Anda di halaman 1dari 1

Ucing Sumput

Di wanci sonten Ali, Rina, Didi, Lala sareng Edi maen ucing sumput. Ayeuna nu jadi ucing
atanapi nu jaga Edi, nu sanes na bagian nyarumput. Edi ngetang ngawitan ti hiji nepikeun
sapuluh bari nutupan panon na, rengse ngetang Edi langsung enggal-enggal milarian
rerencanganna nu nuju nyarumput. Jalmi nu mimiti kapendak nyaeta Rina nu nuju nyumput
dipengkereun tangkal.

“Kapendak anjeun” carios Edi.

Rina nu sadar kana eta oge langsung nalangsa sareng enggal-enggalan ka tempat Edi ngetang
tadi. Jalmi nu kadua kapendak nyaeta Ali, tapi Ali teu nyalira nyumputna da sareng Didi di
pengkereun rurungkunan. Tos 3 urang nu kapendak ku Edi, hartosna kantun Lala hungkul nu
teu acan kapendak. Edi teras muteran lapang dugi ka si Edi ningali kalangkang anu siga si
Lala nyumput dipengkereun tong sampah ageung, si Edi niat nga heureuyan, Edi enggal-
enggal muteran tempat sampah nu ageung eta kanggo ngareureuwas si Lala. Pas dugi
pengkereun si Lala

“DORRR!!!” gorowok si Edi

“HWAAAA” si Lala reuwas

Kumargi sadayana tos kapendak ayeuna bagian si Rina nu jadi ucing da anjeunna nu
kapendak mimiti kapendak, tapi teu sadar waktos tos bade maghrib ku kitu sadayana teras
pamitan kangge uih ka bumi.

Anda mungkin juga menyukai