Anda di halaman 1dari 2

Ngaran-ngaran pakakas dina gambar nyaeta:

1. Gada.
2. Rancatan.
3. Bedog.
4. Tumbak.
5. Gondewa.
6. Jamparing.

Pembahasan
Gambar di luhur mangrupakeun gambar-
gambar pakakas jeung pakarang anu dina basa Sunda
nyaeta:

1. Gada asalna tina basa Sanskrit nyaeta hartina


paneunggeul tina beusi, parabot perang baheula.
2. Rancatan nyaeta alat paranti nanggung.
3. Bedog nyaeta pakarang paranti ngadek.
4. Tumbak nyaeta ngaran pakarang anu ditojoskeun sina
nanceb kana awak musuh atawa sato buruan atawa
dipake keur alat olahraga.
5. Gondewa nyaeta alat tina awi atawa kai paranti mentang
jamparing. Atawa dina bahasa Indonesia disebut busur.
6. Jamparing nyaeta bagean anu mencos anu dileupaskeun
ku gondewa. Atawa dina bahasa Indonesia disebut panah.

Pakakas eta mangrupakeun pakakas anu mindeng dipake dina


olahraga atawa dina perang jaman baheula.

Anda mungkin juga menyukai