Anda di halaman 1dari 39

RENCANA PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : .............................

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu :4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu memahami dan menanggapi berbagai bentuk dan jenis wacana tulis dengan
membaca artikel, bahasan dan puisi karangan sendiri, serta cerita drama

I. KOMPETENSI DASAR
Membaca artikel
I. INDIKATOR
 Siswa membaca teks artikel dalam hati (ngilo) dengan baik
 Siswa menyebutkan/menyimpulkan bidang ilmu isi artikel
 Siswa memahami isi dan bahasa artikel
 Siswa menyimpulkan tema artikel
 Siswa menanggapi berbagai aspek (isi, bahasa, mekanisme penulisan)
II. MATERI POKOK
Artikel
III. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 Motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Salah seorang siswa membacakan wacana jenis artikel
 Bersama-sama menyimak wacana artikel yang dibacakan/diperdengarkan
 Bertanya jawab tentang artikel
 Bertanya jawab tentang isi artikel
 Bertanya jawab tentang teknik penulisan artikel
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang dipelajari
 Siswa ditugaskan untuk mencari sebuah artikel dan ditempel pada kertas HVS
disertai dengan ringkasan isinya.

IV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar

V. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Sebutkeun nu dimaksud artikel !
2. Sebutkeun poko-poko tina eusi artikel !
3. Tuliskeun struktus dina nulis artikel !
Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Baca wacana ieu di handap!

MEMENIRAN

Nagara urang nagara nu subur ma’mur. Loba tutuwuhan anu bisa dijadikeun ubar.
Ngagunakeun ubar tradisional, bisa disebut leuwih aman tina efek sampingna. Salahsahiji
tutuwuhan obat tradisional Indonesia diantarana memeniran. Kaasup tutuwuhan anu
mujarab pikeun nyageurkeun kasakit maag.
Tangkal memeniran sering kapanggih lamun urang ulin ka tegalan, sisi kebon atawa
pakarangan kosong teu kaurus. Jangkung tangkalna teu leuwih ti dua jeungkal ramo
panangan déwasa. Wangunna siga tangkal asem anu dibonsay. Rupa daunna héjo aya titik-
titik di bagéan handapna, watangna leutik sagédé cinggir anu rupana héjo ngora. Biasana
tumuwuhna di antara jukut anu ngajejembrung.
Nurutkeun panalungtikan paraahli, ti taun 2000, memeniran resmi jadi ubar urang
India. Sababaraha jenis tumuwuh subur di nagara-nagara Asia saperti Indonesia, China jeung
Filiphina. Dina basa Inggris memeniran téh disebut Child Pick a Back, sedengkeun dina basa
India disebut Pitirishi, Budhatri.
Kabéh bagian tina tangkal memeniran ieu, ti mimiti akar, watang jeung daun bisa
dipaké ubar. Salian ti maag kasakit anu bisa diubaranana rupa-rupa kayaning infeksi liver,
hépatitis, ngalancarkeun kahampangan, malaria jeung batu ginjel.
Dina nyageurkeun panyakit maag, carana gampil pisan. Petik 5 lambar daun
memeniran, kumbah sing beresih. Terus godog ku cai lobana kurang leuwih 2 gelaseun. Cai
godogan teras disaring, ditiiskeun. Dileueut sadinten 3 kali salila saminggu. Insya Alloh
manjur!
Pikeun ngubaran panyakit séjénna, memeniran kudu dicampuran ku tutuwuhan s éjén
kayaning Kumis Ucing, Keji Beling, Daun Seureuh, jeung sajabana.
Tuh geuning, upama urang tenget kanu aya disakurilingeun urang mah, nanaon og é
pasti aya mangpaatna. Tutuwuhan saliara teh katingalna mah ukur ngaganggu pamandangan
di pakarangan wungkul, tapi geuning ari ditalungtik mah teu burung aya pa édahna.
Mungguhing Alloh, sagala rupi ciptaana-Na pasti aya mangpaatna.
(dicutat tina: Mangle no. 2049 kaca 45)
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Kabeungharan kecap
Efek samping = akibat, balukarna tina hiji perkara
Mujarab = manjur
Maag = lambung, ngaran kasakit beuteung (salatri)
Bonsay = tatangkalan anu dikabiri/dikerdilkeun (jadi hiasan)
Ngajejembrung = bala, jukutna jarangkung teu kaurus
Panalungtikan = penelitian (Ind.)
Watang = gagang, dahan
tutuwuhan saliara = tutuwuhan/jujukutan nu jadi di kebon atawa pakarangan(lain pelak)

PEDARAN

Cik ku hidep titénan deui éta bacaan sing telik. Kumaha basana, kecap-kecap nu
dipilihna jeung eusina? Tangtu béda jeung bacaan nu biasa dibaca nu mangrupa buku
pangajaran. Basa nu digunakeun dina éta bacaan mah rada populer. Pon kitu kekecapanana
ogé dipilih kalawan apik sangkan nu maca kataji tur panasaran.
Bacaan saperti kitu sering kapanggih dina koran, tabloid atawa majalah. Dina kamus
tulisan anu dipidangkeun (dimuat) dina koran, tabloid atawa majalah disebutna artikel.
Eusi artikel lolobana ngébréhkeun pamadegan, pandangan atawa hasil pananglungtikan
panulis kana hiji pasualan/masalah. Upamana ba é masalah runtah, bajir, Kulawarga
Berencana, kaséhatan, wajib belajar jeung sajabana.

Uji Kompetensi 1
Sabada niténan conto artikel di luhur, cing eusian ieu pananya !
1. Naon téma éta artikel ?
________________________________________________________________________
__
2. Dititénan tina eusina, widang élmu naon nu ditepikeun ku panulis dina éta artikel ?
________________________________________________________________________
__
3. Cing, tuliskeun bagian bubuka éta artikel !
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
____
4. Naon baé nu dijéntrékeun dina bagian eusi artikel ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
__________
5. Hal naon nu ditulis dina bagian panutup ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
______
6. Cing tina éta artikel tuliskeun rangkay tulisanana !
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
__________
7. Tuliskeun kecap-kecap nu dianggap populér dina éta artikel !
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
______
8. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap!
a. Tradisional
________________________________________________________________________
__
b. efek samping
________________________________________________________________________
__
c. mujarab
________________________________________________________________________
__
d. tegalan
________________________________________________________________________
__
e. bonsay
________________________________________________________________________
__
f. ngajejembrung
________________________________________________________________________
__
g. panalungtikan
________________________________________________________________________
__
h. watang
________________________________________________________________________
__
i. manjur
________________________________________________________________________
__
j. tutuwuhan saliara
________________________________________________________________________
__
Uji Kompetensi 2

1. Prak hidep néangan conto artikel dina koran, majalah, atawa tabloid. Eusina bisa nu
medar masalah lingkungan, kaséhatan, téknologi atawa pangaweruh séjénna. Tuluy ku
hidep gunting sing rapih sarta tempelkeun dina keretas HVS.
2. Diskusikeun ku hidep éta artikel kucara ngajawab pananya di handap!
a. Topik/témana : _______________________________________________________
b. Judul : _______________________________________________________
c. Béré tanda ceklis ( √ ) dina kolom jawaban, bener atawa salah!
Jawaban
No. Patalékan
Bener Salah
1. Judul ditulis luyu jeung éjahan.

