Anda di halaman 1dari 1

Wilayah Selatan Kabupaten Bandung Rawan Longsor

Nga’asupan usum hujan, wilayah Kacamatan Cililin, sarta sakurilingna rawan kana musibah longsor.
Longsor ieu di antarana lumangsung di RT 2 RW 1, Desa Nanggerang, Kacamatan Cililin dina dinten
Senen 6 Nopember 2017 sonten.

Kapala Widang Pananggulangan Musibah di Wewengkon Kabupaten Bandung barat, Dicky Maulana
ngungkabkeun yen longsor kasebat lumangsung di jalan panghubung di Kabupaten Bandung barat
sareng Kabupaten Bandung.

“Longsorna lumangsung ti handap jalan, ku kituna henteu nutupan jalan. Janten akses jalan tiasa keneh
diliwatan.” Saur Dicky, Salasa 7 Nopember 2017.

Nurutkeun panginten Dicky, longsor menyebabkeun sisi jalan ambles sajero 25 meter. Akses jalan
sempet kahambat, nanging kiwari atos tiasa normal. Patugas BPBD masangkeun aturan-aturan mepeling
di tiap-tiap lokasi longsor.

Dicky nuturkeun, longsor lumangsung akibat hujan nu ageung anu nyiram di wewengkon Desa
Nanggerang, Kacamatan Cililin. Kondisi taneuh di lokasi longsor cekap labil, ku kituna teu kuat nahan
gerusan cai hujan. Bencana alam longsor kasebat henteu dugi nyandak korban jiwa.

“Abdi nyuhunkeun supados wargi disakitaran lokasi longsor kedah tetep waspada terutami di onggal
tempat anu masih boga potensi longsor, sabab curah hujan ayeuna masih ageung sarta tiasa micu
longsor susulan,” saur anjeunna.

Anda mungkin juga menyukai