Anda di halaman 1dari 32

BUKU PANCÈN

SADDAM HIBATULLAH

2100713
Biodata

Wasta : Saddam Hibatullah

NIM : 2100713

Nénéh : Dam atanapi Saddam

Tempat, Ping Gumelar : Banjar, 26 Juli 2002

Padumukan : babakan 02/13 muktisari,langensari,kota banjar

Panganjrekan : Banjar

Asal Sakola : MA ALKAUTSAR

Kalangenan : Maca Buku, Maén Game

No. Kontak : 082130737550

Silakoning Hirup : perkuat di pusat berbanyak di cabang(kahadean)

2100713
“Saharti,Sasurti,Sawiati”

Silih Asih ku Pangarti,

Silih Asah ku Pangabisa,

Silih Asuh ku Pangaweruh.


Lirik Hymne UPI (Universitas Pendidikan Indonesia)

Lagu: Dana Setia

Syair: Wahyu Wibisana

Syahdu wangi Bumi Siliwangi 


Utara Bandung Raya 
Tampak jelas bercemerlang UPI 
Universitas Pendidikan 

Rentang riwayatmu
Berirama warna
Pelangi menghias Nusa
Nusantara bumi tercinta 

Tinggi mulia citra UPI kita


Candradimuka jiwaDaya insan berilmu beriman
Jadi warga wira utama
Penc’rah masa depan
Bangsa Indonesia
Bimbingan Illahi serta
KARATAGAN HIMA PENSATRADA

Laras : Madenda
Surupan : 4=Tugu
Rumpaka : Imang Sudianto (1998)
Sanggian : Imang Sudianto

ku: Imang Sugianto

Pensatrada nanjeur nyanding komara


Hurung ngempur pamorna Ki Sunda
Cangkring kujang nu jadi perlambang
Lébér wawanénna diri

Lemah UPI baligeusan ngajadi


FPBS pamiangan tandang
Meuseuh diri pigeusaneun bakti
Wadahna Hima digjaya

Seuweusi wijati Sunda


Pangrumat pangraksa budaya
Mahasiswa sirung bangsa
Geusan tandang makalangan
TÈKAD HIMA PENSATRADA

Kuring mahasiswa Sunda

Seja tatalang ka Nagara

Rék mekarkeun jeung nanjeurkeun

Budaya karuhun urang

Punteun punteun punteun Kang

Abdi rék ngalangkung Téh

Sanés abdi kumawantun

Culangung sareng campelak


Kaping Koméntar Niléy Tawisan

05-11-2021 - Regmpegkeun Pipit Nurfarah


! Diana

- Tengetan deui
jeung
katangtuan!

- Sumanget!
PARUTAN

Meureun grater ieu hurung akrab. Sanaos kitu, parut microplane ieu anu
paling dipikaresep ku koki pikeun ngolah tuangeun. Desain sorangan dirancang
basajan tur basajan. Tapi ulah aya kasalahan, alat ieu didamel tina pelat baja
kalayan liang péso leutik sareng tip anu seukeut. Hal ieu ngajadikeun eta leuwih
kuat sarta leuwih awét. Ieu mangrupikeun udagan utama koki pikeun dianggo
nalika di dapur.

Parut biasana dipaké pikeun ngilu bahan kadaharan atah jeung teuas,
kayaning kalapa. Nanging, parut ogé tiasa dianggo pikeun ngilu bahan pangan
lemes sareng lemes, sapertos kéju.

Meureun grater ieu hurung akrab. Sanaos kitu, parut microplane ieu anu
paling dipikaresep ku koki pikeun ngolah tuangeun. Desain sorangan dirancang
basajan tur basajan. Tapi ulah aya kasalahan, alat ieu didamel tina pelat baja
kalayan liang péso leutik sareng tip anu seukeut. Hal ieu ngajadikeun eta leuwih
kuat sarta leuwih awét. Ieu mangrupikeun udagan utama koki pikeun dianggo
nalika di dapur.
Biasana parut microplane dianggo pikeun ngilu kéju sabab liang-liang
leutik anu aya sampurna pikeun parut langkung lancar. Malah, alat ieu ogé
mindeng dipaké pikeun ngilu rupa-rupa bahan bungbu. Sapertos jahé, kunyit,
kunyit, sareng sajabana. Hal ieu ogé dipaké pikeun rendang bawang bodas.Di sisi
séjén, grater microplane ieu ogé dipaké pikeun grating kacang.

SALAM SUNDA

1. Salam Sunda 2021

SampurasunAkangTétéhsadayana

Ieuabdimanyarsunda 21

Nu sahartijeungsasurtisawiati

PararuntenAkangTétéhsadayana

Ieuabdisejangiringmitrasunda

Ngaraketkeunduduluran

Sangkanlobabarayana

2. Hayusadayangiringanlawungan

Kudu soson-sosonikhlasjeungdaria

Méhjadijalmawanoh ka sasama

Anu antuknalobabarayana

Nepangkeunabdisadayana

Anu kasépgeulisManyar 21

Saharti, sasurti, sawiati

Etatéhudagannaentragan 21

3. Hayu ah urangngiringanmitsun
Yu kudu ikhlasjeungdaria

ngarahlobapangabisa

Manyarsunda 21

Nu karasép nu gareulis

Sejangiringmitrasunda

Ngarahhirupjadiwiwaha

Mitra sunda 21

sahartirejeungsasurti

ngarahbisasawiati

sangkanhiruplobapangarti

4. Ieumanyarsunda 21 badémitsun

Udagannasaharti, sasurti, sawiati

Kudu sumangat tur bener

Sangkan jadi mahasiswa anu balalageur tur palalinter

Ieu abdi manya rsunda 21 téa

Seja ngiring mitsun di BEM Hima Pensatrada

Fakultasna FPBS di Universitas Pendidikan Indonesia BumiSiliwangi

5. Mitra sundamitrasunda 21

Anu karaséprejeunggareulis

Mitra sundamitrasunda 21

kudu dariarejeungperceka
Mitsun 21 sahartiii

Mitsun 21 sasurtiii

Mitsun 21 sawiatiii

Mitra sunda mitra sunda 21

Urang wawanohan jeung LDKM

Dipungkas saba reuma di mitrasunda

Urang duduluranooo..