2. Judul ditulis kalawan singet.

3. Judul nimbulkeun kapanasaran ka nu maca.

4. Eusi artikel luyu jeung judul.

5. Artikel ngawengku bubuka, eusi & panutup.

6. Artikel dipungkas ku kacindekan.

7. Naha éta kacindekan téh ngagambarkeun eusi.

3. Tepikeun éta hasil diskusi ku salasaurang anggota kelompok di hareupeun babaturan
sakelas! Lamun aya nu nanyakeun, jawab ku hidep kalawan dipairan ku anggota
kelompok.

Materi Panambah :
1. Kalimah langsung jeung kalimah teu langsung
2. Ngalarapkeun babasan
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)

Satuan Pendidikan : .............................

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu : 4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
surat, teks pidato, hasil wawancara, berita, dan karangan ilmiah

VI. KOMPETENSI DASAR

Menulis Berita

II. INDIKATOR
 Siswa memilih berita yang paling penting
 Siswa menulis berita dengan singkat
 Siswa menulis berita dengan jelas, lengkap dan menarik
 Siswa mencatat berbagai hal penting dari berita yang disimak/dibaca
VII. MATERI POKOK
Berita
VIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Secara seksama siswa meneliti contoh-contoh berita
 Bersama-sama menyimak penjelasan guru tentang berita yang perlu ditulis
 Bertanya jawab tentang topik yang dipelajari
 Bertanya jawab tentang teknik penulisan teknik menulis berita
 Berlatih menulis berita
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi
 Siswa ditugaskan untuk melanjutkan penulisan berita

IX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Contoh berita
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar

X. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Sebutkeun hal-hal nu kudu ditulis dina berita !
2. Tulis bubuka berita kalawan bener !
3. Tulis panutup berita kalawan bener !
4. Jieun hiji berita anu panganyarna nu ku hidep dipikanyaho!
Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Pedaran

Wawaran atawa warta (Ind. : berita) mangrupa béja nu ditepikeun ka nu lian. Warta nu
ku urang katarima bisa mangrupa lisan atawa tinulis. Warta lisan bisa diregepkeun tina
radio, televisi, atawa sacara langsung ti jalama nu nepikeun éta warta, upamana baé dina
acara diskusi, seminar, lokakarya, jeung sajabana. Sedengkeun warta nu tinulis kapanggih ku
urang dina koran, majalah, tabloid, papan pengumuman, buletin, pamplet jeung sajabana.
Sering teu hidep ngaregepkeun warta? Naon mangpaatna tina ngaregepkeun warta?
Kapaham teu eusi eta warta téh? Sangkan bisa nyangkem eusina aya sababaraha hal nu kudu
diperhatikeun, diantarana baé :
1. Kudu sayaga fisik jeung mental;
2. Konséntrasi kudu museur kana naon nu keur diregepkeun;
3. Tantukeun maksud tina ngaregepkeun warta téh pikeun nambah élmu pangaweruh;
4. Regepkeun sagemblengna warta kalawan taliti;
5. Rangkum tur cangkem eusi warta sarta bisa nepikeun deui sabada tuntas
ngaregepkeun éta warta boh sacara lisan boh tinulis.

Tengetan conto warta di handap !

Conto 1.
Senén tanggal 18 Oktober 2006 siswa kelas IX SMP Negeri 1 Cingambul ngayakeun studi
banding ka SMP Negeri 13 Bandung. Tujuanana taya lian pikeun ningali tur niténan cara
diajarna siswa SMP Negeri 13 Bandung nu dianggap jadi sakola model KBK.

Conto 2.
Tacan ogé bérés masalah kalebuhna kapal verri jeung maotna artis sin étron “Alda”, Senén, 1
Januari 2007 kapal Adam Air anu lepas landas ti pangkalan udara Surabaya rék ngajugjug ka
Manado leungit ilang tanpa laratan. Nepi ka poé Ahad 6 Januari 2007 Tim SAR, Angkatan
Darat, Angkatan Laut, Angkatan Udara, pararélawan jeung Masarakat can bisa
manggihkeun laratan di mana ragragna éta kapal. Kulawarga paraawak kapal jeung
kulawarga parapanumpang kacida sungkawa sarta ngadesek ka pamar éntah sangkan terus
maluruh nepi ka kapanggihna.

Conto 3. FLU BURUNG

Flu Burung téh salahsahiji panyakit anu dibalukarkeun ku virus H 5N1 anu sumebarna
ngaliwatan sato unggas saperti soang, hayam, manuk jeung sabangsana. Kiwari ieu wabah
téh pangdipikasieunna ku sakumna masarakat nu aya di dunya sabab geus nimbulkeun
palastrana jalma nu katerap ku éta virus.
Dumasar kana data ti Departemen Kasehatan, Indonesia kaasup nagara nu nyicingan
rengking kahiji di dunya anu katerap ku flu burung. Propinsi Jawa Barat pisan nu panglobana
katerap ieu panyakit.
Korban flu burung nu pangheulana nyaéta warga Kacamatan Serpong Kabupaten
Tanggerang Banten, Iwan Siswana Rafei (38 taun) jeung dua anakna Sabrina Nurul Aisah (8
taun) jeung Talita Nurul Azizah (sataun).
Ti Séptémber 2005 sumebarna flu burung terus nérékel. Salila sabulan satengah
kapanggih 19 kasus. Warga nu keuna flu burung tina éta kasus di antara baé saurang ti
Subang, 4 urang ti Indramayu, nu séjénna sumebar di Jawa Barat jeung Banten.
Pikeun narékahan sumebarna flu burung, di wewengkon anu loba miara sato unggas
dipariksa ku tim kasehatan. Malah di sababaraha wewengkon saperti Bekasi jeung
Kabupaten lebak, ingon-ingonna nu kabuktian ngandung virus H5N1 kudu dimusnahkeun.
Paraahli kasehatan Uni Eropa ogé ngayakeun riungan pikeun ngungkulan sumebarna
flu burung. Tina 90 nu katerap flu burung, di tingkat dunya, nu jadi korban téh satengahna
urang Asia Timur kaasup Turki jeung Irak Timur. Hasil tina éta riungan, kaputusan anu mimiti
kudu dipigawé téh nyaéta ngamusnahkeun sato unggas. (ti sababaraha sumber)
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Sanggeus niténan tilu conto wawaran atawa warta di luhur, eusian pananya ieu di handap!
1. Sebutkeun naon baé nu tulis dina warta kahiji!
_______________________________________________________________________
__
2. Hal naon baé nu ditataan dina conto warta kadua ?
_______________________________________________________________________
__
3. Sebutkeun naon téma tina conto warta katilu ?
_______________________________________________________________________
__
4. Virus naon nu ngabalukarkeun ayana flu burung ?
_______________________________________________________________________
__
5. Sato naon nu jadi cukang lantaran sumebarna flu burung?
_______________________________________________________________________
__
6. Nagara mana baé nu katerap flu burung ?
_______________________________________________________________________
__
7. Saha jeung urang mana baé nu mimiti katerap flu burung ?
_______________________________________________________________________
__
8. Kumaha tarékah pamarentah pikeun ngungkulan flu burung ?
_______________________________________________________________________
__
_______________________________________________________________________
__
9. Kumaha sikep paraahli kasehatan dunya dina nyanghareupan ieu wabah ?
_______________________________________________________________________
__
_______________________________________________________________________
__
10. Ceuk pamanggih hidep, naon nu kudu dipilampah pikeun ngungkulan flu burung ?
_______________________________________________________________________
__
_______________________________________________________________________
__
_______________________________________________________________________
__

Teangan harti istilah-istilah kasehatan ieu dina Kamus Besar Ilmu Pengetahuan nu aya di
Perpustakaan sakola!

