Anda di halaman 1dari 2

NAMA : MAULIDA NUR HALIZAH

KELAS : XI MIPA 3

HANJAKAL

Geus lila teu mulang ka lembur, lain teu sono kanu jadi kolot, tapi karagok ku
pagawean nu teu bisa ditinggalkeun. Karunya mah karunya ka Ema teh dilembur ngan
sosoranganan euweuh batur. Kamari teteleponan jeung A Ujang yen manehna ge can
ngalongok da keur siap siap istrina rek ngalahirkeun. Rarasaan teh asa jadi baringung si Ema
rek dibawa ka Bandung da embungeun sabab ceuk almarhum abah teh ulah ninggalkeun
imah dilembur. Rek menta tulung katatangga meh pang maturankeun Ema dilembur teh da
kudu dibayar, mana Kaayaan keur pas pasan, A Ujang tea hese diandelkeun mere ka Ema
keur sapopoenage hese.
“ Neng, iraha atuh kadieu Ema meni sono pisan hayang ninggali incu,” ceuk Ema dina
telepon.
“Enya Ema, engke mun aya waktos abdi uih, da ieu padamelan te tiasa
ditinggalkeun,” berat hate kuring ngomong.
“Enya atuh neng tenanaon ai kitu mah,”ceuk Ema
Sanggeus teteleponan jeung Ema tidinya kuring nelepon ka A Ujang yen rek nitah
manehna balik ka lembur keur ngalongok si Ema, jeung pang ngaminuhankeun kabutuhan
keur sapopoe Ema di lembur.
“A mun bisa mah longok si Ema saacan si teteh ngalahirkeun karunya si Ema te aya
nu ngalongok, bisi sangka batur si Ema teh sorangan bae jiga nu te gaduh anak “ prok kuring
terus terang ka A Ujang.
“ Atuda kumaha teu bisa pan apal sorangan si teteh rek ngalahirkeun, da balik ka
lembur teh kudu make duit, ai ieu duit na pan keur biaya lahiran”
Saenggeus nelepon si A Ujang hate teh asa te garenah wae mikiran si Ema di lembur
hirup sosoranganan, kadang kuring ngarasa tebisa jadi anak nu bener kanu jadi kolot ge
jarang ngalongok, da kumaha deui didieu ge gawe keur merean ka Ema sanajan saeutik-
eutikge. Ai kieu teh sok inget si Ema baheula pernah ngomong yen ai si Ema teh dilongokan
teh sok sieun ai Ema maot ti peuting, euweuh nu manggihan sok sieun jol-jol bau kaambeu
ku tatangga mah nu era pan anak sorangan.
Kaisukanana aya telepon ti tatangga di lembur mere kabar.
“Neng, cing ikhlasnya ieu Ema didieu tos ngantunkeun weungi sigana neng,” ceuk
tatangga di lembur.
“ innalillahi ya allah asa hanjakal kieu, muhun teh abdi ayeuna siap siap angkat
kadinya,” bari ceurik tekuat ku rasa hanjakal
Bari dijalan kuring ngabejaan ka A ujang meh maneh na gera balik ka lembur sanajan
minjeum duit keur ongkosnage. Sanepina di lembur si Ema geus make kafan.
“Emaaaaaa......hampura abdi ema tara ngalongokan ema, hanjakal ema kamari abdi
te angkat kadieu hapunten emaaa can bisa jadi anak nu bener”
Teu lila kurunyung A Ujang nugeus kaciri ceurik, manehnage sarua ngarasa hanjakal
manehna salaku anak lalaki jeung nupanggedena can bisa ngalaksanakeun tugas salaku
anak. Si Ema dikuburkeun kuring masih ngarasa hanjakal dina jero hate aya rasa sesek anu
teu bisa dijelaskeun ku kata-kata ngan sauukur bisa ceurik jeung ceurik.
Si Ema tos te aya kuring moal ngalakukeun kesalahan eta deui, ayeuna sakumaha
sibukna kuring kudu ngadoaakeun Ema ku unggal peuting maca yasin, da kumaha deui ai
geus teu aya mah ngan bisa ngadoakeun, sanajan rasa hanjakal eta moal leungit ge.

Anda mungkin juga menyukai