Mitsunmitsunmitsun 21

6. Baraya sundati kampung rejeungtikota

Hayu ngiringan lawungan di mitrasunda

Kudu ikhlas sumanget ngalakonanna

Ngarah percéka rancagé sagala bisa

Wawanohan ngarah wanoh ka sasama

Di LDKM urang diajar sidang

Sab areuma urang lalampahan ka alam

Hayu sadaya urangn giringan mitra sunda

7. Hayu ngiringan mitra sunda

Sangkan jadi jalma percéka

Wawanohan LDKM pamungkas nasaba reuma

Kudu daria
Hayu ngiringan mitra sunda

Ngarah hirup loba baraya

Ngaraketkeun duduluran

Ngahontal kana udagan

di mitra sunda

8. Abdi sadayanaentragan 21

Ngiringmitrasundasumangetjeungdaria

Saharti, sasurti, sawiatiudaganna

Soméah percéka jeung rancagé barudak

Kabaya pangsipikeun wawanohan

Kaméjadasipikeun LDKM

Di sabareuma baju biruceko

Sing soson-soson sumanget daria

9. Akang tétéh réncangan sadaya

Ieu abdi manyar 21

Sejan giringan mitra sunda

di pensatrada

Wawanoha nkabaya pangsi

LDKM kukaméj dasi

Saba reuma bajuna biru

makécekoraksukanna
10. Mahasiswa pendidikan basa sunda

Fakultasna FPBS Aupi

Manyar narancagé resepna ngamumulé sastra seni budayana

Ieu abdi manyar 21

saharti, sasurti, sawiati

etatéh udagananu kudu dihontal

Ngarah hirup pinter loba akal

11. Abdi manyar 21

Rancagé percékakatut daria

nu ikhlas di mitra sunda

Ku akang tétéhs adaya

Sangkan saharti sasurti sawiati

12. Baraya sadayana

ti kampung jeungtikota

Urang di duduluran

di mitra sunda

Akang tétéh sadaya

Nyanggakeun salam sunda

Ti abdi sadayana manyar téa

saharti sasurti sawiati tew


BUKUKELOMPO
K MITSUN

KELOMPOK 7
ANGGOTA KELOMPOK
Pupuhu : Muhammad Tria Somantri (2109273)

Anggota :

1. Hilmy Salman Abdillah (2108554)


2. Jessika Amelia Hadiansyah Putri (2103992)
3. Jihan Intan Pratiwi (2101411)
4. Moch Dhymas Ammirulhaz (2107580)
5. Rani Nuraprianti (2100736)
6. Saddam Hibatullah (2100713)
7. Salma Atsriya Setiani (2102257)
8. Tsalis Nursaidah (2106393)

LAPORAN HASIL MACA


I. Identitas Buku
Buku kumpulan carita pondok Halimun Peuting mangrupa buku sastra
munggaran Iskandarwassid. Ieu buku kungsi dicitak ulang dua kali. Citakan
munggaran diterbitkeun ku Rahmat Cijulang dina taun 1989, citakan kadua
masih diterbitkeun ku Rahmat Cijulang dina taun 1993, sedengkeun citakan
katiluna diterbitkeun ku Girimukti Pasaka kalawan révisi dina taun 2011,
didistribusikeun ku Kiblat Buku Utama. Buku anu dipaké dina ieu
panalungtikan mangrupa citakan anu panganyarna, citakan katilu. Buku
kumpulan carpon Halimun Peuting kandelna 185 kaca, kaaasup panganteur ti
nu medalkeun jeung riwayat singget pangarangna. Carpon-carpon
Iskandarwassid anu dimuat dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting,
mangrupa carita-carita pondok Iskandarwassid anu dimuat dina sawatara
kalawarta Sunda ti mimiti taun 1959, di antarana kalawarta Sipatahoenan
jeung Manglé.

Buku kumpulan carpon Halimun Peuting ngamuat lima welas carita


pondok, nyaéta: (1) “Panto Tajug”, (2) “Kembang Tanjung”, (3)
“Cikapundung Nunjang Ngidul”, (4) “Tapak Jasa na Dadana”, (5)
“Sripanggung”, saméméh révisi ieu carpon dijudulan “Sripanggung Dogér
Karawang”, (6) “Méga Mendung”, (7) “Badori”, (8) “Tanah Waris”, (9)
“Hujan Panyawahan”, (10) “Halimun Peuting”, (11) “Surat keur Bapa”, (12)
“Tunggul Rahayu”, (13) “Sintung Kalapa”, (14) “Munara”, jeung (15) “Eling-
Eling”.
Jumlah Kaca : 187

II. Ringkesan Carpon

 PANTO TAJUG

Nyaritakeun tokoh ngarana karya, nyaeta budak tunggara nu geus teu


miboga indung bapa , manehna cicing Jeung aki, nini na. Loba pisan
kasusah , teu boga duit keur mayar indekos , da kulawargana teu wala
kaya. Keur mah di lembur keur haneut haneut na anu ngagalaksak , anu
nyieun manehna sieuneun balik ka lembur. Anu akhirna daek teu daek
manehna kudu balik ka lembur najan teu betah tapi di paksa – paksakeun
lantaran geus teu boga nanaon deui keur bekel hirup di kota Jeung rek
manggihan aki Jeung nini na.. Kahirupan nu leuwih karasa balangsakna
tibatan bagjana mah. Kudu Ngalaman digalaksak ku gorombolan. Cacak
kami karya teu disumputkeun ku akina di tajug mah, moal geus
maotdipaehankugorombolan.
 KEMBANG TANJUNG

Sersan Mayor Hidayatmangrupa salah sahiji prajurit anu kapilih jadi


anggota pausahaan anu diutus ka Irian pikeun ngusir Walanda. Hasil
tugasna, Sersan Mayor Hidayat kudu dirawat di rumah sakit sabab sukuna
ditémbak ku musuh. Salajengna, anjeunna kedah kaleungitan salah sahiji
sukuna kusabab amputasi.

Saliladirawat di rumah sakit, anjeunna diurus ku Suster És, anu


kacida asih jeung asihna ka Sersan Mayor Hidayat. Méh saban poé Suster
És ngabandungan, ngajurung, ngalilipur ku omongan Sersan nu ngalilipur.
Unggal isuk Suster És nyodorkeun korsi roda Sersan jeung ngajak jalan-
jalan bari berjemur handapeuntangkalkembangtanjung.

Beukeutan kaasih anu dirasakeun ku Sersan sareng Suster És


ngingetkeun anjeunna ka tunanganna, Lisnani, anu henteu kantos sumping
di rumah sakit. Sersan teu ngarti naon anu nyababkeun Lisnani teu neuteup
ka manéhna sanajan indungna geus nanya ngeunaan éta, sarta indungna
sok ngajawab kalawan jawaban nu teu nyugemakeun. Tungtungna Sersan
bosen ngadagoan Lisnani, awéwé nu dipikanyaahna.

Indungna Sersan Mayor Hidayat ogé terang yén Suster És kacida


prihatinna ka anakna. Indungna Sersan mindeng mawa dahareun keur
Suster És. Sanajan teu meunang papanggih sabab kabeneran keur pareum,
indungna Sersan resep nyisihkeun dahareun keur Suster És. Sersan reuwas
ningali sikep indungna sareng prihatin ka Suster. Sikep indungna ka
Lisnani béda pisan sanajan calon minantuna teu sabagé Adina.

 CIKAPUNDUNG NUNJANG NGIDUL

Carponieunyaritakeunpalaku kuring nu bapa na jadi penjaga sakola.


