Anda di halaman 1dari 80

JAWA BARAT

DEPOSIT

PINSI JAWA BARAT •AKAAN DAERAH


^223
JL NINGRUM DJULAEHA, spk
d

RAHMAT CIJULANO
DI BASISIR
disusun
ku
NINGRUM DJULAEHA sapara kanca

Stb. No. (? 01 f f J. _
j Harga \ R P-
Tanggal | rt-lA-
Dari 1
RAHMAT CIJULANG

Fu«iOK
JAWABAIUT
DEFOSIT
Dikaluarkeun ku RAHMAT C1JULANG
Citakan mimiti : 1985
Hak cipta ditangtayungan ku Undang-undang Gambar-gambar kenging Indra
PANGBAGE

Bungah binarung reueus mireungeuh buku nu eusina mangrupa


kumpulan hasil karya para siswa Sakola Dasar nu unggul dina Sayembara
Ngarang nu diayakeun ku Paguyuban Sastrawati Sunda PATREM.
Ari bungahna, lantaran ieu buku teh kawasna mah mangrupa buku
munggaran bacaeun barudak nu dikarang ku barudak deui. Beunang
disebutkeun langka, atawa teiu; mustahil tacan aya di urang mah buku
sarupa kieu teh. Da b ia sana mah nu disarebut buku atawa bacaan barudak
teh ari nu ngarangna mah tetep we jalma sawawa atawa kolot.
Ari reueusna, geuning di antara barudak urang teh tfeu saeutik sirung-
sirung harepan nu pikabungaheun pisan, nu baroga bakat pikeun jadi
pangarang anu daria.
Reueusna deui ka Paguyuban Sastrawati Sunda PATREM nu geus
mokalan ngumpulkeun hasil karya siswa- siswa Sakola Dasar, oge ka
Penerbit nu haat nerbitkeun buku nu langka kieu. Geuning sastra katut
budaya Sunda teh masili keneh dipicinta, masih keneh dipulasara ku
masarakat.
Mun dititenan eusina ieu buku, teu saeutik karangan nu ngandung
humor, nu ngagambarkeun jijiwaan barudak nu pinuh optimisme, janglar
tur gumbira. Jyiwaan nu sawadina dipibanda ku barudak nu hirup di alam
merdeka.

5
Muga-muga bae ku medaha buku ”DI BASISIR CIJAYANA”
ieu. bisa mangrupa pangdorong ka barudak pikeun nuwuhkeun
pangaresep kana maca jeung kana n garang. Oge muga-muga bae
buku sarupa kieu teh lain ngan saukur hiji-hijina ieu wungkul.

6
I
PANGANTEUR

Dina raraga mieling tepung taunna anu munggaran, Paguyuban


Sastrawati Sunda PATREM, bulan Desember
1983 geus ngayakeun saembara n garang pikeun barudak SD. leu
saembara jeh meunang pangrojong nu pohara gedena ti Majalah Sunda
MANGLE nu harita kabeneran deuih keur mieling tepung taunna nu
ka-26.
Eusi karangan ditangtukeun, nya eta pangalaman barudak dina
mangsa liburan kuartal. Tina 375 karangan n u asup. Dewan Yuri
saembara n u dikokolotan ku Ningrum Djulaeha, katut para anggotana
n u diwangun ku: Tini Kartini. Am i Raksanagara, Aam Amilia, Hana
Rohana. Tetty Suharti, jeung Yooke Tjuparmah Komarudin; geus milih
15 karangan nu dianggap panghadena.
Dina laporanana Dewan Yuri netelakeun yen dina nga- jen karya-
karya barudak teh, n u leuwih dipentingkeun ajen、 sastra katut basana,
batan kriteria pangajen sejen di luar eta. Ku lantaran kitu, kabeh
karangan n u asup dianggap karangan barudak pribadi, luyu jeung ceuk
katerangan guru-guru- na.
Dina upacara masrahkeun hadiah kajuaraan, tanggal 5 Pebruari
1984, PATREM nyebarkeun angket eusianeun barudak unggulan, jeung
ngayakeun wawancara langsung boh ka barudakna, boh ka kolotna, katut
ka guru-guruna. Tina angket jeung hasil wawancara tea kanyahoan, yen
barudak nu meunang dina saembara teh, memang geus mindeng na- rulis,
boh muatkeuneun dina media masa, boh ilukeuneun dina sae m bara-sae
mb ara n garang. Di antara barudak n u sok mindeng narulis, u p aman a
wae : Nunung Munawaroh (dina Mangle Alit), Endahlyani (dina Mangle
Alit), Elis Lystia- k waty (dina Mangle Alit jeung Bobo), Mala Komalawati
(dina Mangle Alit). Ari Warsodudi (dina PR Kecil jeung koran

7
dinding di sakolana). Lian ti eta ceuk katerangan guru-guru- na
barudak nu mareunang dina saembara teh, di sakolana kaasup
barudak nyongcolang nu aktif dina sagala kagiatan sakola jeung
ranking nu laluhur.
Kanyataan ieu teh nimbulkeun kabungah anu pohara pikeun P AT
REM mah, sabab ku diayakeunana ieu saembara kanyahoan horeng
rea sirung harepan pipangarangeun di lingkungan generasi penerus
teh.
Pikeun ngipuk sirung harepan jeung ngagedurkeun su- manget
ngarang dina basa Sunda, PATREM miboga maksud pikeun
nerbitkeun karangan barudak unggulan mangrupa buku kumpulan
karangan.
Kulantaran ejahanana loba n u salah, kitu deui undak usuk basa
jeung larapna kecap loba nu teu merenah. karangan barudak teh diedit
deui. Najan kitu, ari e u si jeung gaya basana mah teu dirobah.
Sanggeus ngembrek kurang leuwih sataun, alhamdulillah ku
pokalna penerbit Rahmat Cijulang, naskah kumpulan karangan barudak
nu dijudulan Di Basisir Cijayana teh bisa medal taun ieu.
Ku kituna sapantesna Paguyuban Sastrawati Sunda PATREM
nganuhunkeun ka Penerbit Rachmat Cijulang n u geus daek
nerbitkeun ieu buku. Kitu deui ka sugri n u paran- tos rumojong
sangkan ieu buku bisa medal kalayan lungsur- langsar, PATREM
ngahaturkeun sewu nuhun.
Muga-muga wae ieu buku teh gede gunana. boh keur
ngagedurkeun sumangct ngarang barudak, boh keur nam- bahan
kabeungharan khazanah bacaan barudak.

Bandung, September 1985


PAGUYUBAN SASTRAWATI SUNDA PATREM
Ketua,
Tini Kartini

8
EUSINA

Pangbage 5
Panganteur 7

Ka Kabuyutan (karya Aceu Rahmadati)............................... 1 1


Ngendong Di Nini (karya Ari Warsodoedi)........................ 1 5
Kalangsu (karya Dadi Heryana)............................................. 22
Ka Situ Bagenilit (karya E lis Listya^ ati)............................ 2(S
Ngebon Sayuran Di Walungan (karya Eli Susilawa- ti)........ 30
Pakanci Di Lembur (karya Endahlyani) . . ........................... 34
Nyai Roro Kidul (karya Erik Masrik).............................. . 38
Nyaba Ka Majalengka (karya Lia Herliani).....................’t 44
Ka Subang (karya Mala Komalawati).................................... 48
Nu Borangan (karya Nunung MunawarOh)........................ '5 2
Di Basisir Cijayana (Pipik Ropikoh)...................................... ^6
Kemah Di Curug Dago (karya Rahmat Yusuf) . . . 60 Nyaba Ka Kota
Hujan (karya Ucu Romlah).................................................... o4
Jalan-Jalan (karya Unang).................................................. 7 I
Ngalongok Kebon Hortikultura (karya Y ayat S. Hidayat).... 76
KA KABUYUTAN

Nuju pakanci sakola abdi sareng pun adi, Yanti, dibantun jarah ku
pun bapa ka makam kabuyutan anu ayana di lebet leuweung
ganggong. Di Leuweung teh seueur tatangkalan nu arageung sareng
jarangkung, da akarna ge tos ageung deuih. Dina tatangkalan aya
monyet gugulantungan bari gagaro. Monyetna teh aya dua rupi, nya
eta anu buluna abu-abu sareng anu hideung meles. Nu hideung mah
panginten lutung tea. Anu aya di leuweung teh sanes monyet wae, tapi
aya deui sasatoan anu sanesna. Hate abdi ngaraos keueung ngu- ping
disadana monyet sareng turaes, oge nguping gurijagna cai walungan
sareng keresekna daun awi nu katebak angin. Hate abdi jadi emut ka
nu ngadamel ieu alam sareng eusina, nya eta Gusti Nu Maha Kawasa.

Jalan ka makam kabuyutan teh teu kinten tebihna. Nya leueur
sareng nanjak mudun deuih. Tapi ari ku resep mah ningalan anu aya
di leuweung sareng nguping anu disarada, teu karaos jalan anu sakitu
tebihna, tos dugi deui ka makam. Eta makam ayana di lebet saung
dikurilingan ku karancang beusi. Teras Apa lebet. Di lebet saung teh
aya dua makam, duanana panjang. Panginten ieu mah makam jalmi
baheula, da anu ayeuna mah tara paranjang kawas ieu.
Apa ngadu’a mani husu. Abdi oge n giring ngadu’a saemut-
emut. Wartosna, upami sasih Mulud anu jarah teh sok seueur, sarumping ti
mana-mana. Malah aya nu teras wiridan dugi- f keun ka kenging sawengi.
Maksadna mah sanes nyembah ka kuburan atanapi makam sareng batu-
batuan kawas kapir,

II
KA KABUYUTAN

Nuju pakanci sakola abdi sareng pun adi, Yanti, dibantun jarah ku
pun bapa ka makam kabuyutan anu ayana di lebet leuweung ganggong.
Di Leuweung teh seueur tatangkalan nu arageung sareng jarangkung,
da akarna ge tos ageung deuih. Dina tatangkalan aya monyet
gugulantungan bari gagaro. Monyetna teh aya dua rupi, nya eta anu
buluna abu-abu sareng anu hideung meles. Nu hideung mah panginten
lutung tea. Anu aya di leuweung teh sanes monyet wae, tapi aya deui
sasatoan anu sanesna. Hate abdi ngaraos keueung ngu- ping disadana
monyet sareng turaes, oge nguping gurijagna cai walungan sareng
keresekna daun awi nu katebak angin. Hate abdi jadi emut ka nu
ngadamel ieu alam sarfcng eusina, nya eta Gusti Nu Maha Kawasa.
Jalan ka makam kabuyutan teh teu kinten tebihna. Nya leueur
sareng nanjak mudun deuih. Tapi ari ku resep mah ningalan anu aya di
leuweung sareng nguping anu disarada, teu karaos jalan anu sakitu
tebihna, tos dugi deui ka makam. Eta makam ayana di lebet saung
dikurilingan ku karancang beusi. Teras Apa lebet. Di lebet saung teh
aya dua makam, duanana panjang. Panginten ieu mah makam jalmi
baheula, da anu ayeuna mah tara paranjang kawas ieu.
Apa ngadu’a mani husu. Abdi oge ngiring ngadu’a saemut- emut.
Wartosna, upami sasih Mulud anu jarah teh sok seueur, sarumping ti
mana-mana. Malah aya nu teras wiridan dugi- keun ka kenging
sawengi. Maksadna mah sanes nyembah ka kuburan atanapi makam
sareng batu-batuan kawas kapir,
sanes, tapi anu jarah ieu mah ngan etang-etang ngalayad atanapi
nepangan karuhunna.
Saatos ngadu’a, teras Apa ka luar ti saung. Ti dinya mapah deui.
Pas di tempat anu tebih ka ditu ka dieu, Yanti cengar-cengir, cenah
mah hayangeun miceun. Tapi ku Apa dipiwarang ditahan, da atuh
kedah ka mana, sakieu tebih ka ditu ka dieu. Tapi Yanti cengar-
cengir bae. Teras ku Apa dipaparin batu alit.
’,Mun hayang miceun, eta batu kudu dikeupeul!” saur Apa b ari
gumujeng.
Eta mah Yanti, mapah bari sareng hitut bae. Atuh abdi teu kiat
nahan piseurieun, dugikeun ka ngompoi.
Mapah tos rada iami, Yanti tos henteu cengar-cengir deui. Hate
abdi ngaraos keueung deui. Sakieu monyet sareng manuk disarada,
tapi kakeueung teh teu tiasa ical. Saur Apa mah uparni ka leuweung,
sasauran kedah dijagi, teu kengmg saraosna wae atanapi benclang-
benclung. Bilih aya kajanten- an anu awon sareng kedah atos-atos
deuih, bilih kumaonain.
Tas nincak n u leueur, meh-mehan tisoledat. ngan ku Apa
enggal ditahan. Ti dinya teras meuntas sasak anu panjang. Tapi teu
acan ge tengah-tengahna, abdi alim neraskeun deui da sasak teh
pikalewangeun pisan sareng sieun tisoledat deuih.
Kumargi sasak teh pikapaureun, Apa milarian jalan anu sanes
deui. Kaleresan aya sasak anu rada pondok nu didamel- na tina awi.
Tapi sasak ieu oge nuju didangdosan supados kiat, da saurna mah
anu jararah teh sok ngaranggo jalan ieu. Supados henteu aya
kajantenan anu awon, jadi sasak teh kedah dilereskeun. Tapi da ieu
ge tiasa keneh dianggo. Teras bae mareuntas. Bras waeh ka kebon
Apa nu pernahna sami di Kabuyutan. Eta kebon dipelakan tangkal
awi. Kebon awi mah di handapna tos teu katingali taneuh, da
katutupan ku daun awi anu maruragan katebak angin. Dina tangkal
awi oge aya manuk, tapi teu katingal manukna mah, ngan ka-
t

