Anda di halaman 1dari 5

PANGANTEUR MC PERNIKAHAN EKA PRASETYA DAN WULAN

Bubuka
Bareng : Assalamulaikum Wr.Wb…
Sampurasun …..
Dea : alhamdulillahirobbil alamin.. wabihi nastainu………….
(ayat quran surat Arrum ayat 21 :

ٍ ‫أَنفُ ِس ُك ْم أَ ْز ٰ َوجً ا لِّ َت ْس ُك ُن ٓو ۟ا إِلَ ْي َه ا َو َج َع َل َب ْي َن ُكم م ََّو َّد ًة َو َرحْ َم ًة ۚ إِنَّ فِى ٰ َذلِ َك َل َءا ٰ َي‬
‫ت‬ ْ‫َومِنْ َءا ٰ َي ِت ِهۦٓ أَنْ َخلَ َق لَ ُكم مِّن‬
َ ‫لِّ َق ْو ٍم َي َت َف َّكر‬
‫ُون‬

Arab-Latin: Wa min āyātihī an khalaqa lakum min


anfusikum azwājal litaskunū ilaihā wa ja'ala
bainakum mawaddataw wa raḥmah, inna fī żālika
la`āyātil liqaumiy yatafakkarụn

Terjemah Arti: Dan di antara tanda-tanda kekuasaan-Nya ialah Dia


menciptakan untukmu isteri-isteri dari jenismu sendiri, supaya kamu
cenderung dan merasa tenteram kepadanya, dan dijadikan-Nya
diantaramu rasa kasih dan sayang. Sesungguhnya pada yang demikian itu
benar-benar terdapat tanda-tanda bagi kaum yang berfikir.

Al ayah sodaqollhul adzim……


Pangluhung qalbu kalayan kajembaran manah , puji anu jadi panghias ati
urang sanggakeun kanu Maha Suci Alloh Robbul ijati, puja anu jadi panghias
rasa urang sanggakeun kanu maha kawasa Alloh Azzawajala.
Dedeh : Sholawat sinareng salam mugia dikocorkeun , dikucurkeun, tur
dikecerkeun ka jungjunan urang anu mana ahlak na pangnyongcolangna
saalam marcapada, tata titi insan berbudi kanjeng nabi anu sajati lir ibarat
gapura anu direnggi-renggi, ahlak budi pekerti anu endah manan kembang, nu
seungit ngadalingding sapanjang peuting anu nyambuang sapanjang beurang
yakni habibana wanabiyyana Muhammad SAW.
Dea : Teu hilap ka kulawargina para sohabatna, kapara tabiin tabiin na, tug
nepi ka urang salaku umatna nu turut tumut kana ajaran anjeuna mugia urang
sadaya tetep tumetep aya dina pang aping pangjaring ajaran anjeuna dugika
kengeng safaat mantena di Yaumil jaja..aamin ya robbal alamiin…..
Dedeh : Atuh semu alun kembang tanjung rasa hegar kembang mawar malati
anu jadi jajatatining ati samoja anu jadi kadeudeuh bulan, nitih wanci nu
mustari ninggang mangsa anu waluya urang tiasa patepung lawung paamprok
jonghok tiasa hempak merbayaksa dina ieu patempatan mugia pamaksadan
urang salawsna aya dina kaberkahan tur aya dina panangtayungan Alloh SWT.
Dea : Para sepuh anu linuhung, para papayunng ieu nagri , para tamu anu
garinding , hadirin sadaya hormateun sim kuring, pribados atas nami keluarga
besar Bapak Wawan Setiawan ngaraos bingah amarwata suta bingah kagiri-giri
ku kasumpinngan para wargi sadaya. Dina acara nembrakeun kabingah nyaeta
Walimatul urusy anu jenengan putrana ( Eka Prasetia Tugas Jaya.) anu maksad
ngadahupkeun ka neng (Wulan Winiar), nanging pamugi palawargi ageing
tawakufna saupamina panampian tamu tebih tina nyugemakeuna, nyungkeun
jembar pangapuntena.
Dedeh : Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu utama, malati ligar na
ati campaka mangkak na dada, kembang tanjung anu gumulung sumangga ieu
acara urang dipedar. Simkuring kapeto salaku panata acara nuwastana Dea
Fauzia sareng Dedeh Rohaeti bade medar acara anu baris kasanggakeun,
diantawisna :
1. Dea : 1 Bubuka
Seren sumeren calon panganten, dikawitan ku nyerenkeun calon
panganten pameget
2. Dedeh :
Seren sumeren calon panganten, dikawitan ku nyerenkeun calon
panganten pameget
3. Dea : Panampian calon panganten pameget ku atas nami kasepuhan
panganten istri
4. Dedeh : seren sumeren simbolik
5. Dedeh : Acara Poko/inti akd nikah
Aosan Ayat Suci alquran
Khutbah Nikah
Ijab Qobul
Doa
6. Dea : Panutup
Dea : Supados teu nyangkolong kana waktos manga urang sami2 buka ieu
acara ku ngaoskeun bismillah sasarengan (Bismillah).
Dedeh : Galindengna kalam ilahi mapaler hate anu cape, ngupahan manah anu
susah nembus kana jajantung, matri kana sanubari, sumelekt kana hate
sumarambah kana bayah, nyaliara minuhan awak sok komo terang makna na
cacak dirarampa oge nikmat karaosna. Deudeul dua mugia ageung mangfaat
sareng berkahna khusus kanu ngaosna oge walatra sadaya kanu ngadangu na
aamiin…. Ya robbal aalamiin…
Dea : Salajeng na nincak acara anu salajengna nyaeta Seren sumeren calon
panganten, dikawitan ku nyerenkeun calon panganten pameget,
Selenting bawaning angina kolepat bawaning kilat manggih beja aya jajaka rek
nyaba, rek nyusul jangji pasini, rek mgaguar subaya anu katunda. Ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut ngendat -ngendat nyatang pinang….aya naon
aleutan nu ngantay…prak manga ngabenjer beaskeun pamaksadan nu utama
sumangga wawakil ti para tamu anu wastana …………………..atas nami kulawargi
bapa Didin Rosidin dihaturanan.
Dedeh : hadirin hormateun simkuring, kitu pisaur sepuh wawakil ti para tamu,
tos diguar paragat nemrak singhoreng simanahoreng seja nyandak tuang putra
purah nutu, purah nyangu, purah ngasakeun baligo, purah tunggu imah gede.
Bawiraos bingah pribumi langkung ti kitu asa mobok manggih gorowong ,
neunggar cadas manggih emas…kapurulukan menyan putih bingah nmu taya
hinggana, enggal geura bageakeun wae, ka saderek …………anu kapapancenan
wawakil ti pihak istri atas nami kulawargi bapak Wawan Setiawan dihaturanan

