Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Wr Wb

Sampurasun
Wilujeng tepang sareng simkuring anu Kasep/Geulis
Dina danget ieu simkuring seja nyukcruk galur muka lawang baheula noong lalakon nu katukang,
medar hiji carita warisan kolot baheula dina jejer : Sasakala Bobojong Cisuru
Wilujeng ngadanguken
Karajaan Tanjung Singuru mangrupa karajaan anu geus aya dina sajarah karajaan Tatar Pasundan di
Nusantara. Nurutken pantun Jaka Susuru, Ieu Karajaan di adegkeun ku Prabu Jaka Susuru alias
RADEN MUNDING MINTRA KASIRINGAN WANGI, Putra Prabu Pajajaran Prabu
SILIWANGI. Lalampahan Prabu Jaka Susuru nyieun karajaan di Tanjung Singuru, anu ayeuna
disebut Bobojong Cisuru, di desa Sukarama Kacamatan Bojongpicung Kabupaten Cianjur.
Prabu Siliwangi, Raja VII di Pajajaran, Kagungan putra ngaranna Munding Mintra Kasiringan
Wangi. Dina hiji waktu diayakeun rapat anu dihadiran ku Bupati, Patih Mantri jeung Tumenggung.
Hyang Prabu Siliwangi ngandika ka Bupati saurna : “Hey para Bupati, Patih sareng Tumenggung,
kaula teh boga anak, maksud kaula anak kaula teh rek diangkat jadi bupati, ngan meren can
rimbitan, kumaha cing pamadegan aranjen ngeunaan kaputusan kaula?”
Para Bupati katut para Tumenggung ngawaler ka PrabuSiliwangi : “tos sakedahna kitu kanjeng
Gusti salami teu ngawagel kana Pamarentahan, Gusti saenamah tuang putra teh di jenengkeun
heula”.
Saparantos Kanjeng Raja Siliwangi sasauran sapertos kitu, teras kanjeng raja Siliwangi ngagentraan
putrana nyaeta Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi di parentah kudu indit ngumbara ka
daerah leuweung pasagi wetan, neangan tempat pikeun di jadikeun karajaan leutik, dibarengan ku
dua Tumenggung, nyeta Dipati Sewana Guru jeung Dipati Sewana Giri kalawan dibere jimat
makuta siger kancana jeung gambar lawe domas kinasihan.
Saenggeus sayaga, Raden katut kadua Tumenggunng anjog ka leuweung Ganggong simagonggong.
Raden katut kadua Tumenggung reureuh didinya. Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi
ngaluarkeun jimat makuta siger kancana sarta miwarang Dewa Batara Sanghiang Utipati. Jleg weh
kahayangna dikabul. Ujug-ujug di darat teh aya gedong karajaan, Lajeng anjena menta deui ka
Dewa piken 8000 Punggawa karaton, 80.000 prajurit, jeung 65 dayang pikeun ngurus karaton.
Saenggeus rengse eusi karaton jeung eusi nagara, Raden nyawalakeun ngaran iyeu nagara katut
kadua tumenggung. Nanging kadua tumenggung ngawaler “Raden, perkawis nami nagara ieu kedah
aya tinimangan heula ti Kanjeng Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran.
Singkat carita eta Tumenggung nyaritakeun dawuhan Kanjeng Gusti Prabu Siliwangi: “Yen
Karajaan iyeu teh kedah di namian Tanjung Singuru. Raden oge kedah gentos jenengan, Nyaeta
Prabu Jaka Susuru”. Raden ngawaler : “mun seug kitu, ieu nagara geus dingaranan sarta ngaran
kaula geus di ganti, tah ayeuna saha deui anu baris nulungan salianti paman Dipati, ayeuna kaula
menta tulung pangnyungsikeun hiji wanoja pikeun jadi permaisuri”.
Waler Tumenggung Sewana Guru : “Hatur punten Raden, simkuring mendak wartos yen di Nagara
Bitung wulung aya dua wanoja, putri Tumenggung Bitung Wulung, Pangeran Junjang Buana. Nu
kahiji jenenganana Putri Sekar Jayanti, Nukadua Jayanti kembang”. Prabu Jaka Susuru Ngawaler :
Mun seug kitu mah urang lamar duanana, siapkeun sagala kaperluan pikeun ngalamar eta putri”.
Saenggeus kitu ki patih miang ka nagara Bitung Wulung. Tuluy ngalamar kadua putri pikeun Raja
Jaka Susuru. Ku kituna Prabu Jaka Susuru nyayakeun Karyaan tujuh poe tujuh peuting.
