Anda di halaman 1dari 8

Ruksakna hiji imah alabatan kena longsor di Bandung

Assalamu’alaikum Wr. Wb. Pamiarsa, wlijeung patepang deui sareng simkuring ucup dina
acara warta sunda. Warta anu baris kapindangukeun nya eta: Ruksakna hiji imah alabatan
kena musibah longsor di Bandung, 9 Desember 2017

Bandung - Intensitas hujan anu ageung nu turun di wilayah Kabupaten Bandung, Jawa
barat, Senen (9/12/17) sonten, nyebabkeun pergeseran taneuh di Kacamatan Ibun anu
nyebabkeun taneuh longsor diwilayah eta.

Kapolsek Ibun Iptu Asep Dedi, nyarioskeun yen taneuh longsor kasebat kajadian di Lembur
Keusik Rincang RT 02/02, Desa Dukuh, Kacamatan Ibun, kira-kira tabuh 19.30 WIB.

Pergeseran taneuh longsor dina panjang 15 meter, lebar 4 meter, sarta luhur 6 meter eta
nimpah salah sahiji imah boga warga anu aya disakitaran tempat kajadian eta.

Dedi ngungkabkeun kronologi kajadian, wanci kajadian taneuh longsor korban keur
sasarean di kamar, kadenge suara gemuruh ti kamar pas ditingali ti palebah kamarna
sihoreng teh kamarna tos ka urug ku taneuh hungkul.

"Taneuh kasebat asalna ti serang anu aya di sisi luhur imahna," kedalna. Terang imahna
katimpah taneuh longsor, saterusna korban dibantuan ku tatangga na.

"teu aya korban jiwa tina musibah taneuh longsor ieu, ngan saukur karugian nu mangrupi
jebolna tembok kamar korban hungkul. Korban sareng lima anggota kulawargana ayena
atos dievakuasi," saur Kapolsek Ibun Iptu Asep Dedi

Pamirsa, Mung sakitu anu kapihatur wiljeung patepang deui dina warta anu bakal dongkap,
Amit mundur,amit mungkur. Wassalam wr wb
Aya 5 wewengkon di jawa tengah anu paling rawan longsor
Semarang - Nga'asupan usum panghujan taun ayeuna, aya lima wewengkon (daerah) di
Jawa tengah anu paling rentan lumangsung kena musibah taneuh longsor.

Wewengkon nu paling sering kana musibah taneuh longsor diantawisna nyaeta Kabupaten
Wonosobo, Banjarnegara, Purbalingga, Purworejo sarta Kebumen.

Anu nu paling aman ngan saukur kota Salatiga," Saur wakil Gubernur Jawa tengah, Heru
Sudjatmoko rengse ngahadiran Silaturahmi Politik DPD PDI Perjuangan di Jawa tengah,
Bandungan, Kabupaten Semarang.

Kanggo anceman musibah alam ngasupan usum panghujan di Jawa tengah ieu, kahiji
nyaeta taneuh longsor sarta kaduana banjir. Sajauh ieu, kanggo banjir atos lumangsung di
Cilacap sarta Kebumen.

Wargi anu salila ieu nyicingan di wewengkon nu rawan musibah longsor, margi lahanna anu
kawates. Kumaha anjeunna ulah ngawangun imah di tempat-tempat anu gampil kena
longsor. Janten gampil nyarios na, nanging henteu gampil neangan solusinya, contona di
Banjarnegara nu paling seueur.

Solusi kanggo ngahindaran musibah taneuh longsor nu lumangsung di wewengkon


kasebat, sacara teoritis saleresna tiasa ku cara transmigrasi. Nanging perkawis eta, henteu
gampil kanggo nga-transmigrasikeun.

