Anda di halaman 1dari 2

KI DIPA DIPEGAT BEGAL

Aki Dipa teh jalma jujur, Tara codeka, jeung salawasna pengkuh kana
jangji. eta pangna ku dununganana dipercaya.
Hiji poe ,Aki Dipa balik ti kota, tas dititah nagihan duit ku
dununganana.Kaitung jauh inditna teh ,jaba kudu leumpang ,da jaman harita
mah masih keneh langka kendaraan.Nya ku sabab eta,Aki Dipa kaburitn di
jalan.Manehna ngarasa salempang jeung degdegan,sabab loba mawa duit hasil
nagihan.
Komo waktu kudu ngaliwat ka jalan anu suni mah .Mindeng kabejakeun di
dinya teh sok aya begal.Aki Dipa teu neger-neger dirina sorangan,bari
ngadunga ka Gusti Alloh ,sangkan salamet.
Dasar geus nasibna kudu kitu,bet teu ku hanteu Aki Dipa pasanggrok
jeung begal.Puguh wae reuwaseun pisan.Sok sieun eta begal ngarampas duit
bari ngarogahala .Najan ukur saurang ,tapi eta begal teh mawa pestol.
Enya wae eta begal teh ngahalangan liliwatan,terus ngacungkeun pestol.
Eureun!Lamun hayang salamet ,peupeujeuh silaing ulah ngalawan,jeung
eta babawaan silaing pasrahkeun ka dewek!ceuk begal.
Aki Dipa kasima .Pamohalan mun ngalawan ,sabab Aki Dipa ukur mawa
bedog ,ari begal nodongkeun pestol .Moal kaburu lumpat deuih,da tangtuna
oge bakal ditembak.
Gancang siah pasrahkeun babawaan silaing !ceuk begal deui.
Abdi mah teu ngabantun nanaon ,Juragan Begal ,walon Aki Dipa
ngadegdeg.
Tong ngabohong!Ari eta ,siah .Aing ge nyaho ,sia mawa duit.
Sanes artos abdi,Juragan .Ieu mah artos dunungan abdi,tembal Aki
Dipa.
Teu paduli masing duit boga sasaha ge .Pokona ,kudu dipasrahkeun ka
dewek,ayeuna .Yeuh ,deuleu ku silaing ,dewek mawa pestol!Silaing hayang
kojor?
Sajeroning kitu ,Aki Dipa neangan akal sangkan salamet .Bet dumadakan
Gusti Alloh mukakeun jalan .Pok Aki Dipa ngomong :
Kieu wae atuh,Juragan Begal ,ku margi ieu teh artos kagungan
dunungan abdi..........
Heueuh ,nyaho dewek ge!begal megat kalimah .Rek kumaha maksud
silaing teh?Buru geura caritakeun !
Artos mah mangga ku abdi bade disanggakeun ka Juragan , tapi abdi
kedah gaduh buktos kanggo ka dunungan ,tembal Aki Dipa .
Hayang bukti naon silaing teh?
Baju abdi kedah dipestolan sing dugi ka karancang ,kanggo engke
buktos ka dunungan abdi .
Babari ari kitu mah .Gancang baju silaing laan ,terus gantungkeun dina
dahan .
Aki Dipa ngalaan bajuna ,terus digantungkeun dina dahan sakumaha
ceuk panuduhan begal.Geus kitu mah jedor-jedor wae eta baju teh dipestolan
sababaraha kali .
Teu lila ,begal teh eureun mestolanana.
Teraskeun tembak atuh ,supados baju abdi karancang pisan ,ceuk Aki
Dipa .
Moal bisa .Geus wae karancang sakitu ,tembal begal .

Naha ,Juragan ?Aki Dipa nanya .


Pelorna beak ,tembal begal deui.
Tah ,mun kitu mah,hayu ayeuna urang gelut jeung dewek!ceuk Aki
Dipa bari mesat bedog.
Puguh wae ayeuna tibalik ,jadi begal anu ngarasa reuwas jeung
sieun.Ngan deregdeg wae begal teh lumpat mani tipaparetot ,sabab sieuneun
dikadek ku Aki Dipa .
Alhamdulillah,Aki Dipa salamet,najan bajuna karancang ku pelor.

Anda mungkin juga menyukai