12
Maksudna mah sanes nyembah ka kuburan ...
kuping disadana wungkul. Keresekna tangkal awi sareng guri-
jagna cai walungan, kakupingna asa langkung tarik di dieu batan
tadi. Tapi di dieu mah teu ngaraos keueung. Sora turaes sareng cai
walungan kakuping ka mana-mana. Hate abdi ngarasos sapertos
dina pangimpian.
Saparantos ningalian kebon awi, Apa ngajakan mapah deui.
Duka sabaraha kilo mapah teh, breh katingal sawah mani
ngemploh hejo. Raraosan teh asa cararaang, hate asa lega. Sawah
nu hejo dikurilingan ku gunung. Matak waas. Ditambihan ku
hiliwirna angin, matak nundutan, asa diayun- ambing.
Apa sasauran, cenah Apa mah ka Kabuyutan teh bade jarah
wungkul, ku margi sono ka tempat kalahiran anjeunna. Bari
ningalian kaendahan alam.
Teu karaos tos bada asar deui. Capena sanes meumeueus- an.
Teu kantos lami, bras dugi ka jalan aspal. Teras Apa mega t mobil.
Naraek bae kana mobil.
Sajajalan gunung aya wae, malah sapertos anu ngingiring.
Tangkal kalapa mah tara tinggaleun, di unggal kampung oge aya
bae. Hate emut bae kana sora turaes nu disada di leu- weung,
sareng kana kakeueung waktos di makam. Sareng waasna
pamandangan di sawah. Jadi emut ka Gusti anu nga- damelna. Saur
Apa, pami nganuhunkeun ka Gusti, cekap ku ngalaksanakeun
shalat lima waktu sareng ngalampahkeun amal soleh.
Teu karaos tos dugi deui ka bumi. Sampean karaos mani
carangkeul. Nanging hate teh asa bingah pisan.

ACEU RAHMADATI SD
Lengkongbesar 85, kelas V
Kotamadya Bandung

14 r
NGENDONG DI NINI

,’Cep. palih kenca tah, tah kenca deui! Kenca deui sa- eutik!
Asak pisan bisi ku kalong!”
Bus. bus, jambu meunang ngala ti.beulah kenca teh di- asupkeun
kana kantong plastik. Enya mani arasak pisan jeung galede deuih.
’’Ri. Ari geura turun Sep! Tos iolior. Pamaii Ja-
taekan keneh. Geura ka tajug anggur mah. tuh ieung AkiV’ Nim
gogorowokan tina handapeun tangkal jambu.
'*Jat .... turun y u ah! Sakieu ge cukup keur buka ayeuna mah.
Tuh. Nini nyaur!." 1

Kuring buru-buru turun jeung Jajat. puirana *Mang Kosim.


panyawah Nini.
’’Jung geura ibak heula. Kasep! Yeuh andukna jeung sarung
meunang ngalicin bieu.”
Keur panas, nyoo cai tina pancuran awi gede n u teu make cocok,
mani resep. Ku Ibu mah sok dicaram ari nyoo cai panas poe teh.
Di tajug geus pinuh. A tuh kabagean di tukang, teu caket Aki nu
ngimaman.
Beres solat gogoleran heula diriung ku barudak pantaran n u
bangun teu bosen-bosen ngadengekeun dongeng kota. ”Cep .... ka
sakola sok dijajap keneh ku Ibu?” ceuk Oji.
”Henteu a tuh ayeuna mah, da tos kenging numpak se- pedah ku
Ibu.”

15
’’Ngageleser nya Cep, numpak sepedah di kota mah, teu kawas
di dieu gagaleongan.”
”Ah, mun jalanna alus! Ari nu renjul mah ajrug-ajrugan we
kawas di dieu! Jaba rame pisan ayeuna mah, loba kendaraan umum
jeung beus kota.”
’’Sieun atuh, nya Cep? Komo ari papaliwat jeung beus atawa
treuk mah,” ceuk Si Uho nu ngagoler tunjangeun kuring.
”Sok norobos da, neangan jalan nu rada sepi.”
’’Sakedap deui ka SMP nya, Cep?” Ukri nu ti tadi nun- dutan
wae milu nyarita.
’’Puguh we! Ngan kudu bener-bener ngapalkeunana teh, da
hese ayeuna mah nuluykeun teh, kudu pinter, kakara katampa di
SMP nu dipikahayang.”
’’Haaar . . .,na seueur kitu SMP-na teh, Cep?” Si Ukri nanya
deui.
’’Lain seueur deui, Kri, tapi eur weh di ditu mah!” Si Jajat
mangnembalankeun.
’’Ah,kawas nu nyaho bae maneh mah, Jat!” Sora Si İbnu
kakara kadenge.
”Pan kungsi ngiring ka Bapa ka kota, basa jajap Cep Ari taun
tukang. Malah cenah kuring oge ku ramana Cep Ari rek sina sakola
di ditu!”
”Leres kitu, Cep?” Si Ibnu nanya bangun nu sirik.
”Sugan pareng! Tapi mun Si Jajatna getol ngapalkeun,” ceuk
kuring.
”Resep nya di kota mah, asal daek ngapalkeun bisa nuluykeun.
Urang mah nya, masing unggal peuting ngadeluk oge rek
nuluykeun ka mana? Aya ge jauh, kudu tumpak ojeg, beak ku
ongkos!” ceuk Ukri.
”Taun hareup mah cenah, bakal aya SMP di lembur urang
oge,” ceuk Si Jajat. ’’Mendingan ulah waka aya nya, ambeh tulus
ngiring ka Cep Ari ka kota. Mun kaburu aya mah moal tulus
meureun.” t
A

16
’’Maneh mah kitu euy, Jat!” Lain deui, Si Ibnu make tatanya
SMP sagaia. Sakolana ukur tepi ka kelas tilu ge geus mogok.
’’Maneh mah pan ti bareto ge geus mogok!”
’’Lain mogok euy, euweuh waktu ngapalkeun, beak di- pake
di sawah!”
”Ah, bod-bod mah bod-bod we, lain euweuh waktu!” ceuk Si
Ukri.
’’Lain mogok lain bod-bod, hayang tumpak motor cenah ka
sakolana, embung tumpak munding!”
’’Geus ah, ngobrol bae, tunduh!” Kuring buru-buru nem-
balan, da bisi parasea, mangkaning bulan puasa.
Waktuna buka, kuring sila nyanghareupan pais lauk. Kolek
peuyeum mah ti tadi ge geus dipake tajil.
’’Bener puasana teh Ari mah!” saur Aki. ’’Tajil satambru,
buka saboboko. Tah, goreng hayamna can ditoel, Jang!” ”Ni . . .,
emam dicaanganana ku damar mah sieun lepat, nya?” Kuring api-
api. _1.
’’Lain emam, neda kituh keur sorangan mah! Jeungna deui,
dicaangan ku damar mah matak ni’mat daharna oge!” Aki
ngaheureuyan deui. ,
’’Sakedap deui ge listrik masuk desa, Ki! Cios Nipi nga-
galeuh kulkas teh, nya Ni?”
’’Mending me uli sawah jeung nu kitu mah. Hayu ah, Jang,
urang taraweh! Lain ngobrol bae,” saur Aki.
”Moal ah, Ki, tunduh! Komo ari aya Oji mah sok heu- reuy
bae.”
’’Geus abdas ge moal tunduh geura! Hayu ah, era atuh incu
Aki kedul mah!” Aki sasauranana bari metot kuring.
Tas saur tara peureum deui da sok disalampeur ku baba- turan,
jalan-jalan mapay galeng, mawa obor, ngala belut. ’’Saur Ibu Guru
mah gizina luhur belut teh. Paingan Ibu mah sedep pisan kana
kerena teh,” ceuk kuring.

17
’’Gizi luhur ge da bosen ari unggal dinten mah, Cep!” Si Uho
nembalan.
’’Hebat, euy, ayeuna mah Si Uho make nyaho gizi sa- gala.” ,

”Pan ABRI masuk desa, nya Cep?” Si Jajat mangmeu-
nangkeun. ’’Roti ge loba ayeuna mah di warung Bi Acih oge.” ”Si
Jajat mah teu sedep roti dimantegaan jeung kiju, cenah, Cep!”
ceuk Si Ukri.
”Teu sedep soteh meunang meuli! Da pamere mah sok
beukieun,” kuring ngaheureuyan Si Jajat.
’’Tiris euy, wulu na cinyusu mah! Ari ka tajug moal ka- buru,
nya?”
’’Dasar, di kota mah tara naretepan, nya?” Si Ibnu kakara
ngomong.
’’Gagabah, euy! Tara soteh ador-adoran subuh ngala belut!”
’’Antosan, nya Cep, bade ngencarkeun Si Bulan!” omong Si
Oji bari lumpat.
’’Dasar Si Oji, munding hideung dingaranan Si Bulan!” ceuk
Uho.
”Yu ah, urang subuh heula! Si Oji mah sina sorangan we,
bongan lila!”
Poe geus caang. Kuring balik ti heula jeung Si Jajat, da bisi
Nini milarian. Di sisi sawah nu kaliwatan loba endog meri
pabalatak.
”Mang Sapri mah angger bae, nya Jat, merina sok di- abur!”
”Mun di kota mah boro-boro balatak kieu, na kandang oge
sok leungit!”
”Di dieu mah tara, sieun bisul, cenah,” tembal Si Jajat. ’’Loba
ubarna ayeuna mah bisul oge.”
Di jalan panggih jeung Mang Kosim nyusulan dipiwarang
Nini.
’’Enggal, Cep, saur Eyang urang ngalayad nu babar.”

18 I
”Lalaki mah kudu kuat!”
”Saha nu babar,* Mang? Naha bet ngajak Ari?” ”Bi Asih, Cep!
Keueung angkat nyalira mah saurna teh, daEyang pameget mah teu
kersa, ari aya Encep mah.”
Nini tos dangdos. Kuring buru-buru mandi jeung ganti ”Tebih, Ni,

Bi Asih teh?”

’’Deukeut! Di dinya, deukeut SD Inpres! Urang leumpang we


itung-itung jalan-jalan.”
”Ni. .. , tebih atuh, cape, bilih leuleus keh!”
’’Lalaki mah kudu kuat! Komo Si Jajat mah unggal poe sakola ka
dinya!”
”Ni . . . , moal n giring ah! Tunduh deuih.”
”Ih . . . , bet sarua jeung Aki! Jig atuh baturan Aki ari tunduh
mah!”
Malem Minggu, Ibu, Bapa jeung lanceuk-lanceuk kuring
sarumping, ngarendong sawengi di Nini. Jam sapuluh isuk- isuk,
Mingguna, kuring milil balik, da saur Ibu geus dua minggu di bumi
nini.
”Bu . . . , moal waka ngiring uih, ah, betah keneh! Bade Lebaran di
dieu!’’
’’Raos teuing, Bu, teu aya damel! Dini teu aya nu ngaban- tuan
ngepel!” ceuk lanceuk kuring.
”Enya, keun we atuh ngabaturan Nini, meungpeung pere- nalila!”
”Sanes kitu, Ni, sina ngapalkeun, bade ka SMP!” saur Bapa.
Kapaksa we nurut, padahal isuk rek ngadu langlayangan. ”Sepi
deui atuh Nini teh?” Nini sasauran.
Ibu, Bapa, marunjungan ka nini jeung aki, oge lanceuk- lanceuk
kuring.
”Godbay, Ni, Ki!” ceuk kuring.
”Husssy . . . ! Munjungan, lain goodbay ari ka sepuh!” Ibu nepak
taktak.

20 t
”Saha nu babar,-Mang? Naha bet ngajak Ari?” ”Bi Asih, Cep!
Keueung angkat nyalira mah saurna teh, daEyangpameget mah teu
kersa, ari aya Encep mah.”
Nini tos dangdos. Kuring buru-buru mandi jeung ganti
j
’’Tebih, Ni, Bi Asih teh?”
’’Deukeut! Di dinya, deukeut SD Inpres! Urang leumpang we
itung-itung jalan-jalan.”
”Ni. .. , tebih atuh, cape, bilih leuleus keh!”
’’Lalaki mah kudu kuat! Komo Si Jajat mah unggal poe sakola ka
dinya!”
”Ni . . . , moal n giring ah! Tunduh deuih.”
”Ih . . . , bet sarua jeung Aki! Jig atuh baturan Aki ari tunduh
mah!”
Malem Minggu, Ibu, Bapa jeung lanceuk-lanceuk kuring
sarumping, ngarendong sawengi di Nini. Jam sapuluh isuk-
isuk,Mingguna, kuring milu balik, da saur Ibu geus dua minggu di
bumi nini.
”Bu . . . , moal waka ngiring uih, ah, betah keneh! Bade Lebaran
di dieu!”
”Raos teuing, Bu, teu aya damel! Dini teu aya nu ngaban- tuan
ngepel!” ceuk lanceuk kuring.
”Enya, keun we atuh ngabaturan Nini, meungpeung pere- nalila!”
’’Sanes kitu, Ni, sina ngapalkeun, bade ka SMP!” saur Bapa.
Kapaksa we nurut, padahal isuk rek ngadu langlayangan. ’’Sepi
deui atuh Nini teh?” Nini sasauran.
Ibu, Bapa, marunjungan ka nini jeung aki, oge lanceuk- lanceuk
kuring.
’’Godbay, Ni, Ki!” ceuk kuring.
’’Husssy . . . ! Munjungan, lain goodbay ari ka sepuh!”
Ibu nepak tak tak.