Kapala Sakola méré hiji rohangan keur di cicingan ku bapana jeung
kulawargana. Indungna ogé bari muka warung pikeun nyocokan risiko
dapur. Si palaku kuring didieu pagawéanna jualan majalah atawa koran,
lamun koranna teu béak bakal dibawa balik, bapana gé sok resep mukaan
éta majalah atawa koran sanajan teu ngartieun ogé.
Hiji peuting, bapana gap mukaan majalah, tuluy dibukaan. Aya hiji
gambar nu di sidik-sidik ku bapa kuring, siga nu euweuh niat neruskeun
mukaan deui, ari rét kana beungeut bapana ningali siga nu ngembeng
cipanon, kuring maling-maling ningali ku juru panon hayang apal lebah
manana. Pas bapa kuring geus saré, kuring ningali gambar hiji awéwé
ngora nu keur leumpang bari ngélék buntelan ku leungeunna nu beulah
katuhu. Jeung dina aisan nu sabeulah deui kaciri eusina orok.

Saprék peuting éta bapana jadi robah, geus magrib langsung saré
dibulen ku sarung. Indung kuring teu panasaran ningali polah bapana nu
robah. Hiji poé balik dagang koran nyampak indung kuring keur kukulutus
sorangan, sihoréng gegelendeng ka bapa, kusabab jeujeur useup bapa
kuring murag kana dagangan. Peuting harita bapa teu balik teuing saré
dimana. Poé isukna kuring wegah kabina-bina balik ka imah. Tuluy
nyimpang heula ka warung Mang Karta, barang sup ka jero, pamajikanana
ngomong yén bapa kuring nitah buru-buru balik. Kuring teu tulus asup,
sajeroning ngaléos kadéngé manéhna teuing ngomong kasaha "Karunya
nya, budak! Cacak mun bapana tahan ku gogoda mah baheula,
pisenangeun naker hirupna téh. Ari ayeuna mah da sahadéna gé
diindungtérékeun."

Di imah nyampak mopoék. Parabotan geus parongpong, barang bapa


ningali kuring datang, jung nangtung. Ceg kana gémbolan pakéan nu ti
tadi diteundeun gigireunana.

 TAPAK JASA NA DADANA

Carpon “Tapak Jasa na Dadana” nyaritakeun Wiwi Widaningrum


atawa sok disebut Bu Létnan nu ditinggal maot ku salakina. Boga hiji
budak lalaki, nyaéta Béni. Ti saprak Létnan Rahman atawa salakina Wiwi
maot, manéhna hirup mung duaan jeung anak lalakina. Indungna Wiwi
méré pesen ngarah Wiwi kawin deui. Lamun manéhna deukeut jeung
lalaki sieun matak timbul fitnah. Ngan haté Wiwi ogé kénéh nyaah ka
salakina nu geus eweuh di dunya. Dina hiji waktu aya lalaki anu datang ka
imahna Wiwi. Nyaéta Sersan Dudi anu terakhir babarengan saacan Létnan
Rahman maot di front. Amanat ti Létnan Rahman nu terakhir saacan maot
téh yén nitipkeun budakna, Béni jeung indungna. Teu lain nyaéta Wiwi.
Létnan Rahman ogé mérékeun ali cingcin kawin ka Sersan Dudi.
Saenggeus nyaho carita ti Sersan Dudi, Wiwi ngidinan ka Sersan Dudi
keur ngurus anakna, si Béni ogé manéhna.

 SRIPANGGUNG

Carpon “Sripanggung”téh nyaritakeun kaayaan hirup tukang dogér. Si


Kuring atawa Jaja jeung lanceukna, Ceu Awang nu jadi sripanggung. Milu
gawé jadi tukang dogér babarengan jeung Mang Juhéb oge aya Kang Sairi
jeung nu sejénna. Lantaran hirup susah, bapa jeung indungna ngan saukur
gawé jadi tani. Unggal ngadogér kuliling ka unggal lembur. Ngan
pagawéan ngadogér teh sok disebut pagawéan nu hina. Ceu Awang
lanceukna si kuring téh randa jeung sok digoda ku nu nongton. Tapi
manéhna cicing teu némbalan pédah kapaksa neangan duit jang dahar.
Nepi ka akhirna mah Jaja keheul teu bisa nahan amarah lantaran lanceukna
sok dihina jeung digogoréng batur. Nu matak ayeuna Ceu Awang jeung
Jaja balik deui ka lemburna, balik ka indung bapana.

 MÉGA MENDUNG

Geusopatpoekuring aya di panganjangan teh, kudunamah geus mulang


deui ka Bandung, wani mengpar tina aturan kalawan nenjo anu di longok
kacida pikarunyaeun. Erek di tinggalkeun balik teh cipanonna nyurucud
nandakeun yen kuring ulah waka balik. Sono cenah ka kuring, hayang
nyarita loba, ngarasa atoh aya kuring kainya teh.

Kuntadi menang beja yen pamajikanna keur gering, kukituna Kuntadi


menta widi ka kapala sangkan menta libur, ek neang nu jadi pamajikan ka
lembur. Kuntadi di bere widi. Tapi teu jauh tidinya, kabeh ge ngarasa
bingung naha Kuntadi teh beut aweh balik deui gawe ka kantor. Ai pek
aya surat, yen Kuntadi teh gering di opname di rumah sakit, ku kituna,
kuring dititah neang Kuntadi. Kuring teu bisa nolak, komo deui mun
apalleun yen kuring geus deket pisan jeung Kuntadi teh. Sok sanajan
kuring teu apal dimana imahna, tapi kuring
maksakeuninditneanganjeunna.

Satepinadiditu, asa kacida olohokna kuring ninggali kaayaan Kuntadi,


Kuntadi nyarita yen manehna ngarasa tereh tilar dunya. Salila diditu
kuring jeung Kuntadi loba nyarita, erek pamit kalayan balik deui ka
Bandung teh teu mere widi ti Kuntadi, tapi dina hiji waktu hate Kuntadi
leah, mere widi yen kuring bisa balik ka Bandung.
Kuring balik ka Bandung, bari mere nyaho ka kapala Kuntadi geus rada
mendingan, teu jauh tidinya. 1 minggu ti geus balik ngalongok, pamajikan
Kuntadi mere nyaho yen Kuntadi di opname deui lantaran ka rugrag ka
capean deui.

 BADORI

Sapanjangjalanpangarsihmah moal aya nu teu apaleun ka Badori teh,


teu nyaho kana ngaranna, tapi kana rupanamah kungsi ningali, da saban
poe oge gawena didinya bulak balik. Mun teu keur ngunjalan tarigu, pasti
keur ngunjalan bata atawa keusik. Badori katelah jelema kukunyal, loba nu
nareangan atawa nanyakeun teh jang nitah ka Badori sangkan mantuan
kukunyal.

Kungsi basa eta Badori di jangjian yen ngunjal keusik, tidinya nu


nitahna jeung Badori patawar tawar harga, da suganteamah keusik teh teu
loba teuing, barang nyanggupan ku buruh nu leutik. Sadatangna trek
olohok Badori melongna kacida lobana. Acan di kunyalan ge hate geus
ngarasa cape lantaran melong keusik nu sakitu lobana. Da geus jangji tea,
salah kuring oge teu taliti. Kuring ngunjalan keusik bari areup areup
karagap hate nu nitah, sangkan mere buruh lewih ka Badori. Tapi teu leah
hate nu nitah the.

