Anda di halaman 1dari 1

OTO ISKANDAR DINATA

Oto Iskandar Dinata dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Bojongsoang , kabupaten Bandung.
Rama na Nataatmaja Ibu na Siti Hadijah.

Oto sakola SD na di HIS Bandung, diteruskeun ka Kweekschool Onderbouw (Sakola Guru Bagian
Kahiji) terus sakola deui di Hogere Kweekschool (Sakola Guru Luhur) di Purworejo, Jawa Tengah. Beres
sakola, Oto jadi guru HIS di Banjarnegara , Jawa Tengah. Bulan Juli 1920 Oto pindah ka Bandung ngajar
HIS jeung Perkumpulan Perguruan Rakyat.

Dina kagiatan saacan kamerdekaan, Oto pernah jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Bandung
periode 1921-1924 sarta jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Pekalongan taun 1924. Oto jadi anggota
Gemeenteraad ("Dewan Kota") Pekalongan ngawakilan Budi Utomo.

Oto aktif dina organisasi Paguyuban Pasundan, jadi sekertaris pengurus taun 1928 , jeung jadi ketua
periode 1929-1942. Organisasi eta bidang pendidikan, sosial-budaya, politik, jeung ekonomi.

Oto jadi anggota Volksraad ("Dewan Rakyat", saperti DPR) nu dibentuk di masa Hindia Belanda
periode 1930-1941.

Waktu penjajahan Jepang, Oto jadi pamingpin surat kabar Tjahaja (1942-1945). Terus jadi anggota
BPUPKI jeung PPKI nu di bentuk ku pamarentah Jepang jang ngabantu persiapan kamerdekaan
Indonesia.

Sanggeus proklamasi kamerdekaan Oto jadi Menteri Negara dina kabinet bagian nu kahiji
Republik Indonesia taun 1945. Tugasna nyiapkeun dijieuna BKR ti bagian bagian rakyat nu aya di
Indonesia. Dina ngajalankeun tugasna Oto ngecewakeun salah sahiji bagian. Oto diculik ku kelompok nu
ngarana Laskar Hitam, nepi ka leungit jeung kabunuh di daerah Banten. Tepatna Oto pupus mah di
daerah Mauk , Tanggerang, Banten kaping 20 Desember 1945 dina usia 48 taun.

Oto Iskandar Dinata jadi Pahlawan Nasional dumasar kana Surat Kaputusan Presiden Republik
Indonesia No. 088/TK/Taun 1973, kaping 6 November 1973. Salah sahiji monumen

perjuangan bandung Utara di Lembang, Bandung ngarana “Monumen Pasir Pahlawan” diwangun pikeun
ngaabadikeun perjuangan nana.

Anda mungkin juga menyukai