No. Istilah Harti/maksud

1 Virus
2 Flu
3 Bakteri
4 Baksil
5 Steril
6 Anemia
7 Hipertensi
8 Stroke
9 Laboratorium
10 Infus
11 Injeksi
12 Kuman
13 Influenza
14 Ruang ICU

Eusian ku istilah nu aya dina tabel di luhur!

1. Lantaran kasakitna parna, zat makanan téh diasupkeun ku cara ….
2. Jalma nu katabrak motor diasupkeun ka….
3. Getih nu didonorkeun ku dokter dibawa ka …………….… pikeun dipariksa.
4. Mang Ahad maotna lantaran ……..… buktina bahamna gé béngo.
5. Ulah nyoo cai kalombéran loba …

Jieun kalimah tina istilah kaséhatan nu aya dina tabel !

1. …………………………………………………………………………………………………
2. …………………………………………………………………………………………………
3. …………………………………………………………………………………………………
4. …………………………………………………………………………………………………
5. …………………………………………………………………………………………………

Ayeuna hidep diajar nulis wawaran (warta). Léngkah-léngkahna :

1. Regepkeun warta dina televisi, radio atawa maca dina koran;

2. Pilih berita nu pangpentingna;
3. Tulis heula poko-poko tina éta warta;
4. Sanggeus data-datana lengkep, tuluy jieun atawa mekarkeun mak é basa hidep
sorangan.
5. Hal nu ulah poho kudu ditulis nya éta poé, tanggal, bulan jeung taun kajadian,
kajadianana, akibat tina éta kajadian, kauntungan atawa karugian tina éta kajadian,
jeung tarékah pikeun ngungkulanana.

Materi Panambah :
1. Kalimah sampurna
2. Kalimah teu sampurna

RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)

Satuan Pendidikan : .............................

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu : 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu memahami dan menanggapi berbagai bentuk dan jenis wacana tulis dengan
membaca artikel, bahasan dan puisi karangan sendiri, serta cerita drama
XI. KOMPETENSI DASAR
Membaca bahasan karangan sendiri
III. INDIKATOR
 Siswa membacakan karangan bahasan karangan sendiri dengan lafal, volume suara,
dan intonasi yang baik
 Siswa menampilkan pembacaan dengan tenang
 Siswa menjawab berbagai tanggapan
 Siswa menyempurnakan karangan dan pembacaannya

XII. MATERI POKOK

Bahasan
XIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Secara bergantian siswa membacakan karangan bahasan karangan sendiri
dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang baik
 Dengan arahan guru, siswa menampilkan pembacaan dengan tenang
 Siswa menjawab berbagai tanggapan berkenaan dengan karangan yang
dibacakannya
 Setelah mendapat masukan, siswa menyempurnakan karangan dan
pembacaannya
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Siswa ditugaskan memperbaiki karangan bahasannya untuk dibacakan kembali.

XIV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan
 Majalah
 Koran

XV. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Baca karangan bahasan hasil karangan hidep di hareup !
2. Naon tema eta karangan teh ?
3. Tulis ringkesna eusi eta karanan !

Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Di kelas dalapan hidep kungsi maca karangan bahasan ( éksposisi). Karangan éksposisi
teh miboga maksud pikeun nétélakeun ngeunaan hiji perkara sangkan nu maca mikanyaho
kana éta hal. Upamana baé nétélakeun harti atawa kajadian nepi ka jéntré pisan,
ngajéntrékeun naon rupa nu geus ditulis atawa dicaritakeun ku hiji tokoh. Bisa og é
ngajéntrékeun lumangsungna hiji kajadian boh nu cikénéh lumangsung boh anu geus
heubeul. Hasan Shadily nétélakeun dina Kamus Inggris-Indonesia yén karangan éksposisi
nyaéta karangan anu nétélakeun hiji prosés atawa ngajéntrékeun gagasan hiji jalma.
Pangajaran, eusi ceramah, laporan jeung tajukrencana og é biasana ditulis mangrupa
karangan bahasan (éksposisi).
Dina karangan éksposisi, hal anu ditulis kudu j éntré ulah aya hal nu matak ragu-
ragu. Malah sangkan leuwih ngayakinkeun ka nu maca dina karangan bisa dilengkepan ku
data anu jelas.
Hidep kudu bisa nulis karangan éksposisi. Léngkah-léngkah nu kudu dipigawé
diantarana:
1. Pilih jejer (topik) nu luyu;
2. Jieun heula rangkay karangan;
3. Robah rangkay karangan jadi karangan anu lengkep;
4. Gunakeun kecap-kecap anu jelas tur kalimah-kalimah anu éféktif;
Hal nu kudu ditulis nyaéta :
1. Bubuka; tulis bagian bubuka kalawan jelas;
2. Eusi; jéntrékeun kalawan jelas eusi karangan, prosedurna, jeung l éngkah-léngkah
(prosésna).
3. Panutup, tulis bagian panutup kalawan jelas.
Karangan éksposisi eusina bisa ngagambarkeun ngeunaan léngkah-léngkah atawa
prosés produksi. Jejer nu rék ditulis upamana cara-cara nyieun kadaharan, pros és nyieun hiji
karya seni, léngkah-léngkah ngoperasikeun hiji alat, jeung sajabana.

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Teangan sababaraha gambar /photo kagiatan! Jieun karangan bahasan dumasar kana eta
gambar!
Judul : ________________________________________

___________________________________________________________________________

Prak hidep nulis karangan bahasan, eusina bisa medar ngeunaan proses nyieun kaolahan
tradisional nu sering dijieun di lembur hidep! Tuliskeun kalawan lengkep, gunakeun basa nu
merenah sarta pilih kecap-kecapna kalawan apik sangkan nu maca kataji ku karangan hidep.
Sanggeus réngsé, bacakeun di hareupeun babaturan!

______________________________

Materi Panambah :
1. Parobahan harti kecap
2. Nyusun kalimah ngantet

RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)

Satuan Pendidikan : .............................

