Anda di halaman 1dari 4

Assalamu’alaikum Wr Wb

Sampurasun
Wilujeng tepang sareng simkuring anu Kasep/Geulis
Dina danget ieu simkuring seja nyukcruk galur muka lawang baheula noong lalakon nu katukang,
medar hiji carita warisan kolot baheula dina jejer : Sasakala Bobojong Cisuru
Wilujeng ngadanguken
Karajaan Tanjung Singuru mangrupa karajaan anu geus aya dina sajarah karajaan Tatar Pasundan di
Nusantara. Nurutken pantun Jaka Susuru, Ieu Karajaan di adegkeun ku Prabu Jaka Susuru alias
RADEN MUNDING MINTRA KASIRINGAN WANGI, Putra Prabu Pajajaran Prabu
SILIWANGI. Lalampahan Prabu Jaka Susuru nyieun karajaan di Tanjung Singuru, anu ayeuna
disebut Bobojong Cisuru, di desa Sukarama Kacamatan Bojongpicung Kabupaten Cianjur.
Prabu Siliwangi, Raja VII di Pajajaran, Kagungan putra ngaranna Munding Mintra Kasiringan
Wangi. Dina hiji waktu diayakeun rapat anu dihadiran ku Bupati, Patih Mantri jeung Tumenggung.
Hyang Prabu Siliwangi ngandika ka Bupati saurna : “Hey para Bupati, Patih sareng Tumenggung,
kaula teh boga anak, maksud kaula anak kaula teh rek diangkat jadi bupati, ngan meren can
rimbitan, kumaha cing pamadegan aranjen ngeunaan kaputusan kaula?”
Para Bupati katut para Tumenggung ngawaler ka PrabuSiliwangi : “tos sakedahna kitu kanjeng
Gusti salami teu ngawagel kana Pamarentahan, Gusti saenamah tuang putra teh di jenengkeun
heula”.
Saparantos Kanjeng Raja Siliwangi sasauran sapertos kitu, teras kanjeng raja Siliwangi ngagentraan
putrana nyaeta Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi di parentah kudu indit ngumbara ka
daerah leuweung pasagi wetan, neangan tempat pikeun di jadikeun karajaan leutik, dibarengan ku
dua Tumenggung, nyeta Dipati Sewana Guru jeung Dipati Sewana Giri kalawan dibere jimat
makuta siger kancana jeung Gambar Pakuan Pajajaran atawa gambar lawe domas kinasihan.
Saenggeus sayaga, Raden katut kadua Tumenggunng anjog ka leuweung Ganggong simagonggong.
Raden katut kadua Tumenggung reureuh didinya. Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi
ngaluarkeun jimat makuta siger kancana sarta miwarang Dewa Batara Sanghiang Utipati. Jleg weh
kahayangna dikabul. Ujug-ujug di darat teh aya gedong karajaan, bentengna 5 lapis, nyeta besi,
waja, parunggu, perak, jeung lapis jerona dijieun tina emas. Lajeng anjena menta deui ka Dewa
piken 8000 Punggawa karaton, 80.000 prajurit, jeung 65 dayang pikeun ngurus karaton.
Saenggeus rengse eusi karaton jeung eusi nagara, Raden nyawalakeun ngaran iyeu nagara katut
kadua tumenggung. Nanging kadua tumenggung ngawaler “Raden, perkawis nami nagara ieu kedah
aya tinimangan heula ti Kanjeng Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, langkung sae
simkuring diutus ka pajajaran ngadep ka Gusti”.lajeng Raden nyatujuan.
Ku kituna Tumenggung sewana Guru enggal angkat ka Kanjeng Prabu siliwangi. Te kacaritakeun
dijalanamah, anjog weh ka Nagri, tuluy madep ka payunen Prabu Siliwangi, Yen anjena kenging
parentah ti Raden kanggo nyuhunken nami karajaan nu bade di adegkeun.
Kanjeng Prabu Siliwangi Ngandika : “Ngaran Nagara teh kudu Tanjung singuru.” Teras
Tumenggung Sewana Guru pamit mundur.
Dugi ka Nagara Tanjung Singuru di Taros ku Raden : “Naon dawuhan Gusti Prabu Siliwangi teh?”
Tuluy di caritakeun ku Tumenggung Sewana Guru : “Yen Karajaan iyeu teh kedah di namian
Tanjung Singuru. Raden oge kedah gentos jenengan, Nyaeta Prabu Jaka Susuru”. Raden ngawaler :
“mun seug kitu, ieu nagara geus dingaranan sarta ngaran kaula geus di ganti, tah ayeuna saha deui
anu baris nulungan salianti paman Dipati, ayeuna kaula menta tulung pangnyungsikeun hiji wanoja
pikeun jadi permaisuri”.