20
Sarerea ngadagoan kuring nu lumpat deui ka jero imah, nyokot
kere belut nu tinggaleun di dapur.
”Bu . • •,hadiah lebaran ti Ari, Bu!” Kere belut dika- Ibukeun.
Sarerea garumujeng.
Mobil lalaunan ngageuleuyeung, mawa kuring balik ka kota,
tos ngendong di Nini.

ARI WARSODOEDI
SD ASSALAAM I, Kelas
VIA
Jl. Sasakgantung 3
Bandung.

21
KALANGSU

Poe Minggu wanci haneut moyan, Adet, Ating jeung Nia geus
nyalampeur. Rek ulin ka Jatiroke, ka akina Adet. Ka dituna ge rek
kana mobil, da dijajapkeun ku Apana Adet. Hadena bae ti kamari
keneh ge geus bebeja ka Apa jeung ka Emah yen rek ka Jatiroke, jadi
teu hese deui.
Ka Jatiroke teh jalanna make jalan kidul anu jurusan Rancaekek.
Sajajalan resep ningal pasawahan upluk-aplak. Sawareh geus diadegan
pabrik-pabrik atawa imah. Barang ret ka beulah kaler, ngajega gunung
anu lenang teu aya kakaian anu galede ngan ukur tatanen urang dinya,
kayaning huma, pelak jagong atawa sampeu. Ceuk urang dinya mah
eta gunung teh disebutna Gunung Geulis, cenah. Di puncak gunung
katembong aya nu kawas tutunggul. Cenah mah eta teh paesan nu sok
diparake muja ku jalma-jalma anu masih keneh percaya kana karamat.
Barang datang ka imah akina Adet, diaku sarta dibagea- keun
pisan. Song susuguhna, rupa-rupa kadaharan hasil tatanen. Sajaba ti
disuguhan dahar teh, teu luput ti cau, gedang jeung seupan hui manis.
Matak barieukeun ari loba- loba teuing kitu mah.

22
Nu ngarit teh seuri bari nuduhkeun jalan.
Pantes arek lubak-libuk di akina Adet mah, da saku- riling
bungking teh pinuh ke pepelakan, kayaning sampeu, hui, jeung
bubuahan sejenna. Akina Adet teh penggerak patani tehnik di daerah
eta mah. Harita ku emangna Adet sarerea dibawa ka kebon bubuahan
anu rada jauh oge per- nahna ti imahna aki Adet. Emangna Adet mah b
ari rek nyem- protan pepelakan, cenah.
Di kebon teh mani sagala aya. Tangkal jeruk mani ngaja- jar. Di
tengahna dipelakan tangkal gedang paselang jeung jambu aer. Sisi
kebon dipelakan alpuket. Lengkeng oge aya. Sarerea ngider ka b eh
lebak, ningalan gedang asak bari neang- an jangkrik. Teu karasa ider-
ideran teh dumeh di kebon sakitu legana. Tonggoy bae maju ngetan.
Bras ka tungtung kebon anu loba tangkal awi. Ti dinya mengkol
ngaler, sarua pepelakanana teh. Ari sugan masih keneh kebon akina
Adet.
Terus maju deui susuliweran. Na ari bras teh ka deukeut astana.
Kuring sabatur-batur ngarasa bingung jeung heran. Naha da tadi mah
basa asup ka kebon teh lain ka dieu? Adet oge incuna, sarua tacan
apaleun lebah-lebahna. Asa beuki reuwas, da geuning paman Adet nu
tadi keur nyemprot jeruk ge teu panggih. Rarasaan mah da bener jalan
teh, tapi brasna bet ka dieu?
Adet jeung kuring gogorowokan. Mimitina mah taya anu
ngawaro. Hadena di lebak aya nu ngarit nyampeurkeun. ”Aya naon,
Cep ・・.7” pokna.
’’Kalangsu, Mang,” tembal Adet. ”Ari jalan ka bumi aki, ka
mana?”
Sarerea recok ngadongengkeun lalampahan bieu. Nu ngarit teh
seuri bari nuduhkeun jalan.
”Bade ka kebon eyang mah, tah ka dieu jalanna!” pokna.
’’Haaar . .., geuning deukeut!” Sarerea olohok. Tung- tungna
tingbarakatak saleuseurian. Jeung enyana, ukur ka- halangan ku pager
buni tangkal selong di sisi kebon.

24
’’Gara-gara Si Ating ngudag simeut gede, jadi weh ka- langsu!”
Nia kukulutus.
Sihoreng eta daerah teh kaitung rada sanget, cenah. Teu kungsi
lila sarerea geus tepi deui ka imah akina Adet.
Paso sore sarerea pamitan ka akina Adet. Balik teh di-
anteurkeun deui kana mobil bari dibahanan oleh-oleh hasil bumi.

DADIHERYANA
SD Cibiru IV Kelas VA
Ujungberung. Bandung.

25
KA SITU BAGENDIT

Subuh-subuh keneh ge abdi parantos hudang, margi bilih


kasiangan, sareng hoyong enggal-enggal mios darmawisata. Enggal
abdi mandi, teras dibaju. Samemeh mios teh meres- keun heula sagala
rupi anu bade diban tun. Saparantos sadaya- na beres, nembe marios.
Tempat nu dituju teh Cipanas sareng Situ Bagendit. Ka- leresan
nuju pakanci caturwulan kahiji. Mios teh disarengan ku Mamah,
Empah, Aa sareng Alo Hendi.
Ka Cipanas teh tumpak beus anu ka Garutkeun. Beusna merek
BENER. Saparantos dugi ka Tarogong, abdi sadayana turun. Ti dinya
teras tumpak delman ka Cipanas.
Sapanjang jalan antawis Tarogong sareng Cipanas, abdi nmgal
gunung-gunung ngajalungkiring. Balong-balong mani ngaremplang,
caina herang ngagenyas. Seueur deuih balongna oge.
Saparantos dugi ka Cipanas, Empah meser karcis lebet sareng
karcis kamar ibak. Aa sareng Alo Hendi mah ngojayna di tempat
ngojay anu di luar. Abdi, Mamah sareng Empah mah di kamar mandi.
Resep pisan kokojayan dina bak ageung, da caina haneut. Tiluan silih
simbeuh. Abdi diajar ngojay ku Mamah sareng ku Empah. Ngawitân
nganggo ban, saterasna dicepengan ku Empah, Karaos kaku keneh
ngojay- na oge da nembe harita .diajar ngojay teh. Saparantos wareg
ngojay teras haranjat.
Enggal dibaju deui. Saparantos beres nembe ka laluar,
Pamandanganana mah di dieu oge endah pisan.
ngajugjug pasir, tempat anu luhur. Di luhur pasir, brak nare- da
murak bekel bantun ti Bandung. Ni’mat pisan neda teh. Ongkoh
hawana seger sareng pamandanganana mani plung- plong ka ditu ka
dieu, matak wararaas. Ti pasir teh katingai nu nuju ngarojay dina
bak pamandian. Bumi-bumi katingal- na teh aralit. Nuju neda aya nu
nawisan karedok. Teras meser sapiring.
Pasisiang nembe warangsul ti Cipanas. Sateuacanna wangsul ka
Bandung, arameng heula ka Situ Bagendit. Ti Ta- rogong ka Situ
Bagendit teh nunggang delman sapertos tadi ka Cipanas.
Abdi mah ari tumpak delman sok hoyong di payun wae, da
hoyong caket sareng kuda. Keur' raos:raos calik, kudana ujug-ujug
brat-bret-brot. Sadayana mani raos saleuseurian.
Teu kantos lami, dugi bae ka Situ Bagendit. Bagendit teh
mangrupi situ nu ageung pisan. Caina teu patos herang sapertos cai
di Cipanas. Di lebetna teh seueur lukut nu harejo mani ngarambang.
Pamandanganana mah di dieu oge endah pisan.
Mamah mesen rakit hiji. Teras sadayana tarumpak rakit. Anu
ngawelahna mah Emang tukang rakit. Bari tumpak rakit, Alo Hendi
mah bari ngala lauk. Tapi laukna teu aya nu ageung. Alo Hendi
kenging laukna mung dua siki. Ku abdi tadina mah laukna teh bade
dikana kantong pelastikkeun, tapi barang bade dilebetkeun, laukna
ngacleng deui ka cai. Atuh lapur. Mani handeueul pisan.
Tumpak mobil sareng tumpak rakit asa raos kegeh tumpak rakit.
Margi di kota mah rakit teh aneh keneh. Da di kota mah sagala rupi
tutumpakan teh mung mobil sareng motor wae, rakit mah teu aya.
Saparantos sadayana wareg rarakitan di Situ Bagendit, teras
warangsul deui ka Bandung. Sadongkapna ka rorompok, kaayaan
sareng kaendahan pamandangan di Cipanas sareng di Situ Bagendit
ku abdi didongengkeun deui ka nu teu ngari-
ring ka ditu. Basa tos lebet deui sakola, ka rerencangan oge
dicarioskeun pangalaman nuju pakanci teh. Sadayana kara- geteun,
margi biasana upami nuju pakanci teh abdi mah tara ka mana-
mana, sok aya bae di rorompok.
Saur Mamah, upami engke pere deui bade ameng ka Cianjur
atanapi ka Pangandaran. Nguping kitu ku hoyong enggal-enggal
pakanci deui. Hoyong enggal terang kaayaan
di ditu.
ELIS LISTYAWATI
yuswa 816 taun
SD Santo Yusup Kelas
III
JI. Cikutra 5
Bandung
NGEBON SAYURAN DI WALUNGAN

Dina pakanci caturwulan kahiji, kuring ngadon ngendong di


lembur pun aki. Eta lembur henteu sabaraha jauhna ti lembur kuring.
Aya anu jadi panarik di lembur pun aki, nya eta kaahlian urang
dinya dina rumawat kana lingkunganana. Pantes lamun eta lembur
anu katelah Ranji teh gudang palawija anu ngeusi- an pasar
Jatiwangi, tempat kuring balanja. Anu jadi panarik ka kuring, nya
eta kabiasaan urang dinya ngebon sayuran di walungan. Hal ieu beda
pisan jeung kabiasaan pangeusi lembur kuring, anu umumna tukang
buburuh atawa karyawan, ibu-ibuna teh sok biasa ngebon ka
warung. Ngebon sayuran ka warungan, nya eta ka toko sagala aya.
Walungan Cisambeng anu ayeuna mah waktu musim hujan
caina kiruh, ngaguruh umpal-umpalan. Harita mah waktu kuring
ngendong di pun aki, walungan teh ngemploh hejo. Caina meh teu
kaciri, ukur katara arula-arileu lir gurat anu meulah walungan jadi
dua bagian. Matak seger anu neu- teup. Sapanjang walungan lir
permadani hejo, batik kangkung. Pating arendag pating garupay
kasurungkeun cai, ka- tarik-tarik ku angin.
Sajongjongan kuring ngahuleng, ngabanding-banding kabiasaan
urang desa anu aya di lembur kuring anu kaasup kota Kacamatan,
jeung urang lembur pun aki anu pangeusina meh kabehanana tukang
tani.
Pun aki teh pangsiunan. Asalna pagawe Transmigrasi. Tukang
ngunjalan urang Jawa ka pulo-pulo sejenna, khusus-

30

A
Sapanjang walungan lir permadani hejo ...
na ti Jawa Barat. Anu marangkat ka luar Jawa teh kaasup urang
Ranji, malah pun bibi jeung pun uwa, putra-putra pun aki oge
henteu tinggaleun. Pun bibi, pun uwa, sarom- bonganana
ngalaksanakeun anjuran Pamarentah, muka leu- weung jadi lahan
tatanen di Tulangbawang, Propinsi Lampung. Satadina pun aki
oge aya cita-cita ngamangpaatkeun waktu pangsiun teh di
Sumatra, ngabantuan pun bibi jeung pun uwa. Tapi aya garapeun
anu leuwih penting dina per- timbanganana, nya eta ngurus
pasantren Daarurrahman, amanat karuhun; karuhun pun aki,
karuhun kuring.
Kuring betah cicing di lembur pun aki teh, sanajan jauh ka
bioskop, anggang ka kota, tapi teu kurang ku hiburan jeung ku
raramean. Anu kabandungan sapopoena, barudakna, tas lohor ka
Madrasah. Bubar ti Madrasah, latihan penca silat. Bada Magrib
ngaos Qur’an a tawa ngadengekeun ceramah di masjid. Kolot-
kolotna, rebun-rebun keneh mangkat ka tegal- an, da harita teh
usum ngagarap pihumaeun. Ibu-ibuna ma- retik kangkung di
walungan. Wanci lohor, sakulawarga kumpul, beberesih ka cai,
tuluy sarolat beijamaah di masjid. Satutasna, aya anu ngaos
Qur’an, atuh anu tas ngala kangkung neruskeun meungkeutan
kangkung. Biasana tukang ngaborong kangkung teh daratang
sorangan. Lamun tukang ngaborong teu datang, subuh-subuh
keneh ge bapa-bapana ngangkut kangkung ku sepeda anu kenca
katuhueun bahasi- na make bongsang, ka pasar Jatiwangi. Bada
asar, para pamudana olahraga di lapang bola atawa di lapang
batminton. Najan saku henteu merekis oge teu matak salempang.
Sakali- eun rek nyambel, cengek di sisi-sisi tegalan pihumaeun
mani ngadingding. Mun hayang lauk, asal daek we ngalungkeun
heurap di walungan nu rada jero. Da walungan teh nu dareet- na
mah p in uh ku kangkung anu patingsarelap ditindihan batu
sagede-gede endog. Lalawuh kopi teu kurang. Bubuy sampeu,
peuyeum gatot, teu weleh ngabagug dina meja sabaskom metung.

