KELAS X
pik]n; s;m;a kels; |10|
Disusun ku :
Andri Trisulistian, M. Pd.
Ira Siti Faridah, S. Pd.
Mia Tresnawati, S. Pd.
<2018>
PANGJAJAP
Sadaya puji sinareng syukur urang sami-sami sanggakeun ka hadirat Illahi Rabbi margi
jalaran rahmat sareng hidayah-Na panulis tiasa ngaréngsékeun Modul Basa Sunda pikeun SMA
Kelas X Program SMA Terbuka di SMA Negeri 1 Margaasih. Sarta teu hilap shalawat sinareng
salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka Jungjunan urang Nabi Muhammad SAW, ka
kulawargana, ka shahabat-shahabatna, ka tabi’in tabi’atna tug dugi ka urang sadaya salaku
umatna.
Ieu modul ditulis kalayan tinimbangan kondisi jeung kabutuh siswa, utamana siswa SMA
Terbuka di SMA Negeri 1 Margaasih. Salian ti éta, ieu modul ogé ditulis dumasar kana
kamandirian kagiatan diajar siswa jeung guru nu minangka pangapingna.
Panulis uninga yén eusi dina modul ieu seueur pisan kahéngkéranna. Ku margi kitu, kritik
sinareng saran anu tiasa ngawangun sarta nyampurnakeun kana ieu modul kacida dianti-anti ku
panulis.
Sarta teu hilap panulis ogé neda dihapunten saupamina aya kecap-kecap anu teu merenah
kana manah. Mugia ieu modul téh aya mangpaatna kanggo urang sadayana umumna sareng
kanggo panulis hususna.
Panulis
PANGJAJAP ………………………………………………………………………………...… 1
DAFTAR EUSI ……………………………………………………………………………...…. 2
BUBUKA ………………………………………………………………………………………...4
PANGAJARAN 1 TERJEMAHAN……………………………………………...…………….6
1.1 Conto Teks Tarjamahan ……………………………………………………………………...6
1.2 Medar Tarjamahan …………………………………………………………………………...9
1.3 Pangaweruh Basa……………………………………………………………………………10
PANCÉN MANDIRI UJI KOMPETENSI 1 …………………………………………….13
PANGAJARAN 2 DONGÉNG ……………………………………………………………….16
2.1 Conto Téks Dongéng………………………………………………………………………..16
2.2 Pedaran Dongéng …………………………………………………………………………...20
2.3 Kaparigelan Ngadongéng …………………………………………………………………...21
PANCÉN MANDIRI UJI KOMPETENSI 2 …………………………………………….23
PANGAJARAN 3 LAPORAN KAGIATAN ……………………………………………….26
3.1 Conto Téks Laporan Kagiatan ……………………………………………………………...26
3.2 Pedaran Laporan Kagiatan ………………………………………………………………….31
PANCÉN MANDIRI UJI KOMPETENSI 3 ……………………………………………33
PANGAJARAN 4 KAWIH …………………………………………………………………..34
4.1 Mikawanoh Rumpaka Kawih ……………………………………………………………….34
4.2 Pedaran Rumpaka Kawih …………………………………………………………………...36
PANCÉN MANDIRI UJI KOMPETENSI 4 ……………………………………………41
EVALUASI AHIR MODUL SEMESTER 1 ………………………………………………..43
PANGAJARAN 5 WAWANCARA ………………………………………………...……… 44
5.1 Conto Wawancara …………………………………………………………………..…...… 44
5.2 Mikawanoh Wawancara ………………………………………………………..………….. 47
5.3 Pangaweruh Basa …………………………………………………………..……………… 51
PANCÉN MANDIRI UJI KOMPETENSI 5…………………………………………… 54
PANGAJARAN 6 CARITA BABAD …………………………………………..…………… 57
6.1 Conto Carita Babad ………………………………………………… .……………………. 57
6.2 Mikawanoh Carita Babad …………………………………………………….…….……… 63
6.3 Nganalisis Carita Babad ………………………………………………..………………….. 64
6.4 Pangaweruh Basa ……………………………………………………………………..…… 65
PANCÉN MANDIRI UJI KOMPETENSI 6 ………………………………………...…. 69
PANGAJARAN 7 AKSARA SUNDA ……………………………………………….……… 70
7.1 Mikawanoh Aksara Sunda ………………………………………………………...………. 70
7.2 Nulis Aksara Sunda …………………………………………………………….………….. 76
Pangajaran basa Sunda anu dipidangkeun dina Modul Basa Sunda pikeun SMA Kelas X ieu
mangrupa pangajaran anu midangkeun kamampuh dasar makéna basa Sunda nu penting pisan
pikeun dikawasa ku hidep. Naha bet kitu? Lantaran matéri anu dipidangkeun dina ieu modul
bakal mantuan hidep sangkan babari dina diajar basa Sunda.
Pangajaran anu dipidangkeun dina ieu modul hampir sakabéhna geus diajarkeun ka hidep
nalika di SMP mung sapangajaran anu anyarna mah. Di SMP hidep pernah diajar pangajaran
dongéng, laporan kagiatan, kawih, wawancara, carita babad, aksara Sunda jeung Sajak.
Sedengkeun pangajaran anu anyarna nya éta ngeunaan tarjamahan. Sanajan lolobana
pangajaranna geus diajarkeun di SMP, tapi di SMA mah éta pangajaran téh leuwih nyosok jero
deui sarta ambahanana leuwih lega. Sacara pertéla, pangajaran basa Sunda nu bakal ku hidep
dipikapaham nya éta di antarana:
Dipiharep hidep aktif ilubiung dina unggal kagiatan pangajaran, boh kagiatan sawala,
pangajaran jarak jauh, kagiatan “tatap muka”, pancén, jeung kagiatan évaluasi per Kompetensi
Dasar. Sarta évaluasi ahir seméster anu aya dina bagéan ahir modul anu dilaksanakeun di ahir
kagiatan pangajaran seméster ieu.
Wilujeng diajar mugia ieu modul bisa mantuan jeung ngaronjatkeun pangaweruh hidep dina
ngawasa pangajaran basa Sunda kelas X saluyu jeung palanggeran anu aya dina kurikulum 2013
révisi 2017. Sing sumanget sarta soson-soson diajarna.
Kompetensi Dasar
Aspek Pengetahuan
3.1 Menganalisis aspek kebahasaan dan rasa bahasa teks terjemahan.
Aspek Keterampilan
4.1 Menerjemahkan teks ke dalam bahasa Sunda atau sebaliknya dengan memperhatikan aspek
kebahasaan dan rasa bahasa
Wilujeng sumping di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan pangajaran 1,
hidep bakal diajar pangajaran ngeunaan tarjamahan, mikawanoh téks tarjamahan, kumaha carana
narjamahkeun, tur milih diksi tur adegan basa anu merenah sangkan bisa jadi téks terjemahan
anu merenah.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses kegiatan pembelajaran terjemahan selesai, peserta didik diharapkan mampu
mengamati, menganalisis, menyimpulkan terjemahan melalui kegiatan menyimak atau membaca
dan menterjemahkan kata, kalimat dan paragraf pendek dari Bahasa Sunda ke dalam Bahasa
Indonesia atau sebaliknya dengan memperhatikan kaidah-kaidahnya, serta menyunting dan
membacakan terjemahan yang dibuat dengan tepat.
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman téks tarjamahan ieu di handap.
Conto 1
Maca Téks Tarjamahan
SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di samping
balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya
dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di sana.
Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat.
Éta wacana nu diilo ku hidep téh mangrupa tulisan asli dina bahasa Indonesia. Hasil
tarjamahna kana basa Sunda kapidangkeun ieu di handap. Ayeuna pék ku hidep lenyepan jeung
titénan éta terjemahan téh, naha geus bener/sampurna atawa aya nu kurang?