Ku kajadian eta ngingetkeun kajadian kungsi manehna dititah ngunjal


aci di ka pabrikkeun, tapi hujan keur ngecrek, tapi ku Badori kalah
diangkutan kusabab sieun nunungguan di pabrikna. Sanggeus tepi diditu
teh kalah di carekan teu becus mah. Aci nu tadina garing kalah baseuh,
Badori teu bisa ngalwan kusabab eta salahna sorangan. Kaingetkeun oge
baheula pernah gelut pas keur ngangkutan awi, teu kahaja awina ngadupak
kanu keur naek motor, Badori labuh nu dina motor ge labuh, nu labuh
dina motor ambek Badori nepi ka di todong ku pestol, tapi badori pasrah.
Manehna ngaharewos, sok ai ek nenggeul mah ngan ulah nepi ka paeh,
kusabab aya anakna nu kudu dilindungina. Saprek kajadian eta Badori teu
kaciri kaluar, aya nu ngomong yen Badori ka Sumedang balik ka
lemburna.

Teu lila diidinya Badori balik jeung anakna, kusabab nini na maot, jadi
anakna di bawa ka Bandung diurus ku Badori, anakna di sakolakeun. Bari
dina waktu kosongmah anakna sok mantuan Badori.

 TANAH WARIS
Dalik digawé téh nyampak sémah, Mang Sabandi. Atuh teu B gancang
ucul-ucul da manéhna téh sasat dunungan. Turug turug datangna bangun ngahaja.

Jalma pangayana di lemburan kuring mah manéhna téh. Pangna perenah


dunungan ogé taya lian lantaran aya tanahna anu diparo ku indung kuring. Ayeuna
keur dicabéan éta tanah téh. Malah mun gorogoteun mah geus beunang
diduitkeun. Pangna Mang Sabandi datang gé moal salah pédah nénjo cabé geus
lagu alaeun. Nu matak ti barang gok gé pikiran mah geus miheulaan. Bisi
manéhna ngajak badami, geus nyampak pijawab eun. Naha mending dijual
kemplangan, atawa naha mending diborongkeun unggal mupu.

Lila heula abral-obrol, nanya itu nanya ieu ngalér ngidul, maké ngagonjak
sagala manéhna téh, naha cenah kuring téh bangun betah waé bubujangan.Teu
dijawab. Alangah-éléngéh wé kuring téh.Parat bubuka, nya bras kana
pamaksudanana.

Barang pok gé banget ngajenghok, da manahoréng téh salah panyangka.


Tina ku teu sangka téa, antukna mah ukur bisa hulang huleng. Hadéna Mang
Sabandi gancang surtieun, da teu kungsi lila manéhna tuluy pamitan."Nya éta mah
baradami heula wé," pokna bari jung nangtung."Bisi enya aya niat hayang
kapimilik deui." Léos manéhna, indung kuring norojol ti jero. Atuh teu bisa
nyenghap heula. Da geus tangtu indung téh ti tadi gé nga déngékeun.Mang
Sabandi téh lain ngajak badami perkara cabé nu téréh alaeun, tapi perkara tanahna
nu keur dicabéan téa. Cenah éta kebon téh rék dikaluarkeun, lantaran rék
ditépakeun kana sawah nu saampar jeung sawah manéhna di Ciledug. Geus aya nu
rék nyanggapna mah cenah, Kang Dana, bandar sayuran téa. Jadi saenyana mah
geus teu aya nu bakal matak pakojot. Ieu geus maksud ngajual, itu rék nyanggap.
Kari pagodos harga.

Tapi tayohna mah manéhna ingeteun kénéh, yén baheula kungsi nunda
jangji, sakumaha kahayang indung kuring. Da saenyana mah éta tanah téh
ragragna ka manéhna nya ti tangan indung kuring. Titinggal Bapa. Mimitina mah
digadékeun, duitna dipaké ngoméan imah. Imah geus pageuh katumbu ku panga
butuh anyar. Ceu Awang-lanceuk kuring-harita téh téréh disalametkeun, da
pisalakieunana ngajak gagancangan. Nya puguh gagalapakan indung kuring téh,
da hajat mah ngaranna gé hajat. Dina mangsana geus nyantek can kénéh kaerong
andel keuneun, antukna mah nya geus teu bisa majar kumaha. Titinggal Bapa téh
diulah-ulah gé kapaksa dilepas, dibalitungkeun jeung duit gadéan nu geus
kapaké.Nya harita indung kuring kedal panuhun téh. Kahiji, mati mati dilepas gé
hayang dipercaya kénéh ngagarap éta tanah. Ka duana di mana engké di ahir
Mang Sabandi aya niat ngaluarkeun deui, peupeujeuh ulah waka ditawarkeun ka
nu lian, susuganan bisa kapimilik deui. Kituna téh tayohna mah awahing nyaah
kénéh wé kana titinggal nu geus teu aya di kieuna, lain pédah boga erongan atawa
cayakeuneun.

Ari cikénéh Mang Sabandi téh kitu-kitu caritana. Sasat nyusul pasini.
Cindekna mah nya ayeuna pipanjangeun-pipondokeun lalakon téh. Mun kuring
nyanggupan nya meureun pipanjangeun. Dina sadaya-daya nya atuh bagian nu
lian téa. Da geus ragrag ka Kang Dana mah garapan téh tangtu dicabut. Manéhna
mah tara mercayakeun nu lian najan tanahna sababaraha luwuk ogé.

Isukna, wanci haneut moyan léos indit. Rurusuhan. Teu inget yén Minggu
éta téh rék nambalan suhunan nu balocor, dikorowot an beurit. Padahal geus
diajam ti poé itu kénéh.Ari nu dijugjug nya imah Mang Wira. Tapi nyampak
suwung, da keur ngamandoran melak kentang cenah, di lamping. Ari rék disusul
ka ditu asa kurang hadé. Tungtungna didagoan sa datangna.Tepung-tepung jeung
emang téh bada lohor. Datang-datang téh uah-aéh bangun nu sono. Ku kitu téa
mah enya da arang tepung. Tapi barang kuring pok nyarita, yén kadatangan Mang
Sabandi, anu maksudna kitu-kitu kaciri pisan robahna téh. Ngan sakedét, tina béar
jadi kecut. Didéngékeun gé henteu kawasna caritaan kuring téh. Pirang-pirang lila
manéhna ngahuleng, tapi kajudina haténa mah baluar-balieur. Rék ngomong gé
bangun horéam pok kawasna, da maké hulang-huleng heula.

