Babad Tasikmalaya
Dina abad ka-8 nepi ka abad 12, di Tasikmalaya téh aya pamaréntahan dina wangun
kabataraan, pusat pamarentahan nana di Tawang atawa Galunggung. Anu kungsi jadi batara
waktos harita téh nyaéta, Sang Batara Sempak Waja, Batara Kuncung Putih, Batara
Kawindu, Wastu Hayu, Hyang Ratu Galunggung.
Pamarentahan kabataraan robah jadi karajaan Galunggung. Nu jadi rajana nyaeta Batari
Hyang Galunggung, Rakean dermasiksa, Ratu Saunggalah Prabu Ragasuci, Sang Lumahing
Taman, Ratu Galung Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu panyongsongan, Sang Lumahing
Gunung Raja.
Saterusna, dina abd ka-15 nepi ka abad 16, pamarentahan di Tasikmalaya teh mangrupa
bagian tina karajaan pajajaran. Pusat pamarentahan nana di Sukakerta. Rata-rajana nu
kungsi marentah di antawisna nyaeta :
Dina mangsa panjajahan Walanda, kurang leuwih taun 1641, ngadeg pamarentahan
Kabupaten Sukapura. Ibu kotana di Leuwiloa. Nu marentah panghelana nya eta Bupati Ki
Ngabehi Wirawangsa.
Ibu kota Kabupaten Sukapura kungsi ngalaman pindah ti Leuwiloa ka Empang di Sukaraja,
saterusna pindah ka Manonjaya. Dina tanggal 1 Oktober 1901 ibukota kabupaten Sukapura
di Manonjaya pindah ka Tasikmalaya.
Sanggeus di Tasikmalaya, ngaran kabupaten Sukapura diganti jadi Kabupaten Tasikmalaya
nepi ka ayeuna.