Hasil Tarjamahan
KURING dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu perenahna gigireun
balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur kuring kakara sawatara welas bulan kuring
dibawa pindah ka bumi Aki di Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna
kuring matuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat.
Perkara dibawa pindah ka Pasuketan téh penting dicaritakeun, sabab lamun kuring terus
matuh di imah titinggal karuhun ti indung nu ayana di gigireun balédésa téa, tanwandé lalakon
hirup kuring baris béda.
Désa Ciborélang téh salah sahiji ti tilu désa nu ngawangun kota Kawadanan (ayeuna mah
kacamatan) Jatiwangi. Nu dua deui nyaéta désa Sutawangi jeung Cicadas. Sutawangi di tengah,
Cicadas beulah kuloneunana, Ciborélang wétaneunana. Kota Jatiwangi anu sacara administrasi
Conto 2
Televisi Menggerus Kerja Otak
Balita, juga batita (bawah tiga tahun), sebaiknya jangan dimanjakan dengan tontonan
televisi. Riset terbaru membuktikan, bocah yang rajin menontn televisi, cenderung mengalami
gangguan daya ingat. Inilah peringatan peneliti dari Children’s Hospital and Regional Medical
Center, Seattle, Amerika Serikat.
Juru bicara tim peneliti, Dimiitri Christakis, mengatakan bahwa otak bayi berkebang pesat
pada usia dua sampai tingga tahun. Siaran televisi, di lain pihak, terus menerus memberikan
rangsangan (impuls) yang tak alami pada otak si bocah, rangsangan tak alami ini akan terus-
menerus menuntut rangsangan yang serupa. Akibatnya, kepekaan terhadap jenis rangsangan
yang lain berkurang dan anak kesayangan cenderung lamban mengerjakan tugas atau tugas
rumah.
Menurut Christakis, rangsangan tidak alami diperparah oleh makin cepatnya perubahan
gambar pada layar televisi. Maklum, para produsen TV seperti, berlomba dan pamer téknologi
mempercepat perubahan gambar untuk memikat pemirsa.
Fredick Zimmerman dari Universitas Washington memperkuat kesimpulan ini. Katanya,
menjauhkan anak dari televisi lebih baik ketimbang memberi batasan maksimal. “Mustahil
membuat batas aman. Setiap penambahan jam akan menambah resiko,” kata dia.
Hasil Tarjemahan
Televisi Ngaganggu Gawé Uteuk
Balita, kitu deui budak batita (kurang tilu taun), alusna mah entong diwowoy ku cara
terus-terusan sina lalajo televisi. Hasil risét panganyarna kabuktian, budak anu mindeng
moncongok televisi, bisa kapangaruhan gawé uteukna. Nya éta rada pohoan. Kitu nurutkeun
panalungtik ti Children’s Hospital and Regional Medical Center, Seattle, Amerika Serikat.
Baca deui hasil tarjamahan téh, tuluy bandingkeun sing gemet jeung naskah aslina. Boh
unggal kalimahna, boh unggal kecapna. Pasti hidep manggihan, loba hasil tarjamahan kecap
jeung kalimahna anu kurang persis jeung aslina.
Dina basa Indonesia aya kecap “investasi’. Tapi dina basa Sunda, euweuh kecap “melak
modal”, tarjamahan tina kecap investasi téa. Aya ogé istilah “neundeun modal” atawa “milu
ngamodal”, anu jelas béda jeung anu dimaksud “investasi”.
Nyundakeun atawa narjamahkeun, komo anu mangrupa artikeul atawa warta, henteu kudu
ditarjamahkeun sakecap-sakecap. Lantaran henteu kabéh basa atawa kecap dina basa Indonesia
bisa langsung disundakeun. Nya kitu deui sabalikna. Da apan adegan basa Sunda jeung basa
Indonesia téh béda. Tapi teu meunang sangeunahna ogé. Ngaranna ogé narjamahkeun, kudu
tetep ngindung kana basa, kalimah, jeung kecap aslina.
Upama urang rék nyundakeun artikel, coba dibiasakeun:
1. Baca heula éta artikel sakabéhna.
2. Baca saalinéa-saalinéa.
3. Hartikeun sakalimah-sakalimah.
4. Kakara narjamahkeun kecap-kecapna.
5. Urang kudu babarengan néangan jalan kaluarna pikeun ngungkulan masalah kasebut.
(Kita harus bersama-sama mencari jalan keluarnya untuk menyelesaikan masalah
tersebut)
Sasaruanana jalan keluar dina basa Sunda nyaéta “bongbolongan”, ari “jalan kaluar”
mah sarua hartina jeung panto.
Anu merenah: Urang kudu babarengan néangan bongbolongan pikeun ngungkulan éta
masalah.
Kandaga kecap
1. Nitih = basa lemes pisan tina ‘tumpak’,dilarapkeun ka jalma anu dianggap luhur
kalungguhanana saperti raja.
2. Sepén = kamar leutik tempat neundeun bahan dahareun
3. Goah = kamar tempat neundeun béas jeung kadaharan sejena,bisana aya di bagian
tukang deukeut dapur
4. Yaksa = Raksasa ,buta
5. Tahang = tong atawa wadah tina kai paranti inuman
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan tarjamahan? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham
kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-
soson tur daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga
tuluykeun diajarna kana pangajaran anu saterusna.
Refleksi Materi
Dina narjamahkeun, biasana kudu maham heula konten atawa eusi anu ngawengku maksud
jeung ma’na dina téks. Naha hal éta bet perlu dilakukeun? Jéntrékeun!
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Pikeun maham eusi bacaan “Televisi Mengganggu Kerja Otak”, pék jawab atawa
terangkeun pananya di handap!
1. Naon ari balita? Ari batita?
2. Kunaon cenah pangna ulah mindeng teuing molototan televisi?
3. Naon sababna? Hasil panalungtikan di mana cenah?
4. Kumaha nurutkeun Dimitri Christakis, ngeunaan uteuk budak umur dua nepi ka tilu
taun? Saha ari manéhna téh?
5. Budak téh uteukna dihudang ngan henteu sacara alami. Terus kumaha akibatna keur ka
budak?
6. Sabenerna naon nu ngabahayakeun ka budak, tina televisi téh?
7. Cukup henteu upama lalajona waé diwatesanan? Naha?
8. Merenah henteu “Televisi Menggerus Kerja Otak” disundakeun jadi “Televisi
Ngaganggu Gawé Uteuk”? Naha?
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kahiji.
Pancén 1
Pék tarjamahkeun kana basa Sunda!
1. Kita baru saja melaksanakan pemilihan umum.
2. Kakak saya terpilih menjadi anggota DPRD Kota Bandung.
3. Setiap tahun angka pengangguran semakin bertambah.
4. Kebetulan saja saya kemarin bertemu dengan Pak Maman.
5. Bagaimanapun, kebenaran itu harus diperjuangkan.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kadua.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu katilu.
Kompetensi Dasar
Aspek Pengetahuan
3.2. Membandingkan jenis dongeng berdasarkan isi, struktur, dan aspek kebahasaan.
Aspek Keterampilan
4.2. Menampilkan berbagai jenis dongeng dengan cara ngadongeng, monolog, dramatisasi.
Wilujeng sumping di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan pangajaran 2
hidep bakal diajar pangajaran ngeunaan dongéng, mikawanoh jenis dongéng, sarta kumaha cara
ngadongéng anu merenah.