"Ari maksud urang pangna datang ka dieu, rék kumaha?" Emang téh
nyaritana leuleuy, tapi teugeug.Atuh derekdek kuring téh malikan deui
dodongéng, da tadi gé sabenerna mah geus dicaritakeun. Pangna datang, céngtéh,
susuganan bisi rék dipikiran ku emang. Da mati-mati teu meunang nyabak deui gé
kana éta tanah, ari dicekel ku kolot soranganmah teu panasaran. Ngahuleng deui
manéhna téh."Ké, rada teu ngarti emang téh," pokna. "Maksud Mahmud téh naha
rék nginjeum duit keur ngajait éta tanah, atawa ...?" "Sanés!" Kuring gancang
némpas. "Maksad téh bilih waébadé diémutan ku emang!' "Euh,
nawarkeun...?""Muhun."Atuh nawarkeun tanah batur meureun kasebutna."Kuring
teu bisa engap. Bati neureuyan ciduh wé dikitukeun téh. Ana rét ka emang, yén
nyarita kituna téh lain heureuy, nga dak-ngadak angen bet tuluy
mentegeg."Kateuteuari, Mud!" pokna deui. "Da mun enya mah rékngaku kénéh
kolot, lain ayeuna manéh kuduna datang téh, tapi baréto!"Nyaritana beuki
teugeug."Coba, mun baréto basa aya niat rék digadékeun téa datang ka dieu,
meureun moal nepi ka lapur titinggal bapa manéh téh. Tapi da jigana indung
manéh mah leuwih percaya ka Sabandi batan ka emang."Gancang
ditémpas."Nanging da sanés maksad samuni harita gé. Satadina Ema téh
panginten susuganan, jero dua atawa tiluusum tiasa katebus deui." "Ngandelkeun
naon?" emang malikan beuki peureus.

Teu ditémbal."Lebah dieu teu ngukur ka kujurna téh indung manéh mah,"
pokna deui. "Ngoméan imah, ngagadékeun tanah! Ngawinkeun anak, ngajual
tanah! Asa gararampang, da teu ngeunteung ka hareup téa. Ké, lamun manéh
kawin, Mud, rék ngajual sawah nu mana?"

Meg téh angen, ngudag tikoro."Nya puguh saréréa gé kitu kahayangna


mah. Imah hayang ngajenggléng. Méstakeun anak hayang euyah-euyahan. Tapi
kitu téh ari nu aya saratna. Ari euweuh mah teu kudu teuing teterejel, ajol-ajolan.
Pédah éra, atawa hayang kapuji, hayoh nganjuk nga hutang, nandonkeun itu
nandonkeun ieu. Nganteur napsu éta téh. Taya alusna, nu puguh mah matak
burindil. Ana geus burin dil, sok tuluy ngahésékeun batur!"Teu ditémpas. "Coba,
béak sabaraha puluh rébu baréto urut ngawinkeun Si Awang? Da rasa manéh téa,
boga piminantueun jegud. Tapi mana buktina ayeuna? Geuning manggih kasusah
mah kalah lumpat ka dieu!"Dirasa-rasa bet beuki teu ngeunah sakecap-kecapna
téh.

"Kahayang emang mah baréto téh kieu. Mun téa mah imah téh ruksak,
heug tempo heula naon nu ruksakna. Patut kenténg bocor, nya atuh nu bocorna wé
ganti téh. Cenah aya bilik nugeus ancur, nya bilik éta wé nu diganti téh. Tong
teuing nepi ka kudu diruag. Lain ulah, ngan nya éta téa wé kudu diukur jeung
kamampuhan. Da ari kudu ngaganggu barang pageuh mah sarua wé jeung
ngeundeuk-ngeundeuk pieunyeuheun. Komo kitu ngagasab titinggal nu geus
euweuh, sok aya matakna."Eureun heula emang téh nyaritana, kaselang ku ganti
udud."Sabaraha rébu baheula digadékeunana kebon téh?" "Opat puluh lima,"
omong kuring rada pered."Ari dilepasna?"Saratus."Ari ayeuna cenah rék
dikaluarkeunana deui hayang sabaraha?"Hoyong tilu ratus rébu.""Coba! Sabaraha
tah ngagondolna Si Sabandi!" omong emang bari ngadayagdag. "Can kauntungan
tina pangasilan saban usum." Teu ditempas. Kuring gé kalah nurutan, diuk téh
rada nyangsaya.

Adi kuring mani ajrag-ajragan banget ku atoh. Malum budak,maké jeung


bari jéjéréwétan sagala. Ribut néangan arit jeungtolombong. Ribut hayang
dipangnyieunkeun kandang. "Enya. Isuk!" ceuk kuring. Plong wé haté téh. Asa
bungbas. Manahoréng pikiran keur bingung mah teu béda ti bola pakusut. Hésé-
hésé teuing mahmending pegat-pegatkeun, ngarah puguh pikiraneunana.

Omong-omongan nu matak rungseb kana ceuli teu dijieun teuing pikiran.


Da sanggeus sérén sumérén ka Mang Sabandi téh kungsi lila kadéngé aya nu
geletas-geletis. Cenah ayeuna mah, indung kuring téh muluntu pisan....
Kadangkala cenah lila-lila mah imah gé ditawarkeun.Aya deui nu nepikeun, cenah
ceuk si anu, pantes rék dicabut garapan ogé da salingkuh. Melak anu, melak anu,
ukur béjana. Nu boga mah tara dibawa badami. Paparoan téh sapaméréan nu
maro. Munasabah nu boga tanah rék teu ngeun.Tuluy deui aya nu dodoni. Pantes
cenah dicabut gé da Mang Sabandi mah daék adil-adilan ogé baréto, bané wé bari
ngadodoho Ceu Awang. Ari geus kop ku batur mah, nya tangtu kana di cabutna.
Ari dipapay-papay, kecewes-kecewis kitu téh horéng holna ti Bi Ulis. Nya pantes.
Da baréto téh alona kungsi ngahelaran Ceu Awang, ngan teu dilayanan. Tayohna
bibina milu neuteuli.

Karunya mah nya ka Mang Sabandi wé, teu mais teu meu leum ngadon
kabawa ngaran. Nyabut garapan gé pan lain niat manéhna. Tapi kitu-kitu jalan-
jalanna, sasat kapaksa. Mun manéh na niat goréng mah piraku ngajak badami
heula.Nu resep ngaromongkeun téh ari teu dilayanan mah barosen eun sorangan.
Da lila-lila mah tara kadéngé deui nu mawa béja. Perkara tanah gé taya béjana ka
saha tulusna dijualna téh. Tapi nya moal ka saha tangtu disanggap ku Kang Dana.
Jeung Mang Sabandi can kungsi panggih deui ti barang sérén-sumérén téh,
ngampleng aya kana opat bulanna. Kuring katungkulkeun ku gawé, indit rebun
datang soré. Imas jongjon ngurus domba. Malahbeuki suhud ayeuna mah ngarit
jeung ngangon téh, da inguanana geus nyariram tiluanana. Beuki jigrah.

Nénjo kitu bet asa tiis kana pikir. Ngan sarupa wé nu matak ngerik kana
ati téh, nya éta indung kuring sok mindeng kadéngé daék buburuh tandur atawa
gacong ayeuna mah. Lain ngarasa hina, ngan nya éta téa wé éra, bisi digoongan
batur. Rék dicarék teu téga, da mana maling-maling gé meureun sieun dicarék ku
anak. Jeung kawasna mah daék buburuh téh pédah kesel wé. Da keur boga paroan
kénéh mah saban isuk meusmeus ka kebon meusmeus ka kebon. Ari ayeuna
sapopoé téh kudu ngotok ngowo. Kuring gé nu ngan ukur peré sapoé dina
saminggu, sok rajeun karesel ari kudu ngalulungkutsapoé jeput mah. Naon wé
sagawé-gawé ari Minggu téh, da ubrang-abring cara batur mah teu boga
kibringkeuneunana. Poé ieu gé kuring téh keur nyuguan papan. Papan urut peti
onderdil, bawa ti béngkél rék dijieun lolomarian.

