Anda di halaman 1dari 5

LAMPIRAN 1

BAHAN AJAR-5
Sisindiran
Tengetan conto sisindiran di handap !
Samemeh ngamparkeun kasur
Samak heula ambeh rineh
Samemeh nyalahkeun batur
Ragap heula awak maneh
Panyingkiran jatitujuh
Ngaliwatan sasak beureum
Pipikiran teu paruguh
Ngemutan nu acuk beureum
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
Sanggeus hidep nengetan tilu pada karangan di luhur, kapanggih eta teh nu disebut
sisindiran tea. Umumna sisindiran dibagi tilu, nyaeta paparikan, rarakitan jeung
wawangsalan.
Paparikan asalna tina kecap parik (parek =Jawa) hartina deukeut. Maksudna mah
kecap-kecap dina paparikan boga sora nu sarua utamana lebah sora vokal nu panungtung.
Rarakitan asalna tina kecap rakit, alat pikeun meuntas nu dijieun tina awi atawa kai
anu dientep kalawan rapih. Puhuna rata atawa sarua. Dina rarakitan oge kitu, kecap-kecap nu
aya diawal padalisan sarua.
Wawangsalan mah aya eusi nu kudu diteangan heula sarta ngan diwangun ku dua
padalisan. Beda jeung paparikan atawa rarakitan.
Conto wawangsalan:
1. Kendang gede pakauman;
dag dig dug rasaning ati

(wangsalna : bedug)

2. Belut sisit saba darat;


kapiraray siang wengi

(wangsalna : oray)

Ditilik tina eusina, sisindiran ngawengku piwuruk, silih asih, jeung sesebred /
banyol.
Titenan conto-contona!
1. piwuruk / papatah
Mawa botol ka Cisaat
Pipiti di sisi cai
Lamun urang getol solat
Pasti dipiasih Gusti
2. silih asih
Tunggul awi meunang ngadek
Dijual ka Panyingkiran
Lamun nyai enya daek
Hayu urang pelesiran
3. sesebred/banyol
Cikur jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung koneng
Sihoreng bureuteu hideung

Titenan conto sisindiran di handap !


Cimuncang ka Banjarsari

Cangkang

Kacamatan Panumbangan
Yu batur urang ngahiji

Eusi

Ngeusian kamerdekaan
1
1
2
3
4

Ci
Ka
Yu
ngeu

2
mun
ca
ba
si

3
cang
ma
tur
an

Conto sejenna.
1.

Meser bubur ka Cihaur


Jalanna mapay Cigowong
Ka batur mah nitah jujur
Soranganna purah bohong

4
ka
tan
u
ka

5
ban
Pa
rang
mer

6
jar
num
nga
de

7
sa
bang
hi
ka

engan

ri
an
ji
an

g
8
8
8
8

2. Manuk piit jeung tikukur


Disamberan ku japati
Mun nu alit resep syukur
Bakal diasih ku Gusti
3. Momotoran sisi jalan
Ngaliwat ka sasak saat
Lamun urang ngaku iman
Ulah poho kana sholat
4. Ka Jakarta meuli senter
Meserna caket jalan tol
Lamun urang hayang pinter
Diajarna kudu getol
5. Lamun rek neangan batu
Kudu nu warnana coklat
Mun rek neangan minantu
Kudu kanu rajin sholat

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
Pek titenan deui sisindiran di luhur, tuluy eusian pananya ieu di handap !
1. Pada kahiji diwangun ku ___________ padalisan (baris).
2. Tuliskeun bagian cangkang tina pada kahiji !
________________________________________________________________________
3. Tuliskeun bagian eusi tina pada kahiji !
______________________________________________________________________
4. Tulis kecap-kecap dina pada kahiji nu sora vokalna sarua (murwakanti)!
______________________________________________________________________
5. Jentrekeun, padalisan mana bae dina pada kahiji nu kecap-kecapna miboga sora nu
padeukeut (murwakanti)?
________________________________________________________________________
6. Nurutkeun hidep, sisindiran pada kahiji teh kaasup kana paparikan atawa
rarakitan ? Jentrekeun alesanana!
________________________________________________________________________
7.

Ditilik tina eusina, pada ka sabaraha nu eusina piwuruk ?


________________________________________________________________________

8.

Sisindiran pada kasabaraha anu eusina silih asih ?


________________________________________________________________________

9.

Sisindiran nu mana nu kaasup kana wangun rarakitan ?


________________________________________________________________________
10. Tuliskeun kecap-kecap naon sarta padalisan sabaraha nu nuduhkeun wangun
rarakitan ?
________________________________________________________________________
UJI KOMPETENSI 2

____________________________

Lengkepan sisindiran ieu di handap !

_______________

1. Saninten buah saninten

____________________________

Dibantun ka parapatan

_______________
3. Abdi gaduh wadah hiji

__________________________________

____________________________

_________

_______________

Bilih aya kalepatan

Abdi hoyong munggah haji


Hanjakal can gaduh bekel

Mawa botol ka Banjaran


____________________________

4. Siki cau dikarungan

_______________

Boga sendal

Mun getol ka pangaosan

_____________________

____________________________

Ari

_______________

___________________________
Bujal mah kamana-mana

1. ____________________________
_______________

5. Kukupu jangjangna

____________________________

__________________

_______________

Ngariung di luhur sumur

Elmu mah teu beurat ngagung

buru-buru geura

Teu cara dunya barana

_____________________
meungpeung

2. Aya listrik di masigit


Caangna ka pabrik kina

________________________
6. ____________________________
________

Anda mungkin juga menyukai