Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum

Sampurasun !!!

Nepangkeun simkuring wasta ……………..

Bade ngadongeng dina jejer carita “Sasakala Situ Bagendit”. Sumangga wilujeung
ngadangukeun dongengna

Jamban baheula dihiji lembur aya randa beunghar, kakayaanna bru dijuru bro dipanto, eta
nyi randa the katelahna nyi endit, awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempreng. Rupana
teu geulis kitu weh saperti urang lembur, kusabab prabawa kabeungharanna manehna asa
panggeulisna dilembur eta the.

Sapopoena gawena ngan ukur midang nimbongkeun papakean jeung emas berlian.
Kongkorong emasna sagede nyere digantelan ku liontin sagede jengkol, Beulah kenca katuhu
alina renceum dina ramona, salianti eta antingna guntang gantung beuki tambah gonjleng.
Daharennana unggal poe ngajagrag dina meja, eta dahareun anu sakitu nyaliara teh estu tara
kasoro ku batur, sanajan diimahna the aya nu sok babantu.

Kukituna ku urang dinya mah nyi endit the katelah nyi randa medit, dilembur eta nyi
endit jiga pisan nu hirup sorangan, teu malire ka ttangga tara daek nulung kanu butuh tara daek
nalang kanu susah.

Dina hiji poe kaburuannana aya hiji aki-aki, awakna begeng bari geus bongkok, make dudukuy
samak geus rawing lengkahna dibarengan ku iteuk, pakeannanarudin kuleuleu, eta aki-aki teu
kanyahoan timana jolna, ujug geus ngajenjen hareupeun panto, bari pok uluk salam kanu boga
imah.

“assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih, punteun! Aki kumawantun


nyuhunkeun sangu sakeudik mah, lapar aki teh”, kitu pokna, bari prek diuk dina emper.

Barang nyi endit ngadenge aya nu pupunteunan bari rek menta sangu, gancang wae
mukakeun panto, nyi endit ngabadega dina panto bari tutunjuk
“naon menta sangu ! naha kami boga dahareun teh beunang barang penta kitu, lapar
usaha atuh lain baramaen, kaditu indit!!! Montong datang kadieu”. Hate aki-aki pohara nyerina,
ngadenge babasaan myi endit anu kasar.

Barang kaluar tiburuan nhyi endit, eta aki-aki teh teu aya nu nyahoeun kamana losna,
tinggal iteukna weh nancep diburuan nyi endit. Ambekna nyi endit acan leler, reet kana iteu anu
nanceb, serenteng bae iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi aneh jeung ajaib tina tapak
iteuk dicecebkeun teh bet bijil cai kaluhur beuki lila beuki gede ngaburial tina jero taneuh.

Nyi endit pohara rewaseunna manehna gogorowokan Ka bujang-bujangna nitah


nyocokan liang cailain ngorotan malah beuki gede, nyi endit gogorowokan menta tulung bari teu
kupas ngagagandong harta emes berlianna tatangga boro-boro haying nulungan, kabeh mupuas
da bongah manehna ge tara daek tutulung ka batur.

Cai anu bijil tina iteul aki-aki tea beuki gede, ngumpul ngabalong. Imah nyi endit
ngalelep kakeum cai nyi endit oge teu tembong deui, milu ti lelep kajero cai.

Eta cai terus ngagulidag beuki lila ngabalong gede pisan nepika jadi situ. Eta situ nepika
kiwari katelah “Situ Bagendit” pernahna diwewengkon kabupaten garut.

Tah, pamiarsa, matak jadi jalma ulah sok pedit koret keked mengkene, urang kudu silih
tulung tinulung, komo loba harta labak libuk siga nyi endit.

Pamiarsa mung sakitu nu kapihatur

Langkung saur bahe carek

Caaaag,,,,,

Hurip sunda !!!!!!!!!!

Wassalamualaikum. Wr. Wb

Anda mungkin juga menyukai