32
Peuyeum gatot teh nya eta peuyeum anu dijieunna tina gaplek
sampeu pait. Eta gaplek teh rupana semu hideung, henteu bodas
cara gaplek sampeu biasa. Anu matak kitu, sabab eta sampeu pait
teh sanggeus dipesekan kulitna, dibeu- lahan, tuluy dikeueum
sababaraha poe, terus dipoekeun. Sanggeus garing disimpen.
Lamun hayang peuyeum, gaplek teh diseupan. Sanggeus tiis,
diragian saperti peuyeum biasa. Peuyeumna semu geuneuk. Lamun
tacan dipecak mah asa- asa ngadaharna oge. Tapi sanggeus sakali
nyobaan matak deudeuieun. Amisna teu beda ti korma oleh-oleh ti
Bapa Haji.
Sakitu pangalaman kuring dina pakanci anu geus kaliwat.
Muga-muga bae tiasa aya mangpaatna keur nu sanes.

ELI SUSILAWATI
Kelas VA SDN Cicadas II
Desa Cicadas, Kacamatan
Jati wangi Kabupafen
Majalengka,、

33
PAKANCI DI LEMBUR

Samemeh pakanci, Bibi sareng Emang di lembur nalatah- keun


supaya abdi nganjang ka ditu. Numawi basa pakanci caturwulan
kahiji teh abdi dijajapkeun ku Bapa, dititipkeun ka Bibi sareng ka
Emang.
Bibi, Emang sareng Imas, baringaheun pisan. Imas teh putra
bibi hiji-hijina, sapantar sareng abdi. Sami deuih kelas genep.
Abdi ge jol-jol betah bae di lembur teh da aya Imas, aya batur
ka ditu ka dieu.
Di bumi bibi tiiseun, tapi resep, bareresih. Buruanana lega,
seueur pepelakan. Bibi sareng Emang teh padamelanana tani. Saur
Bapa mah Emang teh rapekan pisan, tara kersa cicing teu puguh.
Sok aya bae nu dipidamelna.
Di buruan anu lega teh aya tangkal kembang eros, malati, jeung
kananga keur meujeuhna marangkak karembangan. Teras deuih aya
tangkal balingbing, pendek tapi leubeut buahna. Tangkal nu sanesna
oge aya, nya eta tangkal buah sareng jambu aer.
Di buruan pengker aya balong, kandang hayam nu rapih
dikapur, sareng aya kandang embe. Eta kandang-kandang teh teu
caket teuing ka bumi, da cenah ge awon kana kasehatan. Atuh
kokotorna, ku Emang unggal dinten diberesihan.
Di sisi balong teh aya tangkal surawung, marontok. Pelak
bawang sop, sareng saledri ge mani salubur, dina carangka sareng
ember tilas atanapi panci tilas. Pelak cabe sareng tomat aya deui
sagunduk. Komo cengek mah buahna bareureum, r
A

34
Abdi oge jol-jol betah bae di lembur teh.
harejo. Sajabi ti eta, tangkal leunca, paria, kacang, roay, cikur sareng
sampeu oge aya deuih.
Saur Bibi mah eta teh warung hidup. Aya deui tangkal sembung,
kumis ucing nu kembangna barodas, jawer kotok jeung rea-rea deui.
Saur Bibi deuih, eta mah apotek hidup. Tapi di dieu mah sanes Emang
wungkul anu rapekan teh, da Bibi sareng Imas ge sami daraekan.
Abdi ge resep pisan ngabantuan, korno maraban lauk mah. Lamun
diawuran teh mani ngagonyok paheula-heula nyarantokan. Aya lauk
gede anu semu hideung, kukucibek- an. Imas nuduhkeun, eta teh cenah
Si Kumpay, lauk Imas. ”Pek we keur Eneng engke lamun uih,” pokna.
Mani atoh, Imas teh geuning bageur pisan. Tapi di mana dipelakna?
Ari dipeuncit, karunya!
”Ah,entong, Mas! Di ditu mah da teu aya balong, aya oge . . . bak!”
ceuk abdi.
’’Enya, nya . • . Imas seuri.
Bibi mah tara sesah balanja ka warung, da tos sagala aya. Laukna,
lalabna, araya di kebon. Balanjana teh kantun uyah, gula, oncom sareng
minyak we, cenah. Pais oncomna oge di Bibi mah mani raos, seungit, da
seueur surawungna.
Emang sasauran, cenah, lamun urang daekan mah moal hese
sakalieun butuh cengek, sareng lalab mah. Jaba ngirit deuih. Emang ge
ngawurukan cara-carana melak sampeu, melak tomat jeung nu sejenna.
Mun tos reres solat Isa teh sok ngariung opatan. Teras Emang
ngobrol sareng Bibi. Ari abdi sareng Imas mukaan buku-buku
pangajaran. Da saur Ibu Guru ge ari pere teh ulah pere ari ngapalkeun
mah.
Resep pakanci di lembur teh. Ka sawah, ka kebon, hawa- na seger.
Imas, Bibi sareng Emang balageur.
Pidua poeeun deui sakola, abdi dijajapkeun ku Emang, dibahanan
goreng lauk emas, lauk hayam, opak, ulen, jeung bibinihan.
t

36
Ema meser goleng tilas pindang sababaraha hiji di pasar.
Ku Bapa dijajarkeun, ditaneuhan jeung digemukan. Bibinih- an
bantun ti lembur teh dipelak-pelakkeun di dinya.
Ayeuna, sabulan ti şaprak pakanci tea,pepelakan teh tos jaradi,
jarangkung. Surawung, tomat, salalubur. Kitu deui bawang, saledri
oge cabe marontok naker. Ema sareng Bapa baringaheun pisan.
Komo abdi m ah.

ENDAHLYANI
SD Neg. Gudangkopi II Kelas
VI B
SUMEDANG

37
NYAI RORO KIDUL

Waktu mulang ti sakola bari hate bungah da rapot aralus angkana,


kuring sabatur-batur badami. Maksud teh rek nga- laksanakeun
cacarekan, yen lamun kuring kaasup kana ranking kurang ti lima, rek
ulin ka Karanghawu.
Sadatangna ka imah, rapot teh disanggakeun ka Bapa sareng ka
Ema, bari sakalian bebeja yen isukan rek pelesiran ka Karanghawu.
”Heg wae rek ulin m ah, itung-itung ngareureuhkeun uteuk,” saur
Bapa bari nawis rapot. ”Ngan kahade we ulah pirajeunan ngojay di laut,
bisi aya arus. Bapa m ah moal ngi- dinan mun hidep nyoba-nyoba rek
mandi di laut. Geuning basa taun tukang oge Jang Engkan titeuleum.
Matak, omat Bapa mah.”
”Moal atuh, Pa! Piraku abdi oge. Sanaos pinter ngojay di walungan
oge pan ari di laut mah benten deui!” tembal kuring ngayakinkeun yen
bener-bener moal pirajeunan mandi di laut.
”Ari kitu onaman teu nanaon,” saur Ema. ’’Jeung saha wae isukan
teh?”
’’Seueuran, Ma! Epe, Dadi, Imat, Kardi, sareng Komar weh.
Genepan, panginten.”
Isukna, kira-kira jam tujuh babaturan geus nyalampeur, bari
masing-masing marawa bebekelan.
’’Kumaha ..., geus siap, Rik?”
’’Beres sagala rupana oge! Ngan bae .. . , naha urang laleumpang
wae motong jalan, itung-itung latihan lintas alam,

38
atawa rek kana mobil?” omong kuring. Sakedapan sarerea
tingharuleng.
’’Kumaha lamun ayeuna, inditna leumpang nakul ka Sukatani,
paling-paling ge sajam satengah. Tali, engke balikna urang kana
mobil. Satuju atawa henteu?” omong Kardi kawas nu geus hayang
sajungjungeun pisan indit.
’’Akur, lah . . . !” tembal Imat ditungtungan ku nga- hahah.
’’Bener, bari ngalatih suku, pan urang teh tereh LT II. Regu Kijang
kudu jadi Juara LT II sa-Kacamatan!”
Sarerea teu sirikna surak bari tingcakakak.
Sanggeus tarapti, bring arindit. Jalan motong ngaliwatan
Sukatani. Teu lila, jam salapan kurang ge sarerea geus anjog ka nu
dituju. Nu daratang rek ngaradon saruka bungah geus loba deuih,
komo beuki beurang mah. Utamana ti nu jarauh, saperti Sukabumi,
Bogor, Bandung, Jakarta jeung ti tempat- tempat lianna deui.
Sanggeus naek gugunungan, ngaliwatan tangga jeung ningali
kaendahan laut nu ngaplak hejo, parahuna ting- arangkleung di
tengah laut, sarerea tuluy neangan tempat nu tumaninah pikeun
marurak bebekelan.
Ku lantaran loba pisan nu daratang, a tuh tempat-tempat nu
rarineh di basisir mah geus taya nu lowong. Kapaksa sabatur-batur
teh terus ngetan, tujuan teh rek Vli deukeut pabrik es Ratutirto.
’’Beda nya waktu pakanci mah, loba nu datang!” Epe kukulutus,
pedah teu tulus murak bebekelan.
Bari leumpang mapay-mapay basisir, kuring nyaritakeun
perkara Nyi Roro Kidul.
’’Nyai Roro Kidul teh asalna mah putri geulis ti hiji karajaan.
Tapi ku lantaran aya nu sirik, manehna jadi goreng rupana. Lantaran
ngarasa era, manehna indit ti Karajaan. Leumpang sakalunta-lunta.
Nya jog ka basisir laut kidul. Keur jongjon ngareureuhkeun cape,
ngong aya sora ti jero laut, yen lamun hayang geulis deui kudu
mandi di laut. Teu

39
antaparah deui, Nyi Roro Kidul ngagejeburkeun maneh ka laut. Tapi
teu muncul-muncul deui, cenah mah dibawa ka karaton Dewa Laut.
Teuing bener, teuing henteu, da ieu mah ceuk dongeng.” Kuring
nutup caritaan.
Jegur! Ombak ngaguruh, caina nyeah ka sisi, ka tempat kuring
sabatur-batur laleumpang, nepi ka semet bitis.
”Nu matak oge ulah sok ngomong-ngomong Putri Nyai Roro
Kidul, engke lautna sok motah!” Komar semu nu risi- eun.
”Ah . . . , lain ku kitu! Urangna we leumpangna nyered teuing ka
tengah!” tembal Dadi.
Teu k arasa cape, pabrik es Ratutirto geus kajugjug. Sa- rerea
gek rareureuh handapeun tangkal pandan nu ngarung- gunuk. Brak,
maruka bebekelan. Emh, ... aya ku ni’mat dahar teh. Teu pira
deungeunna ukur pais peda, sambel tarasi jeung k ulu b peuteuy
weh.
Sanggeus beres dahar, kuring sabatur-batur nareangan umang
keur oleh-oleh adi di imah. Teu hese da tegalna, sa- keudeung ge
geus beubeunangan. Geus loba beubeunangan mah, sarerea baralik
deui ka tempat urut tadi murak timbel, bari ngararasakeun waregna
dahar.
Teu k arasa sirah ngalenggut. Eta meureun pedah tas cape
leuleumpangan, katambah-tambah daharna wareg teuing.
Korejat hudang deui. Awak karasa hareudang. Kuring cucul-
cucul, brus mandi di laut. Teu kanyahoan aya arus, kuring kasedot
kabawa ka tengah. Rarasaan teh asa aya nu ngabedol, terus dibawa
ka dasar laut. Sihoreng kuring teh dibawa ku Nyi Roro Kidul. Terus
dibawa ka karaton Dewa Laut.
Kuring bisa ngarenghap engapan di jero cai, sarta ngarti kana
basa sakur sasatoan nu aya di dasar laut. Kuring ditawan jeung
dipaksa unggal poe kudu ngadahar bangke jalma nu paralid di laut.t

40
Kuring mııgen, nolak kana par entah.
Sanggeus rada lila, kuring dikaluarkeun deui, terus di- jieun
tukang jaga karaton Dewa Laut. Kuring dibe re pakarang nu
samakta.
Dina hiji poe, kuring kudu milu perang ngalawan nagara di
darat. Tadina mah kuring mugen, nolak kana parentah, saba b inget
ka indung, ka bapa jeung ka dulur-duiur nu araya di darat. Tapi
kuring teu bisa nolak. Atuh kapaksa kudu indit ka pangperangan.
Di pangperangan di bere tugas teh tukang nembakkeun mariem.
Geleger! geleger! sora mariem n u ditembakkeun ngancurkeun
kakuatan musuh ...
Korejat, hudang! Luak-lieuk. Nu bieu sora mariem teh .
sihoreng sora bedug asar di masjid tonggoheun pabrik es. Kuring
ngahuleng, nginget-nginget impian. Luak-lieuk deui, euweuh
sasaha! Ka mana ari babaturan?
”Emh. untung ngimpi jadi penembak mariem. Mun teu kitu, boa
kudu meuting di dieu! Jeung ku teungteuingeun, batur, mani
euweuh nu ngageuingkeun. Mani tega naringgal- keun!” hate
kukulutus sorangan.
Awak karasa asa carangkeul. Derek dek, derek dek, ba- batek.
Ti beulah kulon tingkurunyung babaturan bari sa- leuseurian.
’’Teungteuingeun, mani teu ngagareuingkeun!” omong kuring
bari rada keuheul.
’’Atuda karunya! Ari dug, ari tibra! B isi kaganggu ngara-
rasakeun motahna pais peda di jero beuteung!” tembal Imat.
Barakatak deui saleuseurian. Re k ambek teh teu tulus da
kaburu inget kana impian. Ngan moal waka dicaritakeun ayeuna.
’’Urang baralik we, yu, meungpeung loba mobil!” omong Epe.
Bring sarerea ngajugjug ka jalan mobil.
Barang datang ge ka imah, pangalaman ngimpi teh di-

42
dongengkeun ka Apa sareng ka Ema.
”Naon wae Rik nu diobrolkeun ku lauk laut teh?” Ema naros.
”Riik . . . , ari rupana Nyai Roro Kidul jeung Dewa Laut siga
kumaha?” Bapa nempas bari mesem.
’’Engke we wengi, nya Pa! Ayeuna m ah Erikna bade ka
jamban heula!” tembal kuring bari rada era parada.