Barang rék diukur-ukur, pimahieun henteuna, kaburu nga rénjag mantén.


Adi kuring balik ngangonna téh isuk kénéh, bari ceurik ngadingdiut, nyuhun
tolombong jukut. Dombana ngiclik naluturkeun, pandeuri. Katingali nu hiji mah
sukuna pinced. Atuh cul kana sugu kuring téh. Gancang diburu. Reuwasna téh bisi
paraséa jeung baturna di pangangonan, mangkaning marawa arit. Di ku naon ku
naon téh ceurikna kalah beuki tarik. Nya puguh beuki reuwas. Ditingali
tolombongna, ngaritna téh can pinuh.Horéng cenah aya nu nyarékan, pédah ngarit
sisi kebon. Turug-turug dombana ngadon ngabongohan arasup ka kebon batur.
Ana rék diburu kaburu dipaléngpéng mantén ku nu boga. Manéhna dicarékan,
disia-sia, bari diamang-amang paneunggeul. Segruk deui ceurik, bangun
kanyenyerian.

"Geus, jamak," ceuk kuring bari diusapan sirahna. "Keun wé da salah


urang. Ngan engké deui mah ulah ngangon ka dinya!" Padahal haté mah
mentegeg. Asa kacida teuing ari kududipateuhan mah, da puguh domba mah
ngaranna gé sato. "Ka kebon saha tadi téh?"Adi kuring teu némbalan, nginghak
kénéh. "Ka kebon suuk?"

"Sanés. Kana engkol!" pokna pegat-pegat. "Kebon engkol? Na di mana


aya kebon engkol?" kuring panasaran."Di kebon urang téa...!"Meg téh angen,
mani asa diteundeutkeun. Pirang-pirang lilakuring teu ngomong. Nyugu gé teu
bisa laju. Tungtungna cul ditinggalkeun. Bongoh indung, léos indit rurusuhan.
Hayang nyaho mangkelukna ceuk haté.Horéng enya wé kebon urut cabé téh
diengkolan ayeuna mah. Kabeneran nu ngagarapna aya kénéh, keur nyieun
garitan, rék ngawur bérak uréa tayohna. Disidik-sidik rada lila, teu wawuh. Atuh
rada mandeg mayong, da piraku kudu ujug-ujug gantawang mah. Rék ngaléos
deui kaburu patepung rérét, nya kapaksa mi heulaan nanya.

"Digarap ku emang ayeuna mah? "ceuk kuring. Manéhna

cengkat, rada rungah-ringeuh.

"Ah henteu, sumun. Ku nu gaduhna wé."

"Ku Kang Dana?"

Manéhna ngahuleng.

"Sanés, ku Jang Sabandi wé!"

"Ku Mang Sabandi?" kuring némpas. "Lain dijual ka Kang Dana ieu tanah
téh?"

"Ah, henteu," pokna. "Muhun, kantos diocal-ocal badé di galeuh ku Jang


Dana, nanging da moal dikaluarkeun saur Jang Sabandi téh."Kuring ngajulaeu.
Pirang-pirang lila ngahuleng, mata simeut eun, bari neureuyan ciduh.Datang ka
imah nyampak Imas keur cindekul kénéh di pipir. Domba nu pateuh téa ku
manéhna diusapan huluna, bari diceungceurikan.

 HUJAN PANYAWAHAN

Palaku :

1. Jajang (kuring)

2. Ceu Awang (Lanceuk Jajang)

3. Bapana Jajang

4. Indungna Jajang

5. Akina Jajang

Ringkesan :

Nyaritakeun Indung jeung Bapana Jajang nu bérés paséa, maséakeun


perkara rék ngawinkeun anaknya nyaéta Ceu Awang, tapi teu bisa hajat
gedé kawas ilaharna. Indungna téh bendu sabab kahayangna mah hajat
gedé, nanggap itu ieu, tapi dalah dikumaha, Bapana teu walakaya
nyumponan éta kahayang téh. Kalah pajarkeun mah teu nyaah kanh jadi
anak.

Ari iber nu tinghaliber ka tatangga mah cenah Ceu Awang téh rék hajat
gedé, nanggap wayang, tukang hiasna gé rék ngondang ti kota. Horéng éta
iber téh asal muasalna ti Ceu Wilah. Aya béja yén Adina Ceu Wilah téh
kungsi resep ka Ceu Awang, tapi teu dilayanan. Atuh Ceu Awang téh
balik-balik kaimah nyurukcuk ceurik teu eureun, sabab éra da enyana mah
moal ondang-ondang hajat téh, moal tunggap-tanggap.

Geuwat Bapana téh nginjeuman duit, ngagadékeun kebon sangkan boga


duit pikeun hajat gedé. Akina mah teu satuju, sabab da nanaon gé kudu
ngukur ka kujur, ninggang ka badan. Ai ka ngaran hajat mah da teu kudu
pésta, nu penting kacumponan sarat kawinna, kitu ceuk agama ogé. Tapi
dalah dikumaha, da geus kapalang dilakonan, antukna mah bérés hajat téh
baluweng mayaran hutang. Ngan hadéna hujan panyawahan geus cor,
Bapa téh rada béngras deui, pulang anting ka Aki maksud rék ménta
dibantuan ngawalajar.

Tapi Bapa téh teu jig waé ka sawah, pacul nu geus diasah ti anggalna gé
teu dirérét-rérét acan. Singhoréng éta sawah téh geus dijual.

 HALIMUN PEUTING

Kardanatehkarekbalik ti bui nyaeta ti nusakambangan teuing sabab na kumaha tah


teuing pedah kajadian nu geus kalakona maneh na teuing kumaha asupbui nateh.
Saacan tepi lembur manehna kardana teh rada rerengkogan sabab overtingking bisi ieu
bisi itu sieun ieu sieun itu. Kusabab nya maneh na teh mantan narapidana jigana matak
balik peuting teh beh eweh nu nyaho yen maneh na teh geus kaluar ti penjara. Eh ai pek
anu dipikasieun maneh na nyaeta kapanggih ku warga teh kajadian aya hiji warga teh
mawa bedog da jigana dilembur eta mah geus biasa ngaronda teh mawa pakakas.
Kardana geuwat lumpat tuluy sup kana kebon jagong sangkan teu ka panggih. Geus
eweh tah warga nu ngaronda teh kardana nuluy keun lempangna tapi sajajalan maneh
na overthinking deui mikiran budak na nu awewe ngarana teh mia cena gaiss. Singkat
cerita maneh na geus tepi di imah ema barang keketrok ema geus nyampak na lawing
panto kubakat atoh bisa tepung deui jeung kardana da kumaha mereun ai nu ngaran
indung mah. Sabada pa tangkeun2 kardana nanyakeun si mia budakna mana cenah ma
geus sare tong waka di ganggu karek reup pisan ti sore rudet teuing hayang naon.
Singget cerita deui siema nyaritakeun yen pas kardana dibui the simian sok nanya
kamana bapa kamana si mamah. Ai indung namah sok ngalongokan sakali duakali. Tapi
kardana masih keneh keuheul kanu jadi popotonganna nyaeta indung mia saswita.
Sabab baheula diserenkeun teh pedah kardana karek balik gawe nempo maneh na keur
sapatemon(hubungan seks) jeung kardayat. Tungtung namah mia di bawa ku kardana
ka kota da maneh na geus boga imah jeung pagawean diditu jeung sajajalan mia nanya
we tuluy bapak nyaah ka mia? Bapa nyaah ka mamah? Bapa bade bobo deui jeung mia
sareng mamah? Tapi kardana teu nembal