"Ku kituna, lamun usum halodo aya taneuh anu merekah, dina usum panghujan langkung
urang kedah lewih waspada. Sabab, lamun terus-terusan kaisian cai eta taneuh teh tiasa
nyebabkeun taneuh longsor" Saur Heru Sudjatmoko.
BMKG Nyabut Mepeling Tsunami, Pasca Lini Di Pangandaran Jawa Barat
BMKG nyatakeun mepeling munggaran kana ancaman tsunami, anu sateuacana musibah
alam lini anu ageungna 6,9 SR anu lumangsung di Jawa Barat dina dinten Juma'ah, 15
Desember 2017. Kalawan kitu, potensi lumangsungna tsunami atos kaliwatan.

Dicabutna mepeling tsunami eta, ditepikeun BMKG dina tabuh 02.28 WIB. Wargi anu
kawitna diperingatkeun kanggo ngajauhan ti sisi pantai ayena tiasa balik dei.

Samemehna, aya sajumlah lini susulan nu lumangsung di pangandaran, jawa barat dina
kakutan 2,9 SR dugi 3,3 SR nanging, kalawan skala lini anu beuki ngaleutikan. Kaayaan
permukaan laut di Basisir Pangandaran oge balik normal sanggeus sempet turun saprak
rengse lumangsungna lini.

Kapala Desa Pangandaran, Kabupaten Pangandaran, Jawa barat, Iwan Herdiawan


marentahkeun Sajumlah wargina kedah ngungsi ka tempat anu langkung aman hela,
ngungsi ka daratan luhur anu salah sahijina ka wewengkon Purbahayu.

"Balarea urang himbau supados tetep waspada sarta maranehanana atos ngungsi ka
wewengkon Purbahayu, eta wewengkon arahna teh ka gunung," sanggem Iwan Herdiawan,
dina dinten Juma'ah wengi.

Iwan nuturkeun guncangan lini ayeuna tebih langkung ageung lamun dibandingkeun sareng
lini dina taun 2006 di Kabupaten Pangandaran. " Wanci eta kakuatan lini na henteu sagede
anu ayeuna" saur anjeunna.

Nurutkeun anjeunna, dugi ayeuna pihakna terus nenangkeun wargi ngahimbau supados
tetep waspada. "Sacara teori, kajadian tsunami eta jarak intervalna sanggeus 10 menit ti
saentos kajadian lini. Nanging ayena jarak interval ieu atos kaliwatan." saur anjeunna.
Pamarentah cianjur ngahimbau wargina sangkan lewih waspada kana
bahaya longsor jeung banjir
Assalamu’alaikum wr.wb
Wilujeung patepang deui sareng simabdi irma nurmalia, dina acara warta sunda.

Usum hujan dina taun 2017 ieu, atos di mimitian ti awal bulan november kapungkur.
Pamarentah cianjur tos ngawanti–wanti wargina sangkan salawasna tiasa lewih waspada
tina usum hujan ditaun ayena.

Bupati cianjur masihan amanat ka sadaya warga terutami anu nyicingan dipadumukan sisir
gawir sarta di sisi hawangan salawasna kudu tiasa lewih ati-ati kana bahaya longsor jeung
banjir dibulan desember 2017 ayena.

Sabab, datangna musibah teu tiasa urang duga-duga. Ku kituna, sadaya wargi cianjur nu
aya di wilayah padumukan sisir gawir jeung di sisi hawangan kedah ningkatkeun
kawaspadaana.

Pamarentah tos ngalaksanakeun tarekah kasadaya wargi sangkan kudu lewih waspada
kana musibah banjir jeung longsor ditaun ayena.

sakitu warta singket anu tiasa kasanggakeun ti simabdi. Wilujeung patepang deui dina warta anu
bakal dongkap. Wassalamualaikum wr.wb
Prajurit Kostrad Ngabantosan Korban Longsor Di Pangandaran
21 Prajurit Yonif Raider 323 Kostrad, dikerahkeun ke Desa Kalijati, Kecamatan Sidamulih
pikeun ngabantosan korban banjir sareng taneuh longsor di Kabupaten Pangandaran, jawa
barat.