Tujuan Pembelajaran
Setelah membaca dan mengamati teks dongeng, peserta didik diharapkan :
1. Membandingkan jenis dongeng berdasarkan struktur, unsur kebahasaan dan fungsi sosial
2. Menampilkan berbagai jenis dongeng dengan cara ngadongeng, monolog, dramatisasi.
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman ieu pidangan ringkesan pangajaran dongéng di handap.
Kandaga kecap
1. Sampalan = tegalan,di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
2. Panonoban = Tempat ngumpulna sasatoan
3. Belekesentreng = keur meumeujeuhna
4. Béda ti sasari = teu siga biasana
5. Ngelak = tembang,ngawih
6. Pacér = leutik sukuna
7. Panyileukan = nu di pikainget wae
8. Ngaharu biru = ngaganggu
9. Ngahampas = ngahina
10. Pamohalan = perkara nu mustahil
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 2 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
Paket Cahara Basa X beunang nyusun Drs. Taufik Faturohman jeung Drs. Budi Rahayu
Tamsyah ti halaman 20 nepi ka halaman 39.
Hidep ogé bisa maluruh référénsi lain pikeun ieu pangajaran tina sumber-sumber lain boh
sumber citak boh ngaksés tina internét, kadé tong poho pikeun aksés ka LMS SMA Terbuka di
kelas Basa Sunda X pikeun maluruh jeung ngerjakeun soal-soal évaluasi pangajaran.
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan Dongéng? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham kana
sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-soson tur
Refleksi Materi
Lamun urang ningali nu ngadongéng, naha sok asa resep nya? Kumaha nya carana sangkan bisa
ngadongéng kalayan hadé?
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kahiji.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kaopat.
Kompetensi Dasar
Aspek Pengetahuan
3.3 Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan laporan kegiatan
Aspek Keterampilan
4.3 Menulis laporan kegiatan dengan memperhatikan struktur dan aspek kebahasaan
Wilujeng sumping di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan pangajaran 3
hidep bakal diajar pangajaran ngeunaan laporan kagiatan, mikawanoh bentuk laporan kagiatan,
sarta kumaha cara nyieun laporan kagiatan anu merenah.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses / kegiatan belajar mengajar laporan kegiatan selesai, peserta didik mampu:
1. Mengidentifikasi isi, struktur dan unsur kebahasaan laporan kegiatan.
2. Menulis laporan kegiatan dengan memperhatikan struktur dan unsur kebahasaan.
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman ieu pidangan ringkesan laporan kagiatan ieu di handap.
Kongrés Basa Sunda (KBS) téh kagiatan anu mayeng digelar ku Lembaga Basa jeung
Sastra Sunda (LBSS). Dina sajarahna KBS geus diayakeun ti jaman kolonial kénéh. KBS anu
mimiti lumangsung di Bandung tanggal 12-14 Oktober 1924, opat taun leuwih ti heula batan
Kongrés Pemuda II anu ngahasilkeun Sumpah Pemuda dina tanggal 28 Oktober 1928. Nu
Pikeun ngajembaran kaweruh hidep ngeunaan laporan kagiatan, ieu di handap aya deui conto
karangan lapran kagiatan nya éta “Wisata Budaya ka Kampung Mahmud”. Pék baca, titénan
sing gemet ku hidep sarta tuduhkeun naon bédana jeung laporan kagiatan anu tadi.
1. Kasang Tukang
Ku pangaruh modérenisasi jeung kamajuan jaman, kiwari beuki loba budaya urang anu
kalindih ku budaya deungeun. Para rumaja loba anu heunteu apal kana adat kabiasaan urang
Sunda anu ngandung ajén inajén atikan nu luhung. Éta sababna kudu aya kagiatan anu bisa
ngawanohkeun para rumaja atawa para siswa di sakola kana budaya Sunda nu aya di tatar
Sunda. Dumasar kana kasang tukang pamikiran éta, SMA Sunda Jaya ngayakeun kagiatan
Wisata Budaya ka Kampung Mahmud.
2. Tujuan
Ieu wisata budaya diayakeun kalawan tujuan: 1) sangkan para siswa wanoh kana adat
kabiasaan di Kampung Mahmud, 2) sangkan para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup
di éta wewengkon, 3) sangkan para siswa boga tékad jeung sumanget pikeun miara banda
budaya titinggal karuhun.
3. Waktu jeung Tempat Tujuan
Wisata budaya lumangsung dina tanggal 15 November 2016, kalawan tujuan Kampung
Mahmud di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupatén Bandung.
4. Pamilon
Jumlah pamilon 225 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping).
5. Waragad
Waragad ieu kagiatan téh tina iuran para siswa anu gedéna Rp. 75.000,- saurangna,
jeung dana bantuan ti sakola. Éta waragad téh digunakeun pikeun transportasi (ongkos
beus), mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi di perjalanan.
Sabada niténan dua conto laporan anu tadi, urang bisa nyindekeun yén nulis laporan kagiatan
bisa dipilampah ku dua cara. Bisa ditulis ngaguluyur kawas conto anu kahiji, bisa ogé ditulis
dumasar kana hal-hal poko anu geus dirarancang, kawas conto anu kadua.
Kandaga kecap
1. Angot = komo
2. Pulang poé = nyanyabaan sapoé jeput,teu mondok
3. Dirojong = dibantuan
4. Ngadongdon = ngadatangan hiji tempat
5. Selfi = motret diri sorangan
6. Panangan kiwa = leungeun kénca
7. Guide = tukang ngajejeran acara
8. Puseur dayeuh = pusat kota
9. Patali marga = lalulintas
10. Balakécrakan = dahar babarengan semu pahibut
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 3 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
Paket Cahara Basa X beunang nyusun Drs. Taufik Faturohman jeung Drs. Budi Rahayu
Tamsyah ti halaman 40 nepi ka halaman 51.
Hidep ogé bisa maluruh référénsi lain pikeun ieu pangajaran tina sumber-sumber lain boh
sumber citak boh ngaksés tina internét, kadé tong poho pikeun aksés ka LMS SMA Terbuka di
kelas Basa Sunda X pikeun maluruh jeung ngerjakeun soal-soal évaluasi pangajaran.
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan laporan kagiatan? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can
maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan
soson-soson tur daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur,
Refleksi Materi
Tangtuna urang geus mindeng nyaba ka tempat-tempat wisata atawa tempat anu miboga ajén
sajarah. Naha jurnalis sok rajeun nuliskeun naon-naon anu kaalaman nalika ngalaksanakeun
lalampahan atawa hiji kagiatan. Naha hal éta bet perlu dilakukeun? Jéntrékeun!
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kahiji.
Pancen 2
Caritakeun deui ku basa sorangan laporan kagiatan “Wisata Kampung Mahmud”.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kadua.
UJI KOMPETENSI 3
Pancén hidep ayeuna, pék jieun laporan kagiatan anu eusina bisa mangrupa kagiatan lalampahan
atawa karyawisata ka hiji tempat. Hidep bisa milih, naha rék kawas conto anu kahiji atawa anu
kadua.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kaopat.
Kompetensi Dasar
Aspek Pengetahuan
3.4 Membandingkan bentuk, struktur dan aspek kebahasaan teks kawih Sunda klasik dan pop.
Aspek Keterampilan
4.4 Melantunkan kawih Sunda klasik dan pop dengan memperhatikan ekspresi, dan teknik vokal.
Wilujeng sumping di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan pangajaran 4
hidep bakal diajar pangajaran ngeunaan rumpaka kawih, mikawanoh bentuk kawih, sarta
kumaha cara ngahaleuangkeun kawih luyu jeung kaidah-kaidahna.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses / kegiatan belajar mengajar laporan kegiatan selesai, peserta didik mampu:
1. Menyebutkan pengertian rumpaka kawih dengan tepat dan benar
2. Mendiskusikan isi rumpaka kawih dengan baik
3. Menyanyikan kawih sesuai dengan irama yang baik dan benar
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman rumpaka kawih ieu di handap.
