Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Wr.Wb..

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana
dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad
SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah
taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah. Abdi
nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina
raraga acara perpisahan kelas (…).
Teu hilaf abdi oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan
ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.
Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring
sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita.
Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu
pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo
abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan.
Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka
nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean
manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng rerencangan. Mugi-
mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi sareng rerencangan.
Teu hilap, kanggo adi-adi anu masih keneh diajar di ieu sakola, supaya diajar sing enya-enya.
Lamun bae urang katinggaleun diajar, pasti bakal katinggaleun dina sagalana.
Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka sakola anu
langkung luhur.
Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya.
Kirang lebihna neda dihapunten.
Nu mana kasalahan mah milik abdi, sareng kaleuwihan mah nga tiasa datang ti Allah
SWT. Wabilahitaufik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb..
Contoh Pidato Bahasa Sunda Tema Acara Paturay Tineung
Murid SDN

Assalamualaikum wr.wb

– Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun ka panatacaraga anu parantos

maparinan waktos ka simkuring saparakanca kanggo biatara sambutan dina raraga

paturay tineung murid kelas VI SDN KENCANA INDAH 1


– Bapak Kepala Sekolah sareng Bapak Ibu Guru anu dipihurmat!
– Bapa Ibu para Tatamu sadayana anu sami dipihurmat!
– Rerencangan Batur sasakola sadayana anu ku simkuring dipikanyaah!

Puji sukur kehadirat Allah swt. salawat miwah salam mugi tetep dikocorkeun, ikucurkeun,
digolontorkeun ka kangjeng nabi Muhammad SAW. Miwah ka kulawargina, ka para sohabatna
sadayana oge ka umatna.

Nepangkeun Simkuring wasta pun Muhammad Fahmi Rizaldi Ilham Kelas VI / A di ieu sakola
ngiring nangtung tumalapung jojodog unggah ka salu, seja sabda tumapalang nyarungsum
pamaksudan ti sadayana rerencangan ngalangkungan biantara sambutan dina ieu acara
paturay tineung murid SDN KENCANA INDAH 1 Tahun Ajaran 2011/2012.

Saperkawis simkuring sakalih ngarasa gumbira tur bingah amarwata suta bingah kagiri-giri
bingah nu taya hinggana wirehna sabada simkuring sakalih nampi serat wawaran kalulusan
unggelna eta serat simkuring masing-masing diestukeun lulus

Kalihna ti eta, simkuring sareng sadayana murid kelas VI ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti
kabingahan ka Bapa Kepala Sekolah, Ka Bapak sareng Ibu Guru wirehna simkuring sareng
sadayana murid tiasa lulus kiwari estu kulantaran hasil dididik, diatik, dibina, dibimbing,
dipaparinan pelajaran ku Bapa sareng Ibu Guru anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos
kalangkung.

Salajengna simkuring saparakanca teu hilap ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan
ka Ibu Rama anu parantos hese beleke tur cape ngurus sareng ngajurung laku ka simkuring
sadayana salaku pala putra tiasa sakola di SDN KENCANA INDAH 1
sakitu biantara ti sim kuring, hapunteun nu kasuhun hampura nu kateda upami aya cariosan
anu teu merenah

Pamungkas basa, simkuring sadayana neda agung cukup lumur jembar sih hampuntenna ka
Bapa Kepala Sekolah Ka Bapa Ibu Guru sareng ka Ibu Rama tina samudaya kalepatan
kaluputan kabodoan kabangangoran simkuring sadaya.
Bilahitofik Wal-idayah Wassalam mualaikum wr.wb
Simak lirik lagu "Paturay Tineung" berikut ini.

Asa kamari urang sasarengan

Diajar diaping ibu bapa guru

Asa can lami urang sosobatan

Cunduk waktosna ayeuna papisah

Papisah urang bakal papisah

Patebih urang bakal patebih

Paanggang urang bakal paanggang

Paturay urang bakal paturay

Lulus ujian kacida bungahna

Ibu bapa guru duh ageung jasana

Lulus sakola ngudag cita-cita

Muga-muga jaga urang tepung deui

Pileuleuyan sobat-sobat sarerea

Pileuleuyan duh ibu bapa guru

paturai kacida sedihna

Pileleyan duh kantun waasna

Anda mungkin juga menyukai