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
surat, teks pidato, hasil wawancara, berita, dan karangan ilmiah

XVI. KOMPETENSI DASAR

Nulis Naskah Pidato

IV. INDIKATOR
 Siswa memilih topik pidato yang tepat
 Siswa membuat kerangka pidato dengan baik
 Siswa menulis bagian pembukaan dengan baik
 Siswa mengembangkan kerangka isi pidato dengan baik
 Siswa menulis bagian penutup dengan bahasa yang baik
XVII. MATERI POKOK
Pidato
XVIII.KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan bimbingan guru, siswa membacakan contoh naskah biantara dengan
baik
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menulis naskah
biantara
 Siswa berlatih memilih topik pidato yang tepat
 Siswa berlatih membuat kerangka pidato dengan baik
 Siswa berlatih menulis bagian pembukaan dengan baik
 Siswa berlatih mengembangkan kerangka isi pidato dengan baik
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Siswa ditugaskan untuk menyelesaikan kerangka pidato yang telah ditulis

XIX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan

XX. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Sebutkeun hal nu kudu diinget dina nulis naskah biantara !
2. Sebutkeun tahapan nu kudu dipigawe dina nulis naskah biantara !
3. Tulis rangkay naskah biantara ngeunaan paturay tineung !
4. Lengkepan eta rangkay naskah nepi ka jadi sampurna !

Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Baca dina jero haté conto naskah biantara di handap !
D. BIANTARA WAWAKIL SISWA KELAS 3

Assalamu’alaikum wr.wb.
Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka
Alloh swt. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka
urang. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok
patepang raray dina raraga paturay tineung.
Sholawat sinareng kasalametan mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan
urang, Nabi Muhamad saw , ka kulawargina, ka sohabatna teu kakantun mugia leleberanana
ginulur ka urang sareng sadaya umatna anu tumut kana pituturna. Amin ya Alloh ya robbal
alamin.
Bapa kepala sekolah anu ku sim kuring dipihormat, bapak ibu guru sareng staf TU anu
sami kusimkuring dipihormat, paratamu anu kusimkuring dipihormat, og é teu hilap ka
rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.
Hatur nuhun ka protokol anu parantos masihan waktos ka sim kuring anu sagamlang –
gamblangna.
Najan weruh kanu dimaksud, waspada kanu seja geuning paturay tineung mah bet
benten raraosan, éta panginten wiréh urang kedah papisah.
Bapa, ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Ngadegna sim kuring di dieu teu aya sanes
wawakil ti réréncangan kelas tilu hoyong ngadugikeun kereteg angen kedaling ati anu
nyangkaruk dina kalbu sumarambah dina bayah, sakantenan namplokeun rasa kasono.
Bapa miwah ibu guru nu dipihormat. Simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya
kasaéan anu sakieu utamina. Estu kasuhun kalingga murda katampi ku asta kalih, beurat
nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Bapa sareng ibu parantos masihan
bimbingan atikan anu moal tiasa ku sim kuring dihilapkeunana. Og é kadeudeuhna bapa
sareng ibu teu aya tandinganana. Anu mémang simkuring sareng réréncangan moal tiasa
ngabalesna. Anging pidu’a nu kasanggakeun mugia amal kasa éan ibu miwah bapa di bales
ku Alloh swt. Amin….
Teu hilap sim kuring badé nyuhunkeun dihapunten ka bapa miwah ibu tina sadaya
kalepatan – kalepatan simkuring sareng sadaya r éréncangan rumaos seueur kalapetan anu
ngajéngkélkeun ka ibu miwah bapa, mudah – mudahan ba é bapa sareng ibu luntur kalbu
wening galih léah manah tiasa ngahapunten.
Bapa–ibu kalih sadaya keluarga besar SMP Cingambul, salami tilu taun, sim kuring
sareng sadaya réréncangan dididik, diaping, dijaring, diwuruk élmu pangaweruh mugia
ageung mangpaatna kanggo pibekeleun sim kuring dina mangsa mangkat dewasa.
Bapa, ibu mugi – mugi sadikantuna ku simkuring sareng sadaya réréncangan di SMP Cingambul
ieu sing langkung majeng, sing aya ténjoeun deungeun, deuleueun batur boh bidang study, boh
katerampilan kitu deui organisasi. Cindekna sadaya garapan tiasa digarap kalayan praktis,
pragmatis, réalistis.
Cunduk waktuna ninggang mangsana urang paturay, ku kituna nya ayeuna mangsana
kangge nembrakeun rasa, namplokeun deudeuh dina paturay tineung keur teundeun
enteungeun, tunda alaeun, cangcang dina tulang – tulang, dina cupu hulu laku, dina
padaringan haté. Urang téang ‘na ciciptan dina mangsa urang patebih.
Sasawi jadi di leuwi, saladah dikumahakeun miang bari sumoréang laleuwang loba kamelang,
kareueung loba katineung, baluas loba kawaas, ngantun dulur nu sagulung, nilar baraya
sagalang. Kanca mitra sadaya kapaksa ku jalan ieu urang paturay, paralun ageung panuhun
muga jembar pangaksami, hapunten anu kasuhun, hampura anu di teda miwah do’a jeung
pidua tisadayana.
Papadaning kitu sanajan jirim patebih, sanajan jasad paanggang, kalbu keukeuh
pagugulung, ati gé pagiling gisik, sadaya nu kaalaman moal laas ku panjang mangsa moal
kalis kapiati disambung ku ngalamun kedalna dina ciciptan.
Peleuleuyan–pileuleuyan sapu nyéré pegat simpay paturay patepang deui.
Angeun kacang jeung kelewih
Diawuran daun jaat
Dimana urang patebih
Duduluran ulah pegat
Panutup catur pamungkas carita, tutug laku pungkas kecap bobo sapanon carang
sapakan, bilih aya saur ngalantur nu teu kaukur, carios banyol nu teu sapagodos mugi jembar
hapuntenna. Ditutup ku :Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum wr.wb.

PEDARAN

Nyusun Naskah Biantara

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, biantara nyaéta pidato, cumarita atawa cacarita
di hareupeun jalma réa dina acara nu tangtu pikeun medar atawa nepikeun hiji masalah,
informasi atawa maksud. Eusi biantara rupa-rupa gumantung kana maksud jalma anu
cumarita.
Mangsa hidep biantara, cing naon nu kudu disadiakeun? Tangtu baé salasahijina nyaéta
naskah biantara. Mun dititénan mah naskah biantara teu béda jeung karangan anu tinulis.
Pikeun nu kakara biantara, kacida perluna nyusun naskah leuwih ti heula sangkan
enggoning biantara teu ngawagu, pinuh ku percaya diri, jeung teu sieun poho kana maksud.
Bagian penting nu kudu diperhatikeun dina nyusun naskah biantara nu hadé nyaéta :
1. Nangtukeun topik anu rék ditepikeun;
2. Nyusun rangkay naskah biantara
3. Ngamekarkeun éta rangkay biantara jadi naskah anu lengkep.
Topik biantara bisa ditangtukeun dumasar kana warna kagiatan nu keur dilaksanakeun.
Upamana baé, dina kagiatan paturay tineung tangtu eusi biantara patali jeung paturay
tineung. Pon kitu dina acara Miéling Maulid Nabi, tangtu eusi biantara téh hikmah tina
miéling Maulid Nabi, jeung sajabana ti éta.
Rangkay biantara ngawengku : bubuka, eusi, jeung panutup.
Sabada niténan conto biantara paturay tineung, ku hidep bisa katit énanan rangkayna
saperti di handap!
1. Bubuka, ngawengku :
- salam,
- muji syukur, sholawat
- panghaturan/panghormat
2. Eusi biantara, ngawengku :
- kasangtukang
- maksud (nganuhunkeun, menta dihampura, pangharepan)
3. Panutup, ngawengku :
- kacindekan
- sanduk-sanduk papalaku
- salam panutup
Sanggeus nangtukeun rangkay naskah biantara, panc én téh nyaeta ngamekarkeunana
nepi ka jadi naskah anu lengkep.
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Sanggeus maca conto biantara, cing eusian ku hidep soal ieu di handap !
Tuliskeun bubuka biantara dina conto !
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
________
Tuliskeun hal naon baé nu ditepikeun dina bagian eusi biantara !
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
__________

