Anda di halaman 1dari 1

NGADAMEL DONAT SARENG BABATURAN

Dinten kamari, pas disakolaan aya tugas ti guru tugasna teh nyaeta tugas kelompok. Abdi
kabagean kelompok nomor 2, hiji kelompok dibagi jadi 5 urang. Kelompok abdi nyaeta aya
Nabila, Najya, Linda, sareng zahra.
Abdi sareng babaturan bade ngadamel donat kanggo tugas sakola. Disakolaan keneh
ngusulkeun ngadamel donat, babaturan sadayana satuju. Abdi sareng babaturan nyiapkeun
artos kanggo meser bahan-bahan donat kanggo isukan.
Isukna jam 10, abdi dongkap di imah babaturan abdi. Sadayana tos karumpul, abdi sareng
nu lainna nyiapkeun parabotan masakna kanggo nyieun donat. Abdi sareng babaturan
nyiaokeun oge artos kanggo meser bahan-bahan nyieun donat. Abdi sareng Nabila nu meser
bahan-bahanna.
Abdi jeung Nabila dongkap mawa bahan-bahanna. “Hayu urang langsung ngadamel
donatna”, ceuk babaturan. Langsung abdi jeung babaturan ngajieun eta donat sabari ningali
contohna dina youtube. Adonan donat geus jadi abdi jeung babaturan nungguan adonanna
ngembang sabari nyarita.
Te lami, Nabila ningali eta donat enggeus ngembang. “Barudak adonanna geus
ngembang” ceuk Nabila. Babaturan abdi langsung nyetak eta adonan donatna, abdi kabagean
nu ngagoreng eta donat. Beres ngagoreng langsung eta donat digulaan sabari di simpen dina
box donat. “Jadi ogenya iye donat” ceuk Nabila.
Beres nyieun donat abdi sareng babaturan ameng heula ngobrol di payuneun bumi.
“Gancang ogenya iye nyieun donat meuni tekarasa” ceuk Najya. Saur abdi teh “Nya muhun
atu pan nyieunna oge babarengan jadi gancang beresna. Te lila abdi sareng rerencangan uih
sadayana.
Isukna, abdi mawa eta donat kanggo dipresentasikeun sareng babaturan. Beres presentasi
eta donat di cobaan ku kelompok nu lain. Saur kelompok lain rasana meni raos pisan. ‘Te sia-
sia arurang nyieun donat babarengan” ceuk abdi. Abdi sareng babaturan abdi bungah, bisa
ngadamel donat.

Amanat : Kunci sukses teh nyaeta kerja sama.

Anda mungkin juga menyukai