ERIK MAŞRIK
SDN Ganesa, Kacamatan
Cisolok Kabupaten Suka
bumi.

43
N Y ABA KA MAJALENGKA

Sawewengi teu tiasa tibra mondok teh. Hoyong geura enjing,


hoyong geura jung nyaba. Padahal siangna teh tas cape ngabantuan
pun biang ngadamelan kueh.
Sateuacan pere pun Bapa parantos ngajangjian, upami ra- pot abdi
sae, bade dibantun nyaba ka Majalengka, bade nga- layad pun n ini
sareng pun aki. Alhamdulillah, rapot teh sae. Jangji pun bapa teh bade
dilaksanakeun.
Mondok teh asa nembe reup, parantos diguyah-guyah deui ku pun
biang.
”Tos Subuh, Lia, geura netepan!” sauma.
Panon karaosna mentel keneh pisan. Nanging barang ngu- ping
kecap subuh mah teras bae cenghar. Enggal ka cai, bade mandi heula.
Cai karaosna mani nyecep tiis. Tos mandi teras salat subuh bari
sakantenan ngadu’a mugi-mugi dipa- parin kasalametan. Tong aya
halangan harungan di jalan.
Tos sadayana tarapti, abdi mios teh panceg tabuh genep enjing-
enjing, sareng pun bapa miwah pun adi.
Mios teh kana motor, henteu kana mobil margi sok mabok di
jalanna. Hawa karaosna mani nyecep, nyelesep kana sungsum. Atuh
mani ngahodhod.
Sanaos enjing keneh, hawa di kota Bandung mah karaosna teu
seger sapertos di luar kota. Rupina di lebet kota mah hawa teh parantos
kotor ku polusi.
Di pasawahan anu kalangkungan, pare nuju sumedeng rampak,
ngemploh hejo lir karpet nu diamparkeun. Tatang- kalan sapertos anuI
pabalap-balap. Gunung-gunung ngajung-
*
44
Kin t en tabuh salapan dugi ka bati geusan ngajadi...
kiring lir ngajaga lemah cai kadeudeuh.
Wanci haneut moyan abdi parantos dugi ka Cadas Pangeran.
Wartosna, kapungkur mah ngadamelna teh kalintang se- sahna.
Saur dina buku sajarah oge seueur pisah korbanna. Margi alat-
alat anu dianggena teh mangrupi alat-alat tradisional, sapertos:
pacul, linggis, balincong, singkup, sareng sa- jabina. Ari anu
ditugarna cadas anu sakitu teuasna, ngabe- lentrang cara batu. A
tuh rahayat anu ditugaskeun ngadamel- na oge kirang tanaga,
margi didaramelna oge tanpa buruh.
Ngalangkung ka dinya teh bari teu kendat ngadu’a, ba-
bacaan satiasa-tiasa malar dipaparin kasalametan. Di palebah
dieu mah da upami kirang ati-ati tiasa tigebrus kana jurang anu
teu kinten lungkawingna.
Di Sumedang liren heula di Restoran Ojolali, meser heu- la
tahu kanggo oleh-oleh. Di Kadipaten mah meser oleh- oleh teh
gula kasedep pun aki.
Kinten tabuh salapan dugi ka bali geusan ngajadi pun bapa
sareng pun biang, nya eta desa/kacamatan Sukahaji, kabupaten
Majalengka. Barang dongkap teras munjungan ka pun aki, ka pun
nini, pun uwa- sareng ka wargi-wargi sanesna. Teras reureuh
heula bari ngawarangkong. Sadayana galumbi- ra
pisan. .Ngawangkong diselang ku ngaleueut saaya-aya. Sa-
parantos net e pan lohor, teras nareda sareng sambel sareng lalab,
nanging karaos ni’matna. Nembe beres neda jol pun lan- ceuk,
putra pun uwa, ngajakan nguseup ka pun adi. Pun adi teu kinten
bingaheunana diajakan nguseup teh. Ngawitan mah lami oge
kana nyanggutna. Saparantos kinten satengah jam nembe aya nu
nyanggut. Nanging saparantos kenging hiji mah teras bae giriwil
deui, giriwil deui. Laukna teh mujaer sareng lele. Atuh
kekengingan teh mokaha seueurna. Waktos sonten mah neda teh
sareng goreng mujaer anu garing ditam- bih ku pais lele
disurawungan.
Enjingna mios ka bumina pun uwa anu pernahna rada tebih
ti bumi pun aki. Kinten-kinten dua kilometer tebihna.

46 .
r
Pun Uwa mah teu kagunganeun balong. Upami kukumbah,
nyeuseuh, siram sareng miceun teh sok ka walungan.
Walunganana ageung, nanging caina alit upami nuju usum
halodo mah, sareng herang. Upami usum ngijih, caina teh ageung
sareng kiruh. Walunganana ge katelahna teh Cikeruh. Batuna
arageung saageung-ageung leuit.
Pun adi mah tos teu sabar ningal cai ngocor teh. Porosot
lancingan, gejebur bae teuleum di leuwi bari kokojayan.
Abdi oge teras mandi, di pancuran. Henteu di leuwi da sieun
tikerelep, margi teu tiasa ngojay. Saparantos diguyur ku cai
pancuran, awak karaosna seger sareng jagjag. Pun adi mah masih
resepeun kekecebekan di leuwi, abdi mah resep we ningal
kaendahan alam sakurilingeun, bari diuk dina batu. Re t ka palih
wetan, lamping anu pinuh ku tatangkalan. Pa- lih kulon sareng
kidul, pasawahan anu nuju rampak.
Kenging saminggu di Majalengka teh. Dinten Saptuna abdi
wangsul deui ka Bandung. Sanaos hate mah betah ke- neh di
lembur anu sakitu simpena tur hawana seger teh. Tabuh sabelas
siang dongkap ka Bandung kalayın salamet. Barang dongkap ge
pun biang ngarontokan bari ngaguar oleh-oleh ti lembur.

HERLIANI
Kelas VI,
SD Neg. Ke bon Gedang
IX Jl. Kebon Gedang
BANDUNG.

47
K A SUBANG

Mios ti Bandung teh tabuh tujuh enjing-ejing, Nu dituju kota


Subang, bade ka lembuma rerencangan Mamah sareng Apa,
maksadna mah bade nguseup.
Jalan ka Subang ngalangkungan jalan Setiabudi, Lembang,
Panorama, jalan ka Gunung Tangkuban Parahu, oge jalan ka Ciater.
Sapanjang jalan ka Lembang dugi ka Ciater, hawana ka- raos
tiis, margi ayana di lamping gunung.
Di sapanjang jalan ka Subang, seueur tangkal enteh, mani
ngemploh. Ti katebihan katingalna kawas alketip hejo nu kandel.
Sareng aya tangkal Hanjuang beureum. Jadi kawas alketip nu dihias
ku kekembangan. Di tengah-tengah ampar- an alketip teh ^aya
gugunungan. Tapi kawasna mah ’hutan lindung’, nu eusina ngan
tangkal camara wungkul.
Saparantos dugi ka Subang, abdi sareng Mamah, oge Apa, tos
diantosan ku Pa Sonjaya di Jalan Cagak. Teras ne- raskeun deui
lalampahan ka lembuma Pa Sonjaya. Ayeuna mah di sapanjang jalan
teh seueur kebon ganas. Oge di sisi jalan seueur nu icalan ganas.
Ganas nu kasohor amisna, sang- gemna mah nu disebat ganas Si
Madu. Seueur ka luar caina, sareng amis pisan. Cirina ganas Si
Madu mah saurna, upami diketok-ketok sok disada ngepluk,
lantaran seueur caina tea.
Hawa ngawitan panas. Da kitu di daerah Subang mah hawana.
Dugi ka nu dituju, Bapa-Bapa sareng barudak pame- get mah teras
ngararuseup. Caringogo di sisi balong, mani aranteng.

r
48
Sanaa s hawana tiris, nanging caina haneut.
Abdi oge ngiring nguseup. Nanging mung sakedap, kabu- jeung
bosen, sareng keuheul bongan teu kekengingan bae. Ari nu sanes mah
ngan clom-giriwil, clom-giriwil bae, saper- tos nu gampileun.
Sihoreng ari hoyong beubeunangan mah kedah sabar.
Abdi mah teras bae dipiwarang nyayagikeun leueuteun kanggo nu
ngaruseup.
Nu ngaruseup disuguhan duwegan langsung ngala tina tangkalna,
anu seueur, ngabaris di sisi balong. Bada siang, brak sadayana nareda.
Mani ni’mat pisan. Eta parvginten pe- dah tos cape. Da ari nuju cape
mah sagala oge sok raos.
Saparantos taruang, bring, sadayana ngalabring ka pasar. Pasar
Pamanukan. Ari sugan resep di pasar teh. Tapi geuning bet bararau
hanyir. Sihoreng di pasar Pamanukan mah seueur anu ngicalan lauk
laut. Pasarna oge geuning caket ka tempat palelangan lauk laut.
Wangsul ti pasar, teras arameng ka balongna Pa Ajat. Balongna
teh seueur. Malih mah aya balong husus kanggo ngabibitkeun binih
lauk. Laukna oge rupi-rupi, aya nu alit, anu sedeng, aya oge anu
ageung. Malihan aya lauk anu langsung diical deuih.
Mani resep ningalian balong. Di gawir balong teh dipelak- an ku
tangkal cau, bonteng, sampeu, hui sareng sajabi ti eta. Tapi sadayana
oge pepelakan anu aya mangpaatna, anu tiasa diarah hasilna kangge
emameun. Sajabi ti eta aya kandang kelenci sareng kandang marmot
deuih.
Pasosonten abdi sareng sadayana pamitan ka Pa Sonjaya sareng
ka Pa Ajat, margi bade teras wangsul deui ka Bandung.
Di Jalan Cagak liren heula, bade meser ganas, oleh-oleh kanggo
nu di bumi. Sajabi ti eta oge meser binihna kangge di kebon.
Di Ciater liren heula, margi hoyong ngojay. Resep di Ciater mah,
sanaos hawana tiris, nanging caina haneut. Mung hanjakal we rada
kotor sareng barala. Eta panginten ari mi-

50
ceun runtah sok di mana wae. Padahal tos disadiakeun wadah runtah.
Nu ngarojay teh Pa Arip sareng Ihu Ar ip, Dani sareng abdi. Ari
Mamah sareng Apa mah henteu ngiring ngojay, tapi aribak di kamar
ibak.
Di Ciater teh teu lami, mung ngadon ngojay wungkul sareng
ibak. Bilih kabujeng sonten teras bae beberes, bade wangsul.
Alhamdulillah, dongkap ka Bandung teh bada Isya. Sa- naos
cape, nanging resep.

MAI A KOMAT AWATT


SD KARANGPAWULANG II,
Kelas V JI. Karawitan,
Bandung.

