Anda di halaman 1dari 4

Kajian Islam

Rajeun daek nulungan aya nu dipiharepna nyaeta rek ngawasa harta


anak yatim jeung ngagunasika harta jalma miskin, ku cara mere
injeuman bari di impilik-implikan malikkeunnan kudu aya jasana
atawa aya bungana, anu nyekek kana kahirupan jalma miskin, estu
manehna jadi raja tega.
Jalma anu Hubud Dunya dina neangan hartana nepi ka ngarah
ngarinah kana bagian batur. Teu pedah kasebutna taram-taram kana
agama, malah geus dibudeur ku sorban sagala, ngaranna ge make
gelar kiyai-haji, mungguh jalma sarakah Hubud Dunya wani nekad
ngagasab Tirkah, nyaeta warisan titinggal, maranehna ngurihit kana
harta warisan batur, kituna teh di akal-an ku sagala cara; nepi ka
wani make dalil agama sagala.
Sarakah ngudag-ngudag kadunyaan tanpa wates wangen teh gede
pisan mamalana, kasebutna sugih mukti beurat beunghar, gedong
sigrong ngaplak sawahna, ari dahar ceuk paribasa ukur karo uyah.
Kituna teh aya nu ngahaja atawa pedah ku panyakit anu keuna ka
dirina. Beuki beunghar lain beuki senang, anu puguh mah ti beurang
hariwang teu aya kendatna, nepi ka mun kamana-mana dituturkeun
ku bodyguard, salilana dikawal ku pangawal sagala. Reup peuting
teu bisa tingtrim, gegebegan sieun ku bisi, rempan ku sugan, imahna
oge make pengaman berlapis, ti mimiti pager jangkung nu tohaga, di
jaga ku satpam jeung anjing herder, atuh imahna di pantoan beusi
anu weweg bari jeung dipasang alarm jeung CCTV, jeung sajabana.
Kitu tah akibatna ka jalma anu sarakah jeung kadedemas kana harta
dunya, mikacinta kaleuleuwihi kana kamewahan dunya, di dunya teu
manggih jeung kamarasan di akherat bakal nandangan tunggara anu
teu ayana bangsana.

Urang Da’wah Bareng

Kampung Cipongporang Desa Serangmekar Ciparay


Kajian Islam

Dina surat Al-Fajr ayat 15 – 16, Alloh Ta’ala dadawuh,

‫ َو َاَّمٓا‬١٥ ‫َف َاَّما اِاْلْن َس اُن ِاَذ ا َم ا اْب َت ٰل ىُه َر ُّبٗه َفَاْك َر َم ٗه َو َن َّع َم ۙٗه َف َي ُقْو ُل َر ِّب ْٓي َاْك َر َم ِۗن‬
١٦ ‫ِاَذ ا َم ا اْب َت ٰل ىُه َفَقَد َر َع َلْيِه ِر ْز َق ٗه ۙە َف َي ُقْو ُل َر ِّب ْٓي َاَه اَنِۚن‬
“15. Mungguhing manusa, upama dipaparin cocoba ku
Pangeranna ku kamulyaan jeung kani’matan manehna
nyarita :”Pangeran abdi geus maparin kamulyaan ka abdi”.; 16.
Jeung upama Mantenna maparin cocoba ka manehna ku jalan
ngurangan rizkina, pokna teh :”Pangeran kaula geus
ngahinakeun kaula”.
Loba manusa nu nganggap yen dirina ngarasa dipikaasih ku Nu
Maha Suci lamun keur gede rejeki, loba harta, luhur pangkat jeung
jabatan, bisa hirup mewah jeung sajabana. Sabalikna dirina ngarasa
diteungteuingan ku Mantenna lamun ditibanan kakurangan rejeki,
kakurangan harta, teu boga jabatan atawa hirup dina kamiskinan.
Anggapan jalma-jalma saperti kieu ieu numutkeun ajaran Islam
mangrupakeun anggapan kasalahan gede tur fatal. Hakekat Alloh
Ta’ala maparin rejeki ka manusa lain ukuran mulya jeung hinana eta
jalma, sabab lamun kitu tangtu jalma-jalma anu resep milampah
maksiat tangtu hirupna bakal sangsara tur ripuh, kitu deui jalma-
jalma kafir moal bisa ngarasakeun kamewahan jeung kasenangan di
dunya ieu.