Tenden heula carita Prabu Jaka Susuru.
Kacaritakeun aya hiji Nagara ngarana Gunung Gumuruh Ngaran Rajana Badak Tamela Sukla
Panarak Jaya. Raja eta teh can bogaeun permaisuri ngan boga adi awewe nu ngarana Ratna
Kembang Tan Gumilang.
Dina hiji poe Raja Gunung Gumuruh angkat ka Nagara Tanjung Singuru, saatosna anjog di
Karajaan Tanjung Singuru, anjena menta ijin rek istirahat. Raja Tanjung Singuru Ninggali, terus
weh nanya : “Andika asal timana? Sarta saha ngaran andika? Jawabna Raja Gunung Gumuruh :
“Bener kaula Raja Gunung Gumuruh, Kaperluan kaula rek bakti nagri masrahkeun diri sarta
nyerahkeun batu inten sagede anak lembu nu aya di kawah Domas, teu aya deui nu pantes
ngapamilikan salianti adimas Jaka Susuru anu hak”.
Geus kitu mah Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Sewana Guru katut Tumenggung Sewana Giri
angkat ka kawah Domas di rencangan ku Raja Gunung Gumuruh. Singkat carita tepi weh di eta
kawah Domas, Satepina eta Prabu Jaka Susuru oge kadua Tumenggung ninggali kana eta jero
kawah Domas, te lila Raja Gunung Gumuruh nutupkeun eta lawang ku batu hideung nu badag
kacida.
Raja Gunung Gumuruh tuluy indit ka Nagara tanjung Singuru, Anjena boga tujuan rek ngarebut
Nagara Tanjung Singuru sarta kadua permuaisuri. Hanjakalna Kadua permaisuri kabur ka tengah
leuweung dina kaayaan ngandung.
Saenggeus umurna 10 taun eta kadua putra Jaka Susuru jeung Indungna ngungsi ka Nagara Tanjung
Sumbara, jol anjog kadua putri katut kadua putrana di tarima ku Raja Gajah Karumasakti. Tuluy eta
kadua putri ngabejaken pamaksudanana nyaeta rek menta pitulung pikeun nyalametkeun Prabu Jaka
Susuru nu aya di dasar jero kawah Domas anu di penjarakeun ku Raja Gunung Gumuruh.
Geus kitu Raja Gajah Karumasakti angkat ka Nagara Tanjung Singuru, Saenggeus anjog raja
Karumasakati tuluy Nyerang, Sene Ngabebela nu ngajadikeun saisi Nagara ngungsi ka kaler, ka
wetan, ka kulon, ka kidul, nagara jadi ancur. Geus kitu torojol Raja Gunung Gumuruh tuluy
ngabantah, masing-masing ngaku yen iyeu Nagara teh milikna, nu akhirna perang tanding antara
Raja Gajah Karumasakti jeung Raja Gunung Gumuruh. Nu antukna Raja Gunung Gumuruh nyerah
ka Raja Gajah Karumasakti.
Raja Gajah Karumasakti pok nyarita : “Ayena maneh eleh! Tapi maneh kudu daek ngalepaskeun
hela Prabu Jaka Susuru di jero dasar kawah Domas!. Raja Gunung Gumuruh ngajawab :
“Sumangga kaula ngiringan, tapi kaula kudu dibarengan jeung anjen”. Sanggeus kitu, kadua raja eta
angkat. Anjog di Kawah Domas batu panutup kawah dibuka, katiggali Raja Jaka Susuru katut kadua
Tumenggung di hudangkeun.
Raja Gunung Gumuruh Nyatakeun tobat oge menta ampun ka Raja Jaka Susuru katut kadua
Tumenggung lantaran geus nyangsarakeun ka Prabu Jaka Susuru. Sarta nyerahkeun Nagara jeung
Sakabeh isina. oge nyerahkeun adina supaya dijadikeun permaisuri.
Tisaprak eta, Prabu Jaka Susuru miang jeng adina Prabu Gunung Gumuruh ka Nagara Tanjung
Sumbara. Nu akhirna Prabu Jaka Susuru netep di Nagara Tanjung Sumbara. Kagungan garwa tilu,
dua putra katut opat patih.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya reka basa kirang pertela, ucap lampah kirang merenah matak tugenah
kana manah, hapunten cag… permios
Hurip Sunda
Wassalamu’alaikum Wr Wb

Anda mungkin juga menyukai