Anda di halaman 1dari 4

B.

Sunda

Tandaan ku cakra (x) dina aksara a, b, c atawa d dihandapeun jawaban nu bener!

Karatagan Pahlawan

Sanggian: Mang Koko

Teu honcewang sumoreang


Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan palawan bangsa

Jawab pananya ieu di handap saluyu jeung teks kawih diluhur!

1. Saha nu teu honcewang teh?


a. Sumoreang
b. Pahlawan bangsa
c. Sinatria danalaga
d. Bangsa waluya
2. Kudu kumaha lamun mun maksad tacan laksana?
a. Pantang mulang
b. Mulang
c. Mundur
d. Iklas
3. Keur naon pahlawan berjuang?
a. Iklas
b. Tekad
c. Lemah cai
d. Rido
4. Kumaha sikep pahlawan waktu berjuang?
a. Taya basa pamulang tarima
b. Teu iklas rido
c. Mulang
d. Mundur
5. Ngabelaan naon sinatria danalaga?
a. Ngabela dirina
b. Ngabela bangsa jeung nagara
c. Ngabela kaluargana
d. Ngabela dulur
6. Maka sajak kudu make intonasi jeung artikulasi intonasi teh nyaeta?
a. Nada sora
b. Ucapan anu jentre
c. Unduk usuk basa
d. Kasopanan
7. Urang Sunda mah mibanda sipat sabilulungan. Sabilulungan artina sapapait samamanis
dina?
a. Kabunga jeung kasusah
b. Musibah jeung tunggara
c. Kasakit jeung kasedih
d. Kasusah jeung kahanjelu
8. Dihandap mangrupa ciri pakean tradisional Sunda, iwal?
a. Iket
b. Pangsi
c. Kabaya
d. Kopeah
9. Urang wajib ngariksa alam ani sakitu endahna
Kecap ngariksa, antonimna nyaeta
a. Ngajaga
b. Ngaruksak
c. Miara
d. Ngarumat
10. Bagian walungan anu leah tur deet disebutna?
a. Lamping
b. Babantar
c. Leuwi
d. Muara
11. Dina sajak teh aya arti konotatif. Harti konotatif sarua jeung?
a. Harti langsung
b. Harti injeuman
c. Harti saujratna
d. Harti sajalantrahna
12. Samemeh mondok Ahmad sok .... heula
a. Maca
b. Babacaan
c. Bucu-baca
d. Macaan
13. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaeta?
a. Tatangkalan hejo ngemploh
b. Pare di sawah sumedeng beukah
c. Gedang teh keur gumading
d. Kang Jaka keur ngala buah
14. Kecap srangenge sarua hartina jeung?
a. Panon poe
b. Bulan
c. Lampu
d. Bentang
15. Ciri nu hade hirup kumbuh urang Sunda nyaeta
a. Sabilulungan
b. Pahiri-hiri
c. Silih Paseaan
d. Pajauh-jauh

Eusian titik-titik di handap!

1. Contoh salah sahiji waditra Sunda nyaeta . . . . .


2. Dina maca sajak kudu make artikulasi, anu hartina kudu . . . . . ucapanna
3. Kecap samujud jeung sumerah, mangrupa kecap pagawean anu ngandung harti . . . . .
4. Contoh kecap pagawean anu ngandung harti niru-niru nyaeta . . . . .
5. Miara kabersihan lingkungan salah sahiji conto sikep urang . . . . . . jadi bangsa Indonesia
6. Babasan biasana ngandung harti . . . . . .
7. Si Abdul nyamuni heula, ngarah teu katempoeun ku guruna basa jajan di warung sakola.
Kecap nyamuni saharti jeung . . . . . .
8. Amanat nyaeta mangrupa . . . . . . ti Panyajak kanu maca
9. “Rudi . . . .waktu sukuna titajong kana batu seukeut”
Kecap nu merenah keur ngisian titik-titik dina kalimah diluhur nyaeta . . . . .
10. Harti kecap saujratna disebut kecap . . . . . . .

Jawab pananya ieu dihandap!

1. Tuliskeun naon hartina babasan alas


bandawasa! . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
..........................................
2. Tuliskeun tilu istilah geografis! ! . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
........................................................................
3. Jieun kalimah make kecap!
a. Gumeulis
.....................................................................
.....................................................................
b. Ekonomis
.....................................................................
.....................................................................
4. Tuliskeun tilu conto dongeng sakakala anu aya di tatar sunda!
........................................................................
........................................................................
5. Jieun dua kalimah kaayaan!
........................................................................
........................................................................

Anda mungkin juga menyukai