Anda di halaman 1dari 3

TEKS SAWER PENGANTEN SUNDA

1. Bismillah damel wiwitan Ulah ngan kalah ka saur 24. Silih hormat ka sasama
Mugi Gusti nangtayungan Napsuna ulah takabur Sing nyaah ka ibu rama
Eulis- Asép nu réndéngan Hirup resep loba batur Lakonan paréntah agama
Mugia kasalametan Tangtuna hirup sugema
13. Sareng batur kudu jujur
2. Salamet nu panganténan Layeut reujeung nu sakasur 25. Sugema hirup di dunya
Ulah aya kakirangan Runtut raut salelembur Nyaéta kudu tatanya
Sing tiasa sasarengan Nagara gé subur ma’mur Rék nanya pék kanu enya
Sangkan jadi kasenangan Badanna buru ditanya
14. Subur ma’mur sauyunan
3. Sing senang laki rabina Mun aya tamu payunan 26. Tanya baé ku haténa
Nu diwuruk pangpayunna Tapi ulah timburuan Tah éta pikeun saksina
Nyaéta badé istrina Boh bilih silih benduan Saksi diri pribadina
Masing dugi ka hartina Nu tara jalir jangjina
15. Ngabenduan ka carogé
4. Hartikeun eulis ayeuna Ngan ulah paséa baé 27. Mun jangji nu ngajadi
Lebetkeun kana manahna Énggal atuh geura hadé Éta jangji anu pasti
Manawi aya gunana Ambéh geugeut saban poé Pasti jodo ti ajali
Nu dipamrih mangpaatna Pikiran céngéng ka Gusti
16. Saban poé ulah lali
Titik rintih suci ati 28. Gusti mah teu weleh nyaksi
5. Mangpaatna lahir batin Témbongkeun sing béar budi Nyaksi gerentesna ati
Eulis téh masing prihatin Ciri nyaah ka salaki Ucap lampahna kasaksi
Ayeuna aya nu mingpin Satincak-tincakna ngarti
Ka carogé masing tigin 17. Lalaki mun sok nyandung
Omat ulah waka pundung 29. Hartikeun masing karaos
6. Tigin eulis kumawula Komo lamun bari bingung Ulah luas-luis léos
Ka raka ulah bahula Keun antep sina ngaberung Sumawonna poporongos
Bisi raka meunang bahla Pilari jalan nu raos
Kudu bisa silih béla 18. Ngaberung tong dihalangan
Asal cukup sandang pangan 30. Raoskeun jaga ku eulis
7. Silih béla jeung carogé Sina lilir ku sorangan Eulis ulah sok gumeulis
Ulah ngan pelesir baé Sangkan panggih kasenangan Najan geulis baris ledis
Mending ogé boga gawé Ninggang mangsa titis tulis
Ngarah rapih unggal poé 19. Senangkeun eulis pikiran
Pikiran didadasaran 31. Titis tulis bagja diri
8. Répéh rapih nu saimah Tukuh muntang ka Pangéran Patokan nu ti ajali
Rumah tangga tumaninah Supaya meunang ganjaran Kajeun siga widadari
Tapi lamun loba salah Da moal beunang dibeuli
Laki rabi moal genah 20. Ganjaran ti Maha Suci
Énggal atuh geura tampi 32. Dibeuli ku harta banda
9. Bisi teu genah ku raka Ayeuna eulis ngahiji Da moal bisa kajaga
Prak baé wakca balaka Sakapeurih sakanyeri Nu tangtu bakal ngaduda
Lamun raka goréng sangka Nyicingan di alam baka
Buru bawa suka-suka 21. Sakanyeri jeung salaki
Mun eulis seueur rejeki 33. Alam baka kalanggengan
10. Suka-suka ti ayeuna Poma ulah sok kumaki Langgeng rasa ka Pangéran
Da eulis atos laksana Masing tumut ka salaki Supaya ulah rayungan
Ngajodo anu sampurna Ngabogaan papacangan
Ngahiji salalamina 22. Tumutkeun eulis ayeuna
Ayeuna tos laksana 34. Boga rasa kudu ngarti
11. Salamina saréng dulur Laksana datang jodona Tata titi surti arti
Eulis kudu bisa akur Haté bangblas lalugina Kudu silih beuli ati
Akuran ka unggal lembur Pikiran dadamelan Gusti
Sangkan jadi buah catur 23. Lugina dunya ahérat
Gusti maparinan rahmat 35. Gusti Allah nu kawasa
12. Mun catur sing seueur Kana waktu ulah telat Ngayakeun dunya tiasa
bukur Disarengan silih hormat Pepek eusi dunya rosa
Sayagi pikeun manusa 48. Mun sono asép ka istri 60. Baraya lamun ngahiji
Sing pageuh saperti patri Éta nu langkung utami
36. Manusia mahluk punjulna Campur gaul sareng santri Hubungan anu sajati
Palinter pangabisana Kalayan ati nu suci Ngariung sapara wargi
Ngakalan eusi dunyana
Nu kantun tumarimana 49. Nu suci pasti beresih 61. Wargi asép sadayana
Tara aya nu dipamrih Sakitu mikadeudeuhna
37. Tumarima ka Pangéran Ka bojo teu weléh asih Barungah dina manahna
Tumutkeun kana dawuhan Sagala sareng pamilih Nu janten ibu ramana
Qur’an hadis tuduh jalan
Ti para Nabi panutan 50. Pilih ku asép ayeuna 62. Ibu rama ngiring dunga
Nya pék tanya ku haténa Asép ngagaduhan garwa
