Anda di halaman 1dari 3

MUDIK LEBARAN

Lebaran geus aya samingguna, tapi haeubna karasa keneh, unggal tatangga,
kolot, budak, lalaki, awewe ti jauhna nu deukeutna abring abringan nepungan
kawawuhan, kitu deui nu jadi anak nepungan ka kolotna, nu ngora nepungan ka
nu saluhureun ngadon sasalaman menta hampura, kalan kalan anu teu wawuh
ge sacara teu ngahaja silih asongkeun leungeun "Nyuhunkeun dihapunten
samudaya kalepatan," atuh anu nampana ngajawab, "Sami-sami."Ku endah poe
poe nu fitri, mun sakabeh poe teh kawas poean lebaran kacida nimatna, laleah,
sadrah kana sagala kasalahan inyana salaku manusa. Dunya teh karasa
tingtrim. Geus puluhan kali datangna bulan agung bulan Ramadhan. Geus
puluhan kali umat muslim ngalaksanakeun ibadah saum, tapi palebah udagan
jadi jalma anu taqwa jeung ngawangun kasolehan sosial teu saeutik nu tisoledat.
Pakpikpek Maman meresan bawaeun isukan balik ka lembur. ngahaja
disiapkeun ti anggalna bisi aya nu poho teu kabawa. Pakean keur salin, beas,
peda, oncom, teu poho kana sawo anu jadi kasenangan kolotna. Balanjaan eta
duitna meunang pamere ti anakna nu geus rumah tangga. Pamajikanana katut
budak anu bungsu geus tiheula mulang, sapuluh poe samemeh lebaran.
Ngahaja taun ayeuna mah manehna mudik teh rada leuir tinu biasana ambeh teu
heurin teuing tutumpakanana, tapi ketah sabenerna mah samemehna aya
perang batin dina dirina, nepikeun kungsi parea rea omong jeung pamajikanana.
Masalahna teh duit. Naha mending mudik papanggih jeung kolot katut dulur
dulurna menta dihampura tina sagala kasalahan manehna salila ieu, bari ti mana
nyumponan kabutuh sapopoe keur kahirupan sabulan ka hareup jeung
kulawargana. Maklum geus pangsiun mah euweuh nu merhatikeun nu mangrupa
hadiah atawa THR teh. Mudik teh ngancokkeun tina gajih bulan September 2008
anu dibayarkeun tanggal 23 September 2008. Pilihan kadua hanteu mudik, tapi
keur hirup sapopoe geus puguh juntrunganana. Menta hampura ka kolot mah
bisa ku surat ieu. Tapi sajorelat kapikir ku manehna ge cara kitu teh kurang
merenah ka kolot mah, turug turug lebaran teh ngan sataun sakali piraku teu
wasa datang.
"Taun ayeuna mah Pa, mani teu sakali kali acan nempo nu jadi kolot, meujeuh
mun lebaran teh rada lila di lembur, sono" cek pamajikanana muka obrolan.
Manehna teu buru buru ngajawab, siga aya nu dipikiran. Kulantaran kitu
pamajikanana nyarita deui. "Ieuh Bapana kalahka ngahuleng diajak nyarita teh,
iraha urang ka lembur?"
"Ka lembur mah jadi masalah, rek make duit nu mana, acan kudu babawaan,
acan keur ninggalan kolot. Apan mamah ge nyaho potongan ka bank aya
sapertiluna gajih urut ngawinkeun, sesana keur hirup sapopoe pas pisan. Eta teh
salila lima taun."
"Atuh Pa, biasana ge naur nganjuk, sugan bae aya rizki anu teu disangka-
sangka!"
"Mun aya, kumaha lamun euweuh? Apan jadi masalah kana kahirupan urang
sapopoe!"
Pamajikanana reuwas ngadenge jawaban salakina, anu geus matok dina
pamadeganana.
"Ih, sok nyapirakeun kanyaah Allah! Naha apa salila hirup teu kungsi dahar?
Allah mah maha beunghar, nitenan kabutuh mahlukna. Kari urangna bae."
"Enya bapa ge ngarti palebah dinya mah, tapi pan kudu aya ihtiar ti urangna, da
rizki teh teu ujug-ujug datang ti langit. Ari bapa sapopoena ukur moyan mah, nya
ti mana datangna rizki, ari lain gaji pangsiun mah".
"Ih, ulah itung itungan kitu atuh Pa, da hirup mah lain itungan matematik.
Contona bae anu getol zakat, infak, shadakoh, apan rizki teh kaluar, tapi naha
geuning buktina kakayaanana teh nambahan! Coba teu kaharti apan mun diitung
ka dinya mah!"
Ngadenge caritaan pamajikanana kitu manehna istigfar, tuluy solat dua rakaat
menta hampura ka Allah SWT tina sagala kasalahanana bisi kaasup sirik anu teu
karasa, diteruskeun shalat Duha dua rakaat. Rengse shalat terus menta
hampura ka pamajikanana anu diuk gigireun "Hampura Bapa!" pokna. Eta
leungeun salakina ku pamajikanana teu dipalire ngan kudupruk nyuuh dina