5
1
NU BORANGAN

Dina waktu pakanci, kuring sabatur-batur ngarariung di


saung Mang Ocim nu pernahna di tengah sawah.
”Isuk teh urang, poe nu kadua dina pakanci,” kuring muka
obrolan.
”Enya . . jadi kumaha maksud ente teh, Ding?” Si Di- ran
nanya.
”Kieu maksud kuring mah . . . Waktu pakanci teh ulah
mubah teu puguh, urang ngayakeun kemah we!”
”Alus, Ding, alus! Tapi kemahna ka mana? Naha ka Bali,
ka Jakarta, a tawa ka . .
’’Huuuh . . .! Si Diran mah ari ngomong teh tara make
polo! Atuh ka Bali mah lain ge kemah, piknik meureun!”
’’Memangna saya ini apa? Pakai tidak pake polo . .
51 Diran ngomongna teu pararuguh.
”Ari ngomong ulah make basa Indonesia sawareh, urang
mah kapan urang Sunda!” Si Oci nangtung.
’’Sorryyy . . .!”
”Etah, geus ngomong deui nu kitu?! Komo eta mah basa
mana boa!”
’’Jadi . . kumaha atuh? Kieu salah, kitu salah!” Si Diran
ngomongna rada leuleuy.
”Ih . . eta jelema! Kapan loba ieuh basa urang ge!” ”Geus .
. geus, ulah jadi pasea! Tuluykeun entong ba- badamian teh?”
kuring ngagebes.
’’Tuluykeun lah, dasar ucing jeung anjing!” Si Usman

52
r
rada ngambek. Sarerea tuluy jarempe. Diukna rada ngarised. ’’Kemah
teh urang ka Bagogog we. Satuju, henteu?!” ’’Satuju! Satuju!”
Ngan Si Darus nu repeh teh.
”Naha .. ari ente teu satuju?”
’’Lain . . .,kuring teh manggih beja, cenah di dinya mah sanget,
sok loba nu carilaka.”
Barakatak sarerea saleuseurian.
”Huuh, Si Darus mah kuno! Piraku di urang aya nu kitu?!”
”Enya, barina ge . . ulah sok percaya kana tahayul! Urang mahluk
Pangeran, jurig mahluk Pangeran, naon beda- na?” Si Diran
ngomongna bari pepeta.
’’Asal . . ., ulah tinggaleun nu lima waktu!” Kuring meta- keun ku
ramo. Barudak unggut-unggutan.
”Ke . , ari bekelna, ti mana?” Nyaritana bari nyureng- nyureng we
Si Oci.
”Aeh, enya. Meh we poho! Ti Oci patromak, ti Diran deungeun
sangu, ti Usman mah . . . beas, da tukang warung ieuh. Ti Darus tenda,
kapan boga, lin?” Si Darus unggeuk. ’’Lain, Ding, meureun deungeun
sanguna ge haseum?” ”Atuh nu atah, ngaco!”
”Ari ente moal nyampuran, nyah?” ceuk Si Diran. ’’Kapan alat-
alat jang masak jeung samak!” i
”Oooh...” * »
”Geus we, isuk teh kumpul di buruan urang!” Bring sarerea
baralik ka imahna sewang-sewangan.
Isukna barudak geus nyalampeur bari saged sapancenna-
sapancenna. ’’Tarangginas!” ceuk hate. Meureun teu daraek sare mah
bakat ku bungah arek kemah.
Leumpang pauntuy-untuyj jnapay-mapay galengan, ngali- watan
kebon. Teu ka jalan gede ieuh da ’ambeh tereh, noro- bos.
Datang ka nu dituju, sarerea ngecagkeun babawaan bari ngucap
Alhamdulillah. Brak marurak bebekelan. Ngariung

5
3
Kuripg dipamngku bari barabacaan.
silih asaan kadaharan. Duh, pohara ni’matna. Beres dalahar, tuluy
marasang tenda babarengan. Teu k arasa cape, resep we nu aya. Malah Si
Diran mah bari hahaleuangan sagala, teu pu- guh alang ujurna.
Wanci Magrib, hawa karasa nyecep tiis. Daun awi pating keresek
diadu jeung batuma. Si Darus nyedek-nyedek we ka tengah. Beungeutna
teu berag cara ti beurang. Geus teg bae, da Si Eta mah istuning
boranganana teh.
Kuring ngelemet ka luareun tenda, da bagean piket duaan jeung Si
Darus. Hese pisan re k ngalengkah teh. suku Si Darus pabaliut jeung suku
kuring. Leungeunna teu lesot murangkel kana leungeun kuring. Geus rada
jauh ti tenda, kuring ngaje- rit bari ngabeubeutkeun maneh. Atuh Si Darus
rawah-riwih. Berebet lumpat ka tenda bari keukeuleuweuhan. 々
Teu kungsi lila babaturan jul^jol nyalanipeurk.eun. Kuring diparangku
bari barabacaan. Teu puguh dengekeuneun- ana. Ari Si Darus, seseledek ka
tengah nyered-nyeried ba- tur bari culang-cileung. Tepi ka tenda, kuring
digolerk^un di- na samak.
”Ran . . ., isuk mah urang baralik we! Ceuk urang ge sa- nget!” ceuk
Si Darus. Beungeutna mani pias, leungeunna ngeleper.
Kuring gancang diuk. Babaturan ngararenjag.
’’Nuhun, nya, uing diparangku!” ceuk kuring bari seuri ngeunah.
’’Hararese tuda rek leumpang teh, suku Si Darus pabaliut bae!”
Sajongjongan mah sarerea arolohok.

NUNUNG MUNAWAROH
SD Sambungjaya III, kelas
VI Kawalu, Tasikmalaya.

5
5
DI BASISIR CIJAYANA

Basa keur sakola di Bungbulang opat taun ka tukang, ba- rudak


dibejaan ku Bapa Kapala Sakola, yen pulang THB re k pakaulan,
darmawisata ka basisir Cijayana. Nu re k dibawa teh murid kelas opat ka
luhur.
Barudak gerrr sarurak. Rame ngadarongeng, laut deui, laut deui.
Kuring mah ngembang kadu wae, da encan nyaho laut. Resep cenah ka laut
teh. Ombakna gede, pamandangan di jalanna endah, hejo ngemploh. Atuh
asa kacida hayangna nyaho laut.
Kuring harita kelas dua. Tuluy bebeja ka Bapa Guru, ha- yang milu.
Kabeneran da sakola pere tas THB, katam- bah tacan nyaho laut.
’’Entong . . ., jauh!” saur Pa Guru. ”Moal kuat leumpang- na!
’’Kiat, Pa, da abdi oge osok mapah tebih. Parantos tuman!”
’’Jaga we mun geus kelas opat!” sauma deui.
Atuh hing bae ceurik. Tungtungna mah ku Pa Guru diwi- dian. Atuh
asa bungah pisan, mani ajrag-ajragan.
Rengse THB, poe Minggu mimiti pakanci. Barudak nu rek piknik geus
sasadiaan: beas saleter, endog asin, jeung emih. Peutingna guling gasahan
teu ngeunah sare. Geus nya- ngigir, geus nangkarak, bulak-balik. Ku
hayang geura beurang.
Subuh-subuh keneh ge geus harudang. Ema nyangu heula,
mangnimbelkeun. Sanggeus tarapti kakara in dit ka sakola.

5
6
Nenjo babaturan mani raridu ku babawaan, sawareh mah
dibantuan, dipangmawakeun ku duluma. Bekel kuring mah
dihijikeun jeung kagungan Bapa Guru, ditanggung ku Emang
Penjaga Sakola.
Barudak teh dibariskeun heula. Aya nasehat ti Bapa Ka- pala
Sakola. Tuluy ngado’a heula, muga-muga salamet di ja- lanna.
Bring weh ti dinya mah arindit. Barudak bungah seuseu- rian.
Teu n gar asa cape ieuh da loba batur. Ketang da tuman kuring ge
leumpang jauh mah. Harita teh usum halodo, di jalan karasa
panasna. Nyimpang heula meuli dudukuy. Harita mah a tuh rek
piknik ge make dudukuy. Ayeuna mah geus teu usum, tukang macul
ge make topi.
Leumpang ngaleut mapay jalan satapak. Jalan leutik ukur mahi
duaaneun. Bejana, ayeuna mah eta jalan teh jadi jalan gede, geus
dikoral, rek djaspal. Waas meureun lamun nyaba deui ka dltu teh.
Geus jauh leumpang teh. Aya nanjak, aya mudun. Dina puncak
tanjakan aya tangkal asem, ngarunggunuk sisi jalan. Sarerea
areureun, ngiuhan. Bari reureuh, murak jeruk Bung- bulang nu
badag tea, dibagi sakangkofvsewang. Ni’mat teh, seger!
Pamandangan ti dinya endah pisan, plung-plong ka ditu ka dieu.
Barang ngareret fca beulah ki<^ul, aya nu ngaplak satungtung
tingal, warna hejo semu paul. Tingborelak, ting- gurilap. Di
tungtungna aya gurat tepung jeung langit.
”Naon itu . . .?” ceuk kuring heran.
’’Kapan laut.. .!” tembal babaturan.
’’Laut ... .? Enyaan, laut?!” Heran campur atoh. Atuh be- lecet
wae lumpat, tuturubun ka lebak. Hayang geura nepi ka basisir. Batur
teh hareraneun. Geus rada lila lumpat, karasa cape. Reg, eureun.
Babaturan nyaleungseurikeun.
”Ieu teh jauh keneh?” kuring satengah ngagorowok. ”Komo we!
Deukeut soteh sigana, tembong gelor!” Kuring ngahuleng.
Kaduhung! Nya lumpat cape, nya

5
7
nu kakara ka laut mah kudu ngegel batu!”
jauh keneh! Kalepasan bakat ku atoh. Abong-abong nu kaka- ra.
’’Pipik . . nu kakara mah ka laut kudu ngegel batu!” cek
babaturan.
Pasosore kakara tepi ka basisir. Bengong nu aya, boro-boro
hayang ngegel batu, ningal laut upluk-aplak satungtung tingal.
Laut jeung laut bae. Tungtung laut patepung jeung tungtung langit.
Beulah ditu caina hejo oyag-oyagan, beulah dieu ombak udag-
udagan. Tingjelegur, silih teumbrag. Puyar dina keusik basisir.
Budah ombak mayakpak lir kapas. Kuring mincrak, lulumpatan
dina budah. Silih simbeuh. silih sembor, silih udag jeung
babaturan. Cape lulumpatan. diuk nyanghunjar dina keusik.
Dampal suku diletakan tungtung ombak. Tuluy nyieun
kaheureuyan. Bubulanan dina keusik, iimahan tina keusik, nyieun
gambar dina keusik. Byur kaseblok ombak. Les gagambaran teh
leungit. Kitu jeung kitu wae kaulinan teh.
Geus burit barudak reureuh. Tuluy marandi di muara
Cirompang. Caina herang ngagenyas. Bari reureuh, waas ningal
panonpoe surup. Nyorot kana ombak. Laut teh jadi ko- neng
emasan. Aya heulang ngalayang di luhur laut.
Basa sidik panonpoe surup, barudak berjamaah solat Magrib
di basisir. Pangsujudan ditilaman batu daipprak. Diimam- an ku Pa
Ustad. 、

Peuting eta sare teh tibra. Mayak di basisir. Diruang ku keusik


lembut.

PIPIK ROPIKOH umur 11


tahun SD Rangga- lawe V,
Kelas V Jl. Rangga- lawe 1,
GARUT.

5
9
KEMAH DI CURUG D AGO

Kira wanci Isa, di jero tenda jongjon ngarobrol jeung ba-


baturan, bari diselang ku patingcakakak seuri. Di luareun tenda,
haseup ngebul, meletek awi kaduruk.
”Cing, saha anu bisa neguh tatarucingan kuring!” ceuk Farih,
nu awakna ceking.
”Sok, lah, naon?” sarerea nembalan meh bareng.
”Naon hartina . . .. hayam rintit nonggeng ka langit!’’ pokna
bari nyerengeh.
’’Alaaah. . .,e ta mah tatarucingan gampang atuh! Hayam rintit
nonggeng ka langit mah, ganas! Bener, teu?!" Erwin ngajawab bari
malik nanya.
’’Salah!”
’’Hehhh. . .?!” Sarerea ngaharuleng jiga nu keur mikiran
hutang.
”Naon, atuh?”
”Kieu, nya. . ., hayam rintit nonggeng ka langit teh .. nya e ta
hayam centil. . .!” Farih nerangkeun bari seuseurian. Huntuna
katembong, nya carang, nya laleutik. Mun dipake iklan pepsoden
teh goreng pisan.
”Naon.. ., hayam centil?!” cekeng bari kerung.
Gerrr, nu aya di jero tenda kabeh sareuri.
Ngayakeun kemah teh dina ra raga ngeusian waktu pere nu
lilana saminggu. Tapi ari kemahna mah ngan ukur tilu poe.
Andreas, Erwin, Farih, Dedi, Iwan, kaasup kuring, dibe- re
kapercayaan ku kolot masing-masing kemah teu dibareng-

6
0
an ku nu galede. Tempat anu dipake kemah teh nya eta deu- keut
curug Dago. Salila kemah, sarerea aya maksud rek tuluy ka guha
Pakar jeung ka Maribaya.
Peuting beuki jempling. Dina waktu nu lian sarare nga- geubra,
duaan ngajaraga tenda.
Wanci subuh sarerea geus harudang deui. Jangkrik nging- krik
kadenge keneh. Cai ibun nyelesep maseuhan kulit nu katirisan.
Sarerea wudu heula rek solat Subuh. Ngan Erwin jeung Andreas
anu henteu teh sabab agamana Kristen. Reres solat, sarerea beberes
ngalaksanakeun pancen masing-masing. Aya nu masak, nu n gala
cai, ngumbah wadah jeung nu sejen- na deui.
Kira jam salapan, sanggeus sagalana rapih jeung sanggeus
sasarap, bral sarerea miang ngajugjug guha Pakar. Teu poho
nyadiakeun bekel sacukupna.
Ti curug Dago ka guha Pakar teh ngaliwatan Tangga Sa- rebu
anu kacida panjangna matak nyapekeun nu ngaliwat ka dinya. Teu
jauh ti Tangga Sarebu aya tempat peranti mancing nu cukup gede
tur merenah. Di guha Pakar sarerea reureuh meakkeun kacape bari
ningali poekna guha ti lawang guha.
’’Rahmat. . ., awas oray!” Erwin ngajerit t)ari minjuk kana
tembok guha luhureun sirah kuiing. Teu kungsi ngalieuk deui
berebet bae lumpat ngajauhan eta tempat. Sanggeus rada leler tin a
kareuwas, breh katembong oray keur ngadaplok di luhureun
tembok guha. Teu diganggu ieuh oray teh, sarerea tuluy
ninggalkeun eta tempat, nuju ka Maribaya.
Ti guha Pakar ka Maribaya teh kudu ngaliwatan guha anu rada
panjang. Dedi anu ditunjuk salaku pamingpin, leumpang
panghareupna. Teu sieun, da mawa senter. Sanggeus ngaliwatan
guha anu kacida poekna, kuring sarerea nyukcruk jalan satapak anu
leueur tur cebrek.
Di Maribaya, aya curug anu kacida gedena jeung jambatan anu
tohaga. Aleutan kuring bisa ngarasakeun hawa gunung

6
1
i Maribaya aya curug anu kacida gedena.
D
anu teu bisa dirasakeun di kota. Di dieu kuring bisa ngara- sakeun
kaagungan Anu nyiptakeun alam katut kaendahanana.
Sarerea brak maruka bebekelan, ngariung gigireun curug anu
ngaluarkeun ibun. Asa ni’mat dahar di dieu. Panonpoe katembong
rumeuk kahalangan ku mega kandel. Teu karasa waktu nyerelek ka
wanci asar. Sarerea siap mulang deui ka curug Dago, tempat asal
ngadegkeun kemah.

