Anda di halaman 1dari 12

Bahasa Sunda Kelas 4

Kecap Kantetan
Kecap Panyeluk

Ms Erma Hermawati, S.H


Tujuan pembelajaran

 Dipiharep hidep maham kana kecap kantetan

 Dipiharep hidep maham kana kecap panyeluk


Kecap Kantetan
Tengetan conto di handap ieu:
Ibu nuju ngagodog kumis ucing

Kecap kumis ucing kaasup kana kecap kantetan


Kecap kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngantetkeun atawa
ngahijikeun kecap jeung kecap sejenna, sarta mibanda harti mandiri

Kata kumis kucing merupakan contoh dari kecap kantetan.


Kecap kantetan adalah kata yang dibangun dengan cara
menyatukan kata dengan kata lainnya dan memliki arti yang
berbeda
Conto Rupa-rupa Kecap Kantetan
 Panon Poe
Hartina : bentang di pusat tata surya (matahari)
Kalimahna : Isuk-isuk panon poe meletek ti wetan
 Indung Bapa
Hartina : kolot
Kalimahna : kudu ngahormat ari ka indung bapa teh

 Kuping Gajah
Hartina : ngaran kadaharan/tutuwuhan
Kalimahna : Ibu melak tangkal kuping gajah dina pot ageung

 Beureum Panon
Hartina : ngaran lauk
Kalimahna : Udin jeung Edo ningali lauk beureum panon di
walungan
Conto Rupa-rupa Kecap Kantetan
 Kareta Mesin
Hartina : kareta api
Kalimahna : bapa angkat ka Bandung make kareta mesin

 Indung Beurang
Hartina : nu sok mantuan ngajuru
Kalimahna : Dina ngalahirkeun teh ayeuna mah geus langka
ditulungan ku indung beurang

 Hejo Tihang
Hartina : Jalma nu resep ganti-ganti pagawean/padumukan
Kalimahna : Amir mah hejo tihang imahna pipindahan wae
Conto Rupa-rupa Kecap Kantetan

 Kaca Piring
Hartina : ngaran tutuwuhan
Kalimahna : Kaca piring teh bisa ngubaran nu kaserang kasakit

 Putri Noong
Hartina : ngaran kadaharan
Kalimahna : Putri noong nyaeta kue tradisional Bandung
Kecap Panyeluk

Kecap panyeluk nyaeta kecap anteuran nu maksudna


ngebrehkeun rasa, umpanan wae lantaran ngarasa
reuwas, nyeuri, atoh, sedih jeung sajabana

Kecap panyeluk adalah kata pengantar yang maksudnya


menunjukkan rasa , misalnya terkejut, sakit, senang, sedih dan
lainnya
Titenan contona!

1. Euleuh, geuning isuk keneh geus datang!


2. Ih, sugan the lain maneh, boro reuwas!
3. Aduh, nyeuri atuh, nepak teh tarik-tarik teuing!

Kecap panyeluk biasana di tungtungna ngagunakeun


tanda panyeluk (!)
Conto Rupa-rupa Kecap Panyeluk

 Iy
Kalimahna : Iy, tong kitu jorok!

 Hore
Kalimahna : Hore abdi meunang kado!

 Eh
Kalimahna : Tadina rek ka pasar eh poho!
Conto Rupa-rupa Kecap Panyeluk

 Ah
Kalimahna : Rek sare heula ah, tunduh!

 Ih
Kalimahna : Dagoan atuh ih sakedeng mah!

 Asik
Kalimahna : Asik isukan kuring rek ka Bandung!
Conto Rupa-rupa Kecap Panyeluk

 Wah
Kalimahna : Wah alus euy bajuna!

 Aduh
Kalimahna : Aduh nyeuri tidagor kana panto!

 Euleuh
Kalimahna : Euleuh itu mobil badag pisan!
Hatur Nuhun
Tetap Semangat yaaa!!

Ms Erma Hermawati, S.H

Anda mungkin juga menyukai