Anda di halaman 1dari 2

OTO ISKANDAR DINATA

Oto Iskandar Dinata dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Bojongsoang , kabupaten


Bandung. Rama na Nataatmaja Ibu na Siti Hadijah.

Oto sakola SD na di HIS Bandung, diteruskeun ka Kweekschool Onderbouw (Sakola Guru


Bagian Kahiji) terus sakola deui di Hogere Kweekschool (Sakola Guru Luhur) di Purworejo,
Jawa Tengah. Beres sakola, Oto jadi guru HIS di Banjarnegara , Jawa Tengah. Bulan Juli 1920
Oto pindah ka Bandung ngajar HIS jeung Perkumpulan Perguruan Rakyat.

Dina kagiatan saacan kamerdekaan, Oto pernah jadi wakil ketua Budi Utomo cabang
Bandung periode 1921-1924 sarta jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Pekalongan taun 1924.
Oto jadi anggota Gemeenteraad ("Dewan Kota") Pekalongan ngawakilan Budi Utomo.

Oto aktif dina organisasi Paguyuban Pasundan, jadi sekertaris pengurus taun 1928 , jeung jadi
ketua periode 1929-1942. Organisasi eta bidang pendidikan, sosial-budaya, politik, jeung
ekonomi.

Oto jadi anggota Volksraad ("Dewan Rakyat", saperti DPR) nu dibentuk di masa Hindia
Belanda periode 1930-1941.

Waktu penjajahan Jepang, Oto jadi pamingpin surat kabar Tjahaja (1942-1945). Terus jadi
anggota BPUPKI jeung PPKI nu di bentuk ku pamarentah Jepang jang ngabantu persiapan
kamerdekaan Indonesia.

Sanggeus proklamasi kamerdekaan Oto jadi Menteri Negara dina kabinet bagian nu
kahiji Republik Indonesia taun 1945. Tugasna nyiapkeun dijieuna BKR ti bagian bagian rakyat
nu aya di Indonesia. Dina ngajalankeun tugasna Oto ngecewakeun salah sahiji bagian. Oto
diculik ku kelompok nu ngarana Laskar Hitam, nepi ka leungit jeung kabunuh di daerah Banten.
Tepatna Oto pupus mah di daerah Mauk , Tanggerang, Banten kaping 20 Desember 1945 dina
usia 48 taun.

Oto Iskandar Dinata jadi Pahlawan Nasional dumasar kana Surat Kaputusan Presiden
Republik Indonesia No. 088/TK/Taun 1973, kaping 6 November 1973. Salah sahiji monumen

perjuangan bandung Utara di Lembang, Bandung ngarana “Monumen Pasir Pahlawan”


diwangun pikeun ngaabadikeun perjuangan nana.

JELASKEUN!

1. Saha ari Oto Iskandardinata teh?


2. Naon bae karya-karyana?
3. Naon eusina ari buku biografi?
4. Naon bedana jeung buku fiksi?
Jawab:

1. Raden Otto Iskandardinata mangrupikeun salah saurang Pahlawan Nasional Indonésia.


Oto Iskandar Dinata dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Bojongsoang, kabupaten
Bandung. Rama na Nataatmaja Ibu na Siti Hadijah. Oto sakola SD na di HIS Bandung,
diteruskeun ka Kweekschool Onderbouw (Sakola Guru Bagian Kahiji) terus sakola deui
di Hogere Kweekschool (Sakola Guru Luhur) di Purworejo, Jawa Tengah. Beres sakola,
Oto jadi guru HIS di Banjarnegara , Jawa Tengah. Bulan Juli 1920 Oto pindah ka
Bandung ngajar HIS jeung Perkumpulan Perguruan Rakyat. Oto ogé ngagaduhan julukan
Jalak Harupat. Jalak Harupat mangrupikeun sebutan kanggo hayam jago dina basa
Sundana. Hayam nyaéta hayam anu gagah, gagah, nyaring nalika gagak, sok éléh nalika
diadu. Alam ieu parantos ngajantenkeun anjeunna julukan pikeun jalma anu gagah.
2. oto gaduh seueur prestasi dina hirupna, diantarana:
 Dina kagiatan saacan kamerdekaan, Oto pernah jadi wakil ketua Budi Utomo
cabang Bandung periode 1921-1924 sarta jadi wakil ketua Budi Utomo cabang
Pekalongan taun 1924. Oto jadi anggota Gemeenteraad ("Dewan Kota")
Pekalongan ngawakilan Budi Utomo.
 Oto aktif dina organisasi Paguyuban Pasundan, jadi sekertaris pengurus taun
1928 , jeung jadi ketua periode 1929-1942. Organisasi eta bidang pendidikan,
sosial-budaya, politik, jeung ekonomi.
 Oto jadi anggota Volksraad ("Dewan Rakyat", saperti DPR) nu dibentuk di
masa Hindia Belanda periode 1930-1941.
 Waktu penjajahan Jepang, Oto jadi pamingpin surat kabar Tjahaja (1942-
1945). Terus jadi anggota BPUPKI jeung PPKI nu di bentuk ku pamarentah
Jepang jang ngabantu persiapan kamerdekaan Indonesia.
 Oto jadi Menteri Negara dina kabinet bagian nu kahiji Republik Indonesia taun
1945. Tugasna nyiapkeun dijieuna BKR ti bagian bagian rakyat nu aya di
Indonesia.
3. Buku biografi nyaeta salah sahiji karya buku non-fiksi anu hartina dumasar kana hal-hal
nyata anu geus kajadian. Anu eusina ngagambarkeun jalma ti saprak lahir nepi ka maot.
4. Buku fiksi mangrupikeun buku anu eusina mangrupikeun khayalan anu teu leres-leres
kajadian, sedengkeun buku biografi mangrupikeun bagian tina buku nonfiksi anu eusina
mangrupikeun kanyataan anu parantos kajantenan.

Anda mungkin juga menyukai