Anda di halaman 1dari 2

SASAKALA SITU CILEUNCA

Jaman baheula, di hiji leuweung geledegan, aya tangkal kai anu kacida gede
jeung jangkung na. Ngaran eta kai teh Rasamala. Sakabeh tatangkalan anu aya di
handapeun jeung di sabudeureun tangkal Rasamala teh, kabehanana ngarasa
gimir tur kacida mihormatna, malah saolah-olah ngaku raja wae kana eta tangkal
kai teh.

Dina hiji waktu, sawatara tatangkalan anu aya di sabudeureunana teh keur
uplek ngalobrol, gunem catur. Ari anu ngamimitian ngobrol na teh nyaeta tangkal
Kareumbi. Pok na teh, kieu :

"Lain Ki Silah, ari anjeun rek angger anut wae, jeung tetep rek ngaku raja ka
Rasamala teh?"

"Nya enya atuh, moal enya teu sauyunan atawa teu umum jeung batur, kuriak
pada nyarebut notorogan mun kuring boga lampah nu beda ti batur teh."

"Hiih, tong waka boga anggapan kitu. Anggur yeuh nya, eta boga pakarang anu
sareukeut teh sasat na mah cucuk nu aya dina awak Ki Dadap, gesrukeun we kana
awak si Rasamala, supaya peuriheun."

"Naha, kunaon kitu."

"Ngewa atuh da kami mah, eta mun aya milik teh hawek pisan, mun aya rijki
sok di hampol dipiheulaan wae, sok di dongkang ku akar mayang na, jadi we
hakaneun teh beakeun wae ku maneh na."

"Aeh heueuh nya, kakara engeuh, sarua kaula ge sok mindeng ngarahuh, mun
sakalina hayang moyan teh bet sok lebeng, da cahaya panon poe teh kahieuman
bae ku daun jeung dahan si Rasamala."

"Tah gening, ka pikir ayeuna mah ku anjeun nya?" Ceuk Kareumbi, nguntup.

"Keheula, urang menta pamanggih ti nu sejen." Ceuk Dadap, rada nyandet.

Kuniang jukut alak-alak nyanghareup ka Dadap jeung ka Kareumbi.


"Hih, sukur atuh ari boga rencana kitu mah. Puguh kuring ge sarua boga hate
kitu, ngan teu betus. Kuring ge ngan kore wae, hese rek ngajangkungan teh pedah
hese rek ngarambat da kahalangan. Sok lah, kuring ngarojong kana pamaksudan
anjeun duaan. Yu atuh ulah leleda, ari pada-pada boga kanyeri mah, urang jorag si
Rasamala! "Pok na.

Teu lila Dadap, Kareumbi jeung jukut alak-alak madep kahareupeun Rasamala.

"Pangapunten sun, numawi abdi saparakanca ngadehes teh seja ngadugikeun


ka sedih ati katugenah manah. "

"Na, aya katugenah naon kitu?"

"Eta sun sok aya nu cucungah. Gening, manuk ese nangka mah sok cle we na
mastaka salira, nu sasat janten makuta. Anu sakedah na mah dipupusti, ari ieu
kalah dikotoran. Mangga atuh sun emutan, ari kokotor teh sok janten
mangandeuh anu sok nyongcay tuangeun salira. "

" Aeh heueuh nya, asa ku cucungah pisan tah cucungik ese nangka teh. " Ceuk
Rasamala, semu ambek.

Tah, ti saprak narima omongan Kareumbi saparakanca, bakat ku ambek lamun


aya manuk ese nangka eunteup dina daun jeung dahan na, Rasamala teh sok
ngagibegkeun awak na, nu lila-lila tangkal Rasamala teh dugul euweuh daunan.
Tinggal tangkal na we anu ngalekeceng, tapi tangguh henteu regrog sanajan
katebak angin, oge ka keueum ku cileuncang anu ngadak-ngadak ngeyembeng,
lantaran ci hujan teu bisa maju ka hilir akibat kahalangan ku lobana daun
Rasamala anu murudul tea.

Beuki lila, cileuncang anu ngeyembeng teh beuki ngaleberan tur ngalegaan,
antuk na jadi situ anu kiwari katelah, Situ Cileunca.

Tah, kecap Cileunca teh saestuna mah mangrupa robahan, tina kecap
Cileuncang.

Anda mungkin juga menyukai