ratu Galuh:
Mana hayamna?

Hayam ditingalikeun ka Ratu Galuh

Ratu Galuh:
Hayam ieu teh timana asalna?

Ciung Wanara:
Hayam abdi teh tina Bikang jeung bapa jago, ngendogna teh lila,jadi weh hayamna alus.

Ratu Galuh:
Paingan jadi alus.

Sateuacan adu hayam dikawitan, Ratu Galuh nyungkeun izin ka Raja pikeun dikawitanna acara ieu
enjing.

Saatos Ratu Kaluar pikeun nyungkeun izin ka Raja, Dewi Pangrenyep tuluy ngaharewos ka lengsèr.

Dewi Pangrenyep:
Eh, Lengser budak dipiceun teh balik deui dihadapan ratu, abdi teh kalangkung sieun si eta teh
nguasaan karajaan arurang.

Lengser:
Oh heeh bener,jadi urang kudu kumaha?

Dewi Pangrenyep:
Sakedap urang pikirkeun hela

Ratu Galuh balik deui saatos izin ka Raja tuluy Dewi Pangrenyep ngahasut Ratu Galuh.

Dewi Pangrenyep:
Ratu,jalmi nu ngaranna Ciung teh ulah di percaya, abdi ngadangu mah, hayamna tèh hayam jadi-
jadian.

Ratu Galuh:
Mana buktina?

Dewi Pangrenyep:
Ehhhhhhhhhhhhh

Ratu Galuh:
Ah enggeus nu kitumah ulah dipercaya
Ratu Galuh:
Sok atuh lamun dek ngadu hayam jeung hayamna Hariang Banga taruhanna naon?

Ciung Wanara:
Mun hayam urang eleh, Ratu tiasa nyandak nyawa abdi. Ngan upami hayam abdi nu meunang, urang
menta sabagean kawasan karajaan

Ratu Galuh:
Muhun upami kitu mah.

Akhirna hayam Ciung Wanara sareng Hariang Banga diadu, Hayam Ciung Wanara teh bisa
ngalahkeun hayam Hariang Banga.

Ciung Wanara:
Tingali Ratu! Hayam saha nu menang didinya?!

Ratu Galuh:
Kusabab hayam Hariang Banga anu eleh, ieu karajaan dibagi dua, karajaan belah wetan di pingpin ku
Hariang Banga cucu abdi. Upami karajaan belah Kulon di pingpin ku Ciung Wanara.

Akhirna Karajaan Galuh teh dibagi dua belah wetan sareng belah wetan sareng belah Kulon

Anda mungkin juga menyukai