ÉS LILIN
Ciptaan : Ibu Mursih
Vokal : Nining Méida
4.2 Pedaran
Rupaka téh nyaéta puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkeun boh ditembangkeun.
Rumpaka kawih Sunda mah tangtu baé dikawihkeun. Upama nilik ka dinya, rumpaka kawih téh
diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Rumpaka raket patalina jeung sastra
(sajak), ari kawih raket patalina jeung karawitan (seni musik). Tah, dina pangajaran basa mah
leuwih museur kana unsur rumpakana, anu kaasup kana kasusastraan nyaéta sajak.
Upama nilik kana rumpaka lagu Sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran. Nyaéta puisi
anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Wangun sisindiran ogé kapanggih dina rumpaka kawih
Sunda kiwari, saperti anu aya dina “Bubuy Bulan”, “Sorban Palid”, “Cikapundung”, jeung “És
Lilin”.
Dina kamekaran kiwari, rumpaka kawih Sunda leuwih lega ambahanana, utamana dina
sual wangunna. Henteu ngan saukur wangun sisindiran. Komo kiwari mah lolobana rumpaka
kawih téh mangrupa sajak bébas baé. Contona rumpaka kawih “Dina Amparan Sajadah”,
“Papatong”, jeung “Tanjung Baru”.
Salian ti éta aya deui kawih Sunda anu rumpakana asalna mangrupa sajak, saperti sawatara
lagu sanggian Mang Koko Koswara. Di antarana baé lagu “Dina Jandéla” jeung “Kembang
Impian” rumpakana tina sajak beunang Dédy Windyagiri, “Kembang Tanjung Panineungan”
jeung “Malati di Gunung Guntur” tina sajak beunang Wahyu Wibisana, “Hariring nu Kungsi
Nyanding” beunang Winarya Artadinata, jeung “Peuting Pangharepan” beunang RAF.
Kiwari sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu téh sok disarebut “musikalisasi puisi”.
Dumasar kana jejer jeung eusina, rumpaka kawih téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha
golongan, di antarana:
1. Religi/kaagamaan
Eusina ngandung ajaran agama, rasa cinta ka Allah, sumerah pasrah ka Pangéran, jsb.
2. Sosial/kamasarakatan
Eusina ngandung kabiasaan di masarakat, kritik sosial, atikan, jsb.
3. Cinta/silih asih
Eusina anu aya patalina jeung cinta atawa silih asih antara awéwé jeung lalaki.
4. Perjoangan/cinta ka lemah cai
Eusina perjoangan atawa rasa cinta ka lemah cai.
BUDAK SAHA
Ciptaan : Déddy Krisna
Vokal : Wina Juliana
Duh Gusti
Ari abdi budak saha
Teu puguh laratanana
Batin ceurik balilihan
BORONDONG GARING
Ciptaan : Rudy Rusadi
Borondong garing
Ider kota pilemburan
Mekar lumaku diri
Hayu dagang bari mimitran
Borondong garing
Haleuang katineung ati
Jerit ciptaning ati
Jeung hiliwirna angin peuting
DURIAT
Ciptaan : Doel Sumbang
Vokal : Darso
HAMDAN
Ciptaan : Mang Koko Koswara
Solawat solawatan
Barokat barokatan
A’la muhammad Rosulih
Wa’ala ali wasohbih
TANJUNG BARU
Ciptaan : Uko Héndarto
Voka : Darso
Kandaga kecap
1. Sajadah = pangsujudan, paranti sujud ari solat mangrupa dadampar tina karpét atawa lawon
2. Lamokot = lambokot, bobolokot, pinuh ku barang kotor anu narapel, saperti leutak getih,
jeung késang
3. Buhun = kuno, baheuna
4. Kawih buhun = kawih anu gelar mangsa baheula
5. És lilin = és anu wangunna jiga lilin, digagangan ku awi sateukteuk, didagangkeun maké
roda didorong, cara nyieunna dina roda sarta rodana sok dioyag-oyag
6. Nyanding = ngangigirkeun atawa ngaréndéng, nyandingkeun nu geulis, ngaréndéng jeung
nu geulis
7. Nyinglar = ngajauhkeun, nyegah
8. Pahatu lalis = yatim piatu, geus teu boga indung-bapa lantaran indung-bapana maot
9. Keyeng = enya-enya hayang, geus gilig
10. Maratan = 1. Saolah-olah parat; 2. Supaya nepi ka parat
11. Caringcing = ati-ati, taki-taki, iatna
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 4 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
Paket Cahara Basa X beunang nyusun Drs. Taufik Faturohman jeung Drs. Budi Rahayu
Tamsyah ti halaman 52 nepi ka halaman 67.
Hidep ogé bisa maluruh référénsi lain pikeun ieu pangajaran tina sumber-sumber lain boh
sumber citak boh ngaksés tina internét, kadé tong poho pikeun aksés ka LMS SMA Terbuka di
kelas Basa Sunda X pikeun maluruh jeung ngerjakeun soal-soal évaluasi pangajaran.
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan Kawih? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham kana
sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-soson tur
daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga tuluykeun
Refleksi Materi
Dina kawih aya anu disebut kawih buhun jeung kawih kiwari, tapi masarakat ayeuna lolobana
leuwih mikawanoh kana kawih kiwari. Naon nu ngalantarankeunna nya?
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kahiji.
Pancén 1
Tulis deui rumpaka kawih di luhur kalayan ngagunakeun basa lancaran!
Pancén 2
Sabada nengetan tina sababaraha rumpaka kawih anu aya, pék hidep sawalakeun jeung
babaturan sakelompok naon bédana jeung rumpaka kawih “Dina Amparan Sajadah” jeung “És
Lilin”., tuluy jieun laporanna!
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kadua.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu katilu.
UJI KOMPETENSI 4
Pikeun maham pedaran di luhur, jawab pananya ieu di handap!
1. Naon anu disebut rumpaka kawih téh?
2. Naon anu jadi garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih?
3. Dina wangun naon umumna rumpaka kawih Sunda buhun téh?
4. Kumaha ari wangun rumpaka kawih kiwari?
5. Naon anu dimaksud musikalisasi puisi téh?
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap
Muka minggu kaopat.
Kompetensi Dasar
Aspék Pengetahuan :
3.5 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks wawancara.
Aspék Keterampilan :
4.5 Merancang, melakukan dan menyusun laporan wawancara dengan memperhatikan
kesantunan berbahasa.
Wilujeng sumping di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan Pangajaran 5,
urang bakal diajar pangajaran ngeunaan conto wawancara, mikawanoh wawancara nu
ngawengku wangenan wawancara, prak-prakan wawancara, sikep nu kudu dipiboga ku nu
ngawawancara, léngkah-léngkah ngawawancara, nuliskeun hasil wawancara, pangaweruh basa
ngeunaan kecap anu teu kudu dilemeskeun.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep, berdiskusi atas
fakta dan konsep, menginterpretasi, mengasosiasi dan mengkomunikasikan, peserta didik dapat:
1. Menyebutkan ciri-ciri wawancara dengan teliti dan tepat
2. Menentukan hal-hal yang perlu dirumuskan sebelum wawancara secara cermat dan teliti
3. Mendiskusikan hasil teks wawancara dengan baik dan benar.
4. Menyusun teks wawancara pendek secara baik dan benar
5. Memperagakan teks wawancara dengan baik dan santun
6. Menanggapi teks wawancara yang diperagakan oleh teman di kelasnya dengan baik dan
santun.
