Anda di halaman 1dari 4

Tanah Sunda

Hikmat Sadkar
Kawih tingtrim nu kamari
suling jeung jentreng kacapi
haleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjang
kiwari geus ilang musna
geus tilem ku mangsa
Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapangan
pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari
aheng keneh dongeng sabrang
datang ti pentas lautan
deudeuh tanah gumelar
ti taun ka taun kalantar

KIDANG KAWISAYA
Antara dua dayeuh, aya kidang kasamaran
luluncatan tina areuy ka areuy
Tina rungkun ka rungkun sasab ka leuweung
gedong geledegan
--Dimana padumukan awaking?
Antara dua dayeuh, aya kidang juuh cimata
kasarung inyana kasarung. Ngaliwung kalempohan
ka panonoban manusa
--Ka mana awaking lunta?
Antara dua dayeuh, kidang kalimpudan deudeuh
lantaran hirup mah geuning pinuh ku pangreka
--Awaking kebat ku sandekala

Aki Jeung Balon


Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
dibaturan ku sobat ngaran rancatan
anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan
kakapalan kukudaan tarompet heunteu tinggaleun
geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun
ujang, eulis yeuh tingali barang aki
geura galeuh keur ameng engke di bumi
Aki! aki! Abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya
Niupna ge aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari aki sakieu nya kakolotan
Mending oge kasep ieu yeuh kokoloceran
Lamun angin muterna teh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing engke ameng lulumpatan
Aki! Ka dieu! Ketang da abdi mah moal meuli
Ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali
Hiji dua lengkahna teuing ku beurat
Aya hate milu lewang paur umurna bret pegat
Teuing dimana si aki tetep nya matuh
Bodo dina iuh tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poe
Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
Aki, mun ngajoprak di jambatan dimana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat dijalan saha anu ngarawatan
Aki! aki! Rek kamana lamun panon poe sare

saudara sekalian,
ijinkan saya berdiri disini didepan saudara semua untuk saling
mengingatkan dan menggugah akan pentingnya memelihara lingkungan,
sebagaimana telah kita sepakati bersama bahwa lingkungan yang sehat
dan baik tercipta bilamana kita peduli terhadap lingkungan, untuk itu
marilah kita memulainya dari diri sendiri dan dari lingkungan yang
terdekat, dengan cara
tahanlah untuk tidak membuang sampah sekecil apapun
simpanlah sampah pada tempat semestinya
pungutlah jika kita melihat ada sampah disekitar kita
demikian ajakan singkat ini mudah2an kita diberikan kesanggupan untuk
memelihara lingkungan
saderek sadaya,
simkuring neda widi ngadeg payuneun saderek sadayana pikeun
ngemutan sareng umajak kabalarea pikeun pentingna miara lingkungan,
sapertos nu ku urang disaluyuan rehna lingkungan lingkungan sehat tur
apik bakal aya lamun urang paduli kana lingkungan, kualatan eta hayu
urang ngamimitian ti diri sorangan mimiti ti lingkungan nu pang
deukeutna ti urang kucara :
- tahan tong miceun runtah sagawayah sanajan runtah leutik
- simpen runtah tinu paragina
- geuwat cokot runtah mun urang ningali aya runtah
mung sakitu ajakan ti simkuring mugia urang dipaparian kasanggupan
tina ngajalankeun miara lingkungan ieu

Anda mungkin juga menyukai