Anda di halaman 1dari 4

SOAL BASA SUNDA

KELAS DELAPAN

1. Kawih nyaeta …..


a. Kumpulan lagu-lagu Sunda
b. Gabungan dua unsur seni nyaeta seni musi jeung seni sastra
c. Jenis lagu-lagu Sunda nu teu ka iket ku ketukan
d. Lagu-lagu Sunda nu bisa dipirig make kacapi suling
2. Bedana kawih jeung tembang nyaeta ….
a. Kawih mah sawiletan aya opat ketuk sedangkan tembang mah bebas
b. Kawih mah dinyanyikan ku sinden sedangkn tembangmah ku Alok
c. Kawihmah dinotasikan sedangkan tembang mah teu bisa
d. kawih mah hasil karya seniman baheula sedangkan tembang mah hasil karya
seniman ayeuna

Perhatikan kawih di handap !, No 3 -5

Melati di gunung Guntur


Sanggian : Mang Koko
Rumpaka : Wahyu Wibisana

Melati di gunung Guntur


Seungit na sungkeman ati
Bodas sesetraning rasa
Jadina dadi mumunggang
Leuweung larangan

Melati di gunung Guntur


Hanjakal henteun dipetik
Beja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya
Para guriang

3. Judul kawih di luhur nyaeta ….


a. Leuweung larangan
b. Melati di gunung Guntur
c. Biheung kadongkang
d. Duka kunaon
4. Rumpaka kawih di luhur teh karya ….
a. Wahyu wibisana
b. Mang koyo
c. Mang Koko jeung Wahyu wibisana
d. Yayat S
5. Jumlah engang Dina padalisan kahiji pada kahiji kawih di luhur nyaeta ….
a. Lima
b. Genap
c. Tujuh
d. Dalapan
6. Wawancara teh mangrupakeun kagiatan pikeun ngagali ….
a. Elmi
b. Informasi
c. Karesep
d. Sumber duit
7. Wartawan : "status na ancrub Dina profesi anu ayeuna, naha kaemutan pikeun mielari
pakasaban sejenis misalna janten PNS?"
Atlet : ……………………..
Jawaban anu merenah pikeun pananya di luhur nyaeta ….
a. Dina waktos ieumah teuacan aya emutan kapalih dinya, namung engke kepayun
mah bilih Aya pamikiran kadinya
b. Nya mudah mudahan we atuh ayabtejekina, janten PNS teh pan harepan
kaseuseueuran jalmi
c. Saleresnamah repot pisan atuh da molari padamelan teh geuning di jaman
kiwarimah
d. Insya Allah dileukeunan wae padamelan nu ayeuna oge, da panginten tos guratna
Kedah di dieu
8. Jalma anu ngalaporkan hiji kajadian ti tempat eta kejadian disebutn….
a. Narasumber
b. Redaktur
c. Reporter
d. Wartawan
9. Murid : ".... Kawitnapupuhbteh Bu"
Narasumber : asalna mah di Jawa, ti Mataram
pananya pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nyaeta ….
a. Kumaha
b. Kunaon
c. Saha
d. Ti mana
10. Diskusi mangrupakeun salah sahiji Wangun …
a. Tingkatan sosial
b. Status sosial
c. Masalah sosial
d. Interaksi sosial
11. Dinas Sabhara kasus, diskusi teh sok ditambahan ku notulis, nya eta anu tugasna ….
a. Nyatat hasil diskusi di awal dan akhir
b. Ngerencanakeun waktu diskusi
c. Ngarencanakeun tempat diskusi
d. Ngumpulkan pamilon diskusi
12. Basa anu digunakeun dina diskusi nyaeta …..
a. Jentre, kasar
b. Jentre, lima
c. Jentre, Sopan
d. Jentre, gaul
13. Bedana informasi jeung wawancara nyaeta ….
a. Dina informasi mah materi na rada lengkap
b. Antara informasi jeung wawancara teu aya beda
c. Dina informasi mah materina teu lengkap
d. Dina wawancara mah materi na rada lengkap

14. Informasi teh mangrupakeun …. pikeun balarea.


a. Bahaya
b. Hiburan
c. Kajadian
d. Warta

Baca wacana kepahlawanan di handap ieu ! pikeun no 24 - 26

Dewi citraresmi atawa Diah Pitaloka teh Putri Sunda anu geulis kawanti- wanti,
Endah kabina-bina, katurug - tutug pribadina Hade tata, Hade basa, tur Hade tingkah
polahna. Anjeuna teh putra cikal prabu Maharaja ti karajaan Kawali.
Hiji waktu, Dewi Citaresmi di lamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit.
Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, eta panglamar teh ditampi ku Raja Kawali.
Sang Putri bakal di tikahkeun ka Raja Majapahit.

