Anda di halaman 1dari 5

Biografi Prof. Dr.

Yus Rusyana
(Tokoh sastrawan dan guru besar
pendidikan indonesia)
Yus Rusyana, Lahir di Pameungpeuk, Garut, jawa barat, dina 24
maret 1938. Yus rusyana mangrupakeun saurang sastrawan jeung guru besar
di universitas pendidikan di indonesia. Salian jadi guru besar, anjeuna oge
jadi panalungtik basa jeung sastra di UPI bandung. Anjeuna ka-asup
sastrawan anu produktif, karya-karya sastrana nyaeta diantawisna sajak,
carpon, jeung esai boh dina basa sunda boh dina basa indonesia.
Riwayat atikan :
• Yus Rusyana mimiti sakola formal di sakola rahayat nagari pameungpek taun
(1946-1952). Saentos namatkeun Sakola Dasar di lemburna, anjeuna nuluykeun
ka Sakola Guru B. Negri (SGBN 1) di Garut sasih (1952-1955). Sarta Sakola guru A.
Negri (SGAN 1) di Bandung (1955-1958), sarta Fakultas Keguruan Sastra jeung
Seni IKIP Bandung (1958-1964), nepi ka meunang gelar Sarjana Pendidikan.

Dina sasih 1971-1978 yus rusyana nuluykeun studi di Universitas Leiden, Belanda
dina program "Post Graduate Training in the Study of Indonesia Languages and
Phililology." Ti dinya anjeuna tuluy nyusun disertasi, sarta dina tanggal 5 Juli 1975
nempuh promosi di Fakultas Sastra Universitas Indonesia, Jakarta, ngahontal
gelar Doktor Elmu-elmu Sastra hususna Elmu Languistik.
• Cekel gawe di Fakultas Pendidikan Bahasa jeung Seni IKIP Bandung, ti taun
1962, sarta dina taun 1988 diangkat jadi Guru Besar. Nyekel pingpinan
fakultas jadi Pembantu Dekan (196-1968-1969-1970), jeung jadi Dekan
FKSS(1977-1978).

Lian ti eta nyangking pingpinan Proyek Panalungtikan Basa jeung Sastra


Indonesia Daerah di Jawa barat. Departemen P&K (1976/77-1978/79),
jeung jadi Ketua Umum Paguyuban Pangarang Sastra Sunda dina taun
(1975-1978).
Karyana :
• Saprak mahasiswa yus rusyana mulai mimiti ngamekarkeun kaparigeran nulisna
dina wangun nulis sajak sunda (aya nu geus dibukukeun dina Nu Mahal ti batan
Inten 1980), carita pondok (nu geus dibukukeun oge dina Di Luhureun Jukut
Reumis, 1965, Jajaten Ninggang Papasten, 1988, nu dileler hadiah sastra Rancage
1989).

Salian eta aya drama (umpamana "Hutbah Munggaran di Pajajaran" 1965 ;


Perwatasari" 1967), carita barudak (umpamana Menempuh Jalan Sendiri, 1975),
esey, jeung hasil panalungtikan ngeunaan basa, sastra, katut pangajaranana.

Yus rusyana oge Janten anggota Panitia dina Tarjamah Al'Quran basa Sunda taun
(1974-1978), jeung anggota Panitia Tafsir Al-Quran dina basa Sunda (ti mimiti
1980). Munggah haji ka Tanah Suci dina taun 1992).

Anda mungkin juga menyukai