38. Panutan urang sadaya Nu goréng jeung nu hadéna Istrina lamun satia
Poma ulah rék cangcaya Sing karasa ku dirina Hiji baé tong ngadua
Sadaya kudu percaya
Ka Gusti Allah nu Mulya 51. Diri pangasih Gustina 63. Ngadua gaduh istrina
Gusti mah moal nyiksana Moal bérés salamina
39. Mulyana nu Maha Agung Moal badé ngaganjarna Pakucrut rumah tanggana
Sing saha baé ditulung Kumaha waé amalna Mun teu cocog jeung agama
Ku bumi alam dijungjung
Nyaahna kaliwat langkung 52. Amal hadé tangtu genah 64. Éra atuh ku tatangga
Laki rabi tumaninah Sapopoé ngan paséa
40. Nyaah baé nu Kawasa Lamun amal anu salah Ku istri dipikangéwa
Ka masing-masing manusa Jaga baris nyorang susah Ku tatangga diléléwa
Ulah dir gagah perkosa
Bisi urang loba dosa 53. Susah lamun teu ngarobah 65. Lamun boga harta banda
Nu ngajak ngarah ngarinah Sing kuat nahan gogoda
41. Dosa mah ti pada jalmi Napsu nu mawa sarakah Bisi kagoda ku randa
Welas asih ka sasami Pék atuh paké ibadah Pikir heula jero dada
Micinta ka lemah cai
Layeut jeung batur sabumi 54. Mun ibadah anu tangtu 66. Pikir asép sing waspada
Bagikeun kanu pihatu Supaya teu ngarasula
42. Sing layeut laki rabina Mikeuna tong ragu ragu Mun keukeuh pikir midua
Ulah aya kuciwana Bilih istri janten bendu Akibat jadi paséa
Silih anteur kahayangna
Akur reujeung barayanna 55. Bendu istri asép bingung 67. Paséa jeung pamajikan
Ulah waka sok ditundung Napsu sétan barangasan
43. Mun akur ka sadayana Lamun istri terus pundung Teu ngajadi kauntungan
Témbongkeun budi basana Pangmésérkeun geulang Tetep dina karugian
Nu bener tingkah polahna kalung
Supaya hirup sampurna 68. Rugi lamun ngumbar napsu
56. Geulang kalung serba saé Napsu pangajak nu palsu
44. Sampurna euis ayeuna Énggal atuh geura anggé Ngaranjing ngajadi asu
Yap ka dieu pamegetna Dianggéna saban poé Nu tangtu badan kalangsu
Bapa badé ngawurukna Nu kantun pelesir baé
Diregepkeun ku asépna 69. Kalangsu bongan sorangan
57. Pelesir eulis ka kota Osok daék ririungan
45. Regepkeun téh ku haténa Tah bawa duit sajuta Mimitina heuheureuyan
Bapa mépélinganana Mun aya kahayang ménta Dina tempat pamaénan
Tadina asép ngaduda Tatapi ulah lahuta
Ayeuna mah gaduh garwa 70. Maén dadu maén kartu
58. Lahuta aya kahayang Éléh meunang tacan tangtu
46. Sareng garwa kedah layeut Nyariosna ngagorolang Mun meunang udud surutu
Sing rapet sacara leugeut Nu bakal moal kasorang Mun éléh ngobral sapatu
Poma ulah pikir heureut Pikir anu mawa Bingbang
Sangkan silih pikameumeut 71. Ngobral barang kawalahan
59. Bingbang bongan sok Harta banda dijualan
47. Mikameumeut sareng bojo sulaya Di imah awut-awutan
Laksana asép ngajodo Mikahayang anu teu aya Lebur ancur bébéakan
Tapi lamun ngabobodo Ahirna pakia-kia
Bojo moal mikasono Ngajauhan ka baraya 72. Béak duit dipikiran
Éléh maén kawalahan
Tapi keukeuh panasaran Sugan awas tina pasir
Napsu teu beunang ditahan Alam dunya geura taksir 97. Gusti abdi muji nuhun
Ngumbara mangtaun-taun
73. Ditahan henteu katahan 85. Geura taksir pangaturan Ku bumi alam dilahun
Dipikir terus-terusan Dadamelanna Pangéran Nimat kateda kasuhun
Datang napsu panasbaran Aya gedong matak héran
Sétan iblis ngadeukeutan Luhur pageuh nanakéran 98. Duh Gusti nu langkung
héman
74. Sétan nu ngajak jarambah 86. Teu ngaruag teu ngariek Mugi sadaya sing iman
Nu mawa kana sarakah Sakitu eusina uyek Nya netepan kaislaman
Dipaké kana awuntah Pirang-pirang nu ngaleyek Mugi maot mawa iman
Disorang napsu nu runcah Tapi hanteu ngarempeyek
99. Bapa nyawér téh parantos
75. Rucahna antep-antepan 87. Ya Allah anu ngayuga Mung kantun badé wawartos
Teu ngarérét réréncangan Ieu alam ngan nyalira Ka ondangan nu ngarantos
Cicing dina palacuran Bumi langit gé tohaga Mugi sami pada ngartos
Teu inget ka pamajikan Eusina mani pohara
100. Pada ngartos sadayana
76. Pamajikan teu dirérét 88. Eusi dunya warna-warna Nu dicarioskeunana
Duit metet dina dompét Cahaya panon poéna Lebetkeun kana manahna
Tapi méré kékéréhét Sato tatangkalanana Naropong jalan sampurna
Ku tarik-tarikna pélét Cawisan keur manusana