Tuliskeun bagian panutup dina conto biantara!

_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
________

Sabada niténan conto biantara, cing ayeuna prak hidep nyusun rarancang biantara Mi éling
Hari Besar Islam. Upamana baé Miéling Maulid Nabi Muhamad SAW., Mieling Isro Mi’raj,
jeung sajabana. Tuluy éta rarancang dilengkepan nepi ka jadi naskah biantara anu
sampurna!

RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)

Satuan Pendidikan : .............................

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit

I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara lisan dalam bentuk
mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, berceritera tentang cerita
pendek, dan musikalisasi puisi
XXI. KOMPETENSI DASAR
Berpidato
V. INDIKATOR
 Siswa berpidato dengan lafal, volume suara, intonasi yang baik, jelas dan sistematis
 Siswa menyampaikan pidato dengan bahasa yang santun serta dengan kecepatan
yang memadai
 Siswa berpidato dengan penampilan dan invripisasi yang baik
 Siswa menyempurnakan atau memperbaiki pidatonya
XXII. MATERI POKOK
Pidato
XXIII.KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 Motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik berpidato yang baik
 Siswa menyimak penjelasan guru tentang syarat-syarat seorang orator yang
baik
 Siswa memperhatikan beberapa contoh pidato yang ditampilkan pada VCD.
 Secara bergantian siswa berlatih berpidato di depan kelas.
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Siswa ditugaskan untuk membuat naskah pidato untuk disampaikan pada
pertemuan selanjutnya.

XXIV.MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Contoh naskah pidato
 Buku pegangan
 VCD

XXV. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Sebutkeun 3 teknik berpidato !
2. Sebutkeun bagian-bagian nu ditepikeun dina biantara ?
3. Prak hidep biantara make lentong anu merenah !

Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Conto : Biantara Wajar Dikdas 9 Taun

NYUKSESKEUN WAJAR DIKDAS 9 TAUN

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Alhamdulillahi robbil ‘alamiin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi

washohbihi azma’in. Amma ba’du
Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring.
Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun sim kuring muji syukur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil
‘alamin wiréh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin
kanggo ngadugikeun biantara.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu
pinuji nyaéta Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina ka parasohabat sareng ka umatna anu
taat kana pituturna. Amiin ya robbal ‘alamin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program
wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikdas 9
taun teh taya sanés kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan
Pendidikan Nasional nyaéta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah
manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Kanggo umat Islam program belajar téh diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi
wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot.
Sakumaha pidawuh Rosululloh SAW “Tolabul ‘ilmi faridotun ‘ala kullil muslimin
walmuslimat minal mahdi ilalahdi.”
Nanging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nya éta program diajar di
pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD
dugi ka SMP.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gaw é bareng ti
sadaya lapisan masarakat, utamina ti parasepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka
15 taun.
Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gaw é rancagé sadaya lapisan masyarakat
ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu
nyugemakeun.
Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tinekanan upami teu aya ridlo Alloh SWT. Ku
kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh
Ya Robbal ‘alamin.
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng
tatakrama, mugia sadayana jembar manah ngahapuntenna.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Sakumaha pedaran saméméhna, yén biantara téh cumarita di hareupeun jalma réa
pikeun nepikeun hiji maksud dina acara anu tangtu. Dina prakna biantara teu gampang
saperti nu disawang ku urang. Aya sababaraha sarat nu kudu nyampak dina diri jalma nu r ék
biantara.
 JEMBAR PANGAWERUH, sangkan eusi biantara luyu jeung acara nu keur
dilaksanakeun sarta teu béakeun bahan picaritaeun; Jalmi nu kurang pangaweruh biasana
enggoning biantara sok teu puguh entep seureuh basana, eusi carita loba nu dibalikan deui,
jeung sajabana.
 SUMANGET JEUNG KAIKHLASAN, sangkan dina nepikeunana teger tur taya
bangbaluh;
 KAAYAAN BADAN & DANGDANAN, sangkan tumuwuh rasa percaya diri;
 KAAYAAN SORA JEUNG PANEMPO, sangkan maksud bisa kacangkem ku nu
ngadangukeun tur aya komunikasi dua arah sakurang-kurang komunikasi mata;
 GEDE WAWANEN, sangkan teu nerveus atawa turun méntal. Pikeun numuwuhkeun
wawanén carana kudu sering latihan boh sorangan boh dibingbing ku nu geus biasa
biantara.

Biantara dipake dina acara-acara :

 Rapat
 upacara (bendera, husus)
 seminar, simposium, loka karya
 kongres, konperda, konpercab
 diskusi, konperensi
 munas, musda, muscab, musran
 panataran, pelatihan, jeung sajabana

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Jieun conto biantara, baca sing nepi ka kaharti, tuluy apalkeun! Dina uji kompetensi prak
galantangkeun ku hidep kalawan hade!

Materi Panambah :
Ngarobah kalimah teu langsung jadi kalimah langsung atawa sabalikna
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : .............................
Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX/ 2
Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
surat, teks pidato, hasil wawancara, berita, dan karangan ilmiah

XXVI. KOMPETENSI DASAR

Menulis karangan ilmiah
VI. INDIKATOR
 Siswa memilih/menetapkan topic karangan ilmiah
 Siswa menghimpun bahan karangan
 Siswa menyusun pembukaan karangan ilmiah
 Siswa menyusun isi dengan tepat
 Siswa menyusun bagian penutup dengan tepat
 Siswa menyusun karangan ilmiah dengan bahasa / kalimat yang efektif
 Siswa memper-baiki atau menyempurnakan karangan ilmiah
XXVII. MATERI POKOK
Karangan ilmiah

XXVIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan bimbingan guru, siswa membacakan contoh karangan ilmiah
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menulis
karangan ilmiah
 Siswa berlatih memilih topik karangan yang tepat
 Siswa berlatih membuat kerangka karangan ilmiah dengan baik
 Siswa berlatih menulis bagian isi karangan dengan baik
 Siswa berlatih menulis bagian penutup karangan dengan baik
 Siswa berlatih mengembangkan kerangka karangan ilmiah dengan lengkap dan
baik
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Siswa ditugaskan untuk menyelesaikan karangan ilmiahnya dengan baik.

