Anda di halaman 1dari 2

Korupsi di nagara Indonesia atos janten tradisi unggal taunna.

Korupsi teh
nyaeta make duit nagara atawa narima duit keur kapentingan pribadi. Kukituna,
korupsi teh janten hiji kajahatan anu dosana gede, lantaran make duit anu dipiboga
ku rakyat. Tina islam, saurang pamimpin anu make duit rakyatna, eta the jalmi dosa
lantaran amanah anu dipibogana the henteu di jantenkeun hiji kawajiban anu kudu
dilaksanakeun tapi malah asal-asalan jeung henteu mikir kumaha nasib rakyat teh.
Para pajabat anu make duit keur kapentingan sorangan the biasana tara puas
kana gaji anu dib ere ti pamarentah. Padahal mah, gaji pajabat bisa nepikeun ka
puluhan juta. Komo deui lamun di tambah tina duit korupsi, bisa nepikeun ratusan
juta. Padahal, duit anu dipiboga ku pajabat-pajabat eta the duit rakyat, hak rakyat
anu di cokot ku cara batil.
Akibatna tina kasus korupsi the nyaeta lobana angka kamiskinan, nagara
Indonesia anu loba hutang ka luar negri, jadi salah sahiji nagara pang-miskinna di
dunia. Buktina, Indonesia menangkeun ranking ka 2 tina daftar nagara-nagara pang-
miskinna di dunia.
Nagara Indonesia teh nyaeta nagara berkembang, lantaran ninggali
kaayaanna anu subur ku sagala rupa sato, tatangkalan, legana lautan. Tapi, kaayaan
Indonesia anu subur jeung makmur ieu henteu dimanpaatkeun ku manusa. Malahan
mah, lamun angka korupsi dikurangan bisa wae nagara urang ieu the bisa jadi
nagara anu maju siga nagara sejen. Lamun korupsi henteu aya, kamiskinan the moal
nyebar kamana-mana. Bisa oge nuluykeun sakola, supaya jadi jalma pinter, henteu
jadi jalma bodo anu bisa di bobodo ku batur.
Sabenerna mah kasus korupsi di nagara batur oge loba kajadian tapi nagara
Indonesia mah salah sahiji nagara anu pang parahna. Lamun di fikir-fikir mah, lamun
pajabat henteu korupsi mah duit rakyat anu kapake teh bisa dipake keur kabutuhan
rakyat. Ninggali situasi ayeuna di Indonesia pendidikan teh jauh ti anu diharepkeun.
Buktina sakola-sakola anu rusak, lolobana barudak anu kuduna sakola malah
digawe, tuluy lobana rakyat anu henteu boga imah nepikeun rakyat teh salangsara
ku kaayaan hirup.
Indonesia rengking 2 saengges india nu kaasup korupsi. Misalna kahirupan di
Indonesia teu rata, nu miskin leuwih sangsara, nu beunghar leuwih beunghar bahkan
bisa jadi konglomerat. Pejabat Indonesia leuwih mementingkeun jabatan tibatan
nguruskeun rakyatna anu salangsara.
Urang nu kaasup umat islam, sanajan jadi pajabat ge ari kawajiban Allah mah
moal ditinggalkeun, tapi pajabat nu leuwih mementingkeun duit hare-hare kana
ibadah, komo sholat mah.
Contona kieu,di hiji forum para pajabat nu keur rapat teh dina waktu duur adan asa
pagiring-giring. Jelema nu ngarasa iman mah lansung birat solat ka masjid, ari
jelema nu emut kana duit mah kalahkah ngomongf kieu “sok maranggaa nu bade ka
surga sarolat heula”.
Manehnamah sanajan pejabat islam oge teu ngarasakeun yen Allah mah adil
nu maha boga balasan

Anda mungkin juga menyukai