Anda di halaman 1dari 3

CONTO KAWIH

ES LILIN
karangan Mursih

És lilin mah, aduh, kalapa muda


dibantun mah geuning, ka Sukajadi.
abdi isin, geuning, samar kaduga
sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.

És lilin mah, aduh, buatan Bandung,


dicandak mah, geuning, ka Cipaganti,
abdi isin, geuning, sok bararingung,
sok isin mah, geuning, henteu ngajadi.

Itu saha, dunungan duh, nungtun munding


digantélan, dunungan, duh, saputangan,
itu saha, dunungan duh, ginding teuing,
singhoréng mah, aduh, geuning dunungan.

És lilin mah, Ceuceu, dikalapaan,


raosna mah, geuning, kabina-bina,
abdi alim, dunungan, paduduan,
sok sieun mah dibantun ka mana-mana

És lilin mah, Ceuceu, dikalapaan,


raosna mah, geuning, kabina-bina,
abdi alim, dunungan, paduduan,
sok sieun mah aduh kamalinaan.

JALAN LAYANG
Ubun R. Kubarsah

Jalan layang jalan layang


Jalan diluhur ngembat panjang
Tinggeuleuyeung pasuliwer kandaraan
Malar gancang muru pangjugjuggan

Jalan layang jalan layang


Jalan diluhur ngembat panjang
Motor mobil ngalaju antay-antayan
Tartib lancar muru ka tujuan

Jalan layang liliwatan


Meulah kota diatur unggal jalur
Jalan layang peupeuntasan
Pareng nyemprung asa lelenyapan
Bubuy Bulan
Ciptaan: Beny Corda
Vokal: Nining Meida

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang


panonpoé, panonpoé disasaté
unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Cuburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Ciburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé

Mawar Bodas
Ciptaan: Uko Hendarto
Vokal: Darso
Mapay jalan satapak
ngajugjug ka hiji lembur
henteu karasa capéna
sabab aya nu ditéang
Hujan angin dor-dar gelap
taya tempat keur ngiuhan
sanajan awak rancucut
teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
ka tempat anu dituju
rék ngalongok mawar bodas
nu moal lila kaala44 MODUL Basa Sunda Kelas X Semester 1
Sugan téa moal gagal
kembang geus aya nu boga
balik téh asa horéam
leumpang gé asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
teu kapikir ti tadina
lamun bakal nyeri haté
horéam teu sudi teuing
mikiran pipanyakiteun 2x
Maham Kawih

Naon ari kawih? Kecap kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi), anu hartina sa’ir (kavya
– bujangga). Kawih nyaéta rakitan basa nu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta boga
irama nu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku tempo jeung ketukan.

Kawih mah béda jeung pupuh. Kawih mah teu ka uger ku rupa-rupa aturan atawa patokan
nu aya dina pupuh.

Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan. Sedengkeun rumpakana kawih teu béda
jeung wangun puisi séjénna. Kitu ogé, unsur - unsur nu aya dina kawih sarua jeung unsur – unsur
nu aya dina puisi, nyaéta téma, nada, rasa, jeung amanat.

Kawih salah – sahiji kasenian (seni sora) titinggal karuhun anu diwariskeun turun –
tumurun. Kawih mangrupa salah – sahiji cikal bakal seni sora nu aya di masarakat Sunda.

Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nyaéta 1) Kawih buhun atawa
tradisional. Buhun hartina kuno, jaman baheula. Periodesasi kawih buhun aya dina kurun waktu
sa acan jaman jepang nepi ka jaman jepang. Lagu nu ka asup kawih buhun diantarana “Banjar
Sinom” jeung sajabana. 2) Kawih mangsa mimiti kamerdékaan, kira-kira dina taun 50-an.
Sababaraha kawih nu aya dina jaman ieu diantarana: És Lilin, Balon Ngapung, Bandowati, jeung
sajabana. 3) Kawih wanda anyar atawa kawih ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar di
mimitian taun 50-an nepi ka ayeuna. Loba pisan conto kawih wanda anyar mah, diantarana:
anggrék japati, cinta nusa, baju héjo, angin priangan, hujan munggaran, jeung sajabana.

Memahami Kawih

Apa itu kawih? Kata kawih berasal dari kata kavy (baca, kawi), yang artinya syair (kavya
– bujangga). Kawih adalah untaian kata yang ditulis oleh bujangga atau seniman serta memiliki
irama yang tetap. Sebagaimana halnya lagu, kawih terikat oleh tempo dan ketukan.

Kawih berbeda dengan pupuh. Kawih tidak terikat oleh macam-macam aturan seperti
yang ada pada pupuh.

Syair kawih isinya penuh dengan nilai-nilai pendidikan. . sedangkan syairnya tidak
berbeda dengan bentuk puisi lainnya. Begitu juga, unsur-unsur yang ada pada kawih sama
dengan unsur-unsur yang ada pada puisi lainnya yaitu tema, nada, rasa dan amanat.

Kawih merupakan salah-satu kesenian (seni suara) peninggalan leluhur yang diwariskan
secara turun-temurun. Kawih merupakan salah – satu cikal bakal seni suara yang ada di
masyarakat Sunda.

Melihat sejarahnya, kawih terbagi jadi tiga kurun waktu, yaitu 1) kawih kuno atau
tradisional. Kawih tradisional jaman dahulu. Periodesasi kawih tradisional ada pada kurun waktu
sebelum Jepang sampai jaman Jepang. Lagu yang termasuk kawih tradisional diantaranya
“banjar Sinom” dan sebagainya. 2) Kawih masa kemerdekaan, kira – kira tahun 50-an. Kawih
yang ada pada masa ini diantaranya : Es Lilin, balon Ngapung, Bandowati, dan sebagainya. 3)
kawih jenis baru atau sekarang. Kurun waktu kawih ini adalah sekitar tahun 50-an sampai
sekarang. Banyak sekali contoh kawih jenis baru/sekarang, diantaranya : anggrek japati, cinta
nusa, baju héjo, angin priangan, hujan munggaran, dan sebagainya.

Anda mungkin juga menyukai