Anda di halaman 1dari 1

Tema:

Latar: Imah Dwi


Galur:
Palaku: Nia =
Siti =
Indah =
Dwi =
Ayu =
Amanat:

Balik ti sakola, Nia jng babaturanna ulin ka imah Dwi. Ulin na th lain ngan saukur ngomongkeun batur, tapi sok aya mangpaat na nyaeta ngerjakeun
pr atanapi macaan deui materi nu tadi te ngartos, bari sok papasakan. Papasakan na th sok ngajieun seblak atanapi naon bae nu di pikabisa. Nu
masak th biasana Siti lantaran di imah na ge sok masak.

"Ayeuna rek masak naon teun si Dwi?" tanya Indah ka si Siti. "Sore kieu mah ngenah na ngajieun dahareun korea nu lada". Babaturanna satuju bae
lantaran ges palercaya ka si Siti eta dahareun th nu ges pasti ngenah wae."Hayu urang mawa kompor leutik hela teun si Nia sakalian meli bahan
deket imahna" ajak Siti ka barudak. Maranehna te loba lila langsung bae indit ka teun si Nia naek motor. Saenggesna langsung ka teun imah si Dwi,
di imah na eweh sasaha lantaran kulawargina arindit. Siti langsung bae masak, nu lainna aya nu mantuan masak aya oge nu nyiapkeun laptop
kanggo di ajar ngoding. Torojol datang si Ayu ngajinjing keresek hideng balik ngumpul mpk, "Gays urang mawa opieun jang maraneh ti anak didik
urang" bari samutut basmut nu can di teleg. "Tah si Ayu ges datang hayu urang dahar hela bari diajar ngoding tea" ceuk si Siti bari mareuman
kompor. Barudak langsung kompak ngomong "HAYUUU"

"JELEGERRR...!!!"
Eta guluduk tèh meuni kadèngè tarik pisan, hujan na ge kacida lila na. Untungna tugas sareng daharna tos rengse, janten maranehna tinggal
nungguan eta hujan raat bari nyaroo hp. "Ahhh geus sajam leuwih hujan te raat raat wae, hayu ah urang terobos we hujan na" omong si Siti. "Urang
rek make jas hujan jeung helm heula atuh" ceuk si Amel bari nyekelan lengen si Nia. "Sok ku urang tungguan" bari ngajinjing sapatu jeung nyekelan
hp na jang midio maraneh na baralik.

Di harep gang caricing hela "Ces hela atuhh, dadahh, muah" si Nia bari ngamidio make hp maneh na. Can ge mareman video eta motor th karasana
te saimbang nu kudu na bélok katuhu ieu ngadon jigah oray "INDAHHH YAALLAHHH" NGINGGG NGINGGG NGINGGGG eta sora motor téh jadi
ngahiung bari motor geus ngagubrak, si Nia nu ninggali si Indah ngagoler bari helm na leupas tina sirahna langsung nangtung ngabantuan, sapatu nu
tadi di cekelan ge ngacleng. Rek menta tulung ka barudak hanjakal ges jarauh lantaran bélok na ge beda arah. Untung na aya bapa-bapa nu ngaliwat
mantuan hela ngangkat eta motor bari nanya "Te kunanaon neng? aya nu getihan te?". "Aya pak abi mah ngan saukur lecet da tadi nahan hp".

Anda mungkin juga menyukai