RAHMAT YUSUF
SD Neg. Gambir IV Jl. Gambir
No. 25 BANDUNG

6
3
NYABA KA KOTA HUJAN

Piisukaneun nyaba ka Bogor, indung kuring kaprak-kep- rek


popolah, sasadiaan dahareun keur bekel di jalan jeung keur
kikiriman ka lanceuk nu baris dianjangan.
Nyaba teh meneran keur pere sakola. Hate asa bungah, da
kuring mah teu acan terang kota Bogor anu geus kasohor sok
disarebut Kota Hujan. Sapeupeuting teh ngan guling gasahan bae
teu bisa sare. Pikiran mah geus ngalayang ti heula ka tempat nu rek
didatangan.
Kawas kumaha kaayaan Bogor teh? Anu kasohor ku rupa- rupa
beja anu kadenge, boh ti jalma-jalma nu tas nyaraba ti ditu atawa
anu kabaca tina surat-surat kabar jeung majalah. Carita ngeunaan
sajarah Pajajaran atawa carita ngeunaan Ke- bon R'aya. Teu
tinggaleun carita ngeunaan batu tulisna nu aya di wewengkon Batu
Tulis ayeuna. Oge bejana di Batu Tulis teh aya wangunan kagungan
Bung Karno nu disebut Bima Sakti. Sarta di wewengkon eta keneh
aya Taman Makam Pahlawan nu disebut Taman Makam Pahlawan
Dereded.
Sajaba ti eta aya sakola luhur IPB (Institut Pertanian Bogor),
Gedong Nasional, Kebon Raya anu pinuh ku tatangka- lan-
tatangkalan nu galede sarta arendah. Loba uncal nu ting- gulindang
dipiara pikeun ngeusian jeung mapaesan pakarang- an Istana
Nagara. Kasohorna kota Bogor teh deuih ku ayana Museum
Geologi anu eusina aya tulang-taleng lauk hiu anu kacida gedena
jeung rupa-rupa sasatoan nu laleutik nu diawet- keun. Di kota Bojor
ge aya Makam Raden Saleh, nya eta ahli

*
6
4
gambar anu kawentar lain bae di nagara urang, tapi oge sohor ka mancanagara. Teu kurang-
kurang sohorna deuih kota Bogor teh ku hasil tatanenna nu mangrupa bubuahan, saperti: kadu,
nangka, campedak, ganas, rambutan, taleus, oge di antarana buah pala kaluaran ti Bogor.
Cindekna mah rea-rea deui beja nu kadenge ku kuring ngeunaan kota Bogor.
Teuing pukul sabaraha kakara reup bisa sare. Sajeroning sare
teh bet ngimpi jalan-jalan di kota Bogor. Malah dina ra- rasaan teh
make asup ka Istana Nagara sagala rupa. Kawasna bae kainget-
inget tepi ka kabawa ngimpi.
Satengah lima subuh digeuingkeun ku indung. Teu talang- ke
hudang, terus ka cai rek mandi. Rengse ti cai, solat subuh heula.
Sabada solat tuluy dangdan. Sanggeus sarapan terus ngumpul-
ngumpulkeun babawaan, boh keur salin atawa ba- bawaan keur
kikiriman ka lanceuk.
Sanggeus tarapti, kuring jeung indung megat Beus Merdeka
jurusan Jakarta nu ngaliwat ka Bogor, di sisi jaian. Kira satengah
genep, Beus teh ngurunyung. Teu ^alangke terus dieureunkeun.
Clak, arunggah kana Beus. Geleser Beusna maju deui, beuki lila
beuki tarik. Tempat-tempat nu kaliwatan di antarana: Malangbong,
Limbangan, CicalengkS, Ujungbe- rung, sarta teu kungsi lila anjog
ka terminal Beus Cicaheum, Bandung.
Di Terminal eureun kurang leuwih saparapat jam bari naek-
naekkeun panumpang nu rek nyaraba ka Jakarta. Geus kitu Beus
indit deui ka luar ti terminal maju ka kulonkeun. Sajajalan indung
kuring nuduhkeun tempat-tempat nu kaliwatan, saperti Cimahi,
Padalarang.
Sanggeus ngaliwat Padalarang, asup ka wewengkon Ta-
gogapu, jalan katembongna pungkal-pengkol sarta mindeng
papaliwat jeung kendaraan nu sejenna. Matak paur. Pasuli- werna
kendaraan ka ditu ka dieu silih piheulaan hayang buru- buru nepi ka
nu dijugjug. Tepi weh ka Cianjur. Sanggeus ngaliwat Cianjur jalan
teh katembongna nanjak terus, tepi

6
5
ka kendaraan-kendaraan teh ngeteyep henteu tarik. Teu kungsi lila tepi ka hiji tempat.
Tina kaca jandela Beus katem- bong aksara gede pisan: CIPANAS. Di sakurilingeunana ka-
tembong loba ke bon sayuran. Beus asup ka terminal Cipa- nas. Reureuh heula. Sihoreng di
dinya teh loba rumahmakan jeung nu daragang. Panumpang sawareh tarurun rek nga- don ngopi
jeung dalahar. Kuring jeung indung ge ngadon jajan di restoran. Satengah jam ti harita,
arunggah deui kana jero Beus, sarta teu kungsi lila ti harita, geleser deui Beus teh maju. Jalanna
terus nanjak.
’’Urang bakal tepi ka hiji tempat nu disebut Puncak,” saur
indung.
Enya we. Titingalan bruh-breh, matak waas. Jalanna pungkal-
pengkol. Ti Puncak mah jalan teh mimiti mudun. Kenca katuhueun
jalan makplak kebon enteh satungtung deuleu, taya panghalang
tatangkalan nu galede. Atuh breh bae pamandanganana
pikawaaseun. Tepi ka kiwari teu bisa dipopohokeun. Katembong
pungkal-pengkolna jalan nu bakal kasorang. Rupa-rupa kendaraan
tembong ngantay luak- leok mapay-mapay jalan nu pungkal-
pengkol, bari ngarayap da çuguh nanjak. Tutumpakan nu nuju ka
jurusan Jakarta jeung Bogor ge sanajan jalanna mudun sarua teu
bisa tarik, da sieun diadu jeung kendaraan sejen. Kapaksa deuih
ngarayap. Katempona bet kawas nu keur oray-orayan, lucu. Jalan
terus mudun. Kuring rarat-reret tina kaca jandela Beus. Breh
kabaca: CIPAYUNG.
’’Tereh tepi ka Bogor,” saur indung. ’’Sakeudeung deui ge tepi
ka Sukasari. Di dinya tempatna IPB (Institut Pertanian Bogor) teh.”
Bener we. Teu kungsi sajam sanggeus ngaliwat Ciawi, indung
nuduhkeun.
”Tuh, di hareup Sukasari teh!” sauma.
Kuring nempo tina kaca jandela Beus ka beulah katuhu. Sok
sanajan ngan saliwat tapi bisa kabaca aksara ngajeblag

6
6
gede: ’’Institut Pertanian Bogor.” Terus kabaca deui ”Loka- sari”. Ngan terusna mah teu
kabaca da kaliwat man ten. Beus terus nyulusup asup ka kota Bogor tepi ka terminal Bara- nang
Siang. Sawatara panumpang terus tarurun di dinya.
Ti terminal Baranang Siang kuring jeung indung naraek deui
kana bemo. Ceuk indung mah cenah urang ka Pasar Anyar. Bemo
teh nya eta kendaraan sabangsa mobil anu gi- lindingna ti hareup
hiji, ti tukang dua. Teu kungsi lila tepi ka Pasar Anyar. Singhoreng
eta teh Terminal Beus deui bae jeung kendaraan sejenna anu ka
jurusan: Jakarta, Leuwili- ang, Jasinga. Pabaliut deui bae kendaraan
di dieu teh. Di dinya reureuh heula sakeudeung.
”Tuh, itu teh kantor tilas Apa baheula didamel!” indung
nuduhkeun. Kuring ngan ukur unggeuk, da puguh kaweur ku
pabaliutna tutumpakan jeung karamean kota Bogor. Cacak ngan
saukur palebah Pasar Anyar, tacân sabudeureun kota nu sejenna.
Teu lila indung nyampeurkeun ka salasau- rang supir bari nanya,
”Pa Supir. . ., rek ka Leuwiliang?” ’’Muhun, Bu. . .!” tembalna.

Harita keneh elak bae tarumpak HonHa. Babawaan ka- beh
ditaekkeun ku kenek. Geleser bae Honda teh maju da panumpangna
geus loba. Kurang leuwih sajam lilana geus tepi ka Cibatok. Kuring
jeung mdung tarurun. Di dinya geus nyampak deui kendaraan.
Cenah mah nu rek ka Gunung Pi- cung. Atuh teu lila ngadagoan,
elak deui kana kendaraan eta nu geus pin uh ku muatan. Geleser
deui maju. Mimiti jalan teh alus aya aspalan. Beuki jauh aspalna
laleungit, tepi ka leu- ngit beresih. Nu aya batu taringgul.
Kendaraan brag-brig-brug. Jalan luak-leok ngenca-ngatuhu milihan
nu rada rata. Awak asa remuk kabuntang-banting. Ripuh oge
sajajalan teu burung nepi ka nu dijugjug. Datang ka Gunung Picung
pukul lima sore.
Barang breh nempo kuring jeung indung, lanceuk kuring terus
mapagkeun bari şaşalaman bakat ku bungah. Kabeneran

6
7
nyampak aya, teu ka mana-mana.
Meunang lima peuting di Gunung Picung teh. Ku hayang geura
ka kota Bogor, ku hayang nempoan sakumaha beja baheula,
kaayaan di kota Bogor. Cicing di Gunung Picung mah kacida teu
matak betahna, lembur singkur, jauh ka kota. Ari mandi ngadon
ngojay ka Cigamea, walungan anu taring- gul ku batu anu galede,
tapi caina herang ngagenclang. Kage- nep poena mdung kuring
amitan rek mulang deui ka Ciawi, Tasikmalaya. Hayang indit subuh
ti Gunung Picung, rek nempoan heula kota Bogor.
Lanceuk puring mimiti mah ngandeg, hayang sapeuting deui
diendongan. Sono keneh, cenah. Tapi kuring jeung indung maksa.
Saenyana lanceuk ge teu betaheun cicing di Gunung Picung teh
da puguh hara-haraeun. Ngan ku lantaran parentah ti nagara kudu
ngawulang ka barudak nu caricing di lembur eta, nya wayahna
dilakonan. -
Isukna rebun-rebiln keneh ge geus marudun ti Gunung Picung
dijajapkeun ku lanceuk ka kota Bogor. Naon nu jadi kapanasaran
kuring dipapay kabeh. Nu kaudag ku waktu teh nya eta: Ke bon
Raya, Gedong geologi, jeung tempat-tempat nu kahontal ku waktu.
Sabab pukul opat sore kudu geus ninggalkeun kota Bogor, balik ka
Ciawi. Oge lanceuk kuring kudu balik deui ka Gunung Picung ulah
liwat ti jam opat sore, bisi buriteun dijalan sabab ari geus sore mah
sok langka tu- tumpakan nu ka ditu.
Pukul tilu lanceuk kuring balik ka Gunung Picung. Kuring
jeung indung muru terminal Baranang Siang. Memeh indit ka
terminal, kungsi kahujanan. Haleungheum sakeudeung. Halimun
hideung pihujaneun katempo jolna ti palebah Gunung Gede jeung
Gunung Salak. Geus kitu mah breg bae hujan. Mani gede pisan
hujan teh kawas meunang nyicikeun ti langit. Hujan teh lilana ukur
saparapat jam. Panonpoe terus nyorot deui taya nu ngahalangan.
Ras inget kana beja nu nyebut-

6
8
Naon ทน jadi kapanasaran kuring dipapay kabeh.
keun Bogor teh kota hujan. Da eta meureun pedah sok aya hujan
ngadadak bari panonpoe mah panas moreret.
Anu jadi kapanasaran nyaba ka Bogor teu kabuktikeun
kabeh. Ka Batu Tulis, Makam Raden Saleh, Taman Makam
Pahlawan Dereded mah teu kungsi. Waktuna nyerelek pisan.
Kira-kira satengah jam nungguan Beus di terminal teh.
Kurunyung Beus Merdeka jurusan Banjar datang ti Jakarta.
Kuring jeung indung gancang arunggah kana jero Beus, terus
dariuk. Minangka oleh-oleh nu dibawa: Taleus Bogor, manisan
pala nu garing jeung karajinan siki kanari meunang meuli ti
Kebon Raya.
Pangala man ti Bogor ka Ciawi mah teu tiasa kacaturkeun,
margi harita teh parantos reupreupan poek. Datang ka Ciawi teh
pukul tilu janari.