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman ieu pidangan ringkesan pangajaran wawancara :
Conto 1
BÉNJANG TI UJUNGBERUNG,
TAYA ATURAN HUSUS DINA TARUNG
Bénjang téh kasenian Sunda anu asalna ti wewengkon Ujungberung Kota Bandung jeung
sabudeureunana. Dina bénjang aya tarung mirip gulat, tapi tarung dina bénjang mah taya aturan
husus saperti dina gulat. Éta hal téh ditétélakeun ku Jénal (52 taun), salasaurang seniman
bénjang ti Ujungberung basa diwawancara ku Putri Éndah ti Majalah Cahara. Wawancara
lumangsung di padumukanana di Ujungberung, sawatara waktu kaliwat. Di handap
dipidangkeun petikan wawancarana.
“Naon anu disebut bénjang téh, Pa?”
“Bénjang téh salasawios kasenian Sunda anu aya di wewengkon Ujungberung Kota Bandung
sareng sabudeureunana. Tiasa disebatkeun kasenian anu kumplit.”
“Maksadna kumplit kumaha, Pa?”
“Disebat kumplit téh, dina bénjang mah aya unsur karawitanana, seni tarina, sareng atraksina
deuih. Dina pintonan bénjang aya ibingan anu mirip sareng gerakan-gerakan penca silat,
dilajengkeun kana atraksina, nya éta tarung anu mirip sareng gulat. Malih tiasa disebatkeun gulat
tradisional. Bari teras dipirig ku tatabeuhan sareng lalaguan éta téh.”
“Ti iraha ngawitan aya bénjang di Ujungberung téh, Pa?”
“Numutkeun katerangan sepuh mah, nami bénjang tos dipikawanoh ku masarakat ti taun
1820-an. Tokoh bénjang anu kakoncara waktos harita, di antawisna Haji Hayat sareng Pa
Wiranta. Dupi asal-usul bénjang, aya anu nyebatkeun kawitna ti Désa Ciwaru Ujungberung, aya
deui anu nyebatkeun ti Cibolérang Cinunuk. Anu jelas mah, boh di Ujungberung boh di
Cinunuk, dugi ka kiwari ogé janten tempat ngempelna seniman bénjang.”
“Dupi di wewengkon sanés, salian ti di Ujungberung sareng Cinunuk, aya kasenian bénjang
atanapi henteu?”
“Sakaterang Bapa mah, teu aya. Bénjang mung aya di wewengkon Ujungberung sareng
sabudeureunana, di antawisna di Cinunuk. Dina ayana ogé di wewengkon sanés, tiasa janten
kawitna mah ti Ujungberung sareng Cinunuk. Upami aya téh, nya saé wé. Kasenian bénjang
tiasa langkung mekar deui.”
“Tadi disebatkeun, dina bénjang aya tarung sapertos gulat. Naha aya aturan anu husus,
utamina mah kanggo pamaén bénjang anu tarung?”
Conto 2
NGAGEDURKEUN DEUI SENI GEDUR
Upama nilik kana waditra jeung cara nabeuhna mah, seni gedur téh sawanda jeung terebang
atawa gembyung. Ari anu ditembangkeunana nya éta solawat, dikir, jeung pupujian. “Anu matak
ngaran aslina mah seni solawatan. Disebut seni gedur sotéh ku masarakat, pédah salasahiji
waditrana ngagunakeun bedug, anu sorana kadéngé ngagedur. Nelah wéh seni gedur,” ceuk Ki
Danu (87), basa diwawancara ku Nana Munajat di padumukanana, sawatara waktu kaliwat.
Seni gedur hirup di sabudeureun suku Gunung Manglayang. Anu kiwari masih kénéh hirup
téh, atawa dihirupkeun deui, seni gedur anu aya di Kampung Mekarsari, Kelurahan Pasir Biru,
Kacamatan Cibiru, Kota Bandung. Anu matak disebutkeun dihirupkeun deui téh, lantaran kungsi
tilem sakitu puluh taun. Ari sababna, geus taya nu nanggapna. Nya kiwari dihirupkeun deui,
diluluguan kua sawatara tokoh masarakat jeung tokoh seni di dinya saperti Amin Suwarta, H.
Aceng Saefudin, Ki Adung, Ki Danu, jeung Pepen Efendi. “Tétéla meunang pangbagéa anu
Tah, sanggeus hidep maca éta dua conto wawancara téh geus kapaluruh naon bédana?
Saupama acan, mangka prak ku hidep baca deui tepi ka kapanggih naon bédana! Wilujeng maca
deui.
Hasil henteuna wawancara, gumantung kana sikep jeung paripolah anu ngawawancara. Ku
sikep anu hadé, wawancara bisa lumangsung akrab tur komunikatif. Wawancara anu
komunikatif tur hirup, ditangtukeun ogé ku jembarna pangaweruh kana jejer wawancara, boh ti
nu ngawawancara boh ti nu diwawancara.
Tahap saterusna nya éta nuliskeun hasil wawancara. Hasil wawancara bisa dituliskeun dina
wangun:
1. Tanya-jawab antara anu ngawawancara jeung anu diwawancara (narasumber, réspondén)
2. Basa lancaran, petikan wawancara digunakeun saperluna baé, upamana pikeun ngantebkeun
katerangan anu geus dipedar
Saméméh nuliskeun hasil wawancara, aya sawatara tahapan anu kudu dilakonan, di antarana:
1. Nyalin hasil wawancara
Ayeuna mah wawancara téh geus prah dirékam, malah rékamanana ogé sok
didokuméntasikeun. Bisi hiji mangsa diperlukeun deui atawa bisi aya komplain ti nu
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 5 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
Paket Cahara Basa X beunang nyusun Drs. Taufik Faturohman jeung Drs. Budi Rahayu
Tamsyah ti halaman 68 nepi ka halaman 85.
Hidep ogé bisa maluruh référénsi lain pikeun ieu pangajaran tina sumber-sumber lain boh
sumber citak boh ngaksés tina internét, kadé tong poho pikeun aksés ka LMS SMA Terbuka di
kelas Basa Sunda X pikeun maluruh jeung ngerjakeun soal-soal évaluasi pangajaran.
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan wawancara? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham
kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-
soson tur daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga
Refleksi Materi
Dina kagiatan wawancara, biasana nu ngawawancara kudu ngararancang heula patalékan anu
rék ditanyakeun ka narasumber. Naha hal éta bet perlu dilakukeun? Jéntrékeun!
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Pikeun maham eusi bacaan “NGAGEDURKEUN DEUI SENI GEDUR”, pék jawab atawa
terangkeun pananya di handap!
1. Upama nilik kana waditra jeung cara nabeuhna, sawanda jeung naon seni gedur téh?
2. Naon sababna katelah seni gedur?
3. Di mana sumebarna seni gedur téh?
4. Saha anu munggaran boga alpukah nyebarkeun seni gedur téh?
5. Naon sababna seni gedur téh kungsi ngalaman tilem?
6. Saha anu ngahirupkeun deui seni gedur di Pasir Biru téh?
7. Di mana baé sok ditanggapna seni gedur téh?
8. Sok disuguhan naon pamaén seni gedur ku nu nanggapna?
9. Naon waditra seni gedur téh?
10. Cik, sebutkeun lalaguan anu sok dipidangkeun dina seni gedur!
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika minggu kahiji.
Kompetensi Dasar
Aspék Pengetahuan :
3.6 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks babad/ sejarah Sunda.
Aspék Keterampilan :
4.6 Menyajikan isi teks babad/sejarah Sunda dengan memperhatikan struktur dan aspek
kebahasaan.