XXIX.MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Karangan ilmiah
 Buku pegangan
XXX. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Sebutkeun naon nu dimaksud karangan ilmiah !
2. Tulis cirri karangan ilmiah !
3. Tataan bagian-bagian nu kudu ditulis dina karangan ilmiah !
4. Tulis rangkay karangan ilmiah !

Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
KARYA ILMIAH
Karya ilmiah nyaéta karya tinulis anu didadasaran ku élmu.
Ieu karya lain hasil pikiran urang anu sakarepna tapi kudu
dilengkepan ku data jeung fakta anu bener.
Umumna mah dina karya ilmiah nu basajan dibagi jadi
sababaraha bagian, diantara baé : Bubuka, Pedaran jeung Panutup.
Bagian bubuka ngawengku : kasang tukang masalah, rumusan masalah.
Bagian eusi medar ngeunaan poko masalah atawa lengkah-lengkah ngungkulan eta masalah.
Bagian panutup mangrupa kacindekan tina pedaran samemehna. Malah leuwih alus lamun
dilengkepan ku saran-saran.
Titenan conto sistematika karya tulis ilmiah di handap!
Bagian Judul (dina jilid luar)
Panganteur ti panyusun
Daftar eusi karya tulis
Bab I Bubuka
A. Kasang Tukang Masalah
B. Masalah
C. Tujuan panalungtikan
D. Metode Panalungtikan
E. Sistematika panalungtikan
Bab II Pedaran
A. Faktor-faktor nu nyababkeun banjir
B. Akibat tina bahaya banjir
C. Tarekah pikeun ngungkulan banjir
D. Sikep pamarentah dina nyanghareupan bahaya banjir
Bab II Panutup
A. Kacindekan
B. Saran
Daftar Pustaka

Nyusun karya ilmiah kudu nuliskeun daftar pustaka (daftar buku, makalah, artikel,
internet atawa sumber séjénna nu dipaké dadasar dina nyusun éta karya).
Dina nuliskeun daftar pustaka kudu luyu jeung aturan nu baku.
1. Tuliskeun ngaran pangarangna (ditulis ngaruntuy ti ngaran pangtukangna, ngaran mimiti,
ngaran tengah kalawan teu maké gelar akademik).
Contona : - Muhamad Yusuf Syaefudin ditulis Syaéfudin, Muhamad Yusuf
- Rahmi Rahmawati ditulis Rahmawati, Rahmi
2. Taun terbit ditulis sabada ngaran pangarang dipungkas ku tanda baca titik (.)
3. Judul jeung sub judul, ditulis condong atawa digurat handap sarta unggal kecap ditulis ku
aksara gedé, iwal kecap panyambung atawa kecap pangant ét ku aksara leutik
sagemblengna.
Contona : - Mangpaat Vitamin pikeun Kasehatan
- Karuksakan Akibat Limbah Industri
4. Tempat penerbit jeung ngaran penerbit, dipisahkeun ku tanda titik dua ( : )
Contona : - Bandung : Geger Sunten
- Jakarta : PT. Mega Nusantara
5. Lamun daftar pustaka leuwih ti sabaris, baris kadua jeung saterusna ditulis sabada dib éré
spasi lobana 6 aksara.
Contona : Mulyadansyah, Dadan. 1992. Korelasi antara Kamampuh Maca
Pamahaman jeung Prestasi Siswa. Bandung : IKIP.

6. Anggang antara baris dina hiji pustaka sa-spasi, sedengkeun anggangna antara pustaka
dua spasi.
Contona : - Mulyadansyah, Dadan. 1992. Korelasi antara Kamampuh Maca
Pamahaman jeung Prestasi Siswa. Bandung : IKIP.

- Juhana, Nana. 2003. Rinengga Basa. Bandung : Geger Sunten.

Uji Kompetensi
Sabada paham kana materi nu ditepikeun tur dijéntrékeun ku guru, laksanakeun léngkah-
léngkah ieu di handap !
1. Jieun kelompok lobana 5 urang siswa.
2. Pilih salasahiji téma ieu di handap !
a. Runtah Mawa Barokah
b. Bahayana Limbah Industri
c. Ngamangpaatkeun Limbah Industri Kiripik
d. Mangpaat Cai dina Kahirupan
3. Téangan buku, majalah, koran, atawa sumber séjénna nu aya patalina jeung téma! Baca
kalawan taliti !
4. Susun rangkay karanganana kalawan babarengan dina diskusi kelompok !
5. Susun atawa mekarkeun éta rangkay karangan sing nepi ka jadi karya tulis ilmiah anu
lengkep. Lobana kecap dina éta karya tulis kurang leuwih 500 kecap.
6. Tulis éta karya kucara diketik dina kertas kuarto 70 gram (bisa mak é mesin tik atawa ku
komputer)
7. Pidangkeun di hareupeun kelompok séjén.

Eusian bagan ieu di handap ku cara méré tanda ceklis ( √ ) dina kolom jawaban pikeun
ngoréksi karya tulis ilmiah!
No. Unsur / bagian Aya Henteu
1. Rangkay karya tulis
a. Judul
b. Daftar eusi
c. Panganteur
d. Bubuka
e. Pedaran
f. Panutup
g. Daftar pustaka

2. Bubuka
a. Kasang Tukang Masalah
b. Tujuan
c. Sistematika

3. Pedaran
4. Panutup
BABANDINGAN ANTARA BABASAN PANGANTEUR
a. Kacindekan
BASA JAWA JEUNG BASA SUNDA
b. Saran Ieu makalah mangrupa hiji tulisan nu
Makalah
eusina maluruh dua basa nyaeta basa

Sunda jeung basa Jawa. Hususna medar

ngeunaan babandingan antara babasan

basa Jawa jeung basa Sunda.

Tengetan conto karya tulis ilmiah

Disusun ku ieu di handap!
Maksud jeung tujuan nyusun ieu makalah
KELOMPOK 2
A. Conto Bagian Jilid B. Contopikeun
nyaeta ngabandingkeun babasan basa
Panganteur
Jawa jeung basa Sunda, naon bedana jeung naon
1. Ery Eriyanti
sasaruanana. Naha babasan anu sarua dina basa
2. Iskandar
jawa boga maksud atawa harti nu sarua dina
3. Siti Kulsum
babasan basa Sunda.
4. Setiawan
Teu hilap panyusun ngahaturkeun nuhun ka
sadaya pihak anu parantos ngarojong kana proses
KELAS 3 B
ngarengsekeun ieu makalah. Utamina ka Bapa
Drs. M. Yusuf Syaefudin salaku Guru Basa
SMP NEGERI 1 CINGAMBUL
KABUPATEN MAJALENGKA
Sunda di SMP Negeri 1 Cingambul.
Panyusun sacara sadar ngaraoskeun yen ieu
makalah teh kirang sampurna. Ku kituna
B. Conto Daftar Eusi C. Conto Bab I Bubuka