Waler Tumenggung Sewana Guru : “Hatur punten Raden, simkuring mendak wartos yen di Nagara
Bitung wulung aya hiji wanoja, putri Tumenggung Bitung Wulung, Pangeran Junjang Buana. Nu
kahiji jenenganana Putri Sekar Jayanti, Nukadua Jayanti kembang”. Prabu Jaka Susuru Ngawaler :
Mun seug kitu mah urang lamar duanana, siapkeun sagala kaperluan pikeun ngalamar eta putri”.
Saenggeus kitu ki patih miang ka nagara Bitung Wulung. Sanggeus anjog ka tempat karajaan,
Kabeneran Hyang prabu geus aya di Singgasana, Tuluy ki patih ngadep, ku Hyang Prabu di taros
eta ki patih : Ari anjen timana? Saha nu marentahkeun jeung naon nu dipikabutuh kipatih?”.
Tumenggung ngawaler : “Gusti maksud kaula teh kanggo narosan kadua putri junjunan, kumaha
putri paduka masih lalagasan?” Hyang Prabu ngawaler : “bener kaula boga dua putri, malahanmah
geus loba nu ngalamar, ngan ku kaula teu ditarima, tapi lamun rajana turunan ti Pajajaran boga
maksud rek ngalamar anak kaula, sok geura buru-buru lantaran putri kaula geus cukup umur”.
Kipatih ngawaler : “saleresnamah mun ayeuna oge tiasa diboyong sadayana, supados enggal di
jantenkeun permaisuri ku Prabu Jaka Susuru”. Hyang Prabu ngawaler : “mun seug kitu mah kaula
ngilu nganter sakalian ngajajapkeun anak kaula”. Saenggeus kitu Prabu saparakanca angkat. Teu
kacaritakeun dijalana. Sanggeus anjog di nagara Tanjung Singuru tuluy Ramana masrahkeun ka
Prabu Jaka Susuru pokna : “Ayeuna kaula masrahkeun geus teu boga kabeberat deui ka Prabu Jaka
Susuru”. Geus kitu mah Prabu Bitung Wulung pamit undur balik ka Nagarana
Dicaritakeun hiji waktu Prabu Jaka Susuru karumpul jeung adipati kalawan jeung sakabeh
punggawa barempug rek ngayakeun karyaan lantaran geus boga permaisuri. Nya di ayakeun
karyaan tujuh poe tujuh peuting.
Tenden heula carita Prabu Jaka Susuru.
Kacaritakeun aya hiji Nagara ngarana Gunung Gumuruh Ngaran Rajana Badak Tamela Sukla
Panarak Jaya. Raja eta teh can bogaeun permaisuri ngan boga adi awewe nu ngarana Ratna
Kembang Tan Gumilang.
Dina hiji poe Raja keur linggih di paseban, ngadenge warta ngeunaan karyaan di Nagara Tanjung
Singuru. Teras anjena nanya ka adina “Nyai dimana eta karyaan teh?” adina ngajawab : “eta keur
karyaan di Karajaan Tanjung Singuru Rajana keur ngarayakeun jatukrami anjena”. Tuluy Raja
ngajawab : “Apanan eta wanoja teh idaman kaula ti baheula? Nyaeta Putri Jayanti. Cing Nyai
tungguan didieu, Kakanda rek ninggali!” cek adina : “ulah kanda, sabab wanoja eta geus jadi
permaisuri raja. Sok sanajan raja ngarebut oge moal mampu pasti urang cilaka”. Raja ngajawab :
“Ah moal pokonamah rek di rebut, pan kanda boga kawah Domas, Prabu Jaka Susuru rek di
jebloskeun ka kawah Domas. Rek di bejakeun aya inten sagede anak lembu, ke mun geus dijero
kawah, pantona rek di tutup ku kanda”.
Geus kitu Raja Gunung Gumuruh angkat, saatosna anjog di Karajaan Tanjung Singuru, anjena
menta ijin rek istirahat. Raja Tanjung Singuru Ninggali, terus weh nanya : “Andika asal timana?
Sarta saha ngaran andika? Asa can pernah ninggali jeung bangun nu cape deuih”. Jawabna Raja
Gunung Gumuruh : “Bener kaula Raja Gunung Gumuruh, Kaperluan kaula rek bakti nagri
masrahkeun diri sarta nyerahkeun batu inten sagede anak lembu nu aya di kawah Domas, teu aya
deui nu pantes ngapamilikan salianti adimas Jaka Susuru anu hak”.
Prabu Jaka Susuru tumanya ka permaisuri : “kumaha Nyai ayena urang rek nampa bakti nu
mangrupa Nagara jeung inten nu gede?” Jawab permaisuri : “tong kanda, boa teing eta teh aya
maksud rek nganiaya jeung maksud goreng ka urang, oge dinda boga rasa curiga yen urang bakal
kakenaan musibah”. Tapi patih Tumenggung Sewana Guru nyarita : “goreng kasebatna upami aya
nu bakti ka urang te ditarima, leuwih hade urang angkat we”. Geus kitu mah Prabu Jaka Susuru,
Tumenggung Sewana Guru katut Tumenggung Sewana Giri angkat ka kawah Domas di rencangan
ku Raja Gunung Gumuruh.