Wilujeng sumping deui di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan
Pangajaran 6, urang bakal diajar pangajaran ngeunaan conto carita babad, mikawanoh carita
babad nu ngawengku wangenan carita babad, galur dina carita babad, nganalisis carita babad,
pangaweruh basa ngeunaan kecap-kecap langka.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses kegiatan belajar mengajar carita babad, peserta didik mampu menganalisis
isi, struktur, unsur kebahasaan teks babad/sajarah Sunda serta menyajikan isi teks babad atau
sejarah Sunda dengan memperhatikan struktur dan unsur kebahasaan.
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman ieu pidangan ringkesan pangajaran carita babad :
Kacaturkeun dina hiji waktu Prabu Siliwangi nyaur Patih Tambirasa jeung Paman Léngsér,
dua jalma anu dipikolot di Karajaan Pajajaran. Teu lila duanana tuluy cing torojol nyampeurken.
Gék dariuk semu ajrih hareupeun Sang Prabu.
“Aya nu hayang ditepikeun ka Paman téh. Ceuk selenting béja, di Karawang aya hiji guru
anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar. Éta guru téh ngaranna cenah Syéh
Kuro, asalna ti Nagri Campa. Naha Paman geus apal?”
Ngadéngé Sang Prabu nanya kitu, Patih Tambirasa pohara reuwasna. Kakara harita manéhna
ngadéngé éta béja téh. Nu matak Ki Patih ngeluk baé, ngarasa éra pédah kacolongan,
kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di Nagri Pajajaran.
“Lamun kitu urang kacolongan, Paman Patih!” ceuk Sang Prabu deui.
Ngadéngé kitu Patih Tambirasa beuki ngeluk baé. Laun-laun tuluy timbul amarahna. Ambek
ka Syéh Kuro anu geus sagawayah ngadegkeun pasantrén kalawan henteu ménta idin heula ka
karajaan. Cong Ki Patih nyembah, tuluy pokna:
“Gusti Prabu, Paman ménta idin, rék nyerek éta Syéh!”
“Sabar heula, Paman, ulah rusuh kabawa ku ku napsu,” cek sang Prabu halon. “Kudu inget
yén Nagara urang mah henteu ngahalang-halang sing saha baé anu ngadon bubuara di dieu.”
“Leres lebah dinyana mah, Gusti Prabu! Tapi satungtung éta jalma éta henteu nyusahkeun ka
urang. Ari Syéh Kuro, apan tétéla rék nyieun bibit pacéngkadan. Manéhna nyebarkeun agama
anyar. Rahayat Pajajaran tangtu bakal kabagi dua, anu milu ngagem agama anyar jeung anu
henteu.”
Sakedapan Sang Parabu jempling teu némbal. Teu lila pok ngalahir: “Tapi Paman, agama
mah apan urusan kayakinan. Moal bisa dipaksa ku saha baé. Hadé urang antepkeun baé heula.
Engké lamun geus ngabarubahkeun katengtreman rahayat, kakara urang singkirkeun.”
Sang Prabu ngahuleng heula sawatara lila. Paman Patih jeung Paman Léngsér nya kitu deui
pada-pada jempling, bangun keur dirungkup kabingung.
“Ceuk béja, éta Ki Syéh téh boga santri awéwé anu kacida geulisna, Paman,” ceuk Sang
Prabu. “Nyimas Subang Larang cenah ngaranna, putri Ki Gédé ng Tapa,Raja Singapura. Kaula
hayang ngabuktikeun bener henteuna éta béja,Paman.”
Paman Léngsér geuwat mairan:
“Ku Paman geus kateguh kumaha pamaksudan Gusti Prabu. Lamun kitu, Paman rék geuwat
ngajugjug ka ditu.”
“Sukur ari geus kaharti ku Paman Léngsér mah,” ceuk Gusti Prabu bari seuri bangun bagja.
“Jung baé Paman geura indit ka ditu. Lamun éta béja teu nyalahan, tepikeun baé pamaksudan
Kumaha caritana sanggeus dibaca ku hidep? Kaharti jalan caritana? Aya gambaran saha ari
Prabu Siliwangi téh? Nu utamana, naon ari carita babad téh? Patalina jeung Prabu Siliwangi téh
kumaha? Sangkan leuwih pertéla, hidep bisa maluruh dina mikawanoh carita babad jeung
nganalisis carita babad di handap.
Carita babad téh ditulisna geus heubeul pisan. Ku sabab kitu, kekecapan atawa istilah nu
nyampak dina carita babad, bisa jadi loba anu geus langka atawa teu dipaké deui dina alam
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 6 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
Paket Cahara Basa X beunang nyusun Drs. Taufik Faturohman jeung Drs. Budi Rahayu
Tamsyah ti halaman 86 nepi ka halaman 101.
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan carita babad? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham
kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-
soson tur daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga
tuluykeun diajarna kana pangajaran anu saterusna.
Refleksi Materi
Carita babad téh mangrupa carita anu ngandung sajarah. Naha Prabu Siliwangi téh mangrupa
tokoh sajarah? Kumaha patalina antara Prabu Siliwangi jeung carita babad?
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Kompetensi Dasar
Aspék Pengetahuan :
3.7 Menganalisis bentuk dan tipe aksara Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
Aspék Keterampilan :
4.7 Mengkreasikan aksara Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
Wilujeng sumping deui di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan
Pangajaran 7, urang bakal diajar pangajaran ngeunaan mikawanoh aksara Sunda nu ngawengku
aksara swara, aksara ngalagena, rarangkén, angka, tanda baca, asal muasal aksara Sunda, cara
nulis aksara Sunda, jeung maca aksara Sunda.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep, berdiskusi atas
fakta dan konsep, menginterprestasi, mengasosiasi dan mengomunikasikan, peserta didik dapat
menganalisis bentuk dan tipe aksara Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya dan
mendemonstrasi-kan aksara Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman ieu pidangan ringkesan pangajaran aksara Sunda :
a{ I O U E }
a é i o u e eu
2. Aksara Ngalagena
Nu dimaksud aksara ngalagena nya éta aksara anu ngabogaan sora konsonan, jumlahna aya
25, nya éta :
k g G c j J
ka ga nga ca ja nya
t d n p b m
ta da na pa ba ma
y r l w s h
ya ra la wa sa ha
Aksara pikeun nuliskeun kecap basa asing.
f v q x z
fa va qa xa za
Aksara tambahan
kha sya
3. Rarangkén
1) i
panghulu Gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /i/, nulisna luhureun aksara dasar.
2) e
pamepet Gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /e/, nulisna luhureun aksara dasar.
3) ]
paneuleung Gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /eu/, nulisna luhureun aksara
4) Q
panglayar Gunana pikeun nambahan konsonan /+r/, nulisna luhureun aksara dasar.
5) N
panyecek Gunana pikeun nambahan konsonan /+ng/, nulisna luhureun aksara dasar.
7) R
panyakra Gunana pikeun nambahan aksara /+ra/, dina aksara dasar nu padeukeut,
8) L
panyiku Gunana pikeun nambahan aksara /+la/, dina aksara dasar nu padeukeut,
9) [
panéléng Gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /é/, nulisna kéncaeun aksara dasar.
10) o
panolong Gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /o/, nulisna katuhueun aksara
12) H
pangwisad Gunana pikeun nambahan aksara /+h/, dina aksara dasar nu padeukeut,
13) ;
pamaéh Gunana pikeun ngaleungitkeun sora vokal aksara dasar anu miheulaanana,
4. Angka
Saperti aksara latén, aksara Sunda Kaganga ogé miboga 10 angka, nya éta :
1 2 3 4 5
1 2 3 4 5
6 7 8 9 0
6 7 8 9 0
5. Tanda Baca
Tanda baca anu dipaké dina aksara Sunda Kaganga, kabéhanana meunang nyokot tina aksara
Latén, nya éta koma (,), peun atawa titik (.), titik koma (;), deubeul peun (:), panyeluk (!),
pananya (?), kekenteng (“…”), panyambung (-), tanda kurung ( (…) ), jeung nu séjénna.