 SURAT KEUR BAPA

Carpon “Surat keurBapa” nyaritakeun kahirupan budak anu ditinggalkeun


maot ku bapana. Ieu budak téh hirup ti kulawarga anu teu mampuh. Manéhna
boga niat hayang eureun sakola sabab geus teu mampu mayar biayana jeung éra
digeroan ku guru lantaran can mayar duit sumbangan bulanan, nepi ka kungsi
indungna diangkir ka sakola. Tapi ieu budak téh nyaah jeung satia ka bapana dina
nandang kasusah hirup ku cara mantuan dagang baso, nutur-nuturkeun bapana
keur dagang. Hiji waktu aya pembersihan, keur meujeuhna ramé nu meuli, ujug-
ujug kadéngé anu patingharoak, kawas aya riributan, batur lalumpatan. Ari bapana
digero gero téh kalah nguruskeun pamulangan, atuh antukna tanggunganna
dibawa kana treuk. Tidinya bapana gering tepi ka tilardunya.

 TUNGGUL RAHAYU

Carpon “TunggulRahayu” nyaritakeun kahirupan hiji jajaka désa anu basajan


tur nyaah pisan ka indungna. Tokoh “kuring” mangrupa jalma anu daék digawé
suhud pikeun ngabiayaan hirupna jeung hirup indungna nu keur ngalaman kasakit.
Manéhna dagang, subuh-subuh kudu paheula-heula muru lawang pasar, megat nu
baralanja warungan. Bray lawing pasar, gura-giru deui muru gang nu rada lega di
elos, néangan panagogan bisi kapiheulaan batur, da puguh ngaranna gé dagang
kojéngkang. Dina pareng dagangan teu béak, nya kapaksa diangkleung-angkleun
diiderkeun. Tuluy tokoh kuring panggih jeung Ceu Mila, randa anu boga budak
hiji, sarua pada-pada susah. Manehna aya niat haying ngarangkep jeung Ceu Mila.

 SINTUNG KALAPA

Carponieunyaritakeunkahirupan Ira nu soson-soson ngurus Bapana nu


keur gering ripuh. Hiji mangsa, Bapana téh dibawa ku Bibina nu ti Bogor, maksud
rék diubaran ka Jakarta, tapi teu bébéja ka Indungna Ira, lantaran bisi ambek,
najan Indungna teu daék ngurus gé, ai dibejakeun dibawa ku Bibina Ira mah moal
teu ambek, sabab Indung jeung Bibina Ira téh teu akur. Dina hiji mangsa, Ira
néang indungna ka kantor, tapi ceuk satpam geus balik ti jam 4 kénéh gé,
singhoréng tuluy ka pésta ulang taun babaturanna. Indungna téh ambek sabab
disusulan, pok wé Indungna nyarita kumaha sangsarana baheula nalika salakina
salingkuh, mangpuluh puluh taun diparaban ku kanyeri, tapi Indungna téh teu
weléh ngéléhan sabab boga anak, teu hayang ninggalkeun kanu jadi anak. Singget
carita, Ira téh rék ka Ciamis, ka nini na, geus nepi ditu mah rék kuli kuli, rék
kumaha gé kumaha engké, da sakola gé moal dituluykeun, lantaran embung
nyusahkeun kanu jadi anak. Pok wé dicaritakeun ku Bi Asih ka Indungna Ira, ti
barang mimiti datang Bibina nu ti Bogor, tepi ka Ira nu rék pegat sakola.
Indungna geuwat waé nyuu hahampuraan kanu jadi anak.
 MUNARA

Dina carpon “Munara” Tokoh Kuring nyaritakeun Bi Nining anu gering.


Mimitina mah ieu Bi Nining téh ateul panon jeung biwir, tapi lila lalilaah eta nu
ateul teh kalah jadi ngabengkakan. Anu tadina gelis ayenamah jadi beda, nepi ka
salaki na oge Mang Jajat mikeun Bi Nining Ka indungna. Unggal poé Bi Nining teh
tara di tinggalkeun, unggal peuting ge kuring jeung nini téh tara tibra sare
lantaran melang. Geus di pariksa kaditu kadieu, unggal aya nu nuduhkeun teh
sok tuluy we di ajaran tapi eweh karasana. Di tanyakeun ka unggal anu bisaan
teh cenanh mah ieu téh aya nu teu sukaeun. Teu lila Wa Dahlan ngadéngé yén
Nining téh gering, mimitina mah nyangkana teh ngan gering biasa tapi loba nu
ngomong yén eta gering na Nining teh lantaran aya nu teu sukaeun. Wa Dahlan
tuluy indit ka ten Nining Sangkan ek ngalongok. Nini nyaritakeun sagalana bari
emosi téa da Nining téh geringna lantaran kitu. Ahinamah Nini téh nitah Wa
Dahlan pikeun ngubaran Nining. Didinya Wa Dahlan tuluy we sabisa-bisa
babacaan asma-asma allah. Petingna tokoh kuring téh hudangna kaberangan,
manéhna hudang ge ka ntaran di hudangkeun ku Nini. Pas hudang tokoh kuring
rewas lantaran Nining cageur.

 ELING – ELING

Nyaritakeun yen si kuring ieu gering geus lila pisan teu cager cage.
Jeung nu nungguan the pamajikan na hungkul ceu ningsih. Da mereun lila
lila teuing gering mah keheul jeung rarasaan si kuring mah geus cager tapi
teu meunang keneh balik ku dokter. Mereun si kuring nu gering ieu the
karunyaeun ka pamajikannna tuluy nitah balik bae we cenah kuring didieu
sorangan da aya dokter jeung parawat deni. Ai pek the ceu ningsih teu
balik deui karumah sakit lila jeung nu gering the sorangan we tuluy. Komo
tiap aya nu besuk pasen gigireunna maneh na the iri dengki kitu jeung
pada ngomongkeun ka manehna kieu cenah karunya nya geus begang kitu,
kamana keluargananya, teu boga anak kitu, meni wanian miceun kolot ka
rumah sakit, jeung saterusna si kuring nyeri hate di omongkeun kitu
padahal mah anak boga sadua dua harita we pas poe katilu besuk the
tidinnya mah pleng tara da sibuk gawe jeung geus boga uruseun. Dulur
boga komo pamajikan mah. Ngan mereun pedah gering lila jadi we jarang
jeung eweh nu besuk the. Singket carita pamajikanna dating ceu ningsih
tea ngajelaskeun yen maneh na lila teu ka rumah sakit the lantaran gering
nombro jeung maneh na ihtiar rek menta bagian kebon dilemburna ai pek
di lemburna ge sarua barang jol nombro.
Kuring pokonamah geus hayang balik maksa ka dokter hayang
berobat jalan we. Dina hiji waktu pasen gigireun kuring di ijinan balik ku
dokter kuring ge menta hayang balik da geus jagjag. Dokter ngidinan tapi
obat jeung sagala rupa na ulah elat. Barang di izinan keur beberes sagala
rupa maneh na lieur pas barang cengkat tina kasur the ngoleang pingsan
pada ngagotong terus di rawat deui di infus sagala rupa jadi we teu jadi
balik da gering karugrag deui.

