Anda di halaman 1dari 6

NASKAH MACA SAJAK SUNDA

GEMERLAP BINTANG 7
2021

JANTÉ ARKIDAM (Karya: Ajip Rosidi)

Panona beureum siki saga


Leungeuna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam
Di pangaduan di kalangan ronggéng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam

Tipeuting angkeub ku mendung


Jante raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing liang kasosoroting sinar
Jaruji beusi pakgadé miley ku ramona

Ti peuting ngadalingding wangi


Jante raja dina tayuban
Ngagakgak seuri ngibingan ronggéng
“Mantri pulisi ngalieuk ka dieu
Bantingkeun kartu bantingkeun dadu
Wadana ulah nundutan di dinya
Urang ngibing jeung kula
Jante Arkidam.”

Silih teuteup wadana jeung mantra pulisi


“Jante, Jante Arkidam
Ngabongkar pakgadé peuting tadi
Ayeuna makalangan na tayuban?”
“Nya, kaula Jante Arkidam
Sing saha nu wani maju
Rék ditigas leungeuna ku kula lalancip pedang”

Ngahéphép sapanglalajoan
Neuteup ka Jante nu matana ngembang wéra
“ Ku naon neuteup ka kula?
Teruskeun ngibing!
Peuting nyérélék beak”

Ramé deui kalangan ramé deui pangaduan


Janté masih ngibing nyolémpang salédang
Nguyup arak sloki ka salapan likur

Waktu beurang datang Janté ngagolér


Diburu ku mantra pulisi
“Janté, janté Arkidam
Nusa Kambangan”
Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong Mantri Pulisi
“Ki mantra tindakan andika léléwa bikang
Ngabokong jalma nu keur tibra”

Arkidam ditalikung leungeunna dua


Sorot matana ngentab seuneuan
Saméméh beak poé kahiji
Jante minggat nitih cahya kalur ti penjara
Samémé cunduk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan teu walakaya
“Saha nu jago nungtut bela datang mun kaula nyaring!”
BAGUS RANGIN

Karya AJIP Rosidi

Mangsa alam samagaha rasa

Mangsa bebeneran méh tilem kasilep

Aya nu hudang tandang mawa caang

Mangsa harepan méh musna

Mangsa manusa ilang wiwaha

Aya nu nyaring ngajak éling

Marelong malalencrong

Nu ti wétan nu ti kulon

Nu ti kalér jeung nu ti kidul

nareuteup teu ngiceup-ngiceup

Museurkeun harepan

Ka manusa nu jadi srangéngé

Mangsa jagat poék mongkléng

Saha nu jadi puseur teuteupan

Nu mawa sinar harepan?

Bagus Rangin,

Nu lahir lain deuk ulin

Nu gelar lain deuk nyaba

Di dunya nyangga papancén

Nu jadi jadi dina atina

Nu hurung dina jajantung


Dina kainsapan bebeneran ageman

Perkara hirup manusa

Poé jumaah ba’da salat Ki Bagus khotbah

Diregepkeun ku sakabéh

Ulah ngaji bari ngimpi

Ulah shalat bari ébat

Kur’an téh pituduh diri

Di dunya katut ahérat

Pangéran nu Maha Adil

Ngajadikeun dunya amparan

Langit minangka tihangna

Geusan urang ngagolangkeun pamahanan Anjeuna

Lain Gusti pilih kasih

Teu walatra ngabagi milik

Nu mu’min marariskin

Nu doraka meunang bagja

Bongan saha?

Bongan saha?

Nu mu’min leungiteun yakin

Nu yakin leungiteun tigin

Lain tigin ku nu lian

Tapi kana tulis diri nu kiwari tacan tanghi

Da bongan pada milain

Éta sarua jeung teu percaya

Kana pangasih gusti


Manusa gubrag ka dunya

Pada-pada sampurna

Pada-pada mulya

Pada-pada hina

Anging Gusti nu maha kawasa

Kiwari urang sangsara

Kiwari urang ditandasa

Bongan teu daék mémérés inya kahirupan sorangan

Padahal pangéran geus ngajadikeun jagat

Geusan kahirupan umat

Ku sultan malah dijual ka cina jeung kapir kumpeni

Nu teu weureu ku seubeuh

Manan mabok kalah gawok

Ngarecah tanah titinggal karuhun urang

Nu matak ulah nyanghulu ka batur

Da batur kalah ka catur

Ulah nyanggirah ka sultan

Da sultan taya kanyaah

Malah kalah ngawadalkeun

Di cai mangsaeun buhaya

Di darat mangsaeun lodaya

Jadi parab duruwiksa

Anda mungkin juga menyukai