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

Hikmah anu kakandung dina dileuwihkeun rejeki ka hiji jalma, yen


harta leuwih eta mangrupakeun ujian keur dirina naha sanggup
pikeun ngagunakeunnana saluyu jeung katangtuan Alloh atawa
sabalikna harta anu loba eta kadon dipake maksiat, ngalampakeun
dosa jeung ngalajur nafsu ngumbar syahwat. Jeung hal eta teh
ngakibatkeun dirina geus mutuskeun hubungan dirina ka Alloh
Ta’ala, mopohokeun kana tugas poko dirina salaku manusa pikeun
ibadah ka Mantenna. Kitu deui, pikeun jalma anu diheureutkeun
atawa dikurangan rejekina, lamun tetep bisa ta’at ka Mantenna.
mangka rejeki nu saeutik tadi jadi alat pikeun ngabersihan dirina
jeung ujian pikeun kasabaran. Sabab Alloh Ta’ala bakal ngasupkeun
manehna ka golongan jalma-jalma sabar jeung ngajangjikeun ku
Mantenna bakal asup ka surga. Mangga perhatoskeun salah sahiji
do’a Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam

‫ َو اْح ُش ْر ِني ِفي ُز ْم َر ِة اْلَمَس اِكيِن‬، ‫ َو َأِم ْت ِني ِمْس ِك يًن ا‬، ‫الَّلُهَّم َأْح ِيِني ِمْس ِك يًن ا‬
‫َي ْو َم اْل ِقَياَمِة‬
“Ya Alloh mugi ngahirupkeun abdi dina kaayaan miskin,
maotkeun abdi dina kaayaan miskin, jeung hudangkeun abdi
dina poe kiamat babarengan jeung jalma-jalma miskin”
Ngadangu do’a ieu, ummul mu’minin ‘Aisyah Rodhiyalloh ‘Anha
naros :”Ku naon salira ngadoa kitu, ya Rosululloh? “.Rosululloh
Sholallohu ‘Alaihi Wasallam ngawaler :”sabab jalma-jalma miskin
bakal asup surga leuwih tiheula tibatan jalma beunghar jarakna 40
tahun. Yeuh ‘Aisyah, anjeun ulah ngantep jalma miskin sok sanajan
sasiki buah korma. Yeuh ‘Aisyah, pikacinta jalma-jalma miskin jeung
deukeutan maranehna, mangka Alloh bakal ngadeukeutan anjeun
dina poe kiamah”.(HR. Ibnu Majah no. 4126 jeung Tirmidzi no. 2352)

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

Do’a Rosululloh ieu numutkeun para ulama, lain hartina umat Islam
teu meunang beunghar tapi maksudna kaum muslimin kudu boga
sifat tawadhu jeung handap asor, ulah mandang ngukur kamulyaan
jeung darajat jalma ku lobana rejeki, lobana harta, luhur pangkat
jabatan sarta kamewahan dunya nu kapimilikna. Hadits ieu
ngadorong satiap muslim ulah hirup hedonis, sombong tur milampah
kazholiman tur nganggap rendah ka jalma-jalma miskin, pedah dirina
ngarasa beunghar, luhur pangkat jeung jabatan, loba hartana. Ma’na
hadits ieu lain Rosululloh supaya dimiskinkeun, sakumaha
dijelaskeun ku Ibnu Atsir jeung Ibnu Taimiyah Rohimahulloh, yen
kecap “Miskin” dina hadits ieu ma’na na tawadhu. Sabab dina hadits
lain do’a Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam nyuhunkeun
panyalindungan ka Alloh Ta’ala tina kafakiran.
Jadi intina salaku muslim ulah ngajadikeun harta, kakayaan jeung
sagala kamewahan dunya jadi ukuran kamulyaan hirup hiji jalma,
sahingga ngajadikeun harta, kakayaan jeung sagala kamewahan
dunya jadi udagan hirupna di dunya bari mopohokeun ibadah ka
Alloh Ta’ala. Hirup salaku muslim ulah nepi ka keunaa panyakit
Hubud Dunya, mikacinta kana harta, kakayaan jeung sagala
kamewahan dunya. Salaku muslim kudu waspada ulah nepi ka jadi
jalma anu Hubud Dunya, ulah jadi jalma sarakah anu bisa
ngakibatkeun manehna teu daek mere maweh ngaluarkeun hartana
pikeun tutulung ka nu butuh nalang ka nu susah, malah sok
milampah anu leuwih goreng ti batan eta, ngantep budak yatim jeung
lengiteun rasa hayang nulungan jalma-jalma miskin.

Urang Da’wah Bareng

Anda mungkin juga menyukai