77. Kapélét ku pamakéna 89. Manusa maruji sukur


Pabeulit pikiranana Ka Gusti Allah nu ngatur
Teu karasa ku dirina Pangantén sing subur mamur
Diumbar waé napsuna Kalayan hirupna jujur

78. Napsuna mangprung 90. Masing jujur sahaluan


ngaberung Ayeuna asép duaan
Teu aya anu dirarung Ulah aya pacéngkadan
Miboga rasa adigung Sing bisa silih bélaan
Tungtungna ripuh jeung
bingung 91. Béla pati jiwa raga
Dunya katut ahératna
79. Bingung bongan osok salah Ku asép kudu dijaga
Teu bisa nahan amarah Sangkan eulis gumbirana
Jangji ka batur sok gaplah
Teu inget kana papatah 92. Gumbira nu panganténan
Papatah tamba lumayan
80. Papatah ti para sepuh Ku eulis asép lenyepan
Ulah boga rasa angkuh Nyawérna téréh wekasan
Mun jangji kudu sing tukuh
Ucap lampah masing ampuh 93. Nyawér téh turun tumurun
Tuturunan ti karuhun
81. Masing ampuh ti ayeuna Pamugi ulah dikantun
Sing bisa mawa hirupna Sawér turun hatur nuhun
Jauhkeun napsu goréngna
Deukeutkeun napsu hadéna 94. Sawér hartina panggeuing
Papatah geura nyararing
82. Deudeuh teuing putra ibu Dangding bari ngahariring
Omat tong ngalajur napsu Pépéling masing aréling
Ulah maén lacur ngadu
Mun bener nyaah ka ibu 95. Aréling urang sadaya
Ka Gusti Allah nu Mulya
83. Nyaah deudeuh mikasono Ulah aya panca bahya
Ciri pola kanggo conto Sadaya mugi waluya
Mangka hadé ulah poho
Bojo téh bawa lalajo 96. Waluya para wargina
Rawuh para panganténna
84. Lalajo bari pelesir Gumuruh rasa batinna
Tingali sisi basisir Caang haté ka gustina

Anda mungkin juga menyukai