Pasukan anu dipimpim ku Lettu Inf Edison Ginting ieu atos nga-asupan poe ka opat
neteupan di Desa Kalijati, Kecamatan Sidamulih. (Penkostrad).

Sa'entos ngabersihan jalan di Dusun Cikokol-Cikamulan Desa Kali Jati anu jalana katutup
kusabab kena taneuh longsor dina poe minggu (8/10) kaliwat.

Kagiatan bersih-bersih ieu salajeungna dilanjutkeun sareng warga satempat anu kena
taneuh longsor di daerah Talang Bawang, Kecamatan Sidamulih, Kabupaten Pangandaran.
(Penkostrad).

Naon anu atos dipigawe ku Prajurit dari Yonif Raider 323 Kostrad, mangrupakeun bukti
kapedulian TNI ka Masyarakat, sanajan heunte dititah TNI pasti datang ngabantosan warga
anu ngalaman kasulitan sapertos kajadian bencana alam sapertos banjir sareng taneuh
longsor di Kabupaten Pangandaran.
Wargi cipatujah tasikmalaya ngungsi pikeun ngahindaran ancaman bahaya
tsunami
Wargi anu cicing di basisir pantai Kacamatan Cipatujah, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa
barat, ngungsi ka dataran palih luhur pikeun ngahindaran ancaman bahaya tsunami anu
diperkirakeun tiasa ngalanda laut selatan Tasikmalaya dina dinten Juma'ah wengi.

Kapala Desa Padawaras, Kacamatan Cipatujah, Tasikmalaya, Yayan Siswandi nyatakeun


yen wargi anu aya di wewengkon basisir pantai atos ngungsi ka dataran anu rada langkung
luhur.

"Wargi di sapanjang basisir pantai atos diarahkeun ka dataran anu langkung palih luhur,"
saur anjeuna

Anjeuna nuturkeun, sanggeus lumangsungna bencana alam lini anu ageungna nepi ka 7,3
skala Richter di barat daya Tasikamalya, kaayaan sapanjang pantai Tasikmalaya poek
kusabab mati lampu.

Patugas anu datang atos ngahimbau ka balarea wargi, kanggo ulah waka ngadeukeutan
kabasisir pantai. " Sadaya wargi dititah ngajauhan heula ti sisi pantai," saur Yayan.

Anjeuna nyatakeun, samentara wargi ngungsi hela samentara di Kantor Kacamatan


Cipatujah, kantor desa, sarta wangunan kabuka liana sepertos sakola anu lokasina aya
dina dataran palih luhur.

Tina laporan samemehna, saur anjeunna, teu aya laporan korban jiwa dina bencana alam
lini ieu, ngan saukur laporan karuksakan anu tacan tiasa dipikanyaho sacara rinci.
"Karuksakan tacan tiasa dilaporkeun sacara rinci," saur Yayan.

Lini cekap kuat dirasakeun ti sajumlah wilayah sepertos Jabar, Jateng, DIY, sarta Jakarta
dina dinten Juma'ah wengi. Informasi BMKG, lini anu agengna 6,9 Skala Richter,
lumangsung tabuh 23.47 WIB anu berpusat di 43 km barat daya Kabupaten Tasikmalaya,
Jabar.
Wilayah Selatan Kabupaten Bandung Barat Paling Rawan Longsor
Nga'asupan usum hujan, wilayah Kacamatan Cililin, sarta sakurilingna rawan kana musibah
longsor. Longsor ieu di antarana lumangsung di RT 2 RW 1, Desa Nanggerang, Kacamatan
Cililin dina dinten Senen 6 Nopember 2017 sonten.

Kapala Widang Pananggulangan Musibah di Wewengkon Kabupaten Bandung barat, Dicky


Maulana ngungkabkeun yen longsor kasebat lumangsung di jalan panghubung di
Kabupaten Bandung barat sareng Kabupaten Bandung.

