Anda di halaman 1dari 2

Biografi Singkat Mang Koko

Haji Koko Koswara, nnhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10
April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan
Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8. Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO
Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).
Padamelanna dikawitan ti taun 1937di: Bal Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan,Dosen
Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia) Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober
1985.

- Bakat seni sareng karya-karyana.


Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran.
Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana:
Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung"
(1950).
Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung"
puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon.
Anjeunna og anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni
Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian
"Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa
anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana:"Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952),"Seni Swara
Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984),"Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.
Karya-karyana sans ukur dina widang kawih, nanging og dina widang seni drama sareng
gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, salah sawiosna nyaeta: "Sekar Catur", "Si
Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul".
Mang Koko ginuluran seueur pangajn, boh anu asalna ti pamarntah, lembaga atawa organisasi
masarakat (LSM),salaku pangajn pangluhurna ti pamarntah puseur (id: Departemen
Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".
Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus
masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni
Sunda.Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh
ngarupakeun panglemes jiwa.
sumber : http://www.liezmaya.web.id/2010/02/sajarah-singkat-mangkoko.html#ixzz3p0dDVOya

Anda mungkin juga menyukai