Anda di halaman 1dari 2

Contoh Pidato Bahasa Sunda Tema Cobaan dan Ujian Allah SWT

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi anama alaina bi nimatil iman, wal islam. Asyahadualla


ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ala
Muhammad waala ali syaidina Muhammad amma badu

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka


dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu
janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana
Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik
sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu
majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah taala. Amiin..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka


jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi
Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabiin tabiatna anu
pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge


teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat.

Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji


biantara anu eusina

COBAAN ATAWA UJIAN

Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :

1. Ujian anu manis

2. Ujian anu pait

- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di pasihan nikmat ti gusti Allah

- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah

Jadi kasimpulanan

Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ?

sabab aya ayat Al Quran surar Ibrahim ayat 7


Anu hartosna

Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah, pasti kami bakal
nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat Allah maka siksa
Allah kacida pedihna.

Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah
sabar.

Nabi bersabda :

Sabar eta sabagian tina iman

Sareng Allah ngadawuh :

Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh
cobaan.

Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap,
sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.

Hapunten bilih aya kalepatan.....

Aqulu Qouli hada, wassalamualaikum Wr Wb.

Anda mungkin juga menyukai