Dea ; Hadirin hormateun simkuring


Hatur nuhun laksaketi kabingahan anu disaurkeun ku wawakil calon panganten
istri, ditampi pisan kalayan kabingahan. Nitih wanci nu mustari ninggang
mangsa nu waluya , ayeuna geusan ngamprokeun dua insan jajaka jeung
Mojang anu seja kauntung tipung katambang beas laksana kapiduriat anu
kasep wastanan Eka Prasetya Tugas Jaya sareng nu geulis wastana Wulan
Winiar mangga urang sami-sami nyakseni, yen sepuh dua pihak sami-sami
rumojong kana kahoyong putra/i na , nu manjing kana sisindiran Batu turun
keusik naek …itu purun ieu daek….keur mungkas lalakon lalagasan rek
ngambah sagara rumah tangga beber layer Tarik jangkar ngambah sagara
rumah tangga, unggah kabale nyungcung…manga ka patugas KUA oge wali
manga dihaturanan. dilajengkeun acara galindengna kalam ilahi anu baris
diaoskeun ku NADHIFA waktos sinareng tempat nyanggakeun.
Hatur nuhun kanggo Neng Nadhifa anu parantos ngagalindengkeun Kalam
Illahi, Mugia pahala sareng kasaean kanggo anjeuna khususna, umumna
kanggo urang sadaya.
Acara salajengna, khutbah/ nasehat nikah anu bade didugikeun ku…
Hatur nuhun kanggo … anu parantos ngadugikeun nasehat khutbah Nikahna.
Mugia tiasa janten emutan kanggo Cep Eka sareng Neng Wulan. Salajengna
acara inti nyaeta AKAD / IJAB QOBUL . Mangga ka patugas KUA oge wali manga
dikawitan.

PROSESI IJAB QOBUL (KU PETUGAS KUA)


Dedeh : Alhamdulillah acara inti mangrupikeun acara agung parantos
dilaksankeun mugia sing janten kulawargi anu runtut raut sauyunan kacai jadi
saleuwi ka darat jadi salogak, antawis cep Eka sareng neng Wulan mugia sing
janten kulawargi sakinah mawddah warohmah janten kulawargi anu ginururan
rahayu sareng kajembaran rohmat di dunya miwah aherat na..aamiin ya robbal
alamiin…
mangrupikeun runtuyan piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng
matak nineung , keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur
ludeung mansa keeung batur bungah mangsa susah, paragi nyaliksik diri, keur
ngarampa jeung maca awak, hatur nuhun laksa keti kabingahan ka pangersana
……………….anu tos masihan piwuruk kanu anyar balayar ngambah sagara
rumah tangga.

Dea ; Hadirin anu sami2 dirohati Alloh, nincak kana acara pamungkas …….ku
mangrupikeun doa, munajat kanu maha kawasa, minngka jajap ka panganten
rek nyorang bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan, manga
ka kasepuhan …………………disuhunkeun ridho galihna kanngo pangjajap dua.
Waktos sinareng tempat nyanggakeun
Dedeh : Alhamdulillah….rundayan acara parantos kasanggakeun, hapunten
bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga muagia agung cukup lumur jembar
pangampurana
Dea : Bilih aya budi anu kajingjing tit epis wiring, basa anu kacandak ti
padesaan, bilih aya anu kabadug kalbu kagedag manah kantur tuur kabentar
taar, kababuk ounduk, kapengkek kelek, kaciwit imbit katajong tonggong
sareng bobokong neda sihapuntena.
Dedeh : Luhur saur bahe carek. Kirang entep seureuh basana…mugia teu
janten rengat galih tur jaheut manah. Sakitu anu kasanggakeun pamungkas
pihatur, urang teundeun dihandeuleum hieum urang tunda dihanjuang siang
paranti nyokot ninggalkeun mangsa datang sampeur deui, caaag

Dea dan dedeh: Akhirul kalam Billahitaufik wal hidayah wasslamualaikum


wr,wb.

Anda mungkin juga menyukai