Anda di halaman 1dari 1

AGUSTUSAN Lain heureuy, resep pisan mun mangsa ka tukang. Komo pas keur usum sakola SD.

Ngadenge isukna rek 17 Agustusan teh resep we nu aya. Rebun-rebun geus hudang. Sabab rek milu pawai ka lapang Padomasan nu teu jauh ti kampung kuring. Teu sirikna ijigimbrang hayang geura make siger, jeung dicemongan. Apan uing rek pawai dina seragam kuda lumping atawa Ebleg ceuk urang Sunda mah. Ngan hanjakal, teu boga rompi. Dasar bolon daripada neangan kalah ka mewek. Kuring luwa-lewe teu puguh. Ti dituna mah stress meureun sabab batur geus didandanan ari uing acan. Nini surti nempo talajak kuring nu nyegruk leweh deukeut sumur. Gancang manehna neangan rompi ka tatangga nu kabeneran sakola SD keneh. "Yeuh pake! Jung geura mangkat geus ditungguan ku Teh Enin rek dirias!" ceuk nini. Berengbeng satengah lumpat atuh kuring teh bari mawa kukudaan tina bahan awi dianyam. Kasampak teh enya we babaturan geus lamedong ku wedak Viva, geus dicurang-cerong. Tinggal kuring. Rengse didangdanan jalma ngaleut ngabandaeut ka sisi jalan. Rame ku rupa-rupa kamonesan. Aya nu nyieun kakapalan tina kertas make sapeda. Aya oge teng waja dina rorodaan. Jalma seah nuju ka lapang beh kiduleun lembur. Babaturan nu mawa bangbarongana tuluy nyingsieunan barudak bari apluk-aplukan eta huluna. Barudak ting jarerit tapi raresep. Bangbarongan indit ka warung, kunu bogana dibere permen. Kuring oge nuturkeun bari olohok nempokeun bangbarongan. "Asep, maneh mah lain bangbarongan kadieu kana barisan!" ceuk si Eli jebleh nyentak. "Dungkleung...dungkleung.." sora kaset Ebleg tukangeun kuring. Pohara resep pisan. Aleutan kolot mawa dongdang pinuh ku sangu tumpeng jeung wuduk. Dirias ku kertas endog bari ditulisan HUT-RI ke-41. Bareng anjog ka lapang, kasampak jalma geus ngaliud. Teu sirik lapang teh pinuh. Harita aya polisi jeung hansip nu ngatur barisan. Sabab sakeudeung deui bakal aya upacara 17-an. Geus memener barisan mah, pangatur upacara geus ngahoang dina pangerah suara. Ti mimita acara tepi ka pembacaan proklamasi jalma seah wae. Jigana mah geus lalapar. Ditambah ku sambutan ti pa kuwu nu lila teuing. Loba jalma nu dariuk teu kuat narangtung. Rengse biantara kuwu, der teh atraksi kasenian. Ieu mah bener aya atraksi kuda lumping rombongana pa Saman. Bener eta ebleg teh kasurupan. Mendem. Jalma ting jarerit. Sabab aya nu weureu, jaba aya nu pamacan sagala. Datang dukuna, sakilat beuteung nu kasurupan jurig jariyan teh ditunjel. Kelepes we awakna leuleus. Upacara can oge rengse, kolot di tukang geus rariweuh ngabagi-bagikeun konca eusi tumpeng. "Ang kadieu! Ieu wuduk!" gupay nini kuring ti kajauhan. Kuring balakecrakan jeung babaturan mani ngeunah dahar nyelebuk pisan. Teu lila aleutan jalma teh bencar. Baralik sewang-sewangan ka imah masing-masing.

Anda mungkin juga menyukai