Enjing pelajaran olahraga,bu guru ngjak jalan-jalan. Kumargi kitu, murangkalih dipiwarang
nyandak kadaharan kanggo bekel enjing. Dina waktosna,bu guru ngabariskeun murangkalih,
do’a dipimpin ku Edo,sangkan tartib dijalanna. Saentos ngado’a bu guru ngabsen
murangkalih sareng marios bekelna. Murangkalih mangkat ngabaris tartib.
Dijalan, murangkalih ningali pamandangan lembur anu kacida endahna. Gunung anu biru,
sawah nu hejo ngemploh, daun-daun ting arulang, sareng hawa anu tiis adem matak seger
kana manah, pibetaheun eusi lembur. Pas nju ngaraoskeun endahna pamandangan, Edo
sareng dayu marolek, Lani kaseging ku Dayu. Bekelna bahe, Lani ngahing-hing ceurik. Bu
guru mapahayu Lani sangkan repeh, bekelna dibersihan dirapihkeun deui. Ningali Lani
ceurik,Cila masihan saparo tina bekelna kanggo Lani “ Lani, ntosnya teu kenging nagis,cila
gaduh kue seueur ke pami hoyong lani tiasa ngaraosan ti Cila. “ saur Cila. Bu guru teras
mapahayu Lani “ Muhun tuh Cila masihan kue ka Lani, ntos nya teu kenging nangis deui “
saur bu guru. Kuningali bekelna tos aya deui Lani langsung repeh teras nyaur “
Haturnuhunnya Cila” saur Lani ka Cila “ Sami-sami “ tempas Cila ka Lani. Bu guru
miwarang Edo sareng Dayu kanggo sasalaman silih hapunten ka Lani. “ Lani,... hapuntennya
tadi nte kahaja. “ saur Dayu. “ Muhun... Lani hapuntennya “ Edo. Awitna Lani alim
sasalaman sareng Edo sareng Dayu,teras Lani dicariosan ku Bu guru “ Lani,.. pami sareng
rerencangan kedah alakur,silih asih,teu kenging kitunya, Edo sareng Dayu nuhunkeun
dihapunten ka Lani, hapuntennya ka lepatan Edo sareng Dayu” Saur Bu guru. Teu kungsi lila
Lani ngahapunten Edo sareng Dayu. Bu guru sareng murangkalih neraskeun jalan-jalan dugi
ka tempat anu di tuju.