Analisis Carpon

Anda mungkin juga menyukai

Anda di halaman 1dari 3

ANALISIS UNSUR INTRINSIK

DINA CARITA PONDOK “GURU INPRES” KARYA YOSEPH ISKANDAR

Diajengkeun kanggo Nyumponan Pancen Mata Pelajaran Basa Sunda

Disusun ku:
................................................. Kelas 8 .....

SMPN 1 MARGAHAYU
KABUPATEN BANDUNG
2020

1
ANALISIS UNSUR INTRINSIK DINA CARITA PONDOK “GURU INPRES” KARYA YOSEPH
ISKANDAR

1. Ringkesan Carita
Nanang meunang surat ti bapana yen kamarna di lembur aya nu ngeusian ku guru
inpres. Manehna ngarasa ambek sabab eta kamar teh meunang memeres. Nanang balik
ka lembur arek ngusir guru inpres. Sanggeus aya di lembur, rencana rek ngusir guru
inpres teh teu jadi, sabab guru inpres teh geuningan hiji wanoja anu kacida geulisna.
Tungtungna manehna miharep eta guru inpres sina salilana ngeusian kamarna.

2. Analisis Unsur Intrinsik


A. Tema
Tema dina carita pondok “Guru Inpres” teh nyaeta lalaki anu salah sangka, anu
asalna ambek, tungtungna jadi bogoh. Ieu tema teh kapanggih dina kalimah:
-“...Asa dijajah. Si Guru na deui teu boga perasaan. Cik kahayang téh, ari numpang
mah, tong sangeunahna. Sémah mah di kamar tukang gé teu nanaon. Olo-olo!
(2.7.1)
-“ Tadina mah di lembur téh rék sapoé, diitung-itung geus saminggu leuwih. Ka
Neng Guru bororaah hayang ngusir, mun bisa mah sina salilana ngeusian kamar
kuring...’”(4.19.1)

B. Palaku
Palaku utama dina carita pondok “Guru Inpres” teh nyaeta Nanang jeung Hilda.
Masing-masing palaku utama teh miboga sipat:
-Nanang:
a. hemat, saperti dina kalimah, “...Sanajan ngan ukur rérébuan, sok asa nyaah baé
ku duit téh...” (1.1.2)
b. babarian ambek, saperti dina kalimah, “...Awas manéh Lurah! Didamprat siah ku
aing! (2.8.2)
-Hilda:
a. wanoja anu geulis, saperti dina kalimah, “Kumaha teu rék gugup, Si Guru téh
wanoja nu cék panenjo kuring mah kacida geulisna...” (3.19.1)
b. resep heureuy, saperti dina kalimah, “Kade sendok kahuapkeun, Kang Nang..."
(4.3.1)

C. Latar
Latar dina carita pondok “Guru Inpres” teh nyaeta:
1. Latar Tempat:
-di dapur, saperti dina kalimah, “Kasampak Ema jeung Bapa keur di dalapur. Teu
poho méméh tunya-tanya téh, munjungan heula. (2.3.1)
-di kamar, saperti dina kalimah, "Sssssst! Aya di kamarna keur solat!" Ema ngahuit
ku haréwos. (3.1.1)
-di kamar mandi, saperti dina kalimah, “... Beres mandi, terus abdas. Jetrék selot
panto kamar mandi dibetot satakerna...” (3.4.1)
2. Latar Waktu:
-sore, saperti dina kalimah, “Der soré-soré gé maké kudu ngimpi sagala...” (2.20.1)

2
-magrib, saperti dina kalimah, “Nang  Nanang ... geus Magrib Nang ...." (2.21.1)
3. Latar Suasana:
(Teu kapanggih latar suasana)

D. Galur
Galur dina carita pondok “Guru Inpres” teh nyaeta:
1. Nanang narima surat ti lembur.
2. Nanang balik ka lembur.
3. Nanang panggih jeung Hilda.
4. Nanang mutuskeun ngaridokeun kamarna dipaké ku Hilda.

E. Amanat
Amanat dina carita pondok “Guru Inpres” teh nyaeta ulah babarian salah sangka.
Ieu amanat teh saperti dina kalimah, - “...Asa dijajah. Si Guru na deui teu boga
perasaan. Cik kahayang téh, ari numpang mah, tong sangeunahna. Sémah mah di
kamar tukang gé teu nanaon. Olo-olo! (2.6.1)

F. Point of View
Point of View dina carita pondok “Guru Inpres” teh nyaeta jalma kahiji, kapanggih
dina kalimah, “Barang srog ka tengah imah, kuring ngagebeg, rey beungeut asa
paranas ting sariak. Kumaha teu rék kitu, "Si Guru" téh mencrong ka kuring, terus
nyampeurkeun bari solongkrong ngajak sasalaman.” (3.14.1)

Anda mungkin juga menyukai