Anda di halaman 1dari 3

Wasta : Alain Delon Trisnamawan Indra

Erlangga

NPM : 180210230058

ARTIKEL
Kembang
Gadung

"Sikoneng"

Kacaritakeun aya hiji monolog teh aya hiji budak SMA anu beuki ngopian sikoneng,sikoneng nu
dimaksad didieu nyaeta pil ekstasi, pil ekstasi nyaeta narkoba jenis obat obatan anu bisa nyieun
pamake na jadi candu sareng deui lengiteun kasadaran.

Nalika aya hiji budak SMA iyeu nyaeta korban obat obatan eta kumargi anjeunna geus cape ku
masalah nu aya di keluarga na. di sakola SMA manehna geus katelah murid anu pang bangorna
atanapi badung, anjeunna geus teu aneh asup ka ruangan kepala sekolah di cap lima jari ku guru
geus teu karasaeun deui da bakat ku mineng, mung sok sanajan kitu oge anjeunna gaduh cita cita
anu alus nyaeta jadi kepala sekolah atau guru jadi pajarkeun mah keur diajar heula kaluar asup
ruang kepala sakola na heula. Ngan didinya meuni kaduhung na iyeu budak reuseup ngopi
sikoneng nyaeta pil ekstasi tea, kirangna perhatosan tinu janten kolot jadi cukang lantaran iyeu
budak teh ngopi an wae pil ekstasi. Unggal balik kaimah Mung ningali kolot teu weleh pasea we
Jeung pasea ti isuk dugi sonten teu weleh pasea.

Teras oge pernah kadangu ku anjeunna yen bapana teh nyaeta salingkuh sareng Ceu Dena tukang
jaga warung kopi di komplekna da kitu tea Randa ai Ceu Dena teh kajaba gaduh awak anu bahenol
da anu jadi matak pibogoheun namah pingpingna anu tinggarupay, anu janten matak pibetaheun
kanu ngopi didinya, nah ari indungna nya kitu tea ari ibu sosialita mah teu jauh hirup nateh Tina
arisan. Nya ma Lum we ari matak bapa na sok ka warung kopi ge da mun balik kaimah tara aya
dengen sangu di Imah nage, sareng deui mun uwih teu tara di pang nyieunkeun kopi ku
pamajikana. Eta budak SMA iyeu teh sakapeng sok wani ngomong ka bapana teh ngan ari barang
ngong jol gaplok teh cap lima jari ka manehan tuluy deui ngomong ka indungna eh da ngadon
saruana ngadon bijil cap lima jari deui ka anjeunna teh.
Anjeunna teh didinya da meren teu narima di omongan kunu jadi budak da gengsi tea kahayang
namah kolot nateh intropeksi diri tapi da hese,tungtungna budak iyeu teu ngarasakeun kumahana
haneutna anu ngarana Imah Jeung sakola na oge di hare hare keun,malahan mah SPP na ge aya
kana tilu bulan na teu dibayar, menta ka bapa na,ngadon dititah menta ka indung na da sok arisan
jadi loba duit,menta ka indungna ngadon dipiwarang nyunkeun ka ceu Dena, teu pira masalah
SPP ngadon jadi salah kaprah Jeung kamana kareup omongana. Cenah lamun teu dibayar wae eta
SPP teh iyeu budak aya bahan moal ngilu UAS akibatna engke moal naek kelas jeung deui bisa
wae dikaluarkeun.
Budak iyeu geus katelah badungna geus pada pada apal yen budak iyeu badung. Malahan cek guru
na ge kudu karunya Kanu Kanu jadi kolot tapi manehana mikir kolot na wae ge teu merhatikeun
jadi kmha rek karunya. Panglumpatan budak iyeu iwal ti si koneng.da cenahmah pajarkeun mah
bisa lengitkeun rasa kasedih jadi kasuka kanyeri jadi kabagja,kitu majarkeun namah. Ampir Kana
unggal poe iyeu budak ngopian si koneng bahkan nepika geus ka jadwal, rek gelut lep sapuluh
siki, samemeh balik kaimah lep sapuluh siki da meh teu karasa lamun dibere cap lima jari teh,
tuluy we Mun peuting keur galau lep deui sapuluh, kahirupan budak iyeu Tara jauh ti si koneng.

Teu lila oge anjeunna ngopi si koneng jol krung kring nu nelepon mimiti si Rahmat ngabejaan yen
si Basir dibawa ka rumah sakit urut gelut kamari Jeung budak SMA iyeu, tuluy deui aya nu
nelepon si Rohim ngabejakeun bahwa manehna katewak polisi tuluy deui polisi na ayeuna keur
kaimah si budak SMA iyeu rek newak manehan Nana, geus reuwas Jeung sieun nu dialaman ku
budak iyeu pas kitu jol telepon deui TI bebebna sugan tea kabar Hade ti bebebna ai pek teh
ngabarkeun yen keur hamil,Ari budak nateh nya eta budak si tukang ngadahar si koneng iyeu, da
NU ngarana mabok narkoba asa sadar teu sadar we merenan yen manehna ngalakukeun hal eta.

Sakabeh konplik iyeu penyebab na nyaeta si koneng, geretek Aya kasadaran ti manehna,manehna
inget basa pas ngaji Aya guru ngaji anu dititah milih nyaeta pilihan nateh Aya,maehan,jinah,Jeung
ngopi pil ekstasi, Aya anu milih pil ekstasi tapi geningan tungtungnamah pas ngopi pil iyeu,jinah
na ongkoh, maehan puguh deui salian ti ngarugikeun Batur pil iyeuge ngaruksak Kana awak
sorangan. Ayeuna polisi geus rek datang kaimah kajaba si Rahmi bebebna tea keur kakandungan
atuh saha anu rek marabanan?da puguh deui manehan namah keur Aya di panjara, da gening
tungtungnamah pil iyeuteh lain ngabagjakeun ngadon nyangsarakeun, em Deudeuh teuing iyeu
budak geus mah kolot Tara merhatikeun,ayeuna ngopi pil NU kitu ngadon jadi pimasalaheun
Deudeuh teuing.

Poin penting anu tiasa dicandak ku alurang sadayana nyaeta, kurangna perhatian tinu jadi kolot
merenan jadi masalahna da nu jadi budak mah hayang miboga kolot anu nyaah tur Deudeuh ka
manehanana. Jeung deuih salahna budak iyeu kalah ngonsumsi pil sikoneng iyeu NU jadi
ngabalukarkeun Kana kahirupanana, sebab Aya efek mabok Jeung efek candu ti obat iyeu Oge
goreng Kana awak sorangan

Anda mungkin juga menyukai