Anda di halaman 1dari 2

Mabadi

Penting kacida ka setiap jalma anu rek tandang dina hiji pan ti antara pirang pirang pan ilmu nyaeta
kedah nganyahoken hela kana patokanana eta pan sareng kana pembahasan sareng kana buahna
eta pana nepiken kana akhir mabadi anu 10 anu tso kamasyhur

Persiapan sadayana pan 10 # hiji patokan pernahna rejeng buah

Kaunggulan nisbatna jeng merenahna # ngaran panyokotan na hukum syarahna

Masalahna cukup nyaho sawarehna # anu apal ka kabeh tangtu mulyana

1. Al –hadu hartosna patokan/definisi

Hartosna : ilmu anu ngatur pirang pirang kaidah anu kunyahona kana eta koidah bisa
dikanyahoken hukum hukum kalimah arab dina waktu ker ngarangkepna jeung kalimah anu
sejen dina mu’robna jeng dina mabnina jeng perkara anu nuturken nana kana i’rob jeng mabni
buktina syarat syarat amil nawasikh jeung micen domir aid anu balik kana isim mausul tina
silahna

Cek patokan sejen

Hartosna : nganyahoken pirang pirang dasar ilmu paragi nganyahoken tingkah akhir pirang
pirang kalimah dina segi mu’robna atawa mabnina

2. mauduahu : anu dibahas ku elmu nahwu

Hartosna : ari mauduna elmu nahwu nyaeta pirang pirang bahasa arab tegesna ngabahas pirang
pirang tingkah kalimah anu bahasa arab

3. tsamrotuhu : buahna elmu nahwu

hartosna : ari buahna elmu atanapi kagunaanana elmu nahwu nyaeta ngariksa letah tina
kasalahan ngomong sareng ngajadi pertunjukan kana tiasa maham dawuhan allah taala tegesna
al-quran sareng dawuhan rousl nyaeta al hadits

4. al-fadlu : kaunggulan ilmu nahwu

ngunggulan kana sasena ilmu dina nisbatna sareng dina rekenana

5. al-wadi’ : anu mernahken ilmu nahwu

nyaeta syekh abul aswad addauli atas perintah amirul mu’minin sayyidina ali karromallahu
wajha

6. nisbat : ari nisbatilmu nahwu sareng anu sejena nyaeta nisbat tabayun hartosna silih
bedaan/hente aya titik persamaan
7. ismu : ngaran ilmu nahwu sok disebut ilmu al arobiah
8. al-istimdad : panyokotan ilmu nahwu tina kalam arab
9. al-hukmu : pandangan hukum syara’ terhadap ilmu nahwunyaeta fardu kifayah piken jalma
anu diajar ilmu nahwu, fardu ain piken jalma anu maca al-qur’an atawa hadits
10. al-masalah : ari masalah anu aya dina ilmu nahwu nyaeta qoidah seperti :

masalah anu aya dina ilmu nahwu masih berkaitan jeng masalah anu sejena. Seperti moal ngarti
fail lamun henteu ngarti kana bab al-i’rob jeng bab ma’rifatul alamatil i’rob

BAHASAN BISMILLAH
Peryogi ka sakur nu tumandang kana hiji pan tina ilmu, kudu ngabahas bismillah ku jurusan eta
pan ilmu, didieu pan nahwu, atuh ngabahas bismillah oge kudu ku pan nahwu

1. ba. Huruf jar asliah kulantaran huruf jar asliah pasti ngagaduhan ta’aluq, ta’aluqna kana fail
anu disimpen taqdirna u a lifu bismillahirohmanirrohim atawa abtadiu
bismillahirohmanirrohim

hartosna : ngawitan kuring kalawan ngalap berkah ku nyebat jenengan allah anu welas tur asih

2. ismi. Lafazh ismi majrur di jeerken ku ba alamat jeerna ku kasroh sabab kalimahna isim
mufrod segatna masdar taukid kaluaran sulasi mujarrod bab 6 mu’tal fa bangsa wau wasima
yasimu wasman tuluy picen wau fa fi’ilna jadi esman kulantaran sukun dina mimiti tuluy
datangan hamzah wasol sama’i jadi isman tuluy datangan ba huruf jar jadi bi ismin
kulantaran hamzah kadempet dina tengah kalimat maka picen hamzah wasolna jadi bismin
kulantaran rek di idofatken kana lafazh allahi maka picen tanwina jadi bismi
3. allahi. Ismi mudof allahi mudof ileh kulantaran mudof ileh maka tingkah jeer alamat jeerna
ku kasroh sabab kalimahna isim mufrod segatna te ngagaduhan segat ku margi goer
mutasorif.
Asalna lafazh allah-ilaahun hartosna tiap tiap anu sok diibadahan rek allah atawa lianti allah
supaya tangtu ka allah maka datangan alif lam litta’rif jadi al-ilaahu pindahken harkat
hamzahna kana lam jadi ali’laahu hamzah sukun berat maka picen hamzahna terus
idgomken lam anu ka 1 kana lam anu ka2 jadi allahu
Patokan mudof ileh

Anda mungkin juga menyukai