DAFTAR EUSI BAB I BUBUKA

PANGJAJAP A. Kasang Tukang Masalah

DAFTAR EUSI Basa mangrupa salah sahiji alat pikeun
BAB I BUBUKA komunikasi manusa. Ngaliwatan basa, urang bisa
A. Kasang Tukang Masalah nepikeun maksud nu geus dirarancang
B. Tujuan samemehna. Cara ngagunakeun basa salaku alat
C. Rumusan jeung Watesan Masalah komunikasi aya dua cara, bisa sacara lisan bisa
oge sacara tulisan.
BAB II PEDARAN Di Indonesia salian basa Sunda teh aya
A. Babasan dina Basa Sunda deui basa sejen diantarana bae nyaeta basa Jawa.
B. Babasan dina Basa Jawa Basa Sunda jeung basa Jawa teh masih
C. Babandingan antara Babasan Basa sarungkun, ku kituna bakal aya basa nu sarua
Jawa jeung Basa Sunda disagigireun bedana teh.
Ieu makalah medar ngeunaan babandingan
BAB III PANUTUP antara babasan basa Sunda jeung basa Jawa ditilik
A. Kacindekan tina ma’na atawa maksudna.
B. Saran
B. Tujuan
DAFTAR PUSTAKA Tujuan nyusun ieu makalah nyaeta :
2. Manggihan babasan nu sarua 1. Ngabandingkeun
BAB II babasan
PEDARAN antara dua basa
3. Manggihkeun harti nu sarua nyaeta basa Jawa jeung basa Sunda.
4. Nambahan pangaweruh ngeunaan basa daerah. A. Babasan dina Basa Sunda
Dumasar kana teori netelakeun yen
C. Rumusan jeung Watesan Masalah babasan teh nyaeta ungkara winangun kecap
Sababaraha masalah nu baris ditalungtik kantetan atawa frasa anu susunanana geus matok
dina ieu makalah dirumuskeun saperti di handap. sarta miboga harti anu mandiri nu beda jeung
1. Naha aya istilah dina babasan basa Jawa harti kecap asalna.
saperti nu aya dina basa Sunda ? D. ContoIeuBAB
di handap diberendelkeun sababaraha
II PEDARAN
2. Naha aya sasaruaan antara babasan dina basa babasan wangun frasa anu dicutat tina buku
Sunda jeung basa Jawa dina unsur hartina ? Peperenian kenging Drs. Ahmad Hadi, Spk.
Watesan masalah anu dipedar nyaeta 1. adigung adiguna
ngabandingkeun 12 babasan basa Sunda jeung 12 2. harigu manukeun
babasan basa Jawa. 3. ayem tengtrem
4. kurung batok
5. babalik pikir
6. getas harupateun
7. nyoo gado
8. balungbang timur
9. buntut kasiran
10. amis daging
11. hampang leungeun
12. panjang leungen
C. Babasan dina Basa Jawa B. Babandingan antara Babasan Basa Jawa
Dina basa Jawa oge aya nu disebut jeung Basa Sunda
babasan. Meh sarua jeung basa Sunda ngan beda
aksara vokal anu kadua wungkul. Dina basa Jawa Sabada ngumpulkeun sababaraha conto
disebutna bebasan. Bebasan yaiku loro sing babasan ti dua basa, kapanggih aya sababaraha
didadekane siji (digunakake dadi siji lan duweni siki babasan sarua pisan jeung aya oge nu meh
teges sing ora samistine). Lamun diSundakeun sarua sarta aya nu teu sarua. Sarua di dieu
maha, babasan nyaeta dua kecap anu dijadikeun maksudna dina wangunna. Hartina mah loba nu
hiji sarta mibanda harti nu teu sabenerna. Ieu di sarua.
handap babasan basa Jawa nu bisa dikumpulkeun 1. Babasan nu sangaran jeung saharti
ku panyusun. a. adigung adiguna
1. adigung adiguna BJ: Upama wis dadi wong mengkone aja
2. dhadha manuk nganti duweni sipat adigung adiguna
3. ayem tengtrem arang sapapada.
4. kurung bathok BS: Upama geus gede ulah boga sipat
5. malik pikire adigung adiguna ka papada sasama.
6. panas atine b. Ayem tengtrem
7. lancip cangkeme BJ: Negara Indonesia iku negara kang
8. manis ulate ayem tengtrem.
9. cukeng wrengkeng BS: Nagara Indonesia teh nagara anu ayem
10. manis daging tengtrem.
11. enteng tangane c. Kurung batok
12. dawa tengene BJ: Bapa iki wong kang kurung bathok
dadi nganti saiki ya durung weruh
Jakarta.
BS: Bapa jalmana kurung batok nepika
ayeuna teu acan terang kota Jakarta.

13. Babasan nu ampir sangaran jeung d. panjang leungeun jeung dawa tangane
saharti Hartina: jalma nu sok pulang paling
a. harigu manukeun jeung dhadha manuk BJ: Wong kang dawa tangane bakal
Hartina : dadana nonjol ka hareup. ngrugekake wong liya.
BJ: Wong kang duwe dhadha manuk BS: Jalma nu panjang leungeun pasti
mesti bakal ora kuwat mlayu. ngarugikeun jalma sejen.
BS: Jalma nu harigu manukeun biasana
tara kuat lumpat. 3. Aya oge babasan nu beda wangun tapi
b. amis daging jeung manis daging ampir sarua hartina.
Hartina: jalma nu gampang katerap
panyakit.
BJ: Bocah yen awit cilik kurang gizi mesti
bakal manis daging. Basa Sunda Basa Jawa
BS: Budak nu ti leuleutik kurang gizi
bakal amis daging. 1. dug hulu pet nyawa adus kringet
c. hampang leungeun jeung enteng 2. getas harupateun panas atine
tangane 3. nyoo gado lancip cangkeme
Hartina: jalma nu sok tunggal- 4. balungbang timur manis ulate
teunggeul. 5. buntut kasiran cukeng wrengkeng
BJ: Dadi wong tuwa iku aja entheng
tangane marang anak.
BS: Jadi kolot teh ulah sok hampang
leungeun ka budak.
E. Conto BAB III PANUTUP

BAB III PANUTUP

A. KACINDEKAN
Sabada diayakeun analisis kana babasan
basa Sunda jeung basa Jawa, dibantun
kacindekan :
1. Lian ti dina basa Sunda, dina basa Jawa
oge aya istilah babasan (bebasan).
2. Antara babasan dina basa Sunda jeung
basa Jawa aya nu wangun jeung hartina
sarua, aya nu wangunna beda hartina ampir
sarua. Tina 12 conto babasan, 3 babasan nu
sarua wangun jeung hartina; 4 babasan nu
wangunna ampir sarua tapi hartina sarua;
jeung 5 nu wangunna beda tapi hartina
ampir sarua.
B. SARAN
Dumasar kana hasil panalungtikan, perlu
ayana panalungtikan nu leuwih enya-enya
sangkan hasilna nyugemakeun.

