Anda di halaman 1dari 3

KECAP RAJEKAN

Kecap rajekan nyaeta kecap-kecap anu diucapkeun dua kali


boh sabagian tina eta kecap, boh sageumblengna kalawan robah
sorana atawa heunteu.

1. Kecap rajekan dwi purwa


Nyaeta kecap-kecap nu dirajek engangna nu mimiti Purwa=heula, mimiti, hareup.
Conto na ;

Tunjuk : Tutunjuk
Tajong : Tatajong
Bantu : Babantu
Capek : Cacapek

Conto kalimah ;
Bantu : babantu
Kalimahna “Mang Ujang keur babantu di imah Pak RT Udin”

2. Kecap rajekan dwi reka


nyaeta kecap rajekan anu diulang kecap dasarna jeung ngarobah sorana.
Conto kecap rajekan dwireka ;
Pelong : Pulang-pelong,
Lieuk : luak-lieuk,
Seuri : sura-seuri,
Teunggeul : tunggal-teunggeul,
Tajong : tujang-tajong.
Conto kalimah ;
lieuk : luak-lieuk
Kalimahna “lamun arek nyebrang jalan kudu bari luak-lieuk”

3. Kecap rajekan dwi murni


nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku jalan nyebut dua kali wangun dasarna.
Conto kecap rajekan dwi-murni saperti ;
Buku : buku-buku,
Jalma : jalma-jalma,
Guru : guru-guru,

Aya oge kecap rajekan dwi murni anu make rarangken tunkang –an.
Conto na ;
Mobil : mobil-mobilan
Imah : imah-imahan

Conto kalimah ;
buku : buku-buku
Kalimahna “ieu buku-buku teh kudu di kamanakeun
nyimpenna ?”

Imah : imah-imahan
Kalimahna “Dede jeung Budi keur ulin imah-imahan”
Pancen
1. Jieun 3 kalimah anu make kecap rajekan dwi purwa.
2. Jieun 3 kalimah anu make kecap rajekan dwi reka.
3. Jieun 3 kalimah anu make kecap rajekan dwi murni.

Anda mungkin juga menyukai