 Kacindekan

Buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid nu


kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé dina taun 1990, dianggap geus hasil
ngagambarkeun kahirupan sosial masarakat anu anteb tur mundel. Pikeun
ngabuktikeun éta pamadegan, ieu panalungtikan anu dijudulan “Kumpulan
Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra”
dilaksanakeun. Tilikan sosiologi sastra mangrupa élmu multidisiplinér anu
matalikeun antara élmu sosiologi jeung élmu sastra, nyawang karya sastra
ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra. Aspék talaah sosiologi sastra
museur kana tilu aspék talaah, nyaéta sosiologi pangarang, sosiologi karya,
jeung sosiologi pamaca karya. Dumasar kana tatapakan anu diébréhkeun
di luhur, ieu panalungtikan museur kana tilu aspék talaah, nyaéta: (1)
aspék sosiologi pangarang nu ngawéngku data riwayat hirup, prosés
kréatif, jeung gambaran kahirupan interaksi sosialna; (2) aspék sosiologi
karya, nyaéta nganalisis aspék sosial dina karya sastra; (3) aspék sosiologi
pamaca karya, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku masarakat ahli,
nyaéta kritikus sastra, pikeun nyangking gambaran maksud tina hiji karya
tur kumaha pangaruhna dina kahirupan nyata.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode


deskriptif analitis. Nurutkeun Ratna (2013, kc. 53), métode déskriptif
analisis dipaké pikeun ngdéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna
dianalisis. Ku kituna léngkah awal panalungtikan dimimitian ti tahap
ngumpulkeun data anu satuluyna dianalisis jeung diinterprétasi. Instrumen
anu digunakeun dina tahap ngumpukeun data, nyaéta pedoman
wawancara, kartu data, jeung studi pustaka. Dina ieu panalungtikan, ukur
dipilih genep carpon anu dimuat dina buku Halimun Peuting karya
Iskandarwassid pikeun dianalisis.

Tina hasil panalungtikan sosiologi pangarang, Iskandarwassid nu


lahir tanggal 10 Méi 1939, mimiti nulis carpon ti taun 1959, hartina
karirna minangka pangarang Sunda dimimitian ti awal taun 60-an. Ti
saprak asup SGA, babarengan jeung babaturanana, Min Resmana jeung
Oji Setiadji, Iskandarwassid mimiti ngawarnaan hasanah kasusastraan
Sunda ku karya-karya réalisna. Inyana kaasup salasahiji pangarang Sunda
anu kritis dina nengetan kahirupan masarakat leutik. Demi anu jadi kasang
tukang Iskandarwassid resep nyaritakeun kahirupan jalma leutik dina
carpon-carponna téh, ku sabab ukur kahirupan masarakat leutik anu salila
ieu aya dina titingalianana jeung dédéngéanana. Puseur paniténan
Iskandarwassid kawatesanan ku hal-hal anu mindeng kaalaman ku
masarakat leutik. Kahirupan kaum marginal anu mindeng dipopohokeun
tur disapirakeun téh ku Iskandarwassid mah dijadikeun jejer utama dina
carita-carita pondok anu diciptakeunana. Pajurawetna pangrasa hiji jalma
anu katideresa jeung katalangsara digambarkeun sacara jéntré, teleb,
sakumaha ayana. Iskandarwassid boga panon anu masih kénéh bisa
nengetan kahirupan batur tur nurani anu masih kénéh seukeut ku pangrasa.
Ketak pangarang dina nulis carita alatan ku hayang nyarita papada kaula
éstu mangrupa tanggung jawab sosialna minangka individu anu hirup di
masarakat

Tina hasil panalungtikan sosiologi karya, katitén yén méh sakabéh


jejerna nyaritakeun kahirupan jalma leutik. Gambaran kahirupan
masarakat anu tina segi ekonomi aya dina tingkatan handap. Kahirupan
masarakat nu sangsara alatan hujan panyawahan can jol kénéh baé,
kahirupan budak anu kudu ngalaman gering pikir alatan kulawargana nu
baruntak, nepi ka pasualan anu kudu dirandapan ku rombongan dogér
Karawang. Iskandarwassid boga kamampuh ngébréhkeun kondisi jiwa
manusa anu keur nyanghareupan kasusah, kabingung, kasieun, nepi ka
kondisi jalma nu katalangsara. Suasana jaman ogé milu mangaruhan
prosés kréatif Iskandarwassid. Peristiwa-peristiwa anu kajadian, hal-hal
anu katingali, kadéngé, tur karasa dina kahirupan sabudeureun
Iskandarwassid, jadi sumber inspirasi dina nyiptakeun karyana. Saperti
dina capon “Panto Tajug”, nu kapangaruhan ku peristiwa ceuyahna
gorombolan, atawa carponna “Kembang Tanjung” jeung “Tapak Jasa na
Dadana”, nu nyaritakeun peristiwa politik

Pembebasan Irian Barat. Tina hasil analisis genep carpon karya


Iskandarwassid, bisa dicindekkeun, yén karya-karya sastra Iskandarwassid
ngawakilan golongan masarakat anu tangtu, nyaéta masarakat leutik anu
katideresa. Carpon-carpon Iskandarwassid mangrupa karya anu réalis,
nyaritakeun kahirupan anu basajan tur ilahar kajadian sapopoé.
Kabasajanan Iskandarwassid dina ngébréhkeun gagasanana sual kahirupan
masarakat leutik dina wangun carita, anu justru ngabalukarkeun carponna
gampang dipikaharti, teu ukur tepi ka uteuk, tapi tuluy asup kana
lelembutan. Hal ieu luyu jeung sawatara pamadegan para kritikus sastra
Sunda, anu dina ieu panalungtikan dipaluruh sawanganana ngeunaan ajén
karya Iskandarwassid. Opat kritikus sastra Sunda anu dipilih nyaéta, Ajip
Rosidi, Duduh Durahman, Teddi Muhtadin, jeung Agus Suherman. Hasil
sawangan para kritikus satuluyna museur kana hiji pamadegan, nyaéta
karya Iskandarwassid mangrupa karya réalis anu caritana basajan tur
mundel. Katapisan Iskandarwassid dina ngagambarkeun unggal pasualan
anu disanghareupan ku masarakat leutik kalawan anteb tur gemet, geus
hasil nimbulkeun dampak positif ka nu maca, sabab nu maca, nu dina ieu
panalungtikan diwakilan ku para kritikus sastra, bisa nyangking gambaran
kahirupan masarakat nu mangrupa eunteung tina kahirupan masarakat anu
nyata.

Anda mungkin juga menyukai