Singkat carita tepi weh di eta kawah Domas, Satepina eta Prabu Jaka Susuru oge kadua
Tumenggung ninggali kana eta jero kawah Domas, te lila Raja Gunung Gumuruh nutupkeun eta
lawang ku batu hideung nu badag kacida.
Raja Gunung Gumuruh tuluy indit ka Nagara tanjong Singuru, Anjena boga tujuan rek ngarebut
Nagara Tanjug Singuru sara kadua permuaisuri. Barag anjog ka Nagara Tanjung Singuru kadua
permaisuri nanya ka eta raja : “Dimana Raja Jaka Susuru?” tuluy raja ngajawab : “Nyai, ayeuna
mah tong nanyakeun hal Prabu Jaka Susuru, sabab kanda geus menjarakeun Prabu Jaka Susuru”.
Jawab kadua permaisuri : “Ampun Prabu, kaula mah moal pisah jeung Prabu Jaka Susuru”. Kadua
putri eta di paksa tuluy kabur ka tengah leuweung dina kaayaan ngandung.
Saenggeus salapan bulan ngandung, eta kadua putri teh ngalahirkeun putra lalaki sakabehna, ti Putri
Sekar Jayanti ngaranna Heulang Boengbang Legantara Tapa Jaya Perang. Sedengkeun ti Putri
Jayanti Kembang mah ngaranna Kebo Keremay Sakti Pangeran Giringsing Wayang. Duanana
dilahirkeun oge di gedekeun di leuweung.
Saenggeus umurna 10 taun eta kadua putra Jaka Susuru jeung Indungna ngungsi ka Nagara Tanjung
Sumbara, jol anjog Putri Sekar Jayanti jeung Putri Jayanti Kembang katut kadua putrana di tarima
ku Raja Gajah Karumasakti. Tuluy Raja ngandika : “Ari anjen timana? Jeung katurunan saha?”
jawab putri : “Mugi Hyang Prabu percaya, anak iyeu the turunan ti Prabu Siliwangi, nyaeta putra ti
Prabu Jaka Susuru. Anapon maksud kaula datang kadieu kaula rek menta pitulung pikeun
nyalametkeun Prabu Jaka Susuru nu aya di dasar jero kawah Domas anu di penjarakeun ku Raja
Gunung Gumuruh”.
Raja ngawaler : “Oh Nyai pasti ku kaula di tulungan, ayeuan Nagara Tanjung Singuru rek
dijadikeun lantaran bisa panggih jeung Raja Gunung Gumuruh, urang bakal nyerang eta Nagara”.
Jawab putri : “Sumuhun Prabu, namung kaula gaduh pamunut hayang di salametken heula Hyang
Prabu Jaka Susuru”.
Geus kitu Raja Gajah Karumasakti angkat ka Nagara Tanjung Singuru, Saenggeus anjog raja
Karumasakati tuluy Nyerang, Sene Ngabebela nu ngajadikeun saisi Nagara ngungsi ka kaler, ka
wetan, ka kulon, ka kidul, nagara jadi ancur.
Geus kitu torojol Raja Gunung Gumuruh tuluy ngabantah, masing-masing ngaku yen iyeu Nagara
teh milikna, nu akhirna perang tanding antara Raja Gajah Karumasakti jeung Raja Gunung
Gumuruh. Nu antukna Raja Gunung Gumuruh nyerah ka Raja Gajah Karumasakti.
Raja Gajah Karumasakti pok nyarita : “Ayena maneh eleh! Tapi maneh kudu daek ngalepaskeun
hela Prabu Jaka Susuru di jero dasar kawah Domas!. Raja Gunung Gumuruh ngajawab :
“Sumangga kaula ngiringan, tapi kaula kudu dibarengan jeung anjen”. Sanggeus kitu, kadua raja eta
angkat. Anjog di Kawah Domas batu panutup kawah dibuka, katiggali Raja Jaka Susuru katut kadua
Tumenggung di hudangkeun.
Raja Gunung Gumuruh Nyatakeun tobat tur kaduhung oge menta ampun ka Raja Jaka Susuru katut
kadua Tumenggung lantaran geus nyangsarakeun ka Prabu Jaka Susuru. Sarta nyerahkeun Nagara
jeung Sakabeh isina. oge nyerahkeun adina supaya dijadikeun permaisuri.
Tisaprak eta, Prabu Jaka Susuru miang jeng adina Prabu Gunung Gumuruh ka Nagara Tanjung
Sumbara. Nu akhirna Prabu Jaka Susuru netep di Nagara Tanjung Sumbara. Kagungan garwa tilu,
dua putra katut opat patih.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya reka basa kirang pertela, ucap lampah kirang merenah matak tugenah
kana manah, hapunten cag… permios
Hurip Sunda
Wassalamu’alaikum Wr Wb

Anda mungkin juga menyukai