Anda di halaman 1dari 2

Dianati Fadiah

9I
Sekolah Menengah Pertama Negeri 5 Bandung
Tahun Ajaran 2010-2011

TUGAS BASA SUNDA


Maca Novel
Identitas Buku

Judul buku : Sudagar Batik

Tebel buku : 81halaman

Pangarang : Ahmad Bakri

Penerbit : PT Kiblat Buku Utama

Kota terbit : Bandung

Tahun terbit : 2009

Unsur Intrinsik

Galur : Maju

Tema : Kasarakahan

Latar : Kampung

Amanat : Ati-ati lamun ngalakukeun hiji perkara kudu make perhitungan, tong sagawayah
anu balukarna ngakibatkeun hanjakal saumur-umur

Sudut pandang : Jelema katilu

Sinopsis

Kacaritakeun kahirupan kulawarga Si Kasja anu kacida miskina. Bapana purah buburuh
nyawah di batur. Ngabogaan anak dua nyaeta Si Kasja jeung Si Inen. Indung Si Kasja ngarana Bi
Arwiah.

Bakat ku paitna hirup Si Kasja leutik keneh oge geus diandelkeun ngurus domba ku bapana.
Hiji mangsa Si Kasja diajak marak ku baturna nepika poho teu ngarit jang domba, ana datang ka imah
ku bapana disiksa nepika sungutna ngambor getihan. Si Kasja minggat ahirna, nepika bapana
kagegeringan hanjakal geus telenges kanu jadi anak. Tungtungna mah nepika maotna da kaleleban.

Indung Si Kasja pugu bae beuki ripuh, salaki maot, anak minggat, sawah jeung domba beak
dipake mulasara salaki. Hirupna beuki prihatin asa ditipu ku tatanggana nu ngaran Sanukri da
pakayana dibayar murah ku Sanukri.

Teu karasa ray taun Si Kasja datang deui mawa kabungahan jang indung bapa Si Kasja.
Kacida reuwaseunana ngadenge bapana maot kaleleban. Tapi da geus nasib, kulawarga Si Kasja
ayeuna jadi bungah.

Tatanggana nu ngaran Sanukri bandana kabeh beak ku lantaran ditipu ku ajengan gadungan,
eta jelema teh nyarita yen Sanukri teh bisa jadi sudarar batik nu beunghar lamun mere duit jang
pesantren, akhirna dijualan deui sawah jeung domba ti Bi Arwiah nepi ka jadi miskin.

Anda mungkin juga menyukai