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

NGOREKSI KARYA TULIS

Karya tulis ilmiah nu disusun ku kelompok hidep, aya kamungkinan henteu lengkep atawa
aya keneh kakuranganana. Upamana bae salah nuliskeun kecap-kecapna, salah/kaliru
ngalarapkeun tanda bacana, susunan kalimahna jeung sajabana. Ku kituna pikeun
nyampurnakeunnana eta karya tulis ilmiah perlu dikoreksi.
Pikeun ngagampangkeun dina ngoreksi, sadiakeun heula bagan saperti di handap !

BAGIAN ... SALAH BENER

- Kaca 1 baris 5 ti luhur - BABasan nyaeta ... - Babasan nyaeta ...
- ... - ...
- ...

Kasalahan dina hiji karya biasana bakal babari kapanggih lamun nu ngor éksina nu lian.
Ku kituna karya tulis hasil kelompok hidep usahakeun dikoréksi ku kelompok nu séjén.
Carana diberéndélkeun saperti di handap :
1. Unggal kelompok ngariung;
2. Tukeurkeun karya kelompok hidep ka kelompok séjén;
3. Koréksi karya tulis kelompok séjén ku kelompok hidep;
4. Tuliskeun kasalahanana dina kolom nu geus disadiakeun;
5. Tuliskeun hasil koréksi dina kolom kuduna;
6. Benerkeun karya tulis hidep nu geus dikoréksi ku kelompok séjén, tulis deui kalawan
rapih;
7. Kumpulkeun atawa sanggakeun ka guru pikeun diaj én sarta bisa ogé dijadikeun dokumén
di perpustakaan.

RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)

Satuan Pendidikan : .............................

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara lisan dalam bentuk
mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, berceritera tentang cerita
pendek, dan musikalisasi puisi

XXXI. KOMPETENSI DASAR

Dramatisasi/musikalisasi puisi

VII. INDIKATOR
 Siswa mengekspresikan pandalaman pembacaan atau penghayatan puisi
 Secara kelompok Siswa mengiringi pembacaan puisi dengan musik sederhana
ciptaan sendiri

XXXII. MATERI POKOK

Puisi

XXXIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang
dramatisasi/musikalisasi puisi
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik
dramatisasi/musikalisasi puisi
 Bertanya jawab tentang dramatisasi/musikalisasi puisi
 Bertanya jawab tentang teknik dramatisasi/musikalisasi puisi
 Dengan bimbingan guru, siswa berlatih dramatisasi/musikalisasi puisi
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
 Siswa ditugaskan untuk memilih sebuah puisi untuk diperankan oleh
sekelompok siswa.

XXXIV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan
 Karya seni

VIII. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
Prak hidep nyieun kelompok 3 atawa 4 urang, tuluy titenan salahsahiji puisi/sajak.
Tangtukeun saha nu rek maca sajak jeung saha bae anu rek
merankeun/ngaragakeunana!

Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Haleuangkeun kawih ieu di handap!

PAJAR

Jiga kalangkang, tuh keur waktu pajar

Di beulah wétan deuh hurung gumebyar
Nyebar mencar sinar puyar
Gelar nyumponan takajar

Rék nyuaykeun nu ngadingding

Indung peuting lir pipinding
Silir angin ngadalingding
Bray beurang alam sinangling

Pajar geus puyar, deuh ganti ku beurang

Angin panggeuing lir nitah tatandang
Ngangkat ajén jeung komara
Harkat darajat ki Sunda

Kasenian kabudayan
Titilar rasa Kasundan
Rasa lahir rasa batin
Wawakil jisim sumalin

Sabilulungan, deuh putra Pasundan

Ngagarap seni jeung kabudayaan
Rampak sekar sauyunan
Ngawujud sekar gendingan

Kawih sedih nu kasmaran

Sorana ombak-ombakan
Ngahaleuang lir panangtang
Hayang diraksa diwejang
Sanggeus ngaregepkeun éta kawih, prak bacakeun éta naskah lir maca sajak. Sing hadé
ngucapkeunana, lentongna, randeganana, jeung nada atawa iramana bari dibarengan ku rasa.
Sanggeus kitu prak cobaan, sabagian ngahariringkeun éta kawih marengan ka nu keur maca atawa
ngagalantangkeun eta rumpaka. Bakal karasa éndahna éta rumpaka wangun sajak anu di éksprésikeun
dibarengan ku hariring.
Kagiatan saperti di luhur teh bisa disebut musikalisasi puisi. Musik nu dimaksud téh lain
ngan mangrupa sora waditra wungkul. Seni sora oge kaasup kana musik. Tangtu ba é bakal leuwih
hadé tur anteb lamun eta rumpaka nu disajakkeun t éh dipirig ku waditra, upamana kacapi jeung
suling.
Gunana musik lain ngan sakadar pamirig, pangiring, pangeuyeub-ngeuyeub wungkul, tapi
miboga fungsi pikeun numuwuhkeun suasana anu bisa ngantebkeun maksud éta puisi. Ku kituna
warna musikna oge kudu diluyukeun jeung karakter atawa eusi sajak.
Sangkan leuwih paham, prak baca rumpaka ieu di handap ku salah saurang. Nu s éjénna
ngahariringkeun luyu jeung pituduh atawa conto ti guru.

RUMASA

Duh ema, naha ema téga mulang

Atuh saha gaganti nu jadi indung
Ema mulang lebeng moal datang deui
Duh ema abdi mah lewang

Duh ema, ieu dangding jeung hariring

Ku rumasa abdi can mulang tarima
Ema mulang abdi can nincak dewasa
Hapunten sagala dosa

Ya Alloh Gusti Maha Welas Maha Asih

Mugi Gusti ngahapunten dosa pun biang
Pamugi mulang ka tempat nu sajati
Nyalindung ka agungan Gusti
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Sabada latihan musikalisasi puisi, prak laksanakeun pancén ieu di handap!

1. Wangun kelompok lobana anggota 10 urang, usahakeun 5 awéwé, 5 lalaki;
2. Téangan hiji sajak anu alus;
3. Ciptakeun irama musik anu luyu jeung karakter éta sajak. Upamana ku cara keprok, atawa mak é
alat séjénna;
4. Prak unggal kelompok latihan kalawan daria;
5. Pidangkeun di hareupeun kelompok séjénna kalawan bagilir. Kelompok nu s éjén méré ajén dina
lembar nu disadiakeun saméméhna.
6. Sabada midang, kelompok nu ngaj én bisa nepikeun hasilna diwuwuhan ku saran atawa
pamanggihna sangkan kelompok nu midang bisa ngalusan deui pidanganana.

Lembar pangajén

HAL NU DIAJEN AJEN

1. lentong/intonasi dina maca sajak
2. lafal / béntés henteuna dina ngucapkeun kecap-kecapna
3. kasaluyuan eusi/karakter puisi jeung musik
4. éksprési, roman waktu maca sajak
5. gerak awak wajar/henteu, luyu atawa henteu jeung eusi sajak
6. jeung sajabana.

Katerangan :
Ajén bisa ku mangrupa angka ( 60 – 100 )
Bisa ku: hadé pisan, hadé, sedeng, kurang

Anda mungkin juga menyukai