UCU ROM L AH
SD CIAWI I
Ciawi, Tasikmalaya.

7
0
JALAN-JALAN
Waktu dibagi rapot, hate karasana dugdeg ngadegdeg sieun
angka-angkana garoreng. Sok sanajan lain rapot kenaikan kelas oge.
Dada karasa ngempiong sanggeus aya nu mangmacakeun.
Alhamdulillah, geuning rapot kuring mah alus, sanajan teu alus pisan
oge.
Sanggeus narampa rapot, barudak kadengena teh mani barungah
pisan. Sabab maranehna mah arek marulang ka imahna sewang-
sewangan. Di lemburna tangtu geus ditung- guan ku kolot-kolotna nu
mikasono, ditungguan ku dulur- dulurna anu harayangeun buru-buru
papanggih, oge dipapag- keun ku sobat-sobat. Kuring mah sabalikna,
da puguh jauh ti kolot. Hate bati kekejotan hayang jonghok.
Kuring sakola di SLB Garut teh ti mimiti taun 1979. Kiwari umur
teh geus 15 taun, tapi karek kelas IV SD, balukar kolot telat
nyakolakeun. Kuring mah da digelarkeun ka du- nya teh dina kaayaan
cacad. Sok sanajan kitu teu pisan-pi- san pegat pangharepan, anggur
ngarasa bungah jeung syukur ka Nu Maha Agung. Da geuning enya
oge aya dina kakurang- an tapi teu burung bisa sakola cara nu lian. ;
Kiwari kuring cicing di Asrama SLB geus satadji lilana, ti saprak
ditinggalkeun transmigrasi ku kolot ka luar Jawa. Tadina mah kuring
ge hayang milu, tapi dipikir deui di ditu mah can tangtu aya SLB,
sedengkeun kuring mah hayang sakola. Hayang boga pangabisa
pibekeleun jaga. Hayang jadi

7
1
j alma nu berguna pikeun bangsa, nagara katut agama ...
Biasana ari wanci barudal ti sakola teh di asrama sok re- cet ku
barudak nu karek marulang. Buru-buru maruru sangu. Breng dalahar
bareng mani paronyo pisan. Tapi poe ieu mani jempling tiiseun.
Tinggal kuring sorangan diuk cindeluk nga- lamun, Ka saha nya kudu
datang? Ka mana nya kudu mu- lang?
'’Unang. . .,hey,ngalamuri bae!” Si Ujang datang ngaga-
reuwahkeun.
”Ngareureuwas. .
”Haar. . apan urang ulin tea!” pokna deui. Enya, Ujang teh jangji
rek mawa kuring jalan-jalan dina waktu pakanci ieu. Tapi ayeuna mah
da geus beurang teuing, paling oge isuk.
Isukna subuh keneh ge kuring geus hudang, kageuing- keun ku
reangna sora hayam kongkorongok patembalan jeung baturna. Ditcma
deui ku nu adzan ngahaleuang, kade- ngena hawar-hawar, ngajak
taqwa ka N u Kawasa.
Sanggeus ka cai terus salat subuh heula dua rakaat. Sa- rengsena
salat, tuluy be be re s nyiapkeun sagala nu diperlu- keun keur
pibekeleun di jalan. .
ReBun-rebun keneh mariang jeung Ujang teh, nyumponan naon-
naon nu geus dirarancang ti anggalna. Nu dijugjug teh lembur
Margawati, hiji lembur anu nyingkur. Anggangna ti kota teh kira-kira
lima kilometer. Mun disorang ku leum- pang mah baris meakkeun
waktu kurang leuwih sajam sapa- rapat. Jalanna bulat-beulit, sisi jalan
teh loba gawir nu nang- tawing. Pasawahan makplak diliwatan ku
susukan nu rual- reol. Dina tambakanana rajeg ku tatangkalan.
Sapanjang jalan bari leumpang teh Ujang teu eureun- eureun
nerangkeun naon-naon nu kaliwatan jeung nu katem- po ku manehna,
da puguh kuring mah tunanetra.
Hawa gunung karasa matak nyegerkeun awak. Pantes mun loba
urang kota nu ngahaja ngajugjug oge. Kuring jeung

7
2
Sapanjang jalan Ujang teu eureun-eureun nerangkeun.
Si Ujang ge ngahaja nikreuh, sabab di sagigireun ngirit duit teh oge
bari olahraga. Apan cenah oge jalan santai, jantung sehat.
Duaan terus leumpang, ngeureuyeuh, ngajugjug ka hiji imah nu
pernahna di hiji pasir. Teu kungsi lila ge geus tepi ka lebah suku
pasir.
Awak nu karasana reged ku kesang, asa kaubaran ku re- cetna
sora manuk dina tatangkalan, lir nu ngabageakeun ka nu anyar
datang. Angin gunung karasa ngusapan ka nu keur leumpang. Ari bari
ngobrol mah teu karasa cape, nyaho- nyaho geus anjog deui ka nu
dituju.
Kabeneran pribumi teh keur araya, henteu keur ka ka- rebon.
Aranjeunna teh baraya kuring keneh.
’’Euleuh. .,ituh Ujang!” Pribumi darehdeh ngabageakeun.
Sanggeus şaşalaman nepungkeun silaturami, terus ngaro- brol ka
ditu ka dieu.
Enyaan bangun bungaheunana kaanjangan teh, pribumi tuluy
pak-pik-pek.
”Ma. . ., suguhan geura yeuh!” ceuk pribumi lalaki.
’’feukeur ngaliwet da ieu ge!” Pribumi awewe norojol ti dapur
bari mawa cai dina gelas jeung lalawuh sejenna.
Sanggeus rada lila, liwet ge geus asak deui, brak waeh sarerea
dalahar. Sanguna liwet, beuleum asin, sambel jeung lalabna, duh pedo
pisan. Asa poho we kana kasusah oge. Aya ku ni’mat dahar teh.
Ongkoh pribumina pikaconggah- eun naker.
Ari aya dina kabungah mah nyerelekna waktu teh teu karasa ieuh.
Nyaho-nyaho panonpoe moncorongna geus ti beu- lah kulon.
Pasosore kuring duaan marulang deui ka asrama.
Isukna kencling deui jalan-jalan. Ayeuna mah nu dituju teh
duluma Si Ujang. Di duluma 'Si Ujang mah ngendong meunang
sapeuting.

7
4
Meunang tilu poe kuring jeung Si Ujang, leuleumpangan mapay-
mapay jalan, ngurilingan lembur, milangan desa.
Ari disorang mah geuningan alam dunya teh lega, henteu hcureut
sakumaha nu dikira-kira ku sorangan. Maha Agung Allah, tos
nyiptakeun alam katut eusina.

UN ANG
siswa SLB/A kelas IV, Garut
JL RSU Dr. Slamet, Garut.

7
5
NGALONGOK KEBON HORTIKULTURA

Ka luar ti rorompok teh tabuh genep enjing-enjing, duaan bae


sareng pun bapa. Can sarapan-sarapan acan, margi moal lami deui
oge pun biang nganteuran ka ditu, margi gaduh nu ngarambet
sareng nu ngored kebon, seueurna limaan.
Teu patos tebih kebon anu dijugjug teh. Saparantos nga-
langkungan desa Cijati sareng walungan Cideres, kantun mengkol
ngulon sakedik, jlog bae ka kebon.
’’Yayat . .. , waktu pakanci anu saminggu ieu ulah wungkul
dipake ulin teu puguh. Sawaktu-waktu kudu mantu- an Bapa miara
kebon hortikultura,” saur pun bapa.
”Naon, Pa, kebon hortikultura teh?”
”Ari nu disebut hortikultura nya eta sakabeh pepelakan anu
hasilna teu bisa disimpen lila-lila, tapi diperlukeun keur nyumponan
hirup manusa sapopoena.”
”Naon-naon bae atuh, Pa, anu kalebet pepelakan hortikultura
teh?”
” Loba macemna mah, mun ku Bapa ditataan hiji-hiji jeung
sababaraha contona, kieu geura:
Kahiji, sayur-sayuran; contona kacang panjang, kangkung,
terong, bonteng, cipir, engkol jeung rea-rea deui. Nu kadua,
sarupaning bubuahan, kayaning jeruk, gedang, buah, sawo, cau,
apel jeung sajabana. Ari anu katilu, mangrupa kekem- bangan,
upamana bae malati, eros, kananga, dahlia, kembang keretas,
kembang sore-isuk jeung loba deui nu sejenna.”

7
6
Teu pat o s t eb ih k eb o n anu dijugjug
teh,
”Oh, eta, nu disebat hortikultura teh, Pa? Apan urang oge sok
nguping dina siaran padesan ti RRI Bandung nu diobrolkeun ku
Mang Baruno sareng Bi Cini tea.”
”Tah, geuning inget keneh Yayat oge! Bapa ge nyaho ti
dinya apan,” sanggem pun bapa nempas cariosan abdi.
”Tah . . . , urang geus nepi ka kebon urang anu dipelakan ku
tutuwuhan hortikultura. Geura ilikan ku Yayat. Aya nu mangrupa
sayuran, kayaning kacang panjang, cipir, terong, sabrang, cengek,
emes jeung leunca. Oge nu mangrupa bu- buahan. Tuh geura, aya
jeruk, gedang, cau, oge jambu ku- lutuk.”
’’Mana ari pelak kekembanganana, Pa? Geuning teu aya.
Upami kitu mah teu lengkep atuh kebon hortikultura nu urang
teh.”
”Ih, ari Yayat! Teu kudu lengkep aya kabeh sakur nu tadi
ditataan ku Bapa teh! Apan kekembangan mah cukup di buruan
oge. Di buruan urang ge apan aya kembang eros, kembang
keretas, malati, wera, kembang parawan nyeupah, kembang sore-
isuk, randamidang jeung buntiris,” pun bapa ngeceskeun deui.
Harita Bi Entur, Ma Iyut sareng Ma Eye nuju ngarored di
kebon kacang. Dupi Kang Kama sareng Mang Kasmad mah nuju
ngored kebon jeruk. Atuh pun Bapa teras nyemprot pelak jeruk
sareng pepelakan sanesna, minangka ngabasmi hama di kebon
jeruk. Abdi mah ngabantuan Bapa ngunjalan cai kangge
nyampuran racun hama, bahan semprotkeuneun kana pepelakan
tea.
Tabuh satengah dalapan pun biang sumping. Teras bae brak
sadayana taruang. Abdi oge ponyo pisan neda teh. Biasa sarapan
tabuh satengah tujuh upami bade mios ka sakola, ayeuna satengah
dalapan nembe bade nobas, katurug-turug mentas cape ngunjalan
cai ti walungan Cideres.
Saminggu eta, salami pakanci ti kaping 30 Oktober dugi ka
kaping 6 Nopember 1983, meh unggal dinten abdi ka ke-

/8
bon; margi kajabi ti resep miara pepelakan, sok gaduh bae anu didamel. Aya nyusuk kamalir,
aya nuturusan kacang panjang, aya ngala cengek, ngusapan tangkal jeruk ku cai sabun rinso
sareng sajabi ti eta. Emutan abdi, lumayan ngabantu-bantu Ema, nganteuran anu didamel
sareng ngusapan tangkal jeruk nganggo cai sabun rinso. Beuki dieu, abdi beuki resep kana
miara pepelakan. Saminggu sakali upami dinten Ahad, sok ngalongok ke bon anu
dipikameumeut ku pun bapa sareng ku abdi.
Upami Allah marengkeun, abdi mah hoyung junun sa- kola,
hoyong neraskeun kuliah ka IPB, supados tiasa jadi ahli tatanen.
Kitu soteh upami kiat uteukna sareng pun bapa kiateun
nyumponan waragadna.

YAYAT
SD Cijati I Kelas V
MAJALENGKA

7
9
BUKU-BUKU SANESNA
TERBITAN *RAHMAT CIJULANG”

Seri : Bacaan Barudak

1. Bentang Lapang/RAF
2. Wawacan Lutung Kasarung/R. Hidayat Suryalaga
3. Torotot Heong/Ki Umbara
4. Di Pipir Tajug/Min Resmana
5. Nyi Kalimar Bulan/Usep Romli HM
6. Si Donca/Yus Rusyana
7. Mundinglaya Di Kusumah/Wahyu Wibisana
8. Dewawarman/Yoseph Iskandar
9. Nyi Rambut Kasih/Sukaesih Sastrini
10. Damar Cingcin/Min Resmana 】1. BongboloDgan
Nasaruddin/Usep Romli H M
12 Oray Bedul Macok Mang Konod/Usep Romli HM 13. Aker
Dangse/Wahyu Wibisana
]4. Si Bedog Panjang/Ki Umbara
15 Parikesit Jeung Ki Utamanyu/Ningrum Djulaeha
T6. Putri Bungur/Akub Sumarna
17. Urang Kabeh Batara Kala/Suhana Darmatin

Seri : Prosa
1. Rasiah Nu Goreng Patut
(Karoadi Anemer Bangkong)/Soekria-Joebana
2. Lain Eta/Moh. Ambri
3. Mantri Jero/R. Memed Sastrahadiprawira
Dogdog Pangrewong/GS
5. Ngawadalkeun Nyawa/Moh. Ambri
6. Baruang Ka Nu Ngarora/D.K. Ardiwinata
7. Munjung/Moh. Ambri
8. Pangeran Kornel/R. Memed Sastrahadiprawira
9. Burak Siluman/Moh. Ambri

8
0

Anda mungkin juga menyukai