Dumasar kana catetan sajarah, aksara Sunda geus dipaké ku urang Sunda ti abad ka-14.
Tapakna bisa dititénan dina Prasasti Kawali (Prasasti Astana Gedé). Éta prasasti téh dijieun
pikeun pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastukancana, Raja Galuh anu puseur
pamaréntahanana di Kawali, Ciamis (1371-1475). Aksara Sunda Kaganga ogé dipaké dina
Prasasti Kabantenan abad ka-15.
Ti iraha mimiti aya aksara Sunda? Can kapaluruh kalawan jinek. Anu jelas mah saméméh
abad ka-14, umumna prasasti jeung naskah lontar ngagunakeun aksara séjén, saperti aksara
Pallawa (Prasasti Tugu abad ka-4) jeung aksara Jawa Kuno (Prasasti Sanghyang Tapak abad
ka-11). Basana ogé ngagunakeun basa Sangsekerta jeung Jawa Kuno. Kakara abad ka-14 ka
dieu, aksara Sunda dipaké dina prasasti jeung naskah kuno.
Naskah-naskah kuno Sunda anu ngagunakeun aksara Sunda Kuno jeung basa Sunda Kuno di
antarana Carita Parahyangan nu ditulis abad ka-16, naskah Bujangga Manik jeung Sewaka
Darma anu ditulis dina mangsa anu méh sarua jeung Carita Parahyangan.
Naskah séjénna anu ditulis ku aksara Sunda Kuno jeung basa Sunda Kuno nya éta
Sanghyang Siksakanda(ng) Karesian anu ditulis taun 1518. Kitu deui jeung naskah Amanat
Galunggung anu sok disebut ogé Naskah Ciburuy. Upama nilik kana éjahanana, Amanat
Galunggung disawang leuwih kolot ti Carita Parahyangan.
Naskah-naskah kuno Sunda umumna patali jeung kaagamaan sarta ditulisna di kabuyutan
atawa mandala. Mandala téh nya éta wewengkon atawa lingkungan kaagamaan. Puseur
kaagamaan urang Sunda harita umumna perenahna di gunung-gunung saperti di Gunung
Galunggung, Kumbang, Ciburuy, jeung Jayagiri. Sabada asup agama Islam, puseur-puseur
kaagamaan téh ayana di pasantrén-pasantrén.
Lila-lila aksara Sunda Kaganga mimiti kadéséh ku aksara Arab Pégon. Beuki dieu beuki
carang baé urang Sunda anu nulis ku aksara Sunda. Naskah-naskah heubeul anu geus
ngagunakeun aksara Arab Pégon di antarana Kitab Waruga Jagat ti Sumedang jeung Pancakaki
Masalah Karuhun Kabéh ti Ciamis anu ditulis abad ka-18. Basana ogé ngagunakeun basa Jawa.
Aksara Sunda beuki kadéséh baé sabada aksara Latén diwanohkeun ku bangsa-bangsa
Éropah anu ngéréh Tatar Sunda, abad ka-17. Mareng jeung asupna pangaruh Mataram (Sultan
Agung) anu ngawanohkeun aksara Jawa anu ku urang disebut aksara Cacarakan. Naskah Sunda
anu ngagunakeun akasara Cacarakan, di antarana Babad Pajajaran anu ditulis taun 1816.
Sabada sababaraha abad tilem, aksara Sunda diwanohkeun deui, nya éta anu kiwari disebut
aksara Sunda Kaganga. Éta ogé henteu sacéréwéléna tina aksara Sunda anu aya dina naskah-
naskah kuno Sunda. Aya sababaraha bagian anu dimodifikasi, di antarana ditambahan ku aksara-
aksara anu sok dipaké nuliskeun basa deungeun kayaning fa, va, qa, xa, jeung za. Pamungkas
ditambahan deui ku aksara kha jeung sya.
bn;duN
Kecap bandring : ba, na, da; pamaéh, panyakra, panghulu, panyecek. Nuliskeunana dina
aksara Sunda :
bn;dRi N
Kecap gondrong : ga, na, da; panolong, pamaéh, panyakra, panyecek. Nuliskeunana dina
aksara Sunda :
g[n;dR[N
Kecap deungkleung déngdék : da, ka, da, da, ka; pamepet, panyecek, panyiku, paneuleung,
paneling, pamaéh. Nuliskeunana dina aksara Sunda :
d] NkL] N [dN[dk;
ay jen;[tRN rn;cklNo
din tNhin p]ti N
GlyN k pGpuGn; sorGn;
mipitn; geeete QQeQeelws;
j] N nu di pipi QQi di buruan;
wOs; JI nu Ji Nry;
Imut; sri pohci
gn;cN diturubn; ku mn;depin;
mNg g]r kulem; di goaH
EN[k digugHk]n; ku tiUpn;
MODUL PANGAJARAN MANDIRI MATA PELAJARAN BASA SUNDA - SMA TERBUKA 77
sNosNo tGr mNs
jen;[tRN d]I
leGis; d]I
jnri ge[d k jnri l]tik;
Ji Nry;k]n; kulm;bu hlimun;
muru kiwrin bn;duN
Paribasa
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 7 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
Paket Cahara Basa X beunang nyusun Drs. Taufik Faturohman jeung Drs. Budi Rahayu
Tamsyah ti halaman 102 nepi ka halaman 115.
Hidep ogé bisa maluruh référénsi lain pikeun ieu pangajaran tina sumber-sumber lain boh
sumber citak boh ngaksés tina internét, kadé tong poho pikeun aksés ka LMS SMA Terbuka di
kelas Basa Sunda X pikeun maluruh jeung ngerjakeun soal-soal évaluasi pangajaran.
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan aksara Sunda? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham
kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-
soson tur daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga
Refleksi Materi
Aksara Sunda mangrupa bagéan tina kabeungharan urang Sunda anu ku urang perlu dimumulé.
Numutkeun hidep, naon pentingna diajar aksara Sunda?
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika minggu kahiji.
Pancén 2
Salin rumpaka pupuh di handap kana aksara Sunda.
SINOM
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika minggu kadua.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika minggu katilu.
Kompetensi Dasar
Aspék Pengetahuan :
3.8 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan sajak.
Aspék Keterampilan :
4.8 Menampilkan sajak dengan cara membaca, mendeklamasikan, musikalisasi atau dramatisasi.
Wilujeng sumping deui di modul pangajaran mandiri SMA Terbuka, dina kagiatan
Pangajaran 8, urang bakal diajar pangajaran ngeunaan conto sajak, mikawanoh sajak nu
ngawengku hal-hal nu kudu diperhatikeun upama maca sajak, hal-hal nu kudu dicangkem
pikeun nulis sajak, jeung pangaweruh basa nu ngawengku gaya basa ngupamakeun jeung gaya
basa mijalma.
