Adigung adiguna :
(Boga rasa leuwih ti batur : Sombong)
Adu regeng :
(Sataker tanaga ; sedikit tenaga atau kurang tenaga).
Ajak jawa :
(Ngajak bari ukur tamba lain ngajak sernyana dapon ngeunaheun batur ; mengajak atau
menawarkan sesuatu dengan tidak sepenuh hati atau tidak ikhlas).
Ajrihing gawe :
(Ulah ngalampahkeun gawe goreng bisi ahirna kabendon ; pemalas atau orang yang tidak
mau bekerja).
Aku-aku angga :
(Ngaku banda sorangan padahal nu diakuna banda batur : Mengaku barang milik sendiri
padahal barang milik orang lain).
Alak-alak cumantaka :
(Jelma pangkat handap hayang nyaruaan pangkat luhur ; menginginkan pujian karena merasa
paling unggul).
Alang-alang kumapalang :
(Pagawean kudu dianggeuskeun ulah dikagok-kagok ; suatu pekerjaan itu harus diselesaikan
tepat pada waktunya jangan ditunda-tunda).
Alak paul :
(Jauh kacida ; Jauh sekali).
Bahe carek :
(Gampang nyarekan ka batur, babari pisan ngaluarkeun omongan nu goreng;).
Bahula ka nu kawasa :
(Tara nurut parentah, mungpang kana parentah;).
Balabar kawat :
(Saembara; sayembara).
Bala harti :
(Salah harti/beda kamandang; salah pengertian).
Bancang kakewuh :
(Picilakaeun, pikasusaheun;)
Banting tulang :
(Digawe popohan; susah payah).
Baek dengkak :
(Baek akal, geus euweuh akal deui, paeh poso, teter; sudah bekerja keras namun tidak
mendapatkan apa-apa).
Bear budi :
(Marahmay budi, someah; ramah tamah, sopan).
Bengkok tikoro :
(Teu kabagean kadaharan istimewa lantaran kabeakeun manten atawa teu datang; tidak dapat
hidangan istimewa karena tidak datang dalam acara pernikahan).
Beurat birit :
(Ngedul; malas).
Bisa kabula-kabale :
(Bisa campur rukun jeung unggal jelema atawa jeung unggal golongan; bisa menyesuaikan
diri di lingkungan atau masyarakat).
Bodo alweoh :
(Bodo tapi daek tetlepek atawa tatanya; orang bodoh tapi enggan untuk bertanya).
Bodo katololoyoh :
(Teu daek nurut kana nasehat batur, tara daek tatanya; orang bodoh yang tidak menuruti
nasihat orang lain).
Bogoh nogencang :
(Bogoh sosoranganana, teu dilayanan; cinta betepuk sebelah tangan).
Budi anteng :
(Teu gugup, kalem ; Tidak gugup atau santai kalem).
Bujang jenglengan :
(Jajaka tulen serta tegep; pria yang belum menikah dan usianya sudah tua).
Bulu taneuh :
(Patani, tukang tani; petani).
Buntut kasiran :
(Koret, medit, kumed; pelit).
Ceuli lentaheun :
Sok sadenge-dengena, najan lain dengekeuneun; mendengarkan sesuatu yang tidak pantas
untuk di dengarkan.
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok :
Pagawean nu sakumaha hesena oge upama dipigawe kalawan daria tur leuken mah lila-lila
bisa dianggeuskeun kalawan hasilna nyugemakeun; jika rajin mengerjakan sesuatu pasti akan
menuai hasil yang menggembirakan.
Cul dogdog tinggal igel : cul pegawean nu geus puguh hasilna, migawe deui nu can karuhan;
mengerjakan pekerjaan yang tidak berpenghasilan dan meninggalkan pekerjaan yang sudah
pasti ada hasilnya.
Dibeureum-dihideung :
Pasrah dikukumaha oge mangga; pasrah mau diapakan juga terserah.
Dibeuweung diutahkeun :
Dipikir heula; dipikirkan lagi matang-matang.
Deduga peryoga :
Kudu bisa ngira-ngira hade gorengna.