"Longsorna lumangsung ti handap jalan, ku kituna henteu nutupan jalan. Janten akses jalan
tiasa keneh diliwatan." Saur Dicky, Salasa 7 Nopember 2017.

Nurutkeun panginten Dicky, longsor menyebabkeun sisi jalan ambles sajero 25 meter.
Akses jalan sempet kahambat, nanging kiwari atos tiasa normal. Patugas BPBD
masangkeun aturan-aturan mepeling di tiap-tiap lokasi longsor.

Dicky nuturkeun, longsor lumangsung akibat hujan nu ageung anu nyiram di wewengkon
Desa Nanggerang, Kacamatan Cililin. Kondisi taneuh di lokasi longsor cekap labil, ku kituna
teu kuat nahan gerusan cai hujan. Bencana alam longsor kasebat henteu dugi nyandak
korban jiwa.

“Abdi nyuhunkeun supados wargi disakitaran lokasi longsor kedah tetep waspada terutami
di onggal tempat anu masih boga potensi longsor, sabab curah hujan ayeuna masih
ageung sarta tiasa micu longsor susulan,” saur anjeunna.
Longsor di desa tenjolaya, bandung..
Sebuah materi pelajaran bahasa sunda, tentang membuat suatu artikel yang bertajuk warta
atau berita. Dibawah ini merupakan contoh artikel tentang berita bahasa sunda atau bisa
disebut juga dengan warta bahasa sunda.

Untuk sekolah uang memuat muatan lokal bahasa sunda khususnya di jawa barat, mungkin
akan menemuinya tugas seperti ini, yakni tugas untuk membuat artikel yang berhubungan
dengan warta atau berita. Nah, dibawah ini merupakan contoh artikel bahasa sunda tentang
warta atau berita tersebut.
Longsor di desa tenjolaya, bandung..

Assalamualaikum wr. Wb.


Wilu jeung patepang deui sareng abdi ADINDA, dina warta nu bade dikapindangkeun
nyaeta : korban longsor di desa tenjolaya, bandung.

Puluhan murid sakola SD, di desa tenjolaya, kecamatan pasir jambu, kabupaten bandung
kena bencana longsor. Seeur murid anu masih keneh diajar di tenda darurat, teu tiasa
sakola deui ku sabab sieun aya longsor susulan.

Saeutikna aya 193 murid sakola menengah pertama (SMP) anu jadi korban longsor. 46
urang diantarana nyaeta murid SDN CISONDARI, anu sakolana dekeut sareng tempat
longsor.

Khusus pikeun murid kelas 6 anu sakedik deui ujian nasional, dua minggu ieu marenehna
bakal diajar di imah kapala sakola di cisondari. Sangaja ditempatkeun didinya supardos
tiasa menang bimbingan nu leuwih samemeh UJIAN NASIONAL.

Murid bakal dipasihan bekel pangajaran tambahan, utamana pikeun mata pelajaran
BAHASA INDONESIA, BAHASA INGGRIS, IPA, IPS, sareng MATEMATIKA.

Unggal poe senen, murid anu diajar ditenda pikeun kelas 5 ka handap, menang bimbingan
khusus nu didatangkeun ku dinas pendidikan pendidikan kota bandung. Tenda darurat anu
diadegkeun di blok G-5 di perkebunan teh dewata, kira-kira 6 kilo meter ti lokasi longsor.

Dina kaayaan diajar jeung ngajar nu saayana, murid teh katingali teu baretaheun. PUTRI,
salah sahiji siswi murid kelas 4 anu diajar di SDN CISONDARI, nyarioskeun yen manehna
kurang geunaheun diajar didinya.

Nah, sakitu wae nu kapihatur. Wilu jeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap, amit
mundur amit mungkur, sareng abdi ADINDA. wassalamualaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai