Anda di halaman 1dari 2

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka

Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan deukeut
walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap disela-sela akar, ari sakadang
monyet mah sare dina dahan anu panghandapna, teu pajauh. maksud teh ngameh bisa bari ngobrol
memeh sare, atawa bisa silih geuingkeun bisi aya nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra.
Teungah peuting sakadang monyet nyaring, terus ngahudangkeun sakadang kuya. "Sakadang kuya,
sakadang kuya.." ceuk sakadang monyet
"naon sakadang kuya" tembal sakadang monyet
"kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih
tempatna dimana" ceuk sakadang monyet
"dimana ?" ceuk sakadang kuya
"diteungah leuweung" ceuk monyet
"keun atuh isuk wang teang, ayeunamah sare deui we da peuting keneh." tembal kuya
ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah
hulang huleng keneh dan hese sare deui.
Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur, pokna teh "Ah isukan
mah kuurang rek dihakan eta nangka teh kusorangan, keun we da sakadang kuya mah teu bisaeun
naek tangkal ieuh,, hahaha"
Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang monyet keur ngalindur.
kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila mikiran, akhirna manehna meunang akal. trus dug weh
sare.
Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang kuya.
"Kuya, kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea" ceuk sakadang monyet
"Kela atuh tunduh keneh.." tembal sakadang kuya
"Eeh buru, kaburu kubatur" ceuk sakadang monyet bari ngoyag ngoyag awakna ngameh hudang
"Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh
Arindit weh maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet. Ari pek
teh bener, tangkal nangka eta teh aya.
ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal.."
"Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh kuya"
ceuk monyet memeh naek
Bari seuri dina hate sakadang kuya ngajawab, "Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus
asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh.."
"Oh heug atuh" ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari gagalantungan neangan
nangka, dina jero hate na manehna ngomong, "kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya
mah, keun we lamun protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we. hahaha"
terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah diteundeun diluhur keur
didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk mah dialung-alungkeun kahandap. padahal  mah nu
asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk pluk pluk anu dialung-alungkeun ka si
kuya.
Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah narapel si geutahna kana
awak jeung kana biwir.
"Uya, aha nanga urang mah atah euningan ? ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da
biwirna pinuh ku geutah.
"Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan saukur narima hungkul."
bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak.
"Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah" bari cireumbay da teu
ngadahar nangka asak.
Akhirnamah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah indit duka kamana da baeud
tea.

Anda mungkin juga menyukai