lahunan salakina, bari ngagukguk ceurik. Ku manehna sirah pamajikanana teh
diusapan binarung deudeuh.
"Mamah bener. Hadena mah pageto mudik teh, sugan bae lowong keneh
tutumpakanana. Isukan balanja heula keur sajoleun, ulah keupat endang teuing
sangkan aya boro boroeun."
"Numpak naon pa? Maju ka lebaran mah biasana sok hareurin, mun bisa mah
jajapkeun, susah dina naekna sok parebut."
"Kieu bae atuh, bari ngirit, ti Bandung ka Cicalengka heula kana kareta api KRD
Patas, dijajapkeun ku Bapa, ti Cicalengka ka Leles kana beus. Omat lamun can
dipapagkeun ulah balik."
Lamun inget kana paguneman harita, manehna sok ngarahuh panjang bangun
hanjelu. Tetela sanajan sawangeun hirup geus cueut ka hareup can kacangking
keneh galeuh galeuhna kabagjaan. Nu jadi ukuran teh masih keneh haliah
dunya. Padahal manehna ge nyaho da resep maca buku agama, yen dunya teh
lir cocooan, kaulinan anu teu lana, da hirup nu sabenerna mah anu langgeng
apan di alam aherat tea. Babandingan kasenangan dunya jeung aherat teh lir
sakeclak cai anu ragrag tina curuk nu dianclomkeun ka laut. Tapi naha manehna
resep kana cocooan, padahal cocooan teh moal lana kapimilikna! Eta bae
masalah lebaran, naha kudu utang itung heula duit nu aya. Apan manehna gede,
disakolakeun tug nepi ka bisa digawe teh tur jadi Pagawe Nagri deui, apan eta
teh jasa kolotna. Naha rek nepungan kolot tanda kanyaah, nepikeun wasa
ngukur ku duit. Padahal anu jadi kolotna mah teu kaop elat beja, pangpangna
mah masalah cageur henteuna remen katarima ti tatanggana batur salembur anu
tas balik ti lembur. pantes mun kitu mah kanyaah anak ka kolot sapanjang galah,
ari kanyaah kolot ka anak mah tan wangenan euweuh watesna. Karasa ku
manehna ge sok sanajan geus boga incu, teu weleh sok ditatanyakeun, malah
sakapeung mah asa kaleuleuwihi siga ka budak leutik. Paingan mun nu jadi anak
rek babakti ka nu jadi kolot, mulang tarima, sok sanajan kanyaah sagede
kumaha bae tur bro broan ku harta, moal bisa kacumponan ku anak mayar
kanyaah kolot, Da kolot ngurus anak mah sangkan waluya, ari anak ngurus kolot
mah meungpeung hirup. Ngeunteung ka dirina beu asa kacida teuing.
Karasa nyanyautanana lamun pareng dilenyepan, lir raheut ku hinis nyerina ting
sereset. Ku kituna manehna nekadkeun diri rek bener bener ngurus kolotna anu
geus tokroh tokroh, maklum Bapana geus umur 85 taun ari indungna umur 78
taun. "Bismillah" gerentesna.
Keur nginget nginget bisi aya nu can kabawa, kulutrak panto hareup muka.
Dilieuk horeng pamajikanana jeung indung Bapana. Manehna kacida reuwasna.
Pangpangna mah kacida erana kapiheulaan ku kolot anu nepungan teh.
Sanggeus indung Bapana dariuk manehna nyarita bangun era.
"Maksad mah enjing Pa bade ka lembur teh!"
"Bapa jeung ema maneh teh, melang ka hidep. Asa hayang gok papanggih, teu
weleh dipiinget asa ngalangkang bae dina kongkolak panon, malum geus sataun
teu papanggih. Nu matak dicaram ge ku Nina pamajikan maneh, Bapa jeung
ema teh maksa hayang ayeuna. Eung deui Man, sugan teh ari geus pangsiun
mah aya pikiran rek balik ka lembur, tapi didagoan sakitu lilana teh bet teu aya
bae. Atuh tanah anu 20 tumbak bagean hidep ku Bapa teh dijual, batan
ngajejembrung ku eurih. Payu 30 juta tah ieu duitna. Ngan Bapa jeung ema
maneh teh ti danget ayeuna rek cicing di dieu. Karunya ka adi hidep di lembur
mah, ngurus ema jeung Bapa teh. Sok sanajan tara humandeuar katempo
ripuhna, malum panghasilan tina tani teu bisa diandelkeun. Lamun Bapa salah
dina lebah dieu hampura nya?" bari song Bapana ngasongkeun duit.
Eta gepokan duit teh ku manehna teu dipalire, ngan koloyong bae munjungan ka
indung Bapana. Mimitina ka Indungna terus ka bapana ngagukguk dina lahunan
kolotna menta hampura tina katambelaranana. Bedah bebeakan cimatana.
Katugenah anu ngukuntit salila ieu peuyar sapada harita. Bener bener bagja
lebaran taun ayeuna bisa ngariung jeung kolotna.

***

Anda mungkin juga menyukai