Tujuan Pembelajaran
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep, berdiskusi atas
fakta dan konsep, menginterpretasi, mengasosiasi dan mengkomunikasikan, peserta didik dapat:
1. Membaca teks sajak dengan lafal yang baik dan benar
2. Menyebutkan langkah-langkah dalam menyampaikan sajak dengan sistematis dan benar
3. Menulis kata atau kalimat yang tidak dimengerti di dalam teks sajak dengan baik dan benar
4. Menyampaikan sajak yang telah didiskusikan dengan memperhatikan kaidah-kaidah
pembacaan sajak yang baik dan benar
Pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran, léngkah nu mimiti mangga ku hidep baca sarta
teuleuman ieu pidangan ringkesan pangajaran sajak :
Conto 1
CADAS PANGÉRAN
Karya Yus Rusyana
Conto 2
LALAKON ABIMANYU
Karya Godi Suwarna
Jungjunan
Sihung ajal ranggéténg kabina-bina
Ngintip-ngintip ti barang gubrag ka dunya
Pepetétan kembang samoja jeung puring
Sabot leumpang, ieu geuning
Ngarandakah lebah tapak dampal suku
Pasini di Kurusétra
Paheut sanajan handeuleum hieum
Sareundeuk saréngkak ketak
Hamo jauh ingkah ninggalkeun bagedor takdir
- Abimanyu! Tapak keris din panto
Teuneung ludeung
Abimanyu dadana keretas bodas
Jajaka teu weléh imut
Pikeun béntang nu rék murag na jajantung
Hiji mangsa
Saban dada diléntab seuneu kaceuceub
Prang! Pring! Prung! Padungdung tarung
Urat kawat ranteng palebah pudigdig degig
Kurusétra lemah getih ngabayabah
Tasikmalaya ’79
(Dicutat tina Antoloji Puisi Sunda Mutahir)
Conto 3
TANJUNGKERTA
Karya Yus Rusyana
2. Vokal
Anu dimaksud vokal téh patalina jeung sora. Sorana kudu béntés tur “buleud”, dina harti
tétéla kadéngéna bari henteu kudu gogorowokan.
4. Wirahma
Anu dimaksud wirahma nya éta anca-gancangna dina maca sajak. Kaasup randegan jeung
lentong. Urang kudu apal, di mana randegan anu sakedapan, di mana randegan anu rada lila.
Kitu deui jeung lentong. Lentong kalimah wawaran, upamana béda jeung lentong kalimah
pananya. Lentong anu sedih moal sarua jeung lentong anu ngagedurkeun sumanget.
5. Éksprési
Anu dimaksud éksprési nya éta ébréhan jiwa anu di antarana baé katémbong sacara fisik dina
paroman (mimik) jeung pasang peta (géstur). Paroman dina maca sajak anu pikasediheun,
upamana, jelas moal sarua jeung maca sajak anu hégar. Kitu deui jeung pasang petana.
Maca sajak téh kudu diluyukeun jeung eusi katut karakter sajakna, anu bakal ébréh
ngaliwatan vokal, nada jeung rasa, wirahma, katut éksprésina. Sanajan kitu, teu kudu
kaleuleuwihi. Upamana baé pédah karakter sajakna pikasediheun, teu kudu dibarung ku ceurik
balilihan bari rambay cimata. Kitu deui pasang petana, teu kudu motah bari gogorowokan pédah
karakter sajakna ngahudang sumanget atawa andéprok émok cabok bari lungas-lengis pédah
karakter sajakna pikasediheun. Ari merenah mah, sanajan ukur gerak leungeun jeung gerak awak
anu basajan ogé, bisa ngawakilan éksprési kalawan hadé.
Anu puguh mah, upama maca sajak hayang dijadikeun pintonan anu narik ati, jelas
mikabutuh latihan anu daria.
Saméméh nulis sajak, aya sawatara hal anu kudu dicangkem, di antarana:
1. Imaji
Imaji téh nya éta gambaran anu karasa, kadéngé, jeung katénjo (sanajan bisa jadi ngan ukur
dina implengan) anu rék diébréhkeun dina sajak. Imaji mangrupa tatapakan enggoning nulis
sajak.
2. Simbol atawa perlambang
Simbol atawa perlambang téh patalina jeung pilihan kecap (diksi). Maksudna mah taya lian
ti nginjeum harti séjén tina kecap, pikeun ngantebkeun maksud. Kecap-kecap anu dipaké simbol
atawa perlambang téh dipaké harti injeumanana, lain harti saujratna.
3. Wirahma
KANDAGA KECAP
1. Metu = 1. mujarab, aya kasiatna; 2. aya buktina
2. Natrat = tétéla, bisa dipaluruh kalawan aya bukti-buktina (riwayat, sajarah, jsb)
3. Lalanang = tina basa Jawa “lanang”, lalaki; biasa dipaké dina ungkara “lalaki lalanang jagat”
pikeun ngagambarkeun lalaki anu gagah perkosa jeung gedé wawanén
4. Landéan = gagang (pérah) keris
5. Saujratna = saenyana, sanyatana, sabenerna; harti saujratna, harti anu sabenerna (harti
denotatif), lain harti injeuman (harti konotatif)
6. Sampakan = geus nyampak (ti baheula), karya sastra sampakan, karya sastra anu geus aya ti
baheula, karya sastra pituin hiji masarakat; sabalikna tina karya sastra sampeuran nya éta
karya sastra anu mangrupa pangaruh tina sastra deungeun
7. Pepetétan = bibit tutuwuhan nu laleutik kénéh, biasana aya kénéh sésa sikina
8. Ligar = kembang maruragan daun kembangna lantaran muguran. Ari kembang anu mimiti
beukah disebutna “mangkak”. Sok aya anu pahili ngalarapkeunana antara “ligar” jeung
“mangkak”.
9. Kingkin = sedih, prihatin
10. Tambakan = bendungan panjang sarta rubak, saperti tambakan di balong
11. Ilahar = biasa, umum, prah, lumrah
LAJUNING LAKU
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, pikeun leuwih neuleuman jeung ngawasa
matéri anu patali jeung Kompetensi Dasar 8 mangga prak ku hidep buka jeung teuleuman Buku
PERHATOSAN!!!
Sanggeus hidep maluruh pangajaran di luhur, naha hidep geus maham kana sakabéh pangajaran
ngeunaan sajak? Atawa aya matéri anu can dipikapaham? Saupama hidep can maham kana
sakabéh pangajaran di luhur, mangga prak paluruh sarta teuleuman deui kalayan soson-soson tur
daria. Tapi, saupama hidep geus maham kana sakabéh pangajaran di luhur, mangga tuluykeun
diajarna kana pangajaran anu saterusna.
Refleksi Materi
Hidep tangtu apal nu kumaha ari sajak. Aya nu pernah maca sajak, aya anu pernah nyieun sajak.
Sajak téh karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Nu kumaha ugeran dina sajak téh?
Tulis jawaban hidep dina forum sawala kelas di LMS, atawa ditulis dina buku pancén,
dikumpulkeun ka tutor TKB nalika kagiatan Tatap Muka minggu kaopat.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika minggu kahiji.
Pancén 1
Lengkepan kalimah di handap nepi ka jadi gaya basa ngupamakeun!
1. Leumpangna diucad-aced kawas …………………………………...
2. Nyaritana norostos kawas …………………………………………..
Pancén 2
Lengkepan kalimah di handap nepi ka jadi gaya basa mijalma!
1. Ombak sagara patingjelegur kawas ………………………………….
2. Béntang di langit …………………………………………………….
3. Angin ngahiliwir …………………………………………………….
4. Gunung-gunung ……………………………………………………..
5. Panonpoé nyorotkeun sinarna lir ……………………………………
6. ………………………………………………..kawas nu milu sedih.
7. ……………………………………………….kawas nu ngajak seuri.
8. …………………………………………………..lir nu milu bungah.
9. …………………………………..lir ngabagéakeun nu anyar datang.
10. ……………………………………..lir nu ngahiap-hiap ngajak balik.
Jawaban hidep ditulis dina buku pancén, dikumpulkeun ka tutor TKB nalika minggu kadua.