Anda di halaman 1dari 2

Wasta: Ramadhan

Kelas: XII MIPA 5

KAJUJURAN
Assalamu’alaikum wr. wb.

Bapak sareng Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat. Réréncangan sadaya nu ku simkuring


dipikacinta.

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng sukur ka hadirat Gusti
Nu Maha Agung, anu parantos masihan kaséhatan sareng kasempetan ka urang sadaya, réhna
dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paamprok jonghok, patepang raray di ieu
tempat. Sholawat sinareng salam mugia kacurahlimpahkeun ka jungjungan urang sadaya, nabi
panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sahabatna, tabi’in jeung
tabi’atna, tur dugi ka urang salaku umatna anu insha Allah kénging sapa’at ti mantenna.
Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu tos tiasa datang ka ieu tempat. Dina
kasempetan ieu abdi badé ngaguar perkawis kajujuran.

Palawargi sadaya,

Kajujuran mangrupakeun hiji bukti kaimanan hiji jalma. Urang sadaya salaku umat
muslim kedah ngagaduhan sikep jujur dina sagala hal. Upami urang teu jujur, éta téh tandana
kaimanan urang keur kaserang ku panyakit munafik. Sapertos urang sadaya terang yén munafik
teh jalmi anu rarayna dua, dina hartian di luar nyarios heueuh, ari di lebet nyarios henteu.

Hiji mangsa aya salah sahiji sahabat nabi naroskeun ka Kanjeng Nabi. “Manawi leres
henteu ari mukmin téh tiasa pedit?”, Kanjeng Nabi ngawaler “Tiasa waé”, teras ajeunna naros
deui “Manawi leres henteu ari mukmin téh tiasa kecingan?”, Kanjeng Nabi ngawaler deui
“Tiasa waé”. Nanging sabot sahabat nabi naros “Manawi leres henteu ari mukmin téh
ngabohong?”, Kanjeng Nabi ngawaler “Henteu”. (H.R. Imam Malik dina kitab Al-
Muwaththa).

Palawargi sadaya,

Naon nu tiasa urang candak tina hadits kasebat? Hadits kasebat ngajarkeun urang kanggo
nyarios jujur. Margi umat muslim téh dipapatahan kanggo henteu ngalakukeun kabohongan.
Kusabab kajujuran téh pangkal sagala kalakuan saé hiji jalmi. Teu aya kalakuan sareng
cariosan saé iwal ti kajujuran.
Kusabab éta, Allah miwarang umat Islam supados nyarios leres sarta miboga kalakuan
jujur. Ieu dipiwarang ku Allah ngaliwatan firman-Na, nu hartina:

“Hai jalmi-jalmi anu miboga iman, kudu takwa anjeun ka Allah sareng kedalkeun cariosan
anu jujur sarta leres.” (Q.S. Al-Ahzab: 70)

Palawargi sadaya,

Minangka panutup, kajujuran nya éta tihang agama, sendi ahlak, sarta poko rasa
kamanusaan jalmi. Tanpa kajujuran, agama henteu pepek, ahlak henteu sampurna, sarta
saurang jalmi teu sampurna jadi jalmi. Di dieu pentingna kajujuran kanggo kahirupan.
Rasulullah SAW bersabda:

“Tetep nyepengan eurat kana kajujuran, cacak anjeun kawas badé ningal kaancuran dina
nyepengan teguh dina kajujuran, nanging kudu yakin yén di lebet kajujuran téh aya
kasalametan.” (H. R. Abu Dunya)

Palawargi sadaya,

Rupina cekap sakitu anu tiasa ku simkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur
kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagorés manahna ku ucapan simkuring. Hatur nuhun
kana perhatosanana.

Aya budak karak disepitan


Dicecepan lima rébu ku si Elsa
Hampura bilih aya kalepatan
Da simkuring mah ngan manusa biasa

Wassalamu’alaikum wr. wb.

Anda mungkin juga menyukai