15. Poko pikiran dina paragraf kahiji nyaeta ....


a. Dewi citraresmi atawa Diah Pitaloka teh Putri Sunda anu geulis kawanti- wanti
b. katurug - tutug pribadina Hade tata
c. Hade tingkah polahna
d. Anjeuna teh putra cikal prabu Maharaja ti karajaan Kawali
16. Pokok pikiran dina pargraf kadua nyaeta ....
a. Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit
b. Sang Putri bakal di tikahkeun ka Raja Majapahit
c. Dewi Citaresmi di lamar
d. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan
17. Kecap cikal nu aya di wacana di luhur nyaeta ....
a. Budak pangleutikna
b. Budak panengah
c. Budak nunggal
d. Budak pangageungna

Pikeun no 28-29
Ka Alun – alun Bandung
Ngalanglang ka Kota Kembang, Bapa, mamah, ade, kuring, Mios satengah dalapan.
Tabuh sabelas can dugi. Macet teh di Cileunyi, Alah ieung mani ripuh, Hawa panas
kacida, teu eureun – uereun kikiplik, tapi angger hawa teh beuki bayeungyang.

18. Carita di luhur kaasup kana ....


a. Guguritan
b. Puisi
c. Sajak
d. Wawacan
19. Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh di luhur nyaeta ....
a. 8-a, 8-i, 7-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 14-a
b. 8-i, 9-a, 8-e, 8-a, 8-a, 7-u, 7-a, 8-i, 12-a

c. 8-a, 8-i, 8-a, 8,-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i. 12-a


d. 8-u, 8-a, 8-e, 8-a, 8-a, 8-u, 7-a, 8-i, 14-a
20. Anu dimaksud paparikan nyaeta ...
a. Sisindiran carita pondok anu ditulis dina wangun lancaran (prosa)
b. Sisindiran carita panjang anu ditulis dina wangun lancaran (prosa)
c. Sisindiran anu sorana padeukeutsarta murwakanti dina tungtung kecap/padalisan
d. Sisindiran carita atawa dongeng anu ditulis dina wnagun lancaran tiap padalisan
21. Uwa kumaha damang? Mugu – mugi wae dina danget ieu Uwa sakulawarga aya dina
ganjar kawilujeungan
Ungkaran dilihur kaasup kana babagian surat ,,,,
a. Titimangsa
b. Slam pramuka
c. Eusi surat
d. Bubuka
22. Kalimah nu kaasup kalimah panutup surat nyaeta ...
a. Bandung. 10 Desember 2010
b. Bandung, 10 Desember 2010
c. Bandung. 10 desember 2010
d. bandung. 10 Desember 2010
23. bedana surat resmi jeug sirat pribadi nyaeta ....
a. Surat resmi aya puhu surat, surat pribadi teu aya
b. Surat resmi make titimangsa, surat pribadi teu make
c. Surat resmi make tanda tangan, surat pribadi teu ditanda tangan
d. Surat resmi teu make nomor surat, surat pribadi make nomor surat
24. Surat anu di kirim ti urang keur babaturan disebut ....
a. Surat dinas
b. Surat resmi
c. Surat pribadi
d. Surat kaleng
25. Esey nyaeta ....
a. Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu mangrupakeun hasil paniten jeung
pamikiran panulis ngeunan hiji perkara
b. Wacan anu tujuana pikeun midangkeun pamanggih jeung ngayakinkeun kalawan
ditetelakeun naon – naon anu jadi alesana
c. Karya tulis anu ilaharna dimuat dina media massa
d. Padalaran ngenaan hiji topik kalawan tujuan mere informasi pikeun anu maca

Anda mungkin juga menyukai