Anda di halaman 1dari 2

Contoh Surat Cinta Dalam Bahasa Sunda

Salam kasono ti pangumbaraan,

Dibujeng enggalna bae, serat salira tos katampi dinten kamari dina mangsa srangenge tos
tunggang gedong, enya sanes tunggang gunung da didieu mah teu aya gunung. Tos nyampak
diluhureun golodog, karasana haneut keneh panginten can lami aya didinya. Barang bray teh
dibuka, hate ngaleketey, paingan atuh didago dago dugikeun ka panjang gado, diantos antos
dugikeun kanyeri beuheung sosonggetan, serat teh teu aya waleran wae, sihoreng salira teh nembe
kenging dodoja. Syukur atuh tos sehat deui mah, da eta anu disuhunkeun siang sinareng wengi.

Ayeuna mah teu kedah seueur emutan, aluk mah sing seueur ngadu'a, pamugi cita-cita
urang sing enggal kahontal sareng sing enggal tinekanan. Teu kedah ringrang komo deui
cangcaya da akang mah estu tigin kana jangji, moal udar tina tali gadang, moal luntur kaibunan,
moal gedag kaanginan, sumawona belang kabulaoan, estu nyacas salawasna. Deneng eta aya
cariosan anu matak helok dina seratan anu atos atos, eta mah mung ukur ngadoja, naha salira
bakal ngolembar kuayanana cariosan eta. Tapi nyatana, geuning matak pikabingaheun, matak
pikareueuseun, henteu melengkung bekas nyalahan, milih salira.

Hatur nuhun, geuning salira teh teu kabengbat ku harta, sanaos ATM akang tos lami
dikeukeuweuk salira, da akang ge saratus persen percaya, ketresna tanpa harta moal bisa
walakaya. Punten ieu mah sanes ngungkit ngungkit anu tos kalangkung, mangga we etang
salami urang hahadean kirang langkung tujuh taun, pan mahugi pulsa elektronik ge pami
dipeserkeun ka sawah mah panginten tos aya sahektareun. Atuh mangga we etang, tos sabaraha
amplop kanggo nyogok si abah, supados waktos apel diperpanjang dugikeun ka janari. Punten
sanes perhetangan, da dugi ngabelaan ngumbara ka lembur batur ge da kanggo saha deui, kanggo
salira ku anjen. Tong boroning eta, sanaos banda akang anu ngan hiji hijina ge, upami tos lugina
mah kanggo saha deui, bade dicoo salamina ge mangga teh teuing rido we nu aya.

Moal panjang lebar, komo panjang ageung mah da nu panjang ageung mah tos muklis milik
salira. Sakitu nu kapihatur,ditutup kupidu'a mugia salamina urang aya dina kawilujengan. Amin
!

Nama : solehudin

Clas : X.TL_5
Surat Pribadi Basa Sunda

Sukabumi,24 Oktober 2011

Kahatur

Shinta Dewi

Di Jakarta

Sareng hormat,

Shinta kumaha damang? Nuhun upami damang mah. Abdi oge dina danget
ieu mah teu kirang sawios-wios.

Nu mawi abdi nyerat teh bade ngawartosan, rehna minggu payun abdi sakulawargi
bade ka Jakarta. Upami teu aya pamengan, abdi bade ka bumi shinta. Abdi teh
hayang dianteur ulin ka Ancol.

Sakieu bae serat ti abdi. Mugi-mugi urang tiasa tepang minggu payun. Hatur
nuhun.

Hormat